Lauk Kembung
Kembung jalu Rastrelliger kanagurta
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Rastrelliger
Spésiés

brachysoma, faughni jeung kanagurta


Lauk Kembung nyaéta ngaran sajumplukan lauk laut nu asup kana genus Rastrelliger, kulawarga Scombridae.[1][2] Spésiés ieu sumebar di Asia Tenggara.[3] Beubeunangan lauk kembung di sakuliah dunya dilaporkeun ngaronjat pikeun tilu spésiés Rastrelliger nyaéta ti 200.000 ton dina taun 1950 jadi leuwih ti 800.000 ton dina taun 2006 (FAO, 2009).[3] Spésiés ieu mangrupa lauk komérsial di sakuliah wewengkon, tapi beubeunangan nu ditéwak mangrupa kombinasi campuran ti sababaraha spésiés Rastrelliger.[3]

Pedaran édit

Spésiés Indo-Pasifik Kulon ieu kapanggih aya di IndiaFiji, sarta Taiwan kalér.[3][4] Lauk kembung aya di beungeut cai sarta suhu caina henteu leuwih handap ti 17 °C.[3][4] Lauk kembung ngahakan organismeu zooplankton.[3][4]

Lauk kembung mibanda cucuk tonggong : 8 - 11; cécépét tonggong hipu (total): 12; cécépét hipu bool: 12; Vertebrae: 31.[5] Rahang luhur katutup ku tulang lachrymal.[5] Insang teu nepi kana sungut.[5] Bintik hideung di tukangeun cécépét dada.[5] Kelir beuteungna semu konéng;[5] 2 nepi ka 6 titik badag aya dina dasar cécépét tonggong mimiti.[5]

Spésiés ieu nyaéta lauk komérsial, sarta ditéwak kalayan ku cara nu béda-béda kaasup pukat cingcin, kandang, jaring, sarta kalayan maké dinamit.[3] Lauk kembung di TaiwanFilipinaIndonésia, sarta Malaysia dipasarkeun sacara seger, beku, kaléngan, sarta asin garing.[3]

Jenis-jenisna édit

 
Pindang kembung bikang ti Chiang Mai

Di parairan Nusantara katelah tilu spesiés kembung, nyaéta :[6]

  • Rastrelliger brachysoma (Bleeker, 1851),(Inggris : short mackerel)[7] kembung bikang
  • Rastrelliger faughni Matsui, 1967,(Inggris : island mackerel) [8]
  • Rastrelliger kanagurta (Cuvier, 1817), (Inggris : Indian mackerel) [9] kembung jalu

Mangpaat pikeun kaséhatan édit

Lauk kembung mangrupa salah sahiji lauk nu kasohor di masarakat lantaran katelah mibanda rupa-rupa mangpaat pikeun keséhatan.[10] Lauk nu rasana ngeunah ieu bisa diolah kalayan digoréng, dibeuleum, dikulub, dipindang, lauk asin, atanapi olahan séjénna.[10] Lauk kembung pohara mundel ku asam lemak oméga-3 nu diperelukeun ku awak urang.[10]

Ajén gizi édit

Lauk kembung mangrupa salah sahiji jenis lauk nu loba ngandung unsur gizi nu penting pikeun awak, nyaéta mineral jeung vitamin.[10] Kandungan nutrisi nu séjénna dina lauk kembung nyaéta mangpaat kalsium, zat beusi, tambaga sarta yodium.[10] Vitamin nu aya dina lauk kembung nyaéta vitamin B komplék sarta vitamin nu leyur dina lemak saperti vitamin A, D, jeung E.[10] Lauk kembung mibanda kandungan lemak nu sabagéan badag mangrupa asam lemak teu jenuh nu kacida diperelukeun pikeun tumuwuh sarta bisa nurunkeun kadar kolésterol dina getih.[10]

Nyingkahan panyakit jantung édit

Salah sahiji cara nu paling épéktip pikeun nyingkahan résiko panyakit jantung nyaéta kalayan ngadahar dahareun nu loba ngandung mangpaat oméga 3.[10] lauk kembung teu saukur beunghar ku asam lemak teu jenuh tunggal sarta asam lemak teu jenuh ganda, tapi mibanda ogé kandungan lemak jenuh nu handap.[10] Ku sabab éta, ngadahar lauk kembung bisa ngabantu nurunkeun komplikasi fisik saperti ''stroke'', ''aterosklerosis'', serangan jantung sarta ''aritmia''.[10]

Nurunkeun diabetes édit

Mangpaat lauk kembung ngandung lemak séhat lemak teu jenuh tunggal nyaéta (MUFA), peran penting pikeun panyakit diabetes.[10]

Ngontrol tekenan getih édit

Luhurna tingkat kalium nu dikandung dina lauk kembung ngabantu ngajaga tekenan getih normal, salian ti éta ogé mampuh nyingkahan résiko panyakit nu pakait jeung kondisi kakurangan kalium dina awak.[10]

Nyingkahan gajala rheumatoid arthritis édit

Lauk kembung ngandung sanyawa nu anti-inflamasi nu bisa ngabantu nurunkeun nyeri sendi.[10] Ieu mindeng kajadian ka jalma nu katarajang rheumatoid arthritis.[10]

Ngaronjatkeun fungsi kognitif édit

Hiji panalungtikan nunjukkeun yén jalma nu ngadahar asam lemak omega-3, leutik résikona pikeun katarajang déprési.[10] Ku sabab éta, kalayan ngadahar lauk kembung dina menu sapopoé, bisa ngabantu ngurangan suasana haté kanu katarajang déprési.[10] Salian ti éta ogé lauk kembung bisa ngaronjatkeun aktivitas obat antidepresan.[10] Lauk kembung mibanda DHA (Docosahexaenoic acid) nu bisa nyingkahan kamungkinan panyakit Alzheimer jeung panyakit Parkinson.[10]

Ngubaran kanker usus édit

Lauk kembung mangrupa salah sahiji sumber alami nu ngandung mangpaat vitamin D nu dipikawanoh, mibanda éfék dina tingkat katahanan hirup hiji jalma nu katarajang kanker usus.[10] Hiji atikan nunjukkeun, pasien kanker usus kalayan kadar vitamin D nu leuwih luhur pikeun maranéhna tetep bisa nahan hirup.[10]

Nyingkahan résiko kanker pinareup édit

Mangpaat antioksidan dina lauk kembung bisa ngurangan sababaraha jenis kanker.[10] Asam lemak omega 3 bisa ngabantu nyingkahan kanker pinareup, prostat, ginjal sarta kanker usus badag. Sababaraha atikan geus nétélakeun yén asam lemak esensial dina lauk kembung bisa ngurangan résiko kanker pinareup.[10]

Ngarojong imunitas édit

Lauk Kembung nyaéta salah sahiji jenis dahareun nu alus dikonsumsi pikeun jalma nu karék cageur gering atawa pikeun nu keur dirawat sacara médis.[10]

Nurunkeun kolesterol édit

Fakta geus nunjukkeun kandungan omega 3 dina mangpaat lauk kembung, bisa ngabantu nurunkeun kadar kolesterol kalayan ngajaga kolesterol diserep dina usus.[10]

Nurunkeun beurat badan édit

Kandungan omega 3 dina lauk kembung dipercaya bisa ngabantu nurunkeun beurat badan.[10] Panalungtikan nu geus nunjukkeun asupan rutin minyak lauk kembung nu dikombinasikeun kalayan olahraga kaatur bisa nurunkeun lemak dina beuteung.[10] Hal ieu ogé bisa ngabantu métabolisme awak, sarta bisa ngabantu ngurangan gula nu kaleuwihan beurat badan.[10]

Éfék samping lauk kembung édit

Lauk kembung mibanda kandungan nutrisi nu mangpaat, lauk kembung ogé gandung mérkuri métil nu luhur.[10] Kandungan éta kacida teu hadé lamun dikonsumsi ku awéwé nu keur kakandungan, sabab bisa ngabalukarkeun éfék nu teu hadé kana kamekaran sistem.[10]

Tips milih lauk kembung nu séhat: Lauk kembung nu masih seger henteu mibanda bau nu kacida, kalayan mata nu hérang sarta jelas, kulit lembab sarta sisitna ngagurilap.[10]

Dicutat tina édit

  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  2. "Rastrelliger". itis.gov (itis.gov). https://www.itis.gov/servlet/SingleRpt/SingleRpt?search_topic=TSN&search_value=172461#null. Diakses pada 01 Juni 2017 
  3. a b c d e f g h "Rastrelliger". iucnredlist.org (iucnredlist.org). http://www.iucnredlist.org/details/170324/0. Diakses pada 01 Juni 2017 
  4. a b c "Rastrelliger faughni". eol.org (encyclopedia of life). http://eol.org/pages/592581/details#benefits. Diakses pada 01 Juni 2017 
  5. a b c d e f "Rastrelliger faughni". fishbase.org (fishbase.org). http://www.fishbase.org/FieldGuide/FieldGuideSummary.php?GenusName=Rastrelliger&SpeciesName=faughni&sps=&print=. Diakses pada 01 Juni 2017 
  6. Carpenter, Kent E. & Volker H. Niem. 2001. FAO Species Identification Guide: The Living Marine Resources of The Western Pacific. Vol. 6 : 3737-3739. Food and Agriculture Organization, Rome.
  7. "Rastrelliger brachysoma". itis.gov (itis.gov). https://www.itis.gov/servlet/SingleRpt/SingleRpt?search_topic=TSN&search_value=172463#null. Diakses pada 01 Juni 2017 
  8. "Rastrelliger faughni". itis.gov (itis.gov). https://www.itis.gov/servlet/SingleRpt/SingleRpt?search_topic=TSN&search_value=202055#null. Diakses pada 01 Juni 2017 
  9. "Rastrelliger kanagurta". itis.gov (itis.gov). https://www.itis.gov/servlet/SingleRpt/SingleRpt?search_topic=TSN&search_value=172462#null. Diakses pada 01 Juni 2017 
  10. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad "11 Manfaat Ikan Kembung Bagi Kesehatan dan Ibu Hamil". manfaat.co.id (manfaat.co.id). http://manfaat.co.id/manfaat-ikan-kembung. Diakses pada 01 Juni 2017