Jangkrik
Jangkrik
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Subordo:
Superfamili:
Kulawarga:
Gryllidae

Bolívar, 1878
Subfamili

Aos téks

Jangkrik, famili Gryllidae, mangrupa serangga nu bisa disada, mirip simeut jeung cihcir (ordo Orthoptera), tapi awakna rada depé sarta boga anténeu panjang.

Deskripsi édit

Jangkrik kawentar ku sora stridulasina (ukur nu jalu), nu disada ku cara ngagésékkeun jangjang atawa sukuna, antukna sora nu kaluar téh béda pikeun masing-masing spésiés. Aya dua tipeu sora jangkrik: sora panggero jeung sora pangolo. Sora panggero anu tarik ditujukeun pikeun ngirut bikang sarta ngusir jalu nu séjén, sedengkeun sora pangolo nu alon mah dipaké mun bikangna geus deukeut. Jangkrik bikang boga organ paneundeun endog (ovipositor) nu bentukna kawas jarum. Ciri fisik séjénna nu ngabédakeun antara nu jalu jeung nu bikang, nyaéta ayana batik dina jangjang luar jangkrik jalu (umumna), sedengkeun nu bikang mah ukur garis-garis nuturkeun "tulang" jangjangna.

Sora 'krik-krikan' jangkrik téh gumantung ka spésiés jeung hawa lingkunganana. Ilaharna, sora jangkrik bakal leuwih tarik mun hawa leuwih panas (kira 60 'krik' per menit dina 13 °C). Hubungan antara hawa jeung lobana 'krik-krikan' katelah salaku Hukum Dolbear.

Nu geus kanyahoan, di sakuliah dunya téh jangkrik kabagi kana kira 900 spésiés. Ngarah teu pahili jeung simeut, perlu diinget yén jangkrik mah liar peuting, béda jeung simeut nu liar beurang.

 
Jangkrik Aprika Gryllus bimaculatus

Taun 1970, William H. Cade manggihan yén parasit laleur Tachinidae Ormia ochracea ogé katarik ku sora jangkrik jalu, kalawan maksud pikeun melakkeun anakna dina awak jangkrik jalu.

Di Asia, jangkrik sok dikukut, boh nuturkeun kapercayaan (utamana di Cina), atawa ukur kalangenan. Di daérah judi, misalna Makau, jangkrik ogé sok diadukeun.

Pikeun nu miara manuk, jangkrik ogé sok dikukut pikeun parab.

Taksonomi édit

 
Salah sahiji spésiés jangkrik nu di Tatar Sunda katelah bakecét

Di Tatar Sunda, aya sababaraha spésiés jangkrik anu dipikawanoh, tapi rujukan nu nyebutkeun klasifikasina can kapanggih:

  • Gopur; awakna saluhureun kuntring, sadana teu pati harus, tara diadukeun.
  • Jangkrik Kalung; warna awak & jangjangna hideung atawa coklat, aya polét warna emas dina lebah puhu jangjangna (deukeut 'beuheung'na), sok diadukeun.
  • Kuntring; dibédakeun ti jangkrik umumna tina sorana nu ngelentring "tring tring tring...", warna awakna coklat.
  • Bakecét; jangkrik leutik nu sok aya di jero imah, awakna hawuk/coklat belang/tutul.
  • Kasir; spésiés jangkrik nu kawilang badag (panjangna kira nepi ka 5 cm), awakna ampir hideung meles.

Baca ogé édit

Sumber rujukan édit

  • Cricket, Wikipédia édisi basa Inggris (13 Juni 2006)

Tumbu kaluar édit