Kabuki mangrupa seni téater tradisional sarta budaya pituin ti Nagara Sakura, Jepang, anu mibanda ajén seni luhur, ku lantaran Kabuki mangrupa seni téater anu ngagabungkeun antara nyanyi sarta nari.[1] Cicirén ti Kabuki ieu téh nyaéta ti dangdanan anu dipaké sarta pakéan husus.[1]

Kabuki

Sajarah kabuki édit

Sajarah kabuki dimimitian dina taun1603, sabot Okuni, miko atawa gadis ladén di kuil Shinto Izumo Taisha.[2] Saterusna, dina taun 1629, pamaréntahan militer ngalarang wanoja mintonkeun kabuki ku lantaran dianggap ngaruksak moral pamiarsa.[2] Ngaliwatan sagala rupa usaha ti sagala pihak, kabuki sumebar jadi hiji seni tari.[2]

kabuki mimiti dipintonkeun ku Kyozo Nakamura, penari profésional nu meunang penghargaan Important Intangible Cultural Properties-kabuki (collective recognition – gelar pangakuan resmi) anu geus loba mintonkeun di Tokyo, Kyoto, Nagoya sarta Fukuoka.[2] Seting panggung anu éndah berlatar lukisan danau kalayan salju sarta dirojong ku tata lampu anu alus.[2]

Dina sumebar na, kabuki dibédakeun jadi dua, nyaéta Kabuki odori jeung Kabuki geki.[3] Kabuki odori (Kabuki tarian) dipintonkeun nalika kabuki masih dibawakeun ku Okuni népi ka mangsa Wakashu-kabuki, budak lalaki nari dibarengan ku lagu nu keur ténar jeung aya akrobatan sagala.[3] Kabuki geki mangrupa pintonan sandiwara nu ditujukeun ka masarakat kota di zaman Edo nu intina nari jeung sandiwara.[3] Tema pintonan Kabuki geki nyaéta tokoh sajarah, carita kahirupan, jeung paristiwa kajahatan, ku kituna jenis kabuki ieu leuwih dipikawanoh ku sebutan Kabuki kyogen.[3] Gedung nu biasa dipakaé pikeun pintonan kabuki nyaéta Kabuki-za.[3]

Musik Kabuki édit

Musik nu maréngan kabuki dibagi dumasar arah sumber sorana.[3] Musik nu dipaénkeun di gigir katuhu panggung ti arah panongton disebut Gidaykbushi.[3] Takemoto (Chobo) nyaéta sebutan pikeun musik Gidaykbushi khusus pikeun kabuki.[3] Salian ti éta, musik nu dipaénkeun di gigir kénca panggung ti arah panongton di sebut Geza ongaku, sedengkeun musik nu dipaénkeun di luhur panggung di sebut Debayashi.[3]


 



Rujukan édit

  1. a b Kabuki[tumbu nonaktif]
  2. a b c d e Sajarah Kabuki (Diakses kaping sabaraha?) Archived 2011-06-18 di Wayback Machine
  3. a b c d e f g h i [Dahidi Ahmad, spk. 2007. Apresiasi Bahasa Dan Seni. Bandung: Bassen Press] (Diakses tanggal 9 November 2011)