Obrolan:Bodor

Komentar terbaru: 5 bulan yang lalu oleh 125.164.21.162 pada topik Kaparigelan 3

Kabayan Jeung Motor Mitoha ..

Sikabayan jeung siiteung jalan-jalan di kampungna tiap pasosore, make motor bapana si iteung .. hiji mangsa kapeutingan .. dijalan aya barudak baragajul kekebutan .. babarengan di tengah jalan .. ari si kabayan jelemana usil pisan .. tetep embung ngelehan kalahkah ngahajakeun malahan kalahkah ngomong "Teung .. (Ka Si Iteung) Ku Akang urang besét tengahna, (katingalina itu lampu aya 2 rerempetan), puguh we barudak téh nyararisi ... Hiji mangsa si kabayan ka kota .. di titah mitohana meuli pupuk .. pas balikna kapeutingan ... pas di jalan gedebojong katingali aya lampu dua rerempetan .. ari sikabayan mikirna arek usil deui .. ngabeset tengahna .. jiga kajadian nu jeung Si Iteung tadi ... bari gugurutu .. "Ku Aing arek di besét deui siah ... ngarah nyararisi" ... terus si kabayan ngebut ... saking ngebutna nancep gas ari pas geus aya 100 m si horeng téh lain barudak keur kekebutan ... tapi Toronton ... Ari sikabayan téh bingung ... arek ngerem hésé arek balik deui hésé .. akhirna .. sikabayan téh baseuh .. da di hudangkeun ku mitohana .. lantaran munding mitohana kabur .. dasar sikabaya kalahkan sare waé ... ( kabayan tukang sare )

Dedenthea2003@yahoo.com

Punten ah di edit sawareh ku simkuring, aya sababaraha ejaan anu kurang hurufna :) andri.an@yahoo.co.id

pindahan ti bodor édit

Di dieu hiji contoh bodor:


Iiiih Miiinyi! Kacaritakeun aya ibu-ibu nu keur ngobrolkeun kagagahan salakina sewang-sewangan. Tah, maranehna keur uplek ngobrol kitu téh aya saurang ti manehna nu jadi dokter kelamin. Si éta dokter ngobrolkeun ngeunaan masalah “bobogaan” antara lalaki jeung awewe. “Yeuh, ibu-ibu tos parada terang teu, yen ukuran gagaduhan antara pameget sareng istri téh tiasa dibandinkeun sareng anggota awak urang?” ceuk éta dokter. Atuh ibu-ibu nu ngariung téh panasaran ngadenge informasi anneh ti éta dokter. “Ah, maenya, dok? Buktosna naon kitu?” ceuk salah saurang ibu-ibu. “Janten Bu, gagaduhan caroge ibu tiasa ditingali ageung atanapi alitna tina ukuran jempol sareng kumaha ibu-ibu calawak!” ceuk éta dokter mulai nerangkeun. Teu kireum-kireum, éta kabeh ibu-ibu langsung ngajawab: “Aaaaah, maenyaaaa?” ngajawabna téh bari calawak pagede-gede, da sieun eleh gengsi. Nya, harga diri atuh lamun baham teu rada calawak mah. Atuh engke disangka bobogaan salakina leutik. Si dokter maphum yen éta ibu-ibu téh boga keneh gengsi nu gede dina urusan nu kitu mah. “Tah ibu-ibu upami hoyong terang sempit keneh atanapi henteuna ukuran nu dipikagaduh istri tiasa dibandingkeun sareng....” can ge si dokter ngomong, ibu-ibu langsung kompak motong omongan si dokter. “Sareng naon, dok?” “Tiasa dibandingkeun sareng sempit atawa calawak henteuna ibu-ibu muka baham! Eta mah ibu-ibu nu aya di dinya kabeh saur manuk ngajawab bangun nu heran: “Iiiiiih...miiiiiinyi?” (Euh, meureun éta kabeh ibu-ibu téh kasieunan dianggap tos ‘dol’!)

Tong Ribut! Kacaritakeun hiji waktu di salah sahiji nagara Afrika aya hiji Sosiolog bule nu ngayakeun panalungtikeun ka hiji suku nu aya di dinya. Kabeh jelema nu aya di suku éta téh harideung pisan! Eta Sosiolog téh cicing di imah kepala suku. Eta kepala suku boga pamajikan nu hideungna kabina-bina. Aya kana lima bulanna, éta kaayaan di suku éta téh ibur. Rek teu ibur kumaha atuh, pamajikan kepala suku jug kapanggih hamil. Mangkaning éta kepala suku geus aya sataunna “puasa” teu ngawajiban pamajikanana. Teu aneh mun sakabeh nu aya di dinya rada curiga ka éta Sosiolog bule tea. Tapi, pikeun ngalaksanakeun asa praduga tak bersalah, kapaksa éta utun inggi nu aya di jero beuteung éta kepala suku kudu ditungguan nepi ka brolna. Supaya kabeh jelas! Ahirna, geus waktuna bulan alaeun. Bener we éta pamajikan kepala suku téh ngajuru. Kabeh helok! Teu helok kumaha da orok nu dijurukeun téh geuning kulitna: bule! Si kepala suku puguh era geus kabelejog ku éta sosiolog nu dipernahkeun di imahna. Ahirna éta kepala suku ngajak si Sosiolog bule ngomong duaan ka luar imah. “Yeuh, di dinya ge ngarti meureun naon nu dirasakeun ku kuring. Cik ayeuna mah kuring mah hayang nyaho, kunaon bisa kajadian kitu? Hampura pisan! Kuring teu nuduh anjeun. Tapi da kumaha deui, pamajikan kuring mah nyaho kan tara ka mamana di imah wae. Manehna deuih tara papanggih sumawonna reureujeungan jeung bule!” ceuk éta kepala suku. Si Sosiolog bule ngajawab bangun nu teger pisan. “Kuring ge ngarti! Tapi lamun ceuk elmu nu ilmiah mah. Bisa waé pamajikan anjeun téh beunang ku fenomena alam nu aheng…” “Maksudna naon?” ceuk éta kepala suku bingung ngadenge jawaban ti éta Sosiolog bule tea. “Kieu. Kapan di dunya mah teu kabeh milu kana kodratna. Kapan sok aya kacaritakeun ‘semangka berdaun sirih’ atawa cau anu buahna jiga nangka. Tah éta nu dimaksud ku kuring kaajaiban alam!” si Sosiolog nyoba ngabobo éta kepala suku. “Bener kuring ge ngarti. Tapi, asa teu mungkin mun seug aya lalaki di suku kuring ngalakukeun rucah jeung pamajikan. Pan nyaho, kabeh lalaki di dieu mah kulitna ge hideung kabina-bina. Teu jiga anjeun!” “Bener. Tapi tingali itu embe bikang di ditu!” si Sosiolog bule nunjuk ka embe nu kabeh buluna warnana bodas. Eta embe nu ditunjuk keur ngadaharan jukut jeung anakna di deukeut kebon, “tingali, éta indung embe ge geus keuna ku kaajaiban alam. Eta indung embe minggu kamari karek ngajuru, tapi kunaon anakna kabeh bet warnana hideung? Malah hideung pisan! Apan jaluna nu ngan hiji-hijina di daerah ieu sarua warnana bodas? Pek pikir ku anjeun!” ceuk éta si Sosiolog bule yakin. Na atuh beres si Sosiolog bule ngomong, éta si kepala suku langsung ngadeukeutan si Sosiolog bari langsung ngaharewos. “Geus nya ayeuna mah tong ribut. Naon nu geus dilakukeun ku urang duaan jadi rusiah urang duaan we! Kuring ge ngarasa dosa ka pamajikan! Perihal pamajikan kuring anakna bule, geus tong diungkit-ungkit. Pon kitu deui éta masalah indungna embe nu anakna hideung tong diuar-uar ka nu lian. Bisi masarakat kuring nyahoeun kalakuan kuring!”

Kumaha Ukuran Aslina? Di hiji rohangan dokter kelamin, aya hiji lalaki ngora rek konsultasi ka éta dokter. “Dok, kuring téh hayang dipariksa masalah ‘eta’ ku dokter, tapi era!” ceuk éta pasen kulamas-kelemes. “Ke….ke…naha bet era? Apanan kuring mah dokter, siap ngabantu naon nu jadi keluhan anjeun!” ceuk éta dokter ngayakinkeun. “Euuh, kumaha nya, dok! Kuring mah sieun dokter nyeungseurikeun!” si pasen tetep we era ngedalkeun. “Seuri kunaon? Yeuh, anjeun kedah percaya ka kuring! Kuring ogé keuna ku kodeu etik kadokteran, nu salah sahijina teu meunang nyecela atawa nyengseurikeun panyakit pasen. Ngartos? Sok atoh ayeuna mah naon nu bade ditembongkeun?” ceuk dokter nitah éta pasen ngaguarkeun naon nu jadi musabab si pasen datang ka manehna. Teu lila, geus kitu si pasen langsung muka calanana. Manehna tuluy ningalikeun bobogaanana. Na atuh barang bobogaanana ditingalikeun, si dokter langsung nyikikik! “Hii..hi…hi…hi…..! Hii..hi…hi…hi…..! Hapunten-hapunten kuring seuri kalepasan!” ceuk dokter bari tuluy nutupan bahamna. Terus manehna ngomong, “kutan kitu nu jadi masalah anjeun teh!” Si dokter rek teu seuri kumaha da ningali ukuran bobogaan si pasen: sagede patlot 2B! Pikiran si dokter mah, éta pasen pasti hayang dibadagan bobogaanana, siga nu biasa dilakukeun ku Ma Erot. “Tah, ayeuna naon maksud anjeun ka dieu teh?” si dokter nanya ka éta pasen nu beungeutna beureum bangun kusabab tadi diseungseurikeun. “Maksad abdi mah dok! Kieu abdi hoyong ngadamangkeun gagaduhan abdi!” “Kunaon kitu?” si dokter panasaran. “Ieu, gagaduhan téh tos saminggon bareuh!” Langsung waé dina pikiran si dokter téh ngan kabayang: pentul korek!

Siasat Bangkong Ajaib! Aya hiji lalaki keur diuk di korsi taman. Dina leuengunna manehna nyepeng hiji bangkong. Sabot keur kitu, teu lila aya awewe geulis diuk gigireun éta lalaki. Si awewe melong ningali kalakuan aneh si lalaki teh. “Punten bade tumaros, Kang. Dupi éta bangkong téh kukutan Akang?” tanya éta awewe bangun nu heran. “Muhun, Neng. Namung da ieu mah sanes bangkong sa bangkong-bangkongna!” ceuk éta lalaki bari terus ngusapan bangkong bangun nu nyaah. “Ajaib kumaha, Kang?” tanya si awewe heran. “Ah, bilih Eneng engke bendu geura ka Akang!” “Moal..moal Kang, abdi mah janten panasaran! Maenya jaman ayeuna aya keneh bangkong ajaib. Sanes bangkong mah ngan ayana dina dongeng Pangeran Kodok?” “Numawi kitu. Ieu bangkong téh gaduh hiji kaahlian husus!” “Naon tah kaahliananan?” “Ieu bangkong tiasa muaskeun istri dina urusan ranjang. Janten, sagala anu diparentahkeun ku abdi ogé ieu bangkong tiasa nurut. Eneng bade nyobi?” Plak! Eta lalaki dicabok ku si awewe. Manehna asa dihina. Tapi, éta awewe buru-buru nyadar da inget kana janjina tadi. “Bilih Neng bade nyobian mah, hayu urang ka bumi Akang!” ajak si lalaki. Teu burung si awewe nurut ogé ahirna mah. Saeunggeus nepi di imah si lalaki, éta awewe dititah nangkarak bari bubulucunan. Tuluy éta bangkong diteundeun pas bujal si awewe. “Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” si lalaki nitah ka éta bangkong. Si bangkong kalahkah cicing. “Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” Si lalaki nitah deui. Tapi keukeuh éta bangkong kalahkah mugen. Si awewe geus kesel nungguan. Jaba teu paruguh deuih geus bubulucunan di hareupeun si lalaki. “Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” dihayoh-hayoh téh si bangkong keukeuh mugen. Antukna geus nepi ka sapuluh kalina, si lalaki bangun kesel terus nyarekan éta bangkong: “Kasebeleun siah bangkong teh! Ku dewek dititah téh kalahkah cicing wae! Maneh mah angger we nanaon téh kudu dicontoan ku dewek!”

Beo Garelo Aya hiji lalaki nu resep pisan miara manuk, kaasup manuk beo. Tah kabeneran éta lalaki téh boga manuk beo bikang. Ngan hanjakal, beo téh dilatih sakumaha ogé angger we disadana: “Hai, lalaki...kuring geus teu kuat yeuh ateul! Hayu ah urang ‘maen’!”. Kalakuan éta beo bikang téh puguh mantak ngerakeun kanu bogana. Kabeneran éta lalaki hiji waktu nganjang ka imah ajengan nu kabeneran ngukut dua beo jalu. Si lalaki tuluy ngomongkeun ngeunaan kalakuan beo bikang milikna. “Oh kitu. Cobian we atuh éta beo candak ka dieu. Urang hijikeun sareng beo nu kuring. Kuring mah boga beo nu unggal waktu disadana ngan ngado’a wae. Jeung beo nu kahiji mah malah sok nyepeng tasbeh! Sugan atuh éta beo anjeun bisa bener disadana mun dihijikeun jeung dua beo kuring mah!” Si lalaki panuju kana saran ti éta ajengan. Manehna langsung balik ka imah mawa beona. Teu lila éta beo ku ajengan langsung disakandangkeun jeung dua beo nu disadana ngado’a bae. Geus disakandangkeun mah, éta lalaki jeung ajengan balik deui ka tepas nuluykeun obrolan. Tah, dina jero kandang éta dua beo jalu ningalikeun beo bikang. Si beo bikang langsung disada: “Hai, lalaki...kuring geus teu kuat yeuh ateul! Hayu ah urang ‘maen’!” Na atuh, beo jalu nu hiji langsung ngomong ka beo nu keur nyekel tasbeh: “Yeuh, geura piceun éta tasbeh! Ayeuna mah do’a urang geus kaijabah!”


Angger We!! Kacaritekeun di hiji karajaan aya Raja nu permaisurina resep pisan rucah jeung para ponggawa karajaan. Eta permaisuri téh salain geulis ogé resep pisan “nyobaan” lalaki. Boro-boro para ponggawa atuh, nepi ka koki karajaan ogé geus dicobaan ku manehna. Bener, éta permaisuri téh gede pisan napsuna mun ningali lalaki. Hal ieu nu matak ngajadikeun hariwang ka Raja, komo lamun Raja keur sasabaan ka karajaan deungeun. Mindeng pisan kajadian balik ti sasabaan, Raja narima laporan yen permaisuri sok rucah jeung sakur lalaki nu aya di istana. Hiji waktu, éta Raja ek ngayakeun nyaba ka karajaan lain. Samemeh indit, Raja menta saran ka penasehat karajaan upaya naon nu kudu dilakukeun supaya si permaisuri teu ngalakukeun rucah jeung lalaki lain. “Sapamendak sim kuring mah, Nun. Kumaha upami dina larangan permaisuri téh dipasangan waé jebakan?” ceuk éta penasehat karajaan. “Maksud anjeun naon tah?” si Raja masih bingung kana siasat si penasehat. “Maksadna, dina larangan permaisuri urang pasangan waé sapertos Geloutine (paragi menggal sirah jelema di Perancis) namung alit. Nya sapertos seuseukeut dina etem!” “Cara kerjana éta alat kumaha?” tanya Raja deui. “Nya, upami aya hiji barang nu bade asup kana éta larangan permaisuri langsung waé bakal kapotong...” “Wah, bener jitu pisan tah ideu teh!” ceuk Raja muji saran ti penasehatna. Langsung waé raja nitah ka tukang pakakas istana pikeunngajieun alat pikeun dipasang dina larangan permaisuri. Teu lila alat téh jadi jeung terus dipasangkeun. “Rada tenang ayeuna mah indit-inditan teh. Pokona, engke mun kuring balik deui ka dieu, sakabeh lalaki nu aya di dieu urang pariksa bobogaanana!” si Raja puas. Manehna terus indit jeung baladia-baladiana. Aya kana samingguna, rombongan Raja balik deui ka istana. Bener we Raja langsung mariksa hiji-hiji lalaki nu aya di istana. Kabeh bobogaan lalaki dipariksa. Sangkaan Raja teu salah, geuning ampir kabeh lalaki di éta istana geus bararuntung tungtung bobogaanana. Eta lalaki nu kapanggih rucah jeung permaisuri langsung dipenggal sirahna ku algojo di dinya keneh. Ngan aya hiji lalaki, bagean ngurus taman, nu boboganana teu buntung. “Alus, anjeun geus satia ka kuring. Salila kuring indit, anjeun teu rucah jeung permaisuri. Anjeun pantes dibere panghargaan. Pangawal, bere éta tukang ngurus taman emas sapeti!!!” parentah Raja ka pangawalna. Si éta tukang ngurus taman langsung dibere emas sapeti. Si tukang ngurus taman bangun atoh kabina-bina. Manehna langsung nyuuh handapeun Raja bari teus ngucap: “Hatul nuhun pitan pun lada. Lada tot matihan kuling emat! Kuling bagda pitaaaaan...!!!”

Tatarucingan Naha dalang lamun keur ngawayang sok make bendo? Sabab lamun make helm mah teu pantes we.... Bola naon dipakeresep ku budak? Bolaemon (*Doraemaon) Semprong naon nu dipikaresep ku budak? Semprong Bob (*Sponge Bob) Daun naon nu lucu? Daunno, Kasino, Indro Daun naon di Inggris nu teu meunang dicampa? Daun Touch Me! (*Don’t touch me!) Naon saruana tukang beca jeung tukang patri? Sarua teu dagang baso! Bulu naon nu kabehna koneng? Bulubend! (*Blueband) Dikocok, tegang, geus kaluar nyebut “Aaaaaaah!”...naon cing? Ibu-ibu arisan! Jus naon nu dipikaresep ku Hitler? Jus..tru matak kuring nanya ge teu nyaho! Kumaha sora ucing lamun leumpangna mundur? Gnooooooeeeem Kumaha rasana lamun es teler dicampur sareng saos? Nya jadi teu enak atuh Lauk naon nu geringna teu cageur-cageur? Lauk kembung Benda naon nu pertumbuhanan tina gede jadi leutik? Patlot atawa panghapus Kumaha disadana hayam jago di Cina? Kongkolo....ngoooook!! 6 huruf...mimitina K tungtungna L. Terus bentukna pendek tungtungna buleud Kapsul Barang naon laku teu laku tetep beak? Es batu Harga baju naek, harga calana morosot, harga emas turun drastis? Nuju miceun!

Ngalakukeun Naon Wae! Ieu mah carita hiji mahasiswi nu kaasup rajin ulin peuting alias dugem. Palias atuh kuliahna ogé rada teu puguh kusabab tara diajar pisan. Rajeun diajar pas rek ujian we. Hiji waktu manehna keur ujian hiji mata kuliah anu dosenna kaasup disiplin pisan kana nilai kuliah. Seberesna ujian, ari pek éta mahasiswi meunang nilai ujianna D, nyaéta teu lulus. “Tuh, kaciri anjeun mah tara pisan diajar nya? Rek kumaha atuh? Mangkaning Bapa mah moal mere her kana satiap nilai ujian nu goreng. Tapi, nu lian mah nilaina aralus, iwal ti anjeun...” ceuk éta dosen ka mahasiswi di rohangan kuliah. Kebeneran nu mahasiswa nu lain geus baralik. Tinggal dosen jeung si mahasiswi. Ahirna si mahasiswi pasang jurus “pamungkas”. Manehna tuluy rada nyingsatkeun erokna. Si dosen melong sakeudeung nepi beungeutna rada beureum neuteup anteb kalakuan si mahasiswi. “Sugan we usaha téh hasil....”gerentes si mahasiswi. Si dosen masih keneh molohok. Terus si mahasiswi ngomong: “Pa, abdi bade pasrah ngalakukeun naon wae. Asal Bapa tiasa ngagentos nilai abdi...” “Bener yeuh?” ceuk éta dosen. Si mahasiswi beuki ngaluarkeun jurus nantang birahina. Manehna pok ngomong deui, ayeuna mah bari ngusapan dadana sorangan jeung ngaletakan biwirna sorangan. “Muhun, Pa. Sok Bapa bade miwarang abdi naon ogé mangga téh teuing, abdi mah pasrah!” ceuk éta mahasiswi yakin usahana bakal hasil kajeun teuing di”ome” ku éta dosen, “kumaha Pa? Bapa hoyong naon?’ “Bapa mah...Bapa mah... hayang anjeun soson-soson waé diajar!” ceuk éta dosen bari terus ka luar rohangan kuliah!

Puguh Jadi Nular! Aya saurang awewe geulis asup rohangan dokter kelamin. Kabeneran éta dokter kelamin téh hiji lalaki nu sok ngamanpaatkeun pasen, komo nu geulis mah. Eta awewe geu asup terus diuk hareupeun si dokter. “Aya keluhan naon, Neng?” tanya si dokter bari panonna nyasar ka éta sakujur awak si awewe. Bener, éta awewe téh geulis pisan! Ditambah make baju tank top jeung rok mini. Beuki we... “Kieu dok, kuring mah ngan bade curhat masalah kabogoh kuring!” ceuk éta awewe. “Curhat naon? Sok sugan ku sim kuring tiasa dibantosan!” ceuk si dokter bari panonna anteb neuteup si awewe. Si dokter terus nangtung ngadeukeutan éta awewe. “Kuring sok nyebut kabogoh kuring: bangsat!” ceuk éta awewe bari ngeluk. “Euleuh..euleuh, kunaon meni kitu pisan ka kabogoh teh? Teu kenging atuh Neng! Memang kunaon sababna?” tanya dokter beri awakna rada leuwih deukeut ka éta awewe. “Kieu dok, kabogoh kuring téh sok nyepengan sareng ngusapan leungeun abdi!” si awewe mulai curhat. “Teu nanaon atuh. Di kieu-kieu sanes?” tanya dokter bari nyepeng terus bari ngusapan éta leungeun awewe nu mulusa kacida. “Muhun dok! Abdi téh sok di kieu-kieu ku kabogoh!” “Alaaaah, atuh teu nanaon Neng. Nu kieu mah sanes bangsat! Eta téh tanda kabogoh Neng nyaah!” ceuk dokter bari terus ngusapan leungeun si awewe. Si awewe cicing we di kitu-kitu ku dokter teh. “Teras, kabogoh abdi ogé sok ngusapan pipi sareng biwir. Kadang-kadang sok bari nyium! Mun nuju kitu téh ku abdi sok dibangsatkeun!” ceuk éta awewe. “Aduuuh ari si Eneng. Di kieu-kieu sanes?” tanya dokter bari terus ngusapan pipi jeung biwir si awewe. Malah nepi ka diciumna éta awewe teh! “Muhun dok dikieu-kieu!” “Atos Neng tong galak teuing atuh ka kabogoh teh. Nu kieu mah tandana kabogoh Eneng téh gaduh rasa cinta nu ageung ka Eneng!” “Tapi, dok. Kabogoh abdi mah malah dugi wani ‘kitu’ ka abdi!” ceuk éta awewe. Si dokter tuluy muka baju éta awewe. Si awewe pasrah rek di”kitu” ku si dokter teh! “Di kieu-kieu ku kabogoh Eneng?!” ceuk dokter bari mraktekkeun nu dilakukeun kabogoh si awewe. “Mu...mu....hun dok!”

	“Teu..teu...na..na...naon Neng, ieu..ieu mah tan..tanda ka..ka..ka ni’matan du..dunya!”

Sanggeus beres ‘kikituan’ si dokter meresan deu bajuna. Pon kitu deui si awewe. “Tah, naon geura Neng nu matak kabogoh Neng sok disebut bangsat ku Eneng?” tanya dokter samemeh si awewe balik. “Kabogoh abdi teh, tos lami AIDS!” ceuk awewe bari siap-siap rek balik. “Bener-bener bangsat! jurig! goblog! kunyuk! Setan...kabogoh anjeun teh! Lain ngomong titatadi siah!!!” ceuk dokter samemeh kapiuhan.

Dasar Kopet! Di rohangan pengadilan Hakim nitah ka pasakitan nangtung pikeun ngadengekeun tuntutan. “Anjeun didakwa tos ngarogahala tukang ledeng ngagunakeun ragaji!” Beres hakim macakeun tuntutan, aya salah saurang lalaki pengunjung sidang ngajorowok: “Kurang ajaaaar siah!” Hakim mimiti teu nganggap. Manehna nganggap éta lalaki téh kulawarga tukang ledeng nu boga dendam ka pasakitan. “Harap tenang! Ieu ruang sidang!” ceuk Hakim nenangkeun ka éta lalaki nu ngajorowok tadi. “anjeun, terdakwa didakwa ogé geus ngarogahala tukang pos ngagunakeun palu!” “Goblog siah dasar!” si lalaki nu diuk di deretan pengunjung sidang ngajorowk leuwih tarik batan tadi. “Tenang! Tenang! Saderek bisa tenang? Saderek tong ngaganggu jalanna sidang!” ceuk Hakim bari terus neruskeun dakwaan berlapis ka pesakitan. “terdakwa ogé dituntut hukuman sabab geus ngarogahala tukang es ku pacul!” “Pikasebeleun siah!” ceuk éta lalaki pengunjung sidang. Antukna Hakim ogé ahirna kesel ka éta lalaki: “Ayeuna, lamun saderek tetap ngaganggu jalanna persidangan, saderek bakal dibawa ogé ka korsi terdakwa kusabab geus ngaganggu jalanna persidangan. Tapi, lamun saderek bisa ngajelaskeun kunaon saderek bet jojorowokan ti tatadi, saderek bakal bebas tina tuntutan!” Si lalaki nu jojorowokan tadi terus ngobrol: “Rek teu ambek jeung kesel kumaha atuh Pa Hakim! Kuring téh kan tatangga anjeunna salami kurang leuwih dua belas tahun! Tah, salila dua belas tahun téh unggal kuring nginjeum ragaji, palu, jeung pacul....manehna pasti ngomong: teu boga! Dasar kopet..keked mengkeneng siah tatangga baragajul!!!”

Gede..Panjang Hiji waktu aya lalaki nu ngarasa minder ku bobogaanana. Geus ilang akal manehna ngalakukeun sagala upaya pikeun ngagedean ukuran bobogaanana. Nya manehna datang ka saurang dukun nu katelah jitu dina urusan “panjang memanjang dan gede menggedekan”. Si lalaki terus nyarita ka éta dukun. “Bah dukun, kuringa hayang bobogaan kuring panjang jeung gede! Kuring salila iru geus ngarasa minder!” ceuk éta lalaki. Tuluy si dukun ngajawab. “Gampang nu kitu mah. Ieu Abah boga cai sakti. Ieu cai oleskeun waé kana bobogaan hidep. Tapi aya saratna!” “Naon tah saratna, Bah?” “Saenggeus dioleskeun, lamun anjeun ngadenge batur ngomong gede jeung panjang, bobogaan hidep bakal ngagedean jeung manjangan! Ngarti?” tanya si dukun ka éta lalaki. Terusna éta lalaki balik ka imahna. Manehna tuluy naek angkot. Karek ge clek kadenge sora calo ngajorowok: “GEDE bage...GEDE bage...mangga Bu, Pa..tujuh lima!” tuluy teu eureun-eurun si calo terus ngagorowok nepi kaangkot pinuh. Atuh bobogaan si lalaki langsung “berkembang” tiada terkira. Si lalaki nepi ka hese leumpang. Manehna tuluy pindah angkot nu kosong, da era batur ningalikeun waé kana boboganana nu ampir sagede bal baliter. Na atuh, karek clek diuk, si calo nu lian ngajorowok: “Leuwi PANJANG... Leuwi PANJANG...!”

Anti George Bush Dina hiji waktu di Amerika kabeh kendaraan di jalan macet. Naon sabab? Cenah aya kajadian nasional deui. Lain ieu mah, lain menara WTC anu ancur deui ditabrak ku kapal kadua kalina. Tapi Presiden Amerika, George W Bush diculik ku teroris. Naha bet macet? Hal ieu dilantarankeun aya sabagean aktifis masarakat nu menta sumbangan ka mobil-mobil nu liwat. Di Arlington Avenue aya mobil nu ngaliwat terus penumpang di jerona dipenta sumbangan. “Pa, aya naon ieu teh?” ceu penumpang nu aya dijero nanya kanu menta sumbangan. “Ieu, Pa. Presiden urang diculik ku teroris. Cenah para teroris nu nyulik téh menta tebusan 50 milyar dolar lamun George Bush hayang bebas.” Si nu menta sumbangan ngajelaskeun ka éta penumpang. “Tah, lamun éta pamenta teu ditedunan George Bush bakal dikumahakeun?” “Ceuk teroris, lamun éta pamenta teu ditedunan, George Bush bakal diduruk ku bensin!” “Ngomong-ngomong, sabaraha minimal kuring kudu nyumbang?” “Nya...saleter, dua leter, atawa bade sabaraha leter bensin ogé kumaha ridona Bapa wae!”

Pecinta Alam Hiji waktu di hiji leuweung diayakeun jambore pecinta alam nu pesertana ti nagara Amerika. Tah nu jadi instrukturna téh kabeneran urang kampung dinya. Hal ieu dilakukeun sabab para peserta ti luar hayang bener-bener ti ahlina langsung, nyaéta ti penduduk asli. Para peserta jambore alam téh bakal ngayakeun hiking nepi kemping. Maranehna bakal dialajar ngeunaan kumaha carana hirup di leuweung (survival). Terus deui maranehna bakal diajar ngeunaan kumaha carana miara alam leuweung. Samemeh indit ngalaksanakeun hiking, para peserta dibere peraturan supay teu meunang mawa barang-barang saperti peso atawa bedog. Hal ieu dilantarankeun sieun éta para peserta nyieun laku nu matak ngaruksak kana lingkungan leuweung, misalna nuar tangkal. Pas arek indit, kabeh barang-barang nu rek dibawa ku masing-masing peserta dipariksaan ku instruktur. Sabot kitu, salah saurang instruktur ningali aya peso nu ngagoler deukeut ete peserta kumpul. Ngan orokaya, éta peso teu dikanyahokeun saha anu bogana. “Ieu peso milik saha?” tanya salah saurang instruktur. “You think i don’t about owner this knife?” ceuk éta instruktrur kampung so ngomong Inggris saeutik! Ahirna geusi ditungguan aya kana sapuluh menitna, si instruktur kampung karek ngomong deui. “Nya atuh ari keukeuh teu daek ngaku mah, kuring rek nyebutkeun ieu peso saha nu bogana! Lamun ku kuring disebutkeun, ka nu gaduh ieu peso mangga ka payun!!” si isntruktur terus nyebutkeun ngaran nu boga éta peso, “mangga ka STAINLESS ka payun....” Ditungguan angger euweuh nu ka hareup. “Nya atuh ari kitu mah, kapaksa kuring sebutkeun ngaran lengkep ieu nu boga peso! Mangga ka STAINLESS STEEL ka payun!!”



Pesen Aya turis asing asup ka warung tegal PLO alias Penangkal Lapar Orang. Di dinya manehna ningali dina papa nu aya di hareupeun warung nu menuna nyaéta: S E D I A : Nasi Rames Pecel Lele Nasi Tutug Nasi Rawon Es Teler Es Goyobod Dll. Sabada si turis bule asup ka éta warteg, pelayan nanya ka turis: “Bade pesen naon, Mister?” Si turis rungah-reungeuh ditanya ku pelayan teh. Rek teu bingung kumaha, manehna can nyaho rupa jeung rasa menu-menu nu ditulis di hareup. “Saya..saya pesen Dll...aja!”

Meuli HP Ieu mah carita si Sarkim urang udik nu karek pisan ulin ka Bandung Elektronic Center (BEC). Manehna pulahak-pulohok pas asup. Komo pas manehna naek tangga berjalan alias eskalator. Manehna ampir-ampiran labuh. Da saumur hirup karek ayeuna manehna ulin ka dayeuh teh. Pas asup ka lantai bagean counter HP, manehna ningalian HP-HP nu dipajang di etalaseu. Si Sarkim tuluy ningalian rupa-rupa panawaran HP nu dipromosikeun kalayan ditulis dina display hareupen counter. Manehna helok pisan ningali aneka rupa HP nu canggih-canggih. Antukna manehna ningali hiji counter nu dijaga ku hiji awewe nu rupana geus manis, geulis, lenjang deuih. Atuh si Sarkim kajojo pisan ku éta awewe. Manehna ngaluarkeun loket, ningalian heula duitna. “Cukuplah keur meuli HP hiji mah! Nu penting mah kuring bisa ngobrol jeung si Neng geulis!” gerentes si Sarkim bari api-api terus ningalian rupa-rupa merek HP nu ditulis dina display. “Mangga Kang peryogi HP naon? Nokia? Samsung? Philips? Siemens? Motorola? atanapi Sony Ericcson?” ceuk éta penjaga counter. Atuh si Sarkim beuki we wani. Manehna terus diuk hareupeun éta si awewe. “Ah, Akang mah peryogi HP nu merekna 2nd! Meser lah hiji mah...” Si pelayan bingung. Si Sarkim mah anteng we ningalian HP nu dipajang dina etalaseu. Teu sadar kana kabodoanana. Meureun pas tadi ningalian dumeh aya tulisan: Dijual HP 2nd dengan Harga Miring! Nya HP 2nd téh second alias HP urut tea!

Su- Ra’yat Aceh maha geus trauma ka nu awalna “Su-“. Bayangkan jaman "Soe"-karno nguasa ngan janji-janji wungkul nu dibere teh. Jaman "Soe"-harto nebar teror ku jalan Daerah Operasi Militer (DOM). Tos kitu, "Su"-karnoputri netepkeun Darurat Militer. Nu dituluykeun di jaman "Su"-silo Bambang Yudhoyono. Terakhir? "tsu"-nami narajang…..!

Si Tsunami Samemeh tsunami narajang daratan Aceh, petugas pemantau tsunami di Kepulauan Hawaii geus nyahoeun yen tsunami bakal narajang ka Aceh. Hal ieu dikanyahokeun sabab Amerika mah geus boga sistem pemantau gempa jeung tsunami nu dihubungkeun jeung satelit. Harita keneh salah saurang petugas nelepon ka pejabat berwenang di Indonesia. Kabeneran petugas nu narima karek hudang sare. Kabeneran deuih harita téh apanan poe Minggu. Telepon ngirining téh teu langsung diangkar. Sanggeus rada lila, karek telepon diangkat. “Halo…Pa, ieu kuring petugas pemantau tsunami ti Amerika! Bade ngawartosan, sakedap deui tsunami baris datang ka Indonesia…tepatna ka Pulau Sumatera. Punten pangdugikeun ka pejabat nu gaduh wewenang dina urusan ieu. Enggal pisan Pa!!!” Eta petugas ti Indonesia nyantey we. Terus nelepon ka atasanana: “Halo, Pa. Nembe aya pejabat nelepon ti Amerika, cenah tsunami bade dongkap ka Sumatera. Kumaha bade dijemput di bandara wae, atanapi langsung dipiwarang ka hotel wae?!”

Kepribadian Jelema Ditingali Tina Cara Hitutna 1. Jelema Teu Jujur Hitut tapi nyalahkeun ka nu lain 2. Jelema Ceuleupeung Jelema nu nahan hitutna nepi ka jam-jaman 3. Jelema Nu Boga Wawasan Luas Nyaho iraha waktu hitut nu pas 4. Jelema Sangsara Hitut ogé nepi ka teu bisa 5. Jelema Misterius Manehna hitut, tapi nu lain teu nyaho 6. Jelema Gugup Nahan hitut waktu manehna hitut 7. Jelema Percaya Diri Hitut sorangan disangka ku batur seungit 8. Jelema Sadis Geus hitut dikipas-kipas ka batur 9. Jelema Eraan Manehna hitut teu disada, tapi era sorangan 10. Jelema Strategis Sora hitut ditutup ku seuri manehna nu tarik 11. Jelem Bodo Manehna geus hitut langsung nyedot hawa pikeun ngaganti hawa nu kaluar 12. Jelem Pedit Hitutna saeutik-saeutik 13. Jelema Sombong Hitut sorangan disadakeun tarik terus diangseuan ku sorangan 14. Jelem Someah Resep pisan ngangseu hitut nu lain 15. Jelema Teu Resep Gaul Lamun hitut sok nyumput 16. Jelem Akuatik Resep hitut di jero cai, misalna di kolam renang 17. Jelema Atletis Lamu hitut sok dibarengan tenaga dalam 18. Jelema Jujur Sok ngaku lamun manehna geus hitut 19. Jelema Pinter Bisa nyaho saha nu hitut 20. Jelem Sial Batur nu hitut, manehna nu disalahkeun 21. Jelema Beruntung Hitut tarik, tapi batur teu nyahoeun 22. Jelema Gelo Hitut sorangan bauna ku sorangan nyalahkeun ka sorangan 23. Jelema Lemah Otak alias Lemot Manehna hitut, tapi teu nyadar yen manehna geus hitut 24. Jelema Dermawan Lamun hitut, bauna nyebar merata nu lain kabeh kabagean 25. Jelema Hemat Lamun hitut, bauna tahan lama 26. Jelema Ribut Hitut tarik kabeh ngadenge 27 Jelema Seniman Hitutna aya melodian 28. Jelema nu Bisa Jaga Rusiah Hitutna tara disada, kitu ogé bauna 29. Jelema Sopan Jelema mun hitut menta hampura jeung ijin heula 30. Jelema Paling Sial Geus mah batur nu hitut, bauna kabagean, manehna nu disalahkan deuih! 31. Jelema Nu Ngutamakeun Kabersihan Lamun rek hitut calanana dileupaskeun heula 32. Jelema Korup Hitutna bau pisan! 33. Jelema nu Rajin Nabung Lamun hitut diwadahan kana kantong plastik terus ditalian 34. Jelema Boros Sok hitut jeung nepi ka bukur-bukurna 35. Jelema Beunghar Leuwih loba hitut daripada gawena 36. Jelema Euweuh Gawe Unggal waktu ngabahas hitut jeung hitut we!

Asli Keneh Caritana mah hiji waktu Nyi Juju rek kawin. Nyi Juju mah jelemana bageur pisan tara ulin nu aneh-aneh komo kana nu teu baleg mah. Pon kitu deui ka lalaki, manehna mah polos pisan. Tah pas piaspoeeun deu rek prung kawin manehna diomongan ku indungna. “Nyi, kade jaman ayeuna mah lalaki téh loba nu palsu. Ngaku bujang keneh padahal geus adat sok ulin jeung awewe. Kade bisa salaki kitu! Ilikan heula samemeh diwajiban ku salaki teh...” Nya pas peuting geus acara kawinan. Nyi Juju jeung salakina asup ka kamar. Isukna, manehna ditanya ku indungna. “Kumaha Nyi, kira-kira salaki Nyai téh masih keneh bujang. Aya tanda-tanda anu kira-kira aneh teu tina bobogaan salaki Nyai?” “Ah, abdi mah yakin Ma! Salaki abdi masih keneh gres!” “Naha kitu? Memang aya tanda-tandana?” tanya indungna heran. “Nya, pas ku abdi diilikan bobogaan salaki teh, geuning dibungkusan keneh!” (Tah kitu ari teu pernah ningali rupa kondom teh!)

Saruana Aya bapa-bapa jeung ibu-ibu keur moe maneh di sisi laut. Maranehna téh sarua jelema gelo duanana. Eta ibu-ibu jeung bapa-bapa téh beuteungna sarua budayut. “Iiiih, Bapa...eta téh patuangan atanapi naon?” tanya ibu-ibu ngalelewe. “Ibu mah teu terang nya?Apan ieu téh radio!” ceuk si bapa-bapa. “Radio ti mana horeng?” “Muhun ibu, tah pan ieu anteneuna!” ceuk si Bapa bari nembongkeun bobogaanana, “ari ibu naon éta patuangan atanapi....?” “Apanan ieu téh telepon koin!” ceuk si ibu embung eleh, “tah ieu paragi ngasupkeun koinna!” ceuk si ibu embung eleh bari nembongkeun “taeunna”.

Indikator Korupsi Hiji waktu di dunia berhasil diciptakeun hiji alat nu bentukna jiga jam dinding. Eta alat téh digunakeun pikeun indikator tingkat korupsi di hiji nagara. Mimiti éta alat di pake pikeun ngecek tingkat korupsi di Amerika. Eta jarum penunjuk ngan muter saeutik-saeutik. Kabeh pejabat Amerika puas, geuning tingkaty korupsi di nagarana téh minim pisan. Tuluy éta alat dibawa ka nagara Malaysia. Jarum jam gerak lumayan rada tarik tibatan nagara Amerika. Na atuh pas éta alat dibawa ka Indonesia....eta alat jadi kipas angin! Balas tarik pisan muterna jam penunjukna! Surutu ti Mana? Si Juhro karek balik rugas ti luar kota. Manehna tugas téh aya kana samingguna ninggalkeun pamjikanana di imah sorangan. Waktu asup ka kamerna, katingali pamajikanan keur ngagoler bari bubulucunan dina luhureun ranjang. Ambek nyedek hate si Juhro langsung nanya ka pamajikanana. “Euh, siah ditinggalkeun ku dewek kieu lampah nya?” Eta pamajikan si Juhro langsung hudang bari langsung dipakean. “Surutu ti mana siah ieu?” Teu kireum-kireum, pamajikan si Juhro ngajawab: “Ieu mah surutu asalna ti Kuba!” Jawa vs Sunda Mang Sarja boga anak awewe hiji-hijina. Eta budakna hiji waktu katarima kuliah di paguron luhur di daerah Jawa Tengah. Mang Sarja jeung kulawargana nganteu anakna nu hiji-hijina teh. Kebeneran éta budakna indekos di deukeut kampusna. Mang Sarja nitip ka nu boga indekosan tea. “Mbak, saya titip anak saya ya. Tolong dijaga. Ya, bukannya apa-apa, saya gak mau sampey anak saya harus terbawa yang tidak-tidak. Zaman sekarang tea atuh, kan banyak keceritain anak mahasiswa yang terbawa pergaulan tidak bener!” Ari éta nu boga kosan, mun ngomongna sok make basa Jawa campur. Da asa Indonesiana kurang pati lancar. Nya anak Mang Sarja téh ayeuna mah dititipkeun bae ka nu boga indekosan. Itung-itung gaganti kolot. Na atuh aya kana lima bulanna kuliah, Mang Sarja ngadenge beja nu matak pikareuwaseun. Ceuk paribasana jiga kacitak gelap tengah poe ereng-erengan alias bagai terkena petir di siang hari. Anakna nu diindekoskeun téh ngaku geus melendung bin hamil tea! Mang Sarju langsung ngadatangan anakna. Tuluy manehna nyarekan ka nu boga indekosan. “Mbak, ini gimana! Saya kan dulu udah titip supaya anak saya diperhatikeun. Kunaon bet bisa kieu? Siapa lelaki yang suka datang ke sini? Atau suka sama siapa anak saya pergi-pergian? Beu cilaka ieu mah!” Si nu boga indekosan ngabela maneh. “Pak, kulo mboten mangertos. Seng kulo ngertos, anak ipun mandine dhewe, tidure dhewe, belajar nang kamar dhewe,….” Can ge nu boga indekosan parat ngomong, Mang Sarja langsung ambek laklak dasar: “Saha mengkelukna nu geus ngagadabah anak aing? Hah?! Rek teu reuneuh kumaha atuh! Anak kuring ti mandi nepi ka diajar di kamer ge teu weleh di…..” (Ah, nu maos ogé panginten ngartos naon maksadna Mang Sarja! Kieu ari teu ngarti kana basa daerah lain teh!)


Palakiah Selingkuh Aman 1. Upami saderek bade gaduh panyawat beuki gundam atanapi ngalindur, kade pilih selingkuhan nu namina sami sareng nami bojo atanapi caroge. Janten upami bojo saderek namina Susan, nya pilarian selingkuhan nu namina Susan. Kan aman upami saderek gundam: “Oh, Susan sayang, Akang cinta pisan ka Susan…” Tuh, bojo ogé apanan janten tiasa langkung nyaah. 2. Upami saderek gaduh caroge tukang selingkuh atanapi rucah, tong hilap nyonto kana Pemilu. Kumaha carana? Upami tos “kitu” sareng caroge, tong hilap enggal celupkeun gagaduhan caroge kana tinta (mangsi). Upami kitu mah pan aman, caroge moal tiasa NYOBLOS di tempat lain….

Demonstrasi Hiji waktu di hareupeun Gedung Dewan harengheng. Kaayaan ieu sabab mahasiswa demo geus aya kana samingguna teu eureun-eureun. Mahasiswa nungtut ka pamarentah supaya nurunkeun harga BBM. Nepi ka hiji poe, mahasiswa jeung polisi bentrok. Sabab mahasiswa maksa hayang asup ka Gedung Dewan. Sanajan geus dihalangan barikadeu, mahasiswa keukeuh hayang ngaruntuhkeun pager gerbang Gedung Dewan. Polisi geus beak akal pikeun ngabubarkeun mahasiswa nu demo tea. Ti mimiti digebug ku pentungan, keukeuh we mahasiswa ngarangsek. Nepi diusahakan dibubarkeun kalayan disemprot ku water canon, mahasiswa keukeuh mugen. Antukna aya akal. Kumaha? Keur meujeuh-meujeuhna harengheng, semprotan ti water canon diganti ku semprotan ti Blambir? Lain, disemprotna tina MOBIL TINJA! Alhamdulillah, kabeh nu demo ngaburiak nyalametkeun diri masing-masing….!!

Palakiah Sabudeureun Maen Bal 1. Upami tim maen bal hoyong meunang? Gampil dina gawang nyalira teundeun waé endog. Klenik? Henteu oge, endogna ku endog lini atanapi endog lewo. Pinuhan we éta gawang tim nyalira ku endog lini atanapi endog lewo. Tiasa ogé nganggo endog cakcak. Pasti moal aya bal nu bakal asup! 2. Bobotoh sering dihukum ku Komdis PSSI supados tong nongton? Ayeuna mah cobian geura, upami Persib maen di lapang Siliwangi, pinuhan kabeh tribun. Birukeun Siliwangi! Tapi, sadaya nu nongton tong lemek tong nyarek. Jempling we salami pertandingan. Tong aya ekpresi, sapertos nongton pertandingan catur. Hoyong terang kumaha aya hukumanana? 3. Hoyong nongton maen bal leuwih atra? Sewa waé Superman atanapi Gatotkaca. Saderek tiasa numpak waé dina luhureun Superman atanapi Gatotkaca salami pertandingan. Piwarang sina teras hiber di luhureun lapang. Insya Allah, jelas pisan. Mung éta waé biaya sewa sajamna sabaraha. 4. Pertandingan di kandang hoyong teras meunang? Gampil pisan, maenna tong di kandang japati atanapi di kandang hayam. Komo di kandang maung mah…. 5. Kadang nu nongton sok kuciwa upami maen bal hasilna kaca mata alias seri nol-nol. Hoyong puas nongton maen bal? Engke mah bakal aya peraturan anyar. Yen maen bal téh ngangge sistem skor, sapertos dina olahraga pingpong. Janten skor pertandingan kedah dugi ka angka 21. Nya aya istilah last two-last one. Tim saha nu tos dugi kana skor 21, éta tim nu meunang! Tong hilap nganggo sistem deuce! Perkawis lamina pertandingan? Wios maenna dua minggon atanapi sabulan oge. Janten, pamaen sareng penonton sami-sami cape! Nu maen cape lulumpatan sareng najong. Penonton cape jojorowokan! Wasit? Paling pipi kembu alatan niup piriwit wae. Komo nu nongtonna dina tv mah, paling ogé rekening listrik naek. Lamina Liga? Nya lima tahun paling enggal oge. Komo nganggo sistem home-away mah.

Dasar Budak Caritana barudak kelas 1 SD keur diajar ngeunanaan anggiota tubuh. Hiji-hiji budak téh ditanyaan ku guruna. “Cing saha anu terang, naon waé nu ku urang tiasa dikemot?” Cung hiji budak ngacung. “Curuk, Bu guru!!” “Pinteeeer! Teras naon deui?” “Permeeen …” ceuk budak ti bangku tukang. “Pinteer. Teras?” Guru muji terus nanya deui. Cung budak nu dihareup ngacung terus ngajawab. “Sarung!” “Naha sarung?” Guru heran kana jawaban éta budak. “Da abdi kantos ngadangu mamah nyarios ka bapa:’Pa, sarungna buka, ibu hoyong ngemot!”

Kedah Diciduhan Hiji waktu aya budak nu karek diuk di kelas 3 SD sare bareng jeung indung bapana di kamer. Tah, waktu manehna keur sare, bapa jeung indungna rek mulai ‘kikituan’ da geus teu kuat. Kamerna dipareuman. Ngan orokaya karek ge mulai, budakna lilir. Indung bapana teu nyahoeun budakna lilir teh, maranehna mah asik we. Dina kaayaan kamer poek, budak ngadenge keun omongan kolotna. “Mah, sesah lebet geuning!” ceuk bapana ngaharewos ka indungna. “Atuh, upami sesah lebet mah, ka dieu mastakana urang ciduhan heula!” jawab indungna. Eta baduk tuluyna mah sare. Sabab teu ngarti jeung teu nyaho anu dilakukeun ku indung bapana teh. Isukna éta budak asup sakola. Harita keur diajar Matematika. Eta budak nengetkeun guruna nu keur nerangkeun. Tapi keukeuh we beuki éta pelajaran ditengetkeun, beuki teu asup kana sirahna naon nu diterangkeun ku guruna teh. Ahirna, éta budak ngusap-ngusap ciduhna sorangan kana sirahna. Eta kalakuakn budak téh nepi ka sababaraha kalina. Antukna, guruna nanya ningali kalakuan aneh muridna teh. “Ari hidep kunaon tititadi ku Bapa ditingalikeun téh ngan ngusapan waé sirah ku ciduh?” tanya guruna. Budak langsung ngajawab. “Hapunten Pa. Naon dijelaskeun ku Bapa téh ku abdi teu tiasa lebet kana mastaka, teu ngartos. Saur mamah mah, upami sesah lebet kana mastaka, mastakana kedah diciduhan heula!”



Kabiasaan Baheula Kacaritakeun aya panganten anyar. Si salaki jeung pamajikan téh baheulana katelah jelema bangor. Hiji peuting, maranehna keur tibra-tibrana sare. Keur kitu, ti luar imah aya nu keketrok. “Tok..tok...tok!” Pamajikanana langsung ngorejat hudang. Tuluy manehna ngaguyah-guyah salakina. “A..gugah! A..gugah itu aya Hansip!” Si salaki nu lulungu téh langsung pias jeung awakna ngadegdeg. “Alaaah, nyumput di mana nya?” ceuk si salaki bingung campur soak. “Tos, enggal kabur liwat jandela we!” ceuk pamajikanana nu saruana soak. Teu lila, bari di kolor jero keneh, si salaki langsung luncat ka luar kana jandela. Manehna asruk-asrukan ngaliwatan ruyuk. Awakna pareurih beunang ku eurih. Tuluy manehna nyumput handapeun tangkal caringin. Geus jauh manehna karek sadar. Kitu deui pamajikanana. “Astagfirullah! Apanan aing téh geus kawin!” ceuk si salaki bari ngahodhod. Padahal nu tadi ngetrok panto imah mah mitohana nu kapeutingan balik ti kota. Rek ngadon milu sare di imahna.

Beda ` Aya tilu mojang keur ngobrol. “Eh, kumaha jadi kawin teu jeung Bang Pangaribuan teh?” tanya mojang kahiji ka mojang kadua. “Nya kitu lah, dibatalkeun!” jawab mojang nu kadua. “Dibatalkeun kumaha? Apan geus sakitu layeutna. Na aya masalah naon kitu?” ceuk mojang katilut milu nanya bangun nu reuwas. “Masalahna mah kulawarga. Kulawarga teu nyatujuan sabab kuring jeung Bang Pangaribuan beda suku. Ari di dinya kumaha jadi kawin jeung Dedi?” tanya si mojang kahiji ka mojang nu kadua. “Sarua, teu jadi,” jawab mojang kadua. “Ke...ke...naha bet bisa kitu?” si mojang nu kahiji sarua reuwas ngadenge jawaban sobatna teh. “Enya, sarua sababna mah lantaran perbedaan. Ari di dinya mah beda karena masalah suku bangsa. Ari kuring mah dilantarankeun beda agama,” jawab si mojang kadua bari terus nanya ka mojang nu katilu, “Ari di dinya kumaha jadi kawin jeung A Andri?” “Teu jadi oge!” jawab si mojang nu kadua. “Euleuh sarua geuning nasib urang teh! Memangna kunaon bet teu jadi?” tanya mojang kahahiji jeung kadua. “Sarua we dilantarankeun gede pisan perbedaan.” “Memangna beda naon? Beda status ekonomi? Atawa beda pandangan?” tanya mojang kadua. “Henteu, nu jadi marga lantaran mah saba kuring jeung A Dedi beda kelamin!” jawab mojang katilu.

Dasar Nu Gelo Hiji waktu aya nu gelo keur leumpang mapay jalan satapak. Keur anteng leumpang, éta nu gelo rek ningali aya nu ngadungkuk di tengah jalan. Ampir waé katincak untung manehna langsung ngejat. Geus kitu, reg waé nu gelo eureun terus nenget-nenget éta nu ngadungkuk tea. “Ke....ke...naon ieu nya?” ceuk nu gelo panasaran. Tuluy manehna nenget-nenget éta nu ngadungkuk. Ku manehna terus dicoel saeutik ku tungtung curukna. “Euleuh-euleuh tina hipuna mah jiga tai ucing geuning!” ceuk éta nu gelo bari nenget-nenget curukna. Tuluy nu ngadungkuk téh ku manehna ayeuna mah dirawu kabeh tuluy diangseuan. Nu gelo ngangseu éta nu dirawu. Teu lila manehna muranyin… “Bener we tina bauna mah ieu téh tai ucing! Untung ku kuring teu katincak!”

Mending Guru SD Saha nu teu kenal Neng Donna atuh. Mojang geulis ti kampung Rancadudut. Hiji waktu manehna keur milih pisalakieun. Rek teu bingung kumaha atuh, lalaki ka hiji nu ngalamar téh pagawe TELKOM, lalaki nu kadua pagawe KANTOR POS, lalaki nu katilu gawena jadi dokter di rumah sakit nu kasohor. Ngan anehna, Neng Donna kalahkah milih lalaki nu gawena ngan kadi GURU SD. “Yeuh, Bapa mah teu ngarti. Lain kawin téh nyangkut masa depan hidep Nyi? Ieu mah kabeh lalaki nu gawena di tempat baseuh kalahkah ditolak. Eeeeh, kalahkah milih guru SD sagala. Lain nyaho gajih guru mah teu sabaraha?” tanya Bapana Neng Donna heran kana pilihan anakna teh. “Abdi ge terang Pa. Namung, ari abdi mah tos ngangge pertimbangan nu buleud.” Jawab Neng Donna. “Naon alesanananna hidep bet milih gur SD?” Bapana beuki heran. “Saleresna mah abdi mah mikirkeun dina urusan ranjang!” jawab Neng Donna kalem. “Memangna kunaon kitu?” Bapana panasaran. “Kieu Pa. Upami abdi milih nu didamel di TELKOM, pan sesah. Nembe ge beres samenit kedah dilebetan deui. Upami nu damel di kantor pos, teu acan ge nanaon tos naroskeun bade nu biasa atanapi nu kilat? Tah, upami dokter mah, nembe ge lebet kamer teras miwarang muka baju, campa ieu campa itu. Nu ahirna mah ngajak ngobrol we lami. Mending milih gurus SD!” “Kumaha kitu ari guru SD?” tanya bapana. “Upami guru SD mah pan enak. Ti awal dibahas, dibuka masalahna sakedik-sakedik, pinuh ku kasabaran, teras dipapay hiji-hiji, disarengan pinuh ku kalembutan sareng pengertian. Tos kitu, upami teu acan ngartos tiasa naroskeun deui sareng tiasa diulang deui ti mimiti. Tah, pan enak tiasa lami!”

Anjing Sebel ka Lalaki! Ieu mah cari Mang Juhe nu jadi supir treuk. Salila manehna jadi supir, mindeng kabejakeun loba lalaki nu mindeng ulin ka imahna pikeun ngahereuyan pamajikanana nu bahenol. Mang Juhe rek nyieun cara sangkan waktu manehna keur indit ka luar kota toang aya lalaki nu asup ka imahna. Antukna manehna boga ideu pikeun meuli anjing. Eta anjing rek diteundeun di sabudeureun imahna. Mang Juhe tuluy ka toko nu ngajual sasatoan. Manehna ahirna meunang hiji anjing nu rupa jeung dedeganna pikasieuneun. “Pa, anjing nu ieu we! Kumaha sae teu?” tanya Mang Juhe ka penjaga toko. “Wah, sae pisan Pa. Ieu anjing teu resepeun pisan kanu ngaranna lalaki!” Eta anjing langsung we dibeuli ku Mang Juha. Terus éta anjing diaburkeun disabudeureun imahna. “Wah, mun geus kieu mah kuring tenang nyupiran rek ka mana oge. Mun satiap aya lalaki nu wani-wani ka imah pasti ku anjing éta digegel!!” ceuk Mang Juhe bari terus indit nyupiran. Bener we, karek ge ditinggalkeun ku Mang Juha, imah Mang Juhe geus kadatangan lalaki nu boga maksud rek ngeheureuyan pamajikanana. Eta anjing bener-bener teu resepeun pisan ka satiap lalaki nu datang ka imah Mang Juhe. Buktina? Sakur aya lalaki nu datang ka imah Mang juhe, éta anjing sok langsung nyumput!!

Tong Waka Jorok Aya lalaki jeung awewe hareupeun hotel. “Neng, kumaha lamun urang nyewa waé kamer hotel. Akang tos teu kiat!” ceuk lalaki ngajak ka si awewe. “Ah, mangga waé atuh Kang!” jawab si awewe. Geus nyewa kamer hotelna, maranehna langsung asup ka ka kamer. “Konci nya Neng pantona?” tanya si lalaki. “Mangga Kang!” “Kumaha upami jandelana ditutup oge?” “Mangga Kang” Geus nutupan jendela, si lalaki melong ka awewe. “Neng, langkung sae mah urang pareuman waé nya lampuna…” “Mangga” Geus mareuman lampu, éta lalaki nanya deui. “Neng, hayu ayeuna mah urang ka luhur ranjang!” “Aaaah, mangga Kang. Neng mah kumaha Akang we!” Geus paduduaan di luhur tempat sare, pok si lalaki nanya deui. “Kumaha upami urang di lebet simbut wae?” “Mangga…” Tuluy si lalaki jeung si awewe asup ka jero simbut. Geus meredong duanana di jero simut, si lalaki ngomong: “Tuh, Neng. Tingali sae nya jam Akang? Tiasa hurung di tempat poek!” ceuk si lalaki bari nembongkeun jamna nu bisa hurung.

Dr. Ujang Cepi, M.Sc.

Ujang Cepi asalna gawe jadi supir camat Rancameong. Geus lila gawe jadi supir, manehna mikir asa euweuh perkembangan hirup. Ahirna manehna eureun jadi supir terus ngumbara ka Jakarta. Di Jakarta manehna mimitina jad tukang tambal ban. Ti tukang tambal ban, manehna ningkat jadi tukang bengkel, nepi ka boga bengkel sorangan. Usahana bener-bener jadi maju. Antukna manehna nepi ka boga imah sorangan nu lumayan agreng. Imahna pernahna di perumahan dosen. Teu aneh lamun dihareupeun imah, éta imah-imah dosen téh dipasangan ngaran tina papan nu make gelarna masing-masing. Misalna wae, di imah nomer 22 dihareupna aya tulisan Dr. Iwan Simatupang, Phd. Aya deui nu gelarna MBA nepi ka Ir. Ujang Cepi ogé teu eleh akal. Di hareupeun imahna manehna masangan papan nama: Dr. Ujang Cecep, M.Sc. Tah, waktu aya dulurna nu ti lembur datang, dulurna nanya iraha manehna meunang gelar. “Eta mah sanes gelar paguron luhur, Mang…” ceuk Ujang Cepi. “Ari geus naon atuh singketanana?” tanya Emangna heran. “Eta téh singketan tina: Disini Rumah Ujang Cecep Mantan Supir Camat!”

Teu Eleh! Hiji waktu Menteri Kesehatan Amerikan nelepon ka Menteri Kesehatan Indonesia. Eta menteri ti Amerika téh rek ngabejaan yen pabrik kondom hiji-hijina di Amerika kamusibahan, nyaéta kaduruk. Hal ieu ngakibatkeun produksi kondom ogé eureun keur waktu nu lumayan lila. Padahal, kondom téh apanan salah sahiji alat kontrol kelahiran paling favorit di Amerika. “Pabrik kondom di nagara keuna kamusibahan kaduruk. Kumaha Indonesia tiasa ngabantosan pikeun nyuplai kondom pikeun samentara waktos?” tanya menteri ti Amerika ka menteri Indonesia. “Mangga. Nagara kami sanggem pikeun nyuplai kondom ka Amerika. Ke kuring bade koordinasi sareng Menteri Perindustrian pikeun memproduksi kondom skala gede!” jawab Menteri Kesehatan Indonesia. “Tapi, kade tong hilap. Eta ukuran kondom panjangna 25 cm sareng diameterna 5 cm. Ma’lum apanan di nagara kami mah ukuran gagaduhan pameget téh apanan ararageung!” ceuk éta Menteri Kesehatan Amerika bari dibarengan saeutik nyombong. “Mangga-mangga! Minggon payon kondom téh bade dikirimkeun!” “Sae pisan! Diantos pisan nya!” Menteri Kesehatan ti Indonesia langsung koordinasi jeung Menteri Perindustrian. Ahirna atas petunjuk menteri, produksi kondom skala gede-gedean pikeun dikirim ka Amerika mulai dijieun. Menteri Kesehatan ti Indonesia ninjau langsung pelaksanaan produksi. Tah, waktu keur inspeksi ka éta pabrik kondom, menteri téh ngomong ka kepala produksi kondom di éta pabrik: “Tong hilap nya, dina bungkus kondom make tulisan: Made In Indonesia, Size: Small!”

Suster Jail Kacaritakeun aya opa suster nu gawe di rumah sakit keur ngajalian dokter. “Kuring kamari masang kapas dina stetoskop supaya dokter kajailan jadi teu bisa ngadengekun detak jantung..he..he..” ceuk susuter kahiji bangun nu puas. “Karunya nya. Komo deui ditambah ku kuring mah tadi isuk termometer nu biasa dipake manehna ku kuring dicet beureum. Nya saban pasen diukur, panas awak pasen aya dina 450 celcius” ceuk suster nu kadua ngabejaan jailna bari seuri. “Beuki karunya dokter urang, komo mangkukna mah, ku kuring kondom nu aya di jero lacina ku kuring ditojos saeutik ku jarum. He…he…sakur nu maen jeung dokter paasti hamil! Pan kondomna geus bocor!” ceuk suster nu katilu. Beres suster nu katilu ngomong, suster nu kaopat ngomong bari langsung kapiuhan. “Aaaah, di dinya mah lain ngomong atuh. Mangkaning peuting, kuring ngajailan dokter muka kolorna jeung terus kikituan….!”

Nyeri Huntu!!!! Aya budak leutik dianteur ku indungna ka dokter gigi. Eta budak keur nyeri huntu, jaba salain koropok, huntu hareupna ogé raroges. Budak téh tuluy asup ka rohangan dokter. Manehna diuk. Si dokter hayang ngetes éta budak ngobrol, sakalian ningali kondisi huntuna. “Sabaraha yuswa téh Jang?” tanya dokter. Mimitina budak téh rada murungkut ditanya ku dokter. Eta budak tulut ngangkat ramona genep. Maksudna 6 tahun. Tapi si dokter keukeuh hayang supaya budak éta ngomong. Pok manehna nanya deui. “Sabaraha nya Jang yuswa sakitu teh?” tanya dokter deui. Budak ayeuna mah rada molotot terus ngacungkeun deui genep ramona. Dokter keukeuh nanya tapi tetep dijawab kitu. “Ujang téh teu tiasa nyarios? Eh, karunya teuing” ceuk si dokter. Eta budak langsung nangtung bari molotot ka dokter: “Dokter sorangan teu bisa ngitung? Genep waé teu nyaho! Nyaho kuring téh nyeri huntu kabina-bina!!!”

Napas Buatan Hiji waktu aya budak awewe diajak ulin ka taman ku indungna. Waktu maranehna jalan-jalan, di bangku taman aya lalaki jeung awewe keur bobogohan. Na atuh, keur kitu the éta budak ningali éta awewe jeung lalaki ciciuman. Budak terus nanya ka indungan. “Mah, éta téh nuju nanaonan?” tanya budakna bangun nu heran. Indungan ge milu reuwas ningali kajadian kitu teh. Tapi da kudu kumaha deui, manehna ge kudu nerangkeun ka budakna supaya teu mikir nanaon. “Euh, éta nu pameget nuju ngalakukeun napas buatan ka éta istri. Panginten istrina tadi kapiuhan!” jawab indungan bari terus ngajak budakna indit ti éta tempat. “Karunya nya mah éta istrina. Abdi ogé karunya ka Bi Inah…” jawab éta budak bari ngomongkeun ngaran pembantu di imahna. “Ke…karunya kunaon ka Bi Inah?” tanya indungan heran. “Muhun, apanan tadi wengi mangkukna ge Neng ningali Bi Inah dipasihan napas buatan ku Papah waktos Mamah teu aya di bumi!” Indung: @&*#%^(&!)

Pulisi Anyar Aya pulisi anyar nu karek tugas. Manehna mulai tugas kalayan dibere motor inventaris. Manehna tuluy mulai patroli keliling ka satiap jalan di kota. Samemeh indit, baturna manasan yen poulisi téh kudu boga wibawa jeung dipikasieun ku batur. Komo lamun aya kajadian nu mawa massa umum. Nya saha nyaho aya kumpulan masyarakat nu rek nyieun onar atawa tawuran. Eta pulisi anyar salila patroli nengetan kaayan di sisi jalan. Nya manehna ahirna anjog ka hiji tempat anu loba jelema keur ngumpul di sisi jalan. Ete pulisi curiga ieu jelema nu aya di dinya baris ngnayakeun onar. Manehna tuluy ngahurungkeun sirine motor bari terus nyampeurkeun jelema nu keur ngarumpul tea. “Bubar…bubar…kabeh bubar. Nanaonan ieu teh?” ceuk éta polisi bari ngahamang-hamang tongkat polisi. Tapi jelema nu aya di dinya mimitina caricing. “Eh, ieu teu sieun ku polisi maenya ku aing kudu make tembakan peringatan?” ceuk éta pulisi bari nyabut pestol terus ngacungkeun pestolna ka luhur. Jelema masih keneh caricing. Ahirna polisi mere tembakan peringatan..dor!! dor! Kabeh jelema langsung ngaburiak jeung ngampret lalumpatan. Bangun nu bungah usahana hasil, éta pulisi naek kana motorna terus nyampeurkeun babaturanana nu nungguan di kajauhan. “Kumaha alus kan tindakan kuring? Jelema nu ngarumpul rek nyieun onar ogé sieuneun ku urang?” tanya éta pulisi ka babaturanana bangun nu sombong. “Wah, alus pisan! Karek kuring mah ningali kajadian kitu sumur hirup!” jawab babaturanana. “Saha heula atuh, kuring!” “Heueuh alus! Karek kuring mah ningali aya pulisi ngabubarkeun jelema nu keur nungguan beus kota!!!” Beda-Beda Bikangna Hiji waktu rombongan pejabat ngalakukeun kunjungan ka peternakan sapi. Kabeh pejabat téh mawa istrina sewang-sewangan. Tah éta rombongan anjog ka hiji tempat di peternakan nu dieusi ku sapi Australia jeung Selandia Baru. “Bapa-bapa miwah ibu-ibu ieu téh sapi impor ti Australia. Ieu sapi pejantan nu sae pisan kanggo pembibitan. Keunggulanana sadinten tiasa 5 kalina ka bikang!” petugas peternakan mulai ngajelaskeun. “Wah, hebat…hebat bener-bener kuatan tah sapi!” ceuk hiji pejabat ngomentaran. “Aya nu langkung hebat Pa. Tah komo éta sapi ti Selandia baru mah malih mah sadintenna kiat 10 kali ka bikangna!” si petugas peternakan nerangkeun deui. “Tuh, Pa. Sapi ogé kuat nepi kana sapuluh kalina!” pamajikan pejabat tadi ngomong ka salakina. Tadina mah rek mapanas supaya lamun “tempur” salakina kudu bisa leuwih ti sakali. “Punten Pa, kuring bade tumaros. Eta sapi téh tiasa dugi kasupuluh kali kitu sareng hiji bikang?” tanya éta pejabat deui. “Oooh, henteu Pa. Dina sapuluh kali teh, éta sapi benten-benten bikangna!” jawab si petugas. “Tuh, Mah. Bapa ge kuat sapuluh kali upami benten-benten istrina mah!” ceuk si pejabat bangun nu puas ka pamajikanana.

Bolot Si Sardun rek meuli roko. Manehna datang ka hiji warung. “Punten, Pa. Meser rokok sabatang!” ceuk si Sardun ka tukang warung. Tapi ete tukang warung anteng we ngitung na kalkulator. “Pa….punten meser rokok sabatang!!” si Sardun ayeuna mah nyaritana leuwih tarik. Eh, angger we éta tukang warung anteng mencetan kalkulator. “Pa!!! Punten meser roko!!” si Sardun ngajorowok tarik pisan. Tukang warung angger jiga nu teu ngadenge. “Pa, Bapa téh torek nya?!!!” ayeuna si Sardun rada nyentak bakating ku kesel. Tukang warung langsung ngajawab: “Naon siah tarik-tarik ngomong teh! Dewek mah teu torek! Rek meuli minyak lin? Sabaraha leter?” Maca Cara Arab Saurang salesman minuman penembah energi karek ditugaskeun dagang ka Arab Saudi. Hanjakal, waktu manehna balik deui ka Indonesia manehna teu bisa ngajual hiji-hiji acan produk inuman tea. Antukna manehna dipanggil ku manajerna. “Yeuh, maneh jauh-jauh ditugaskeun ka Arab Saudi dagang inuman. Tapi, kunaon produk urang nepi teu kajual hiji-hiji acan?” tanya si manajer. “Masalahna mah kieu Pa. Waktu simkuring nepi ka Arab, kuring téh apanan teu bisa basa Arab, teu bisa maca tulisan Arab, komo nulis make tulisan Arab mah. Nya kuring boga ideu make basa visual. Nyaeta nyieun poster pikeun nerangkeun hasiat produk minuman energi urang. Eta poster ngagambarkeun hiji lalaki nu ampir sakarat di padang pasir sabab hanaang pisan. Terus, gambar nu kadua ngagambarkeun éta lalaki nginum minuman energi nu kuurang dijual. Tah, gambar nu katilu ngagambarkeun éta lalaki langsung seger jeung jaregjeg deui sanggeus nginum minuman energi tea!!” si sales ngajelaskeun ideuna. “Memang alus pisan tah ideu maneh teh. Tapi naha bet teu bisa payu hiji-hiji acan produk inuman urang teh?” si manajer panasaran. “Muhun Pa. Malah kuring masang poster bergambar téh aya kana saratusna disebar di kabeh kota di Arab. Ngan nu jadi sabab éta promosi teu jalan téh sabab salah letak gambarna..” “Ke, salah letak gambar kumaha?” tanya si manajer heran. “Kieu, éta urutan gambar-gambar di poster dipasang ti kenca ka katuhu. Kuring poho yen urang Arab mah macana apanan ti katuhu ka kenca. Jadi we urang Arab mah macana: aya lalaki seger bugar, terus nginum minuman energi urang. Beres nginum minuman energi produk urang, éta lalaki jadi sakarat!”

Selingkuh Aya tilu lalaki keur ngobrol kalakuan pamajikanana sewang-sewangan. “Kuring mah lieur ka pamajikan. Maenya kamari manehna meuli DVD player nu mahal, padahal di imah teu boga tv-tv acan!” ceuk lalaki kahiji. “Komo pamajikan kuring mah. Mangkukna manehna meuli tabung gas, padahal di imah mah make kompor teu make kompor gas” ceuk lalaki kadua, “sok lieur ari mikiran kalakuan awewe teh...” “Aaah, bodo keneh pamajikan kuring. Basa kamari rek tugas ka luar kota, manehna ngasupkeun kondom kana kantongna aya kana sapuluh mah. Rek teu lieur kumaha...apanan manehna téh awewe! Coba rek dipasangkeun di mana? Apanan manehna téh teu boga bobogaan jiga urang-urang nya?” ceuk lalaki nu katilu nanya ka babaturanana.

Pel Tidur Aya hiji pasen lalaki bangun nu lungse jeung pias sabab kurang sare asup ka rohangan dokter. “Aya masalah naon saderek teh?” tanya dokter. “Kieu dok. Unggal peuting kuring téh hese sare. Rek bisa sare kumaha atuh, kabeh tatangga kuring boga anjing. Tah éta anjing-anjingna téh unggap peuting ngaogogog wae. Jadi kuring teu bisa sare tibra.” Si pasen ngajelaskeun sabab musabab manehna teu bisa sare. “Aah, gampil atuh éta mah. Ieu aya pel tidur. Sok cobian heula geura. Pasti cespleng lah! Tah kanggo ningali hasiatna mah, saderek tiasa sumping deui kadieu minggon payun” ceuk éta dokter bari mere pel tidur sabungkus. Heuleut saminggu, éta pasen datang deui. Kaayananan leuwih ripuh tibatan minggu kamari. “Wah dok, sesah pisan geuning ngangge pel tidur teh. Teu aya hasilna, angger we abdi teu tiasa tibra. Malahan leuwih parah tibatan minggu kamari...” ceuk pasen ka dokter. Si dokter heran. “Naha, éta pel téh matih pisan padahal mantak tunduh kanu nginumna.” Ceuk dokter. Si pasen tuluy ngajelaskeun: “Muhun, dok. Nu jadi masalah, saprak dibere éta pel tidur kuring jadi leuwih cape. Bayangkeun we, unggal peuting kuring kudu nungguan anjing nyampeurkeun. Nya lamun teu nyampeurkeun ku kuring didatangan baris diinuman pel tidur ti dokter. Nya aya hasiatna, aya sababarah anjing sare tur jempe ngagogogna. Ngan apanan teu kabeh anjing bisa dibere pel tidur ku kuring!”


Tukang Ojeg Setan Sabada isu kolor ijo rame, ayeuna mah cenah katelah aya isu tukang ojeg setan! Caritana mah kieu: Hiji waktu aya awewe balik peuting. Harita hujan girimis ngaguyur. Komo basa harita téh malem Jumaah. Eta awewe téh buukna panjang jeung make baju bodas. Manehna tuluy naek hiji ojeg, nu duka kunaon kabeneran ngan hiji-hijina nu aya di dinya. Sapanjang di jalan éta awewe teu ngomong sakemet-kemet acan. Tukang ojeg ogé sarua cicing. Di hareupeun imah nu pernahna deuekeut kuburan, éta awewe menta euereun. Jaba soranana ge ngirung deuih. Ti kajauhan kaangse bau menyan. Eta awewe nyokot loket tina jero tasna. Karek ogé manehna rek ngaluarkeun duti, éta tukang ojeg langsung ngewat loket si awewe tuluy mangpret ngajalankeun motorna. Si awewe langsung ngajorowok: “Tukang ojeg setan!!! Bener-bener goblog! Eta duit ladang ngajual emas ti kota kabeh digubug. Dasar tukang ojeg setan!!” Tah kitu asal muasalna aya tukang ojeg setan teh.

Asal Permen Karet Saurang turis asal Singapura keur liburan di Malaysia. Manehna keur menikmati sarapan di Coffee House hiji hotel tempat manehna mondok. Saurang warga Malaysia nu keur ngadahar permen karet diuk di sabelaheun turis Singapura tea. Tuluy éta urang Malaysia mulaingajak ngomong sacara santai ka éta turis Singapura. "Urang Singapura mah sok ngadahar kabeh bageanroti nya..?" tanya urang Malaysia. ”Enya pisan atuh!” jawab turis Singapura. "Wah, di dieu mah tara. Di Malaysia, urang Malaysia ngan ngadahar bagean jerona wungkul. Sedengkeun bagean kulit luar roti nu garing, ku kami dikumpulkeun terus diasupkeun ka jero kontainer, diolah, tuluy diproduksi jadi roti croissants. Nu tuluyna diekspor ka Singapura." Si urang Malaysia seuri bangun nu puas waktu ningali si turis asal Singapura cicing teu ngomong nanaon. Eta turing Singapura terus nanya ka urang Malaysia. ”Ari urang Malaysia sok ngalakukeun hubungan seks?" "Kunaon kitu? Tangtu waé kami ngalakukeun hubungan seks" jawab urang Malaysia. "Ari keur kikituan ngagunakeun 'pengaman'?" tanya turis Singapura deui.

"Tangtu pisan!! Kami ngagunakeun kondom" jawab urang Malaysia.
"Tuluy mun geus digunakeun éta kondom dikumahakeun?" tanya turis 

Singapura deui. Urang Malaysia langsung ngajawab: "Nya dipiceun atuh!" "Tah di Singapura mah henteu. Di Singapura, pamarentah sacara susulumputan ngasupkeun éta kondom-kondom urut ke jero kontainer, dilebur, tuluy diolah jadi permen karet. Terus diekspor ke Malaysia. Eta salah sahiji alesan nu sabenerna kunaon urang Singapura dilarang ngadahar permen karet. Saperti nu aya di baham anjeun ayeuna!"

Ratu-Ratuan Hiji waktu di Indonesia diayakeun lomba ratu kecantikan. Kabeh peserta dites hiji-hijina. Ditesna the mimiti cara leumpang, cara pidato, nepi dites asah pengetahuan. Dina acara tes asah pengetahuan, kabeh peserta dites ku juri nu kompeten dina widangna masing-masing. Ayeuna kabeneran aya hiji peserta nu asalna datang ti daerah. Hanjakal manehna téh teu nyakola pisan. Waktu manehna naek panggung, manehna dites ku juri. “Coba saderek ungkapkeun naon nu widang elmu nu dipakeresep ku saderek?” tanya juri. “Kaleresan abdi mah resepna di widang sejarah..” jawab éta peserta. “Upami kitu, saderek gaduh tokoh idola ti widang sejarah?” tanya juri nu kadua. “Ooooh, kaleresan kuring ngagem idola ka Oto Iskandardinata.” “Naha saderek ngaidolakeun anjeunna?” tanya juri nu katilu. “Kahiji anjeunna sadaerah ti asal kuring, nyaéta tatar Sunda. Tah nu kaduana anjeunna merjoangkeun emansipasi nu cocog pisan kanggo wanita jaman sekarang. Komo anjeunna dugi ka ngadirikeun Sakola Istri sagala. Eta the sanes buktos yen anjeunna leres-leres merjoangkeun hak-hak kaum perempuan?” Kabeh juri nga bisa silih pelong kana jawaban ata peserta. Antukna juri nu kahiji nanya ka éta peserta. “Upami saderek leres ngidolakeun Oto Iskandardinata, saderek terang teu iraha maotna Oto Iskandardinata?” tanya juri nu kahiji. Ngadenge pertanyaan kitu, éta si peserta langsung ngajawab: “Naon? Maot? Abdi mah nembe terang Pa Oto maot! Innalillahi wainna ilaihi Rajiuuun! Saur saha ah Pa Oto tos maot?”

Kalahkah Marawanan Monyet!

Kacaritakeun hiji waktu aya pamuda kota nu hayang pisan asup komunitas suku pedalaman. Sanajan geus sababaraha kali ditolak ku kepala suku, éta pamuda téh keukeuh hayang asup komunitas éta suku pedalaman. Ahirna.... “Geus atuh, ari kitu kahayang hidep mah. Tapi, lamun urang luar hayang asup ieu suku kuring, hidep kudu ngajalankeun sababaraha sarat nu lumayan beurat.” Ceuk éta kepala suku. “Sawios, kajeun teuing beurat oge, kuring rido ngalakonanana!” pamuda téh ngajawab teges bangun nu hayang dipercaya kana niatna. “Nya heug atuh ari kitu mah. Kahiji, anjeun kudu teuleum ka situ nu aya di sisi lembur, terus ngojay ka peuntas. Nu kadua, tah di peuntas téh aya leuweung. Di dinya anjeun kudu maehan lima monyet gede ku jalan dibabuk ku ieu batu.” Ceuk éta kepala suku bari ngasongkeun batu hideung, “nu katilu, geus maehan éta lima monyet hidep ngojay deui ka dieu terus anjeun kudu marawanan lima parawan di kampung ieu. Ke ku kuring lima parawanna disadiakeun!” Karek ge kepala suku beres mere parentah, éta pamuda jug langsung ngagajleng ka situ nu aya dihareupeunana. Terus manehna teuleum jeung ngojay nepi ka peuntaseun situ. Eta pamuda langsung asup ka leuweung nu aya di peuntas situ tea. Kepala suku bangun helok ningali sumanget pamuda teh. Aya kana sajamna, kepala suku ngadagoan si pamuda balik deui. Salila pamuda nungguan, kepala suku téh ngan ngadenge sora monyet bangun nu soak tingkaroceak di leuweung nu aya di peuntaseun situ. “Wah, bener...eta pamuda pasti keur maehan monyet-monyet!’ pikir kepala suku. Meureun geus aya dua jamna, éta pamuda katingali ker balik deui ngojay di situ. Beres ngojay, manehna langsung ngajugjug kepala suku nu nungguan di sisi situ. Bangun nu buru-buru, éta pamuda langsung nanya ka kepala suku bari leungeunna masih nyekel batu paneunggeul: “Mangga, ayeuna mana lima parawan nu ku abdi bade dipaehan ku ieu batu?!”


Gaya Bercinta Dina hiji poe aya pamajikan keur konsultasi ka dokter urusan suami istri. “Cobi, geura naon nu janten masalah anjeun teh?” tanya dokter ka éta pasenna. “Kieu dok, kuring jeung salaki ahir-ahir ieu rada tiis dina urusan ranjang. “Oh kitu, gampil atuh ari kitu mah. Kumaha tos nyobian gaya variasi sanes sareng caroge?” tanya dokter sakali deui. “Nu matak dok, sim kuring sareng caroge téh ngan ngangge gaya luhur handap wae. Bosen!” “Abdi mah mun masihan saran, cobian geura ngagunakeun gaya 69 sareng dog style alias gaya anjing kawin! Tah upami tos dipraktekkeun, kumaha hasilna saminggon deui kadieu nya...” Eta pasen awewe téh terus balik ka imahna rek mraktekkeun saran ti dokter. Geus saminggu, éta pasen datang deui ka dokter. “Kumaha tos aya parobihan ngangge gaya anyar teh?” tanya dokter. “Aaah dok, abdi mah kalah cangkeul jeung era.” Jawab éta pasen. “Naha?” “Rek teu cangkeul kumaha atuh, make gaya 69 salaki te weleh ngitung we ti 1 nepi 69. Tos dugi 69, manehna terus ngitung deui ti 1!” jawab pasen bangun kesel. “Ari make dog style?” “Tah gaya éta nu matak ngerakeun mah! Tiap ngalakukeun ‘kawajiban’, salaki sim kuring terus we ngagogog nurutan anjing. Salain gandeng, tatangga mindeng nyangka salaki kuring kasurupan!” Dokter gogodeg, teu kabayang mun manehna mere saran make gaya entep sendok atawa gaya ngajul gedang!

Ngado’a Diijabah? Kacaritakeun aya hiji randa karek tilu bulan papisah jeung salakina. Hal ieu dilantarankeun éta randa téh mindeng kapergok keur rucah jeung lalaki sejen. Eta randa téh cicing di imah jeung anak lalakina nu karek kelas 2 SD. Hiji sore, kabeneran éta randa téh keur ngarasa “ateul” hayang lalaki. Kabeneran anakna liwat ka kamer nyi randa nu keur sorangan di kamer. Panto kamerna melenge saeutik. Ari breh, éta budak ningali indungna keur bubulucunan bari ngusapan awakna bangun birahi. “Ooooooh, Gusti kuring teu kuat hayang lalaki...Aaaaah kuring teu kuat hayang lalaki!” Anakna heran ningali kalakuan indungna kitu teh. Eta budak terus asup ka kamer bari terus mikiran kalakuan indungna. “Oooh meureun si mamah téh keur ngado’a!” pikir si budak bari teu lila terus kasarean. Tah tengah peuting, éta budak hudang terus niatna rek ka kamer indungna. Barang ngaliwat ka kamer indungna, panto melenge saeutik. Manehna ningali indungna keur pagumul jeung lalaki. Eta budak langsung asup ka kamerna. Teu lila manehna muka baju jeung calanana, bubulucunan. Bari terus ngagoler bari ngusapan awakna sorangan, nurutan nu dilakukeun ku indungna. ““Ooooooh, Gusti kuring teu kuat hayang momobilan...Aaaaah kuring teu kuat hayang momobilan!”

Korupsi Dina hiji gempungan, sakabeh gegeden nagara Indonesia keur ngabahas hasil peringkat korupsi nagara-nagara di dunia. “Alhamdulillah, nagara urang lumayan turun urutan tingkat korupsina, tina asalna peringkat 2 ayeuna jadi peringkat ka 10!” ceuk hiji gegeden. “Nya! Eta ogé apanan palakiah urang kabeh. Apanan tim pemeringkatna korupsi téh samemehna geus disogok. Coba lamun teu disogok, meureun nagara urang bakal jadi nomor wahid dina urutan korupsi!” Walon hiji gegeden bangun nu kalem.

Insomnia? Saderek gaduh panyakit sesah kulem alias insomnia? Ubarna gampil pisan! Janten anggota dewan geura! Teras ngiring rapat, dijamin saderek bakal gampil kulem.


Takdir Illahi Ieu mah carita nu kajadianana mirip dina sinetron-sinetron religius tapi mistik. Kacaritakeun dina hiji waktu aya bangsat nu kawilang kahor pisan. Eta bangsat sok sagala papaok ditambah deui babari tungal-teunggeul ka batur. “Pokona aing teu percaya ceuk dina sinteron-sinetron! Maenya jelema paeh ogé kudu hese!” si bangsat nantang ke jelema-jelema nu ngingetan manehna yen éta kalakuan goreng téh kudu dieureunan Bisi hese atawa keuna ku azab pas engke maotna. Dina hiji waktu, éta bangsat téh maot. Maotna kebeneran pas manehna maling di hiji imah. Cenah, keur manehna dina lalangit imah, éta kai lalangit geus bobo. Atuh éta bangsat murag nepi ka maotna. Waktu manehna dikurebkeun, aya kajadian aheng. Eta layon bangsat hese diasupkeun kana kuburna kusabab leungeun nu katuhu ngacung wae. Kabeh upaya geus dilakukeun. Tapi keukeuh éta leungeun katuhuna téh ngacung waé nepi kaluar tina boeh. Kabeh nu ngurebkeun bingung, kumaha carana. Keur lieur-lieur kitu teh, teu lila aya budak leutik datang. Eta budak terus nyampeurkeun layon nu leungeun katuhuna ngacung, bari terus ngomong: “Cang kacang panjang anu panjang ucing!” ceuk budak jiga nu ngajak ucing-ucingan ka éta layon. Na atuh éta leungeun katuhu bangsat nu ngacung waé téh jug buru-buru sidakep: sieun manehna ucing!


Supir Angkot 05 VS Ajengan Kacaritakeun di aherat, malaikat keur nimbang amal jelema. Sakabeh amal jelema bakal diganti ku imah sesuai jeung jumlah amal. Tah, nu kebeneran dipariksa téh ajengan jeung supir angkor 05. “Kuring waktu di dunya mindeng ceramah di masjid-masjid atawa pangajian...” ceuk éta ajenan. Eta ajengan dibere saung leutik ku éta malaikat. Teu lila, datang supir angkot 05. Teu basa-basi, éta supir angkot ku malaikta dibere gedong nu agreng. Ningali kaayan kitu, ajengan kaluar deui ti saungna terus protes ka malaikat. “Kumaha, ieu teh. Maenya kuring nu sok ngajak kana kahadena di dunya kalahkah dibere saung nu reyod. Ari éta supir angkot 05 malah dibere gedong agreng! Bener-bener teu adil!” protes ajengan. Si malaikat ngajentrekeun: “Kieu, Pa. Waktu di dunya, bapa mindeng ceramah ngajak jelema kana kahadean. Tapi, waktu bapa ceramah ngajak kana kahadean, malah hadirin loba nu tararunduh, nepi los poho ka Gusti. Tah ari, supir angkot 05 mah, waktu manehna ngajalankeun angkotna...sakabeh penumpang ngadaro’a: Nun Gusti, mugi-mugi angkot ieu teu tabrakan.”

Minder? Kriiiiing... “Hallo! Wilujeng wengi...” “Wilujeng wengi. Bade nyarios sareng saha, nya?” “Upami Lusi-na aya?” “Kaleresan abdi nyalira!” “Oooh, punten salah sambung!” Telepon ditutup. Tuuuuut.


Mini “Naon bedana Taman Mini, metro mini, jeung rok mini ? “Lamun Taman Mini mah lega, metromini mah mobil, tah lamun rok mini mah leutik!” “Salah!” “Terus nu benerna naon?” “Lamun di jero Taman Mini pasti aya metro mini...

 Lamun di jero metro mini pasti aya rok mini...
 Tah, lamun di jero rok mini pasti aya taman mini!”

Merek Mobil Dasar kuring mah jalma aya, nya aya we di imah. Da kumaha atuh, lamun rek indit-inditan gek, lain sombong. Lamun rek ulin ka alun-alun, kuring mah sok make KARIMUN..alias KARI MUNtang dina jero DAMRI. Rajeun mun males make Karimun, nya kuring mah make PAJERO...alias PAnas di JERO, angkot tea. Ari lamun pareng bener-bener keur teu boga duit, kuring mah sok make KUDA...alias KU DAmpal suku we...nikreuh! Ahirna mah kuring mindengna mah sok make KIJANG...KIeu-kieu JANGar mah geus jadi kahirupan sapopoe ti saprak BBM naek! Ari cita-cita mah gaduh HONDA....HOyong DAmel, tos bosen nganggur! Mun hoyong tuang teu weleh make BALENO..BAri LEtah NOlol hayang jiga batur dahar daging. Da unggal poe dahar téh jeung asin we!

Lagu Persib Hoyong terang lagu panyumanget Persib nu anyar? Nada laguna tina lagu “Gundhul-gundhul Pacul”: Persib Persib Bandung dung...tong elehan! Maung-maung Bandung...dung kudu meunang! Persib meunang... Bobotoh pada senang! Persib jaya.... Urang Bandung....moal era!

Nyiar-nyiar Digebugan Pangsialna sadunya naon cing? Rek sare, loba reungit....keur sare, ngimpi diudag kunti...hudang sare, ditagih kontrakan...rek mandi, sumur saat...hayang nginum cikopi sesa peuting, dina jero gelasna aya cakcak...rek dahar, warung sangu nutup. Boga duit saeutik maksakaeun maneh nonton pertandingan Persib di Siliwangi bari make jeket. Pas diuk di tengah-tengah tribun bareng jeung bobotoh Persib, jeket dibuka: ari pek poho make baju warna oranye nu make tulisan: The Jack is My Life!

Dasar Lieur Ieu mah caritana lomba ngojay bari nyorang pibahayaaeun di walungan Amazon. Pamilonna ti unggal nagara. Harita tiap pamilo kudu ngojay ka peuntas nu panjangna ratusan meter. Salain ti kitu, di tengah-tengah walungan loba pisan gangguan, ti mimiti lauk piranha nepi ka buaya. Nu mimiti ngojay pamilon ti Rusia. Karek ogé sapuluh meter, manehna geus dirubung ku lauk piranha. Nepi teu aya di kieuna. Pelatihna nyegruk ceurik ningali kaayan kitu teh. Ayeuna pamilon nu kadua nu ngojay. Manehna ti Jerman. Sanajan awak jangkung jeung gancang ngojayna, teu burung kira-kira lima meter deui ka tungtung peuntas, manehna kaburu dihakan buaya. Tah, pamilon nu katilu ti Indonesia. Manehna ngojay bangun nu sumanget. Ditengah-tengah manehna dirubung ku lauk piranha, tapi manehna ngibas-ngibas awak nepi lauk piranha teu daek ngadeukeutan deui. Sapuluh meter deu ka tungtung peuntas, manehna gelut jeung buaya. Dasar turunan Jaka Tingkir, éta buaya bisa dielehkeun ku manehna. Manehna nuluykeun ngojayna. Na atuh, kira-kira satengah meter deui ka tempat nu dituju, éta pamilon ti Indonesia téh balik deui. Kabeh heran. Pelatihna ti Indonesia bingung terus nanya bangun nu keuheul: “Ari silaing kunaon bet balik deui?” Eta pamilon ti Indonesia téh kalah nyokot anduk keur ngelapan awakna nu baseuh bari terus ngajawab kalem: “Ah, teu kuat cape!”

Gawe “Lieur-lieur teuing nya neangan gawe di jaman kiwari!” “Maneh hayang gawe jeung urang? Gajihna 2 juta sabulan.” “Wah, lain ti kamari atuh ngomong. Bener yeuh? Di mana? Gawe naon kitu, euy?” “Di imah urang! Nungguan lilin bisi pareum!” “Gelo, sia ngipri naon? Nyiar-nyiar ahirna aing diwadalkeun!”

Mobil Butet.... Kacaritakeun aya budak awewe urang Batak nu sakola di Bandung. Eta budak awewe téh ngaranna Rosma Hutapea, tapi sok dipanggil Butet waé ku babaturanana mah. Ngan éta si Butet sok hese lamun keur pelajaran Basa Sunda. Komo pas dititah nyanyi lagu Sunda mah. Ahirna teu eleh akal, waktu pelajaran nyanyi lagu Sunda, manehna ngahaleuangkeun lagu ti Putri Bungsu Bandung: “Mobil Butet...kaluaran baheula.... ......... Ayeuna mah mobil butet geus jarang... Nambangan ge di kota geus dilarang Dutdurutdutdut...”

Tatarucingan “Naon bahasa Inggris-na Rajapolah?” “King of action!”

“Bahasa Jepangna jelema katabrak kereta api tinggal sirahna wungkul?” “Kari mastakana!”

“Tukang naon nu goreng patut?”

“Tukang maca ieu Sabulangbentor!!”

“Daerah naon di Jakarta nu tunduh wae?” “Daerah Slipi” (katerangan: basa Inggris sleepy=tunduh)

“Ngaran wilayah di Spanyol nu artina maneh kabeh?” “Andalusia.” (Katerangan: Anda basa Indonesia; Lu basa Betawi; Sia basa Sunda kasar)

“Daerah di Bali nu paling bandel?” “Badung” “Daerah di Banten nu biasa diucapkan waktu perang?” “Serang!”

“Peribahasa naon dina Basa Indonesia nu hartina vegetarian?” “Pagar makan tanaman!”

“Di ibu kota nagara mana doa urang bakal kalaksanakeun?” “Di ibu kota Afganistan, nyaéta di Kabul!”

“Pamaen maen bal ti Korea Selatan nu loba duitna?” “Ahn Jung Hwan...Tunai Mandiri alias ATM” (singketan ATM = Anjungan Tunai Mandiri)

“Artis dangdut nu boga kleub sepak bola?” “Dewi Persik Kediri!”

“Naon sababna dukun lamun praktek sok make menyan?” “Sabab lamun make parfum mah mahal!”

Plesetan Ngaran Daerah “Daerah di Riau nu diidamkeun masyarakat?” “Dumai aman sejahtera”

“Daerah di Sulawesi nu susah ngapalkeun tangga nada?” “Manado...mana re..mana mi...mana fa..mana so...mana la...mana si...?”

“Daerah di Sumatera Utara nu dipake judul sinetron?” “Binjai Bajuri”

“Ngaran daerah nu biasa dipake nutup orat awewe?” “Kupang (eh, maksudna kutang)”

Saruana Neng Icih karek saminggu kawin. Hiji waktu manehna nelepon bapana. “Pa, Icih curiga, Kang Omon téh sapertosna kapungkurna tukang rucah!” Neng Icih nyarita ka bapana. “Kumaha kitu ,Neng?” tanya bapana. “Bade teu curiga kumaha, ampir unggal wengi manehna ngalindur: Neng Susan nu geulis.... iraha atuh urang kikituan deui sareng akang?”ayeuna mah Neng Icih cumarita bari nginghak. Bapana terus ngabeberah Neng Icih bari tuluy ngomong: “Tenang anaking. Bapa mah bade naros, waktu salaki hidep ngalindur kira-kira manehna nyebutkeun alamat éta awewe teu?”

Top Scorer Aya 2 ibu-ibu keur ngobrol. “Salaki abdi mah, waktu baheula keur maen ngabela Persib jadi top scorer wae!” “Pantesan putra ibu meni seueur!”

Malam Pertama Aya 3 urang awewe nu karek kawin keur ngomongkeun malam pertama maranehna jeung salakina masing-masing.Kabeneran éta 3 awewe téh salakina olahragawan. ”Waktu malam pertama, salaki kuring benar-benar dijieun KO dina ronde katilu!” ceuk pamajikan nu salakina petinju. “Wah, mun salaki kuring mah karek ge ngamimitian, geus distrike!” ceuk awewe nu salakina pebowling. “Mun malam pertama kuring mah: remis. Mantakna isukna kuring menta tanding ulang. Akhinya, salaki kuring bisa di-skak mat dina lengkah kalima!”, ceuk pamajikan nu salakina pecatur.


Ngaran Budak Mang Jupri Boga anak awewe nu lahir tanggal 14 Februari. Terus éta anakna dibere ngaran: Nining Valentiningsih. Ceu Cicih boga anak lalaki nu lahir pas tanggal 17 Agustus. Embung eleh jeung mang Jupri,eta anakna téh dibere ngaran: Adrian Agustusan! Sieun Ku Pamajikan Dua urang lalaki keur ngobrol. Lalaki 1: “Bener-bener euy maneh mah wanian!” Lalaki 2: “Wanian kumaha maksudna?” Lalaki 1: “Heueuh, tadi jam 3 peuting kuring ningali maneh keur huleng jentul di tepas imah!” Lalaki 2: “Siah, mun dewek wanian mah, dewek pasti geus ngetrok panto imah menta pamajikan kuring pikeun mukakeun panto!”

Nu Penting Eusi Dua lalaki keur ngobrolkeun masalah musik. “Urang mah paling resep rock jeung blues. Lamun maneh?” “Intina mah urang ge resep ka duanana. Tapi urang mah leuwih resep kana eusi di jerona!”



Ngangkat Lomari Si Dulkamid menta tulung ka si Kirdun pikeun mindahkeun lomari pakean. Katingali duanana harese pisan mindahkeun éta lomari pakean teh. “Coba mun mun si Cecep aya di dieu! Urang duaan pasti moal hese teuing mindahkeu ieu lomari!” ceuk si Kirdun bari beberegeg ngangkat lomari. “Ceuk saha si Cecep teu nulungan? Apanan manehna ge keur mantuan urang!” jawab di Dulkamid. “Mantuan nanahaon? Memangna manehna di mana kitu ayeuna?” tanya si Kirdun heran. “Apanan di jero ieu lomari, nahan gantungan baju bisi maruragan!” jawab si Dulkamid kalem pisan.

Dasar Pikun Di hiji panti jompo, aya saurang nini-nini keur ngajak ngobrol suster ngobrol Nini-nini: “Sus, suster tiasa neguh teu umur nini?” Suster: “Yuswa nini téh 92 tahun!” Nini-nini:”Wah, bener-bener jagoan suster téh geuning bisa neguh umur nini! Suster anak dukun atanapi tos ningal KTP nini nya?” Suster (kesel): “Ni, nini téh tos aya lima kalina dina dinten ieu masihan terang yuswa nini ka abdi!”

Nyieun Film “Urang mah rek nyieun dua film, tapi judulna nu gagah tapi leuleus.” “Naon tah judulna?” “Film nu kahiji judulna Maafkan Rambo Mama. Sedengkeun film nu kadua judulna Cucuran Air Mata Hulk!” “Sakalian we nyieun atuh film nu judulna: Selembut Hati Sumanto!”


Lieur Ka Kolot Aya dua budak leutik keur ngobrol Budak 1:”Urang mah bener-bener bingung kana pamikiran kolot sorangan!” Budak 2: “Kunaon kitu?” Budak1 : ”Pek we pikir: urang keur teu hayang sare buru-buru dititah sare. Eh, urang keur ngeunah-ngeunah sare buru-buru dihudangkeun!”

Dasar! Aya ibu-ibu jeung anak awewena nu geulis pisan asup ka ruang dokter. Si dokter langsung nitah ka budak awewe tea: “Mangga, neng ayeuna buka bajuna...keun ku abdi urang parios! Gaduh keluhana na...” can ge beres si dokter téh ngomong, indungna langsung motong omonganna: “Pak dokter, sanes pun anak nu teu damang mah, namung abdi!” ”Oooh, punten. Mangga atuh Bu buka bahamna, urang parios...!” Nu Pangcaketna Kacaritakeun si Kirdun nyasab di gurun pasir Sahara. Manehna bener-bener geus ngarasa hanaang. Bebekelan manehna kabeh geus ledis. Keur kitu, manehna papanggih jeung hiji aki-aki. “Ki, punten upami oasis di dieun nu pangcaketna ti dieu di mana nya?” tanya si Kirdun. “Oooh, gampang. Saderek tinggal leumpang terus ka hareup!” jawab si aki-aki, “tah poe Saptu isuk-isuk anjeun anjeun tinggal nikung ka katuhu. Insya Allah, Senen sore anjeun bakal manggihan éta oasis!” Si Kirdun langsung kapiuhan. Papan Wae Teu Katingali Saencan dipariksa ku dokter mata, Neng Mimin nyaritakeun keluhanna ka dokter. “Dok, titingalian abdi parah pisan!” “Cobi ku ibu baca huruf-huruf pangageungna na papan eta!” “Di mana papanna kitu, dok?”

Kere Mah, Jeung Lalaki We! Hiji waktu aya hiji lalaki asup ka imah bordil. “Kuring hayang awewe hiji...!” ceuk éta lalaki ka mucikari. “Bambang! Titah si Susi siap-siap!” si mucikari ngagorowok ka layanna. “Tarifna sabaraha?” tanya éta lalaki ka mucikari. “Tarifna dua juta! Ieu mah kelas tinggi” ceuk éta mucikari. “Wah, nu rada murah ti dinya atuh!” si lalaki neang nu rada murah. “Bambang! Titah si Elizabeth siap-siap!” Si mucikari nngagorowok deui ka layanna. “Tarifna sabaraha?” tanya lalaki sieun kamahalan teuing. “Tarifna sajuta.” Jawab si mucikari. “Masih mahal teuing. Danana teu cukup!” si lalaki ngahuleng ngadenge tarifna mahal teuing mah. “Bambang! Titah si Jenni siap-siap!” si mucikari ngagorowok menta layanna nyiapkeun awewe nu lain nu leuwih murah ti batan tadi. “Tarifna sabaraha?” tanya si lalaki bangun peunggas harepan sieun teu hasratna teu kasalurkeun gara-gara duitna cekak.. “Tarifna 250 rebu!” jawab si mucikari. “Wah, masih kamahalan teuing keneh atuh. Kuring ngan boga 25 rebu!” ahirna si lalaki jujur. Ngadenge kitu mah, si mucikari langsung ngagorowok: “Bambang! Siapkeun diri maneh!”

Sare Nyi Iteung keur ngeunah-ngeunah sare. Teu lila si Kabayan ngaguyah-guyah. “Teung..Iteung! Hudang-hudang!” Nyi Iteung hudang, bari panonna meletet keneh. “Aya naon kitu, Kang?” “Cenah tadi rek sare?!”

Tibalik Dina hiji waktu kacaritakeun aya sapasang salaki pamajikan keur ulin ka planet Mars. Di Mars maranehna keur studi banding ngeunaan cara nyieun orok. Si urang bumi nanyakeun ka pasangan salaki pamajikan nu aya di Mars kumaha carana di mahluk Mars nyieun orok. Eta pasangan mahluk Mars asup ka kamer. Terus maranehna nyokot aci nu dicampur jeung cai, terus dibumbuan. Teu lila maranehna ngabuleud-buleud éta adonan aci. Adona aci nu geus buleud terus dimataan, dileungeunan, jeung disukuan. Nepi kkatingali jiga orok. Pasangan ti bumi nyengseurikeun éta pasangan mahluk Mars nu nyieun orok tea. “Bener-bener araneh maraneh mah. Yeuh, nyieun orok kawas kitu mah naon ni’matna? Nu kitu mah di teun kuring disebutna nyieun cimol alias aci digemol!” Eta mahluk Mars terus nanya jeung nitah ka éta pasangan ti bumi cara nyieun orok. Urang bumi terus ngajak urang Mars ka kamer. Di dinya maranehna muka baju, bubulucunan. “Kieu carana ari nyieun orok di bumi!” terus éta pasangan ti bumi ‘praktek’ nyieun orok. Teu lila, sabada ningalikeun pasangan ti bumi ‘praktek’, éta pasangan ti Mars nyakakak bari ngomong: “Ha...ha...ha...nu kitu mah di dieu disebutna: nyieun cimol!”

Mutih Si Odoy datang ka hiji dukun lepus. Dukun: “Naon kahayang hidep teh, Cu?” Odoy: “Kuring keur bogoh ka hiji awewe!” Dukun: Gampang! Pek hidep kudu mutih!” Odoy: “Saratna naon wae, Ki?” Dukun: “Anjeun kudu puasa mutih. Dahar sangu bodas, dahar endog bobodasna, make baju bodas…pokona nu bodas-bodas. Nu terahir…” Odoy: “Nu terahirna naon, Ki?” Dukun: “Hidep kudu mawa Mercy bodas hareupeun éta awewe nu dipikabogoh ku hidep tea!” Mending Maehan Pamajikan Hiji lalaki dijugrugkeun ka meja pengadilan ku sabab geus ngarogahala pamajikanna. Eta pamajikanna kaperegok keur rucah jeung lalaki lain. Manehna ditanya ku hakim: “Naon alesan saderek bet maehan pamajikan sorangan, lain maehan lalakina?” Eta pasakitan téh ngajawab bangun nu kalem: “Pa hakim, leuwih wijaksana maehan awewe sakali daripada maehan hiji lalaki unggal minggu!” 3 NG Si Somad datang ka hiji ustad Aa Jumrod. Manehna curhat masalah awewe. Si Somad téh hayang meunangkeun jodo. “Aa, mugia masihan abdi nasehat pikeun abdi milari jodo!” “Jang Somad, hidep kedah ngalaksanakeun 3 NG!” “Naon waé éta 3 NG teh, A?” “NG kahiji anjeun kedah Ngusahakeun diri milari pipamajikaneun!” Si Somad ngalaksanakeun éta NG nu kahiji. Tapi, geus aya sabulanna manehna teu hasil nanaon. Ahirna manehna datang deui ka Aa Jumrod. “Cobi ayeuna mah laksanakeun NG nu kadua. Nyaeta Ngadoa!” Si Somad teu weleh unggal poe ngadoa. Tapi tetep euweuh waé awewe nu euntreup ka manehna. Sabulan ti harita manehna ngadatangan deui Aa Jumrod. “Kapaksa, hidep kedah ngalaksanakeun NG nu katilu.” “Naon Ng nu katilu teh, A? “Ng nu katilu teh, hidep kedah Ngaca! Eta meureun nu ngalantarankeun anjeun ditolak waé ku awewe!” Sora Gaib Katelah aya hiji lalaki nu nyandu pisan kana judi. Hiji waktu éta lalaki téh milu judi rolet. Geus beak karep masang dina nomer sabaraha oge, éta lalaki téh angger we kalaut bae. Geus pegat harepan, manehna mabok. Duitna nu terahirna ku manehna dipasangkan deui judi di meja rolet. Na atuh, manehna keur lungleng téh ujug-ujug kadengan aya sora gaib: “Lamun maneh hayang meunang, pasangan dina nomer 3 geura!” Eta lalaki tukang judi mimitina teu percaya aya sora gaib ngaharewos laun kana ceulina. Tapi ahirna manehna masangan oge. Teus disangka, éta tukang judi téh meunang! Geus kitu, aya sora gaib deui ngaharewos: “Ayeuna mah, pasangan dina nomer 20!” Eta lalaki nyobaan deui masang. Bener! Pasangananan jetu pisan. Atuh éta lalaki téh meunang untung badag. Kajadian kitu téh nepi ka salapan kalina. Kabeh keuna! “Moal kagok aing mah, ieu duit ku kuring rek ditaruhkeun kabeh!” ceuk éta lalaki. Nya dina pasangan ka sapuluh kalina, manehna masangkeun éta kabeh duitna. Memeh masang, sora gaib datang deui: “Pasangkeun ayeuna dina nomer13!”. Bangun nu percaya diri, éta lalaki masangkeun dina nomer 13. Cilaka, bener-bener teu dinyana éta pasangan manehna téh kalaut! Da éta jarum rolet kalah eureun dina nomer 12 Si lalaki langsung lungleng. Memeh kapiuhan, manehna ngan ngadenge sora gaib ngaharewos bangun nu ngenes: “Modar siah!”

Percetakan Aya pangusaha percetakan didatangan ku kolot hiji awewe. “Bapa pokona kudu tanggung jawab. Bapa geus ngagadabah anak kuring nepi ka beuteungna eusi!” ceuk kolot lalakina ambek kabina-bina kumeh anakna hamil ku éta pangusaha percetakan. “Ih, ari Bapa kumaha, apanan: isi di luar tanggung jawab percetakan?!” walon si pangusaha. Iklan Dukacita Si Juhro datang ka hiji redaksi koran nu kawentar di Bandung. Manehna rek nyieun iklan dukacita. Akina maot poe kamari. Manehna ngadatangan resepsionis. “Teh, punten bade tumaros. Upami iklan dukacita taripna sabaraha, nya?” “Oh, sapuluh rebu sa-milimeterna, Kang” walon si resepsionis. “Masya Allah!” si Juhro bangun nu reuwas, “kumaha nya, mangkaning jangkung jenat aki abdi aya kana 180 sentimeter-na!”


Plesetan Lagu Lagu “Ada Apa Denganmu?” ti PETERPAN jeung lagu “Hujan” Sudah....maafkan aku Segala salahku Dan bila....kau tetap bisu Ungkapkan....salahmu Dan aku...sifatku Dan aku...khilafku... Dan aku...cintaku... Dan aku...rinduku Kutanya malam...... Tiada terkira Cobalah tengok pohon dan ranting...

Lagu “Teman Tapi Mesra (TTM)” ti RATU jeung lagu “Perdamaian” ti Nasida Ria (dipopulerkeun deui ku grup band GIGI) Aku punya teman Teman sepermainan Kemana ada dia selalu ada aku Dia amat manis Dan juga baik hati Dia selalu ada waktu untuk membantuku Hmmm....namun aku bingung Bingung tuk memikirnya Perdamaian-perdamaian... Perdamaian-perdamaian... Ada yang cinta damai Tapi perang makin ramai..

Lagu “I Started a Joke” ti Bee Gees jeung lagu “Bajing Luncat” Asa dirojok... Dirojok ku kunti... ................. I.... look up the star Bajing luncat Ka astana... I.... abdi lepat Abdi lepat ti asalna...

Lagu “Jujur” ti RADJA jeung lagu “Emen” ti Yosie Lucky

Jujurlah padaku.... Emen...kunaon hate kuring nalangsa...Emen Kuring asa henteu puguh hirup....Emen Kulantaran bogoh keneh...

Nada lagu “Seberapa Pantas” ti SHEILA ON SEVEN bisa asup ku syair lagu “Mbah Dukun” ti penyanyi dangdut Alam. Teu percaya? Sok coba nyanyikeun syair di handap ieu! Ti mimiti nyanyi, nadana make nada lagu “Seberapa Pantas”! Ada Bah dukun sedang ngobatin pasiennya Konon katanya sakitnya karena diguna-guna Sambil komat-kamit mulut Bah dukun baca mantra...ooooh Dengan air putih pasien disembur! Celakanya kaulah yang pantas untuk kubanggakan Hanya kaulah yang sanggup untuk aku andalkan Diantara pedih aku selalu menantimu...

Lagu “Pelangi Di Matamu” ti JAMRUD jeung lagu “Mungkinkah” ti STINKY .... Mungkin butuh kursus Merangkai kata Untuk bicara Dan aku benci Harus jujur padamu Tentang semua ini..... Begitu beratnya.... Kau lepas diriku Sebut namaku Jika kau rindukan aku Aku akan datang Mungkinkah kita kan selalu bersama Walau terbentang jarak antara kita...

Lagu naon nu ka asup aneh? Lagu ti DEWA nu judulna “Roman Picisan” Tatap matamu bagai busur panah Yang kau lepaskan ke jantung hatiku... Lain nu dileupaskeun mah anak panah? Jeung lagu “Dua Sejoli” .... Hawa tercipta di dunia Untuk menemani sang Adam Begitu juga dirimu Tercipta tuk temani aku... Lain Adam Hawa jeung Adam mah diciptakeunna di surga?

Angger We “Kumaha hasil diajar elmu hate di ustad teh, aya hasil?” “Alhamdulillah, sagala pasipatan abdi nu sombong, gede hulu, arogan, jeung egois téh tiasa lamur ku jalan loba diajar elmu nalukkeun hate. Ayeuna mah, puji sinareng sukur ka Illahi Rabbi, abdi janten jalmi pangsolehna. Teu aya we jalmi nu pangta’atna ka Gusti iwal abdi!”



Tes Di rohangan kelas, guru keur nerangkeun bahayana minuman keras keur awak. Di hareupeun murid-murid, manehna nyieun dua perobaan tina Vodka jeung cai herang dina jero gelas. Gelas nu dieusian ku cai herang tuluy diasupan cacing. “Tuh tingali, dina cai mah cacing bisa hirup!” ceuk guru nerangkeun, “tapi cik tingali ayeuna!” éta guru tuluy ngasupkeun cacing kana gelas nu dieusi cai Vodka. Cacing nu diasupkeun téh langsung paeh. “Tah lamun kitu, jadi naon kesimpulanana Otong?” ceuk éta guru nanya ka si Otong. “Kesimpulanana mah, nu sok nginum Vodka bakal bebas tina cacingan!”

IKLAN Diical butuh hiji bumi tipe 36! Hargana mung 10 juta rupiah. Lokasi caket Jalan Setia Budhi. Panto sareng jandelana di Majalaya. Kentengna aya Medan. Tembok sareng tehelna di Madiun. Koncina tinggal nyandak di Samarinda. Kamer mandi sareng ruang tamu di Ujungberung. Sertifikat di Surakarta (Sertifikat hak milik!). Tanpa Perantara! Siapa cepat di dapat. Catatan: Tidak menerima SMS, telepon, maupun missed call! Ka saha waé nu gaduh minat meser éta bumi, sumpingan waé sim kuring di Merauke, Irian Jaya!

Reueus? Sok reueus ka bangsa urang mah.

Ti motor nepi ka alat elektronik kabeh made in Indonesia (dijieun di Indonesia)...tapi masih made by Japan (dijieunna ku Jepang!)!

Sok reueus ka bangsa urang mah.... Bangsa lain mah beunghar heula karek berpolitik. Ari bangsa urang? Berpolitik heula karek beunghar!

Sok reueus ka bangsa urang mah.... Ari keur kampanyeu: “Urang kudu kaluar tina kamiskinan!” Ari geus kapilih:”Urang téh kudu bisa hirup tahan dina kamiskinan, makana sing sagala hemat!”

Sok reueus ka bangsa urang mah.... Ari nu maling sendal diduruk... Ari nu maling duit milyaran diantep....

Sok reueus ka bangsa urang mah.... Lamun di alam barzah engke..cenah bangsa urang mah ditangguhkeun dipariksa solehn jeung salahna waktu di dunya ku malaikat. Naon sabab? Hutang can kalunasan ka bangsa deungeun! Jeung kabeh rahayat nu kunu nanggungna ti orok nu lahir nepi ka aki-aki jeung nini peot..

Nginum Jajamu “Neng, kunaon meni hese sareng katingali garijed kitu papah teh?” “Ieu akibat nginum Jamu Sari Rapet saember! Ari akang éta kunaon kuku jempol manjangan kitu?” “Ieu geura gara-gara nginum Jamu Kuku Bima!”

Raja Kanibal Hiji waktu raja kanibal pakansi naek kapal pesiar. Waktu manehna datang ka restoran kapal, pelayan langsung nawarkeun menu. “Punten, Pa. Dupi Bapa bade pesen naon?” tanya éta pelayan. Si Raja kanibal ngajawab: “Oh, kuring mah pesen daftar penumpang wae! Urang imeutan hiji-hiji!”

Nepi Kana Taneuh

Ieu mah carita hiji lalaki nu ngarasa minder kana ‘bobogaanana’ nu dirasa pendek. Peuting-peuting di kamerna manehna humandeuar, “ah, coba bobogaan tepi nepi kana taneuh! Meureun kuring bagja pisan!”. Na atuh eta, omongan si lalaki kadenge ku jin. Si jin langsung ngomong: ”Mangga, kulan..ku kuring bakal di laksanakeun éta kahoyong teh! Sok ayeuna mah kulem we. Engke tingali enjing-enjing..eta gagaduhan salira bakal dugi kana taneuh!”” Eta lalaki sanajan reuwas, teu burung atoh oge. Manehna langsung sare. Bener we, barang hudang sare manehna ningali bobogaanana bisa nepi kana taneuh: ngan lain bobogaanana nu manjangan, tapi sukunu nu mondokan...jiga pinguin!

Polisi Noban “Sabaraha urang euy nu ku maneh beunang ka tilang?” “Sapuluh urang salawe rebuan, tujuh urang dua puluh rebuan, lima urang sapuluh rebuan..saurang we cangkang korek api wungkul!”

Ngeunah di Nagri Sorangan “Kumaha euy ngalanglang ka luar negeri loba nu pikangeunaheun teu?” “Ngeunah mah ngeunang. Ngan angger we tetep ngeunahan di nagar urang!” “Kunaon kitu? Endah ku alamna atawa someah jelamana?” “Lain! Di nagara deungeun mah miceun runtah ge hese, kudu ka tempatna. Ari di urang mah ngeunah loba wadah runtah teh. Rek di mana waé miceunna, bebas!”

Kudu Diajar “Nagara urang téh kudu diajar ka nagara deungeun supaya teu kajadian leuweung kaduruk!” “Diajar ka nagara mana tah?” “Nya...ka nagara Arab atawa minimal daerah kutub!”

Ciri Bangsa di Restoran Dua urang pelayan hotel di Paris keur ngobrol ngeunaan pasipatan jelema ti tiap nagara nu dahar di restoranna. Pelayan 1: “Lamun aya nu beres dahar terus ngaberesan piring ngabaris rapi. Eta mah pasti urang Rusia!” Pelayan 2: “Tah, lamun aya nu geus dahar terus meresan piring ngajejer ka luhur, sendok jeung garpuh disilangkeun, jeung asbak beresih, éta mah dipastikeun urang Jerman!” Pelayan 1: “Mun parabotan di meja makan saperti piring, sendok, asbak, nepi ka wadah tisu acak-acakan saenggeus beres dahar...eta mah pasti urang Amerika!” Pelayan 2: “Tapi mun parabotan saperti piring, sendok, asbak , jeung wadah tisu areuweuh saenggeus beres dahar....eta mah pasti ku urang Indonesia!”

Usaha Gagal “Kuring mah sial waé kana usaha teh. Mimiti muka toko, gagal! Kadua muka bengkel...gagal deui! Katilu nepi nyoba muka bank...eh, gagal keneh!” “Kunaon, rugi?” “Lain, karek ogé muka geus katewak manten..jadi waé asup ieu pangberokan!”

Teu Kuat! Di pameran lukisan, salah saurang lalaki ningalain lukisan. Salah sahiji lukisan nu ditingali ku manehna nyaéta lukisan awewe tataranjang. Ngan éta lukisan awewe tataranjang téh dilukisna ti arah tukang. Eta lalaki terus ngadatangan pelukisna tersu nanya. “Kunaon saderek teu ngalukis éta awewe téh ti beulah hareup? “Kumaha nya. Kuring mindeng nyoba ngalukis ti hareup. Tapi da kumaha, can pernah bisa nepi ka beres!”

Ngahaja Hayang Ditabrak Aya hiji awewe geulis keur nyupiran sorangan. Keur kitu, manehna nabrak mobil. Kaluar téh pamuda tina mobil nu ditabrakna. Eta awewe langsung menta hampura. “Hapunten pisan, ieu pasti kasalahan sim kuring!” ceuk éta awewe menta hampura. “Tenang, Neng. Kuring nu salah mah sanes Eneng. Kuring nu ngahaja ngantosan Neng nabrak mobil abdi!” ceuk éta pamuda. “Hah? Terus naon maksadna?” “Supados tiasa kenalan!” ceuk éta pamuda teu kireum-kireum.

Alabatan Napsu Teuing Di tahun 2049, Indonesia miluan final Piala Dunia. Teu sangka dina pertandingan perdana ngalawan nagara Brasil, aya pamaen tukang (bek) nu maenna pihelokeun pisan. Kumaha teu helok, karek ge pertandingan kick off, éta pamen tukang langsung mawa bal ku sorangan alias solo run ka daerah lawan. Jiga Maradona di Piala Dunia 1986. “Emed membawa bola sendirian! Wah, apa yang terjadi saudara-saudara? Dia berhasil melewati satu pemain lawan. Daaaaan, dia kembali berhasil mengecoh pemain lawan. Sungguh ajaib dan penuh skill! Dia masih bisa mengecoh kembali lawan! Sudah tiga pemain lawan dilewati. Lagi-lagi, dia dihadang tiga pemain belakang lawan. Yaaaaaa…dia terus merangsek maju ke daerah lawan! Pemain dengan nomor punggung 5 ini terus membawa bola!” ceuk komentator. Kabeh helok! Suporter ti Indonesia surak! Nu nonton dina televisi ogé kabeh milu surak…tegang! Kajadian nu luar biasa. Eta pamaen terus lincah mawa bal ka daerah lawan! Manehna mawa bal dibarengan lumpat tarik pisan. Na atuh, pas deukeut kiper: bruk!!!!!!! Kabeh nu nongton kaasup komentator jempling. Asup? Lain! Eta pamaen sateker kebek nabrak tihang gul. Manehna langsung kapiuhan! Waktu geus sadar, manehna ditanya ku pelatih. “Ari tadi kunaon teu kadeuleu siah gawang hareupeun maneh?” tanya pelatih ambek sabab éta pamaen geus dianggap ngerakeun. “Nya kitu..kuring téh tadi napsu teuing mawa bal! Sugan téh jauh keneh kana gawang!” ceuk éta pamen bari ngusapan tarangna nu benjol sagede tomat.

Wasit Juga Manusia Hiji waktu di Siliwangi, Persib keur maen jeung kleub sejen. Ti mimiti maen, wasit nu mingpin pertandingan terus-terusan dipoyokan ku bobotoh. Sagala nu dilakukeun ku wasit dianggap salah waé ku bobotoh. Komo basa bobotoh singajarorowok mah. “Wasit goblog...wasit goblog..wasit goblog..wasit goblog!” Eta ceuli wasit panas. Na atuh, éta wasit jug ngengklak di tengah lapang terus ka sisi. Terus nguriling di hareupeun tribun bari terus nunjuk ka bobotoh bari ngengklak jeung jojorowokan: “Penonton kasep...penonton bageur..penonton...ganteng...penonton soleh!” Eta mah kabeh bobotoh ngan bisa colohok ningali polah wasit kitu teh.

Teu Sia-sia “Teu sia-sia euy kuring mah jadi kiper teh!” “Kunaon kitu?” “Mun keur pasea rongkah jeung pamajikan, kuring sok bisa nyalametkeun parabotan nu dialung-alungkeun ku pamajikan!”

Istilah Maen bal Du urang pamaen Persib keur ngobrol. “Sial euy kuring mah, kamari geus dibere kartu koneng ti lapangan. Eh, balik ka imah dibere deui kartu koneng ku pamajikan dumeh teu pangmeulikeun baju! Pokona mun can pangmeulikan baju anyar, kuring teu meunang waka maen engke peuting!” “Masih untung maneh mah. Kuring mah tadi isuk geus dikartu merah ku pamajikan. Sababna mah kuring kapanggih maen jeung kleub lain urang lembur sabeulah! Kapaksa ti mimiti ayeuna kuring diusir ti lapang.”

Spesialis Tilu urang pamaen keur ngobrolkeun spesialisasina masing-masing dina maen bal. “Kuring mah spesialis tendangan bebas! Geus aya puluhan gol nu asup tina tendangan bebas kuring.” “Ari kuring mah spesialis gol indah!” “Kuring mah spesialis gol pinalti. Ari di dinya?” “Kuring mah spesialis gol bunuh diri!”

Paadu Tawar Di pasar aya salah sahiji pembeli rek meuli jeruk. “Mang sabaraha jeruk sakilona?” “Mirah, mung lima rebu!” “Naon? Lima rebu? Geus we dalapan rebu lah!” ”Embung Mang mah! Opat rebu waé lah!” “Aaah, mun sapuluh rebu mah daek!” “Nya. Sok we lah dua rebu dibikeun ku Mang!!” “Teu! Pasna lima welas rebu we nya?!” ”Kajeun gelut aing mah daripada sakitu mah! Geus we sarebu lima ratus!” “Najis teuing!” Kabeh nu aya di pasar ngan pati arolohok ningali nu rek meuli jeung tukang dagang pagetreng teh.

Lagu nu Cocog Lagu nu cocog ngeunaan naekna BBM jeung Tarif Dasar Listrik? Laguna “Mimpi” ti Anggun C. Sasmi. Melambung jauh terbang tinggi Bersama mimpi... Terlelap dalam lautan emosi...

Laguna para koruptor? Laguna nu cocog nyaéta lagu “Manusia Biasa” ti grup band Radja. Aku hanyalah manusia biasa Yang tak lepas dari khilafku mencoba Merubah segalanya...

Lagu Tibum ngudag PKL nu ngabandel? Laguna “Jatuh Bangun” ti Megi Z Jatuh bangun aku mengejarmu Namun dirmu tak mau mengerti....

Campur Kode Campur kode kabuktian saenggeus wilayah Jawa Barat ampir kabeh kaasup wilayah Megapolitan. Naon campur kode teh? Dina istilah linguistikna, bahasa lokal campur jeung bahasa sejen. Saperti conto kajadian di Bandung. Para rumajana ngobrol make bahasa Sunda dicampur bahasa Batawi. “Lu, ka mana ajah, sih? Guha udah cari kokotetengan ke sana ka mari. Emang Lu tidak tau guha sudah cangkeul bitis nungguan lu!” “Lu sorangan yang tidak bebeja ke guha. Kirain lu sudah ti ngareken lagi guha! SMS guha gitu loh, jangan ngantepin begituh. Dan jangan sampey guha ambek nyedek karena masalah kamari.” “Ya udah, hampura guha. Jangan diungkit-ungit lagi dong, takut masalahnya kerugrag lagi. Guha kagak maksud nganyenyeri elu. Eh, kumaha sama si Antonnya? Lu udah jadian lagi?” “Gimana ya? Susah dia mah. Mungkin dianya tidak kebita lagi sama guha.” “Sekarang dia bobogohan sama sapa?” “Kata harewos bojong mah, dia sudah pakait ati sama si Susan. Itu, anak kampung Cimoncogog!” “Hah, orangnya yang jete itu? Susah ya. Cowok emang pengennya kumaha dewek sendiri! Kajeun teuing cewenya tidak mangrupa. ” “Ya, kumaha lagi atuh. Nasib guha mah tidak kaditu kadieu dina urusan bobogohan mah! Sampey-sampey pas kemarin aja di angkot peadu tuur sama dia, Eh...dia tidak nolih guha lagi! Sebel kebina-bina deh. Ko bisa gitu yah kalo cowo?” “Kesian deh lu! Karunya deh maneh!” “Lu, sekarang emangnye ama sapa?” ”Ama Ba’du. Udah ah! So wot gituh lo! Kok tumben nanyain cowo guha? Mending kita balik aja sekarang, yu. Itu langit sudah ceudeum begitu...sebentar lagi pasti hujan ngegebret! Nanti kalo kehujanan pasti bucis nih badan....” “Ya, mending bucis daripada kebentar gelap mah!” “Lu ada-ada ajah tulalean! Ada gajah keur....” “Iiiih, lu mau ngomong jorang ya?”


Siga Ngaran Juragan Ieu mah carita saurang raden di jaman baheula. Pas boga anak ka hiji manehna beuki pisan judi. Nepi ka hartana ludes teu sesa. Pas anakna lahir, éta budak dingaranan ngaran jiga turunan menak: Uja Sangsaradihaja… Tah, pas anakna nu kadua lahir, manehna bener-bener geus teu kuat dina urusan ranjang jeung pamajikanana. Cenah manehna bisa peluh di luhur ranjang teh, sabab manehna stres teuing! Kusabab dina engke gedena éta budakna supaya jajauhaeun dina kaayaan manehna ayeuna, éta budak dingaranan: Jajang Jayadiranjang….

Warteg Kacaritakeun si Ucup karek jadi bujang di hiji kulawarga. Tiap aya parentah ti dununganana te burung dilakasanakeun. Najan lolobana mah sok disalahartikeun. Contona waé waktu di hiji poe babu tukang masak di imah éta balik ka lemburna. Atuh ti isuk euweuh nu pangmasakkeun. Ari nitah si Ucup, d si Ucup mah bisana ngan meresan taman atawa kebon. Nya ahirna, si Ucup dititah ku dununganana meuli sangu ka warung tegal alias warteg. Saenggeus dibere duit ku dununganana, si Ucup langsung ngabelenyeng ka luar. Na atuh ditungguan ampir dua jam, si Ucup can balik wae. Karek ogé si dunungan cengkat rek neangan si Ucup, kirining telepon disada. “Assalamuailkum. Pa, ieu sareng Ucup!” “Ucup, ari maneh di mana? Meuli sangu lila-lila teuing! Ulin nya?” “Hentu Pa, wantu sumpah abdi mah teu ameng ka mamana! Abdi nuju di jalan meser sangu ka warung Tegal. Ieu nembe dugi di Cirebon, naek beus. Paling enjing tiasa uih deui ka bumi nyandak sanguna mah…”

Tatarucingan Gaul + Kaleci naon nu pikarunyaeun? - Kalecian deh lu! + Naek pesawat ka Gorontalo... - So what gitu lo! - Beuki Jauh Saurang lalaki keur konsultasi ka dokter. “Dok, jantung abdi téh panginten aya gangguan! Dada sering eungap sareng nyeri!” Si dokter terus mariksa. Bener we éta jantung lalaki téh aya gangguan. Dokter tuluy mere resep jeung saran ka éta pasen. “Muhun Pa, bapa téh gaduh gangguan dina jantungna. Sim kuring mah mung tiasa nyarankeun ka bapa sing rutin tuang obat ieu. Teras lirenanan ngaroko sareng kopina. Kade tong hilap, saminggon ti ayeuna bapa unggal dinten kedah lari atawa joging. Nya kirang langkung sadintenna 5 kilometerna. Engke tos saminggon telepon ka dieu, kumaha aya kamajengan teu?” Eta lalaki balik ka imahna terus ngalaksanakeun saran ti dokter tea. Tah, karek ge poe kalima, manehna geus nelepon si dokter tea. “Kumaha Pa, aya kamajengan?” tanya dokter. “Alhamdulillah, dok. Eungap sareng nyeri dada rada teu karaos deui. Namung, abdi sesah uih deui ka bumi! Tebih teuing!” “Kunaon kitu Pa?” “Ieu, dokter kan miwarang abdi sadinten lari 5 kilometer. Ayeuna nembe dinten ka lima. Janten, abdi tos lari kana 25 kilona, tos tebih pisan ti bumi! Komo upami tos saminggon mah, 35 kilometer! Beuki tebih pisan ka bumi teh.... ”

Ari Sorangan ti Mana? Ieu mah carita hiji salaki nu geus aya kana mangtaun-taun rumah tangga tapi can bisa boga anak. Hiji poe manehna jeung pamajikanana ka dokter ginekolog. Eta salaki pamajikan téh hayang nyaho saha nu gibug (mandul) di antara manehna. Saeunggeus dipariksa, si dokter nyarita. “Wah, Pa...geuningan bapa nu teu produktif alias mandul mah!” Si salaki reuwas campur era kabina-bina, manehna terus nyarita. “Numawi, dok. Di kulawarga abdi mah tos aya panyawat turunan mandul!” “Buktosna saha, Pa?” tanya dokter. “Di kulawarga abdi mah dok, pun buyut mandul, pun aki mandul, dugi ka bapa abdi ogé sami mandul. Nya, ayeuna panginten nular dugi ka abdi!”

Kawin Aya budak lalaki keur anjang-anjangan jeung budak awewe tatanggana. Eta budak lalaki ngomong ka budak awewe: “Eh, engkeu mun tos ageung nikah nya sareng abdi?” tanya éta budak lalaki ka budak awewe. “Iiiiih, alim ah. Da di kulawarga abdi mah nikah téh kedah sareng dulur deui! Aki nikah sareng nini abdi, bapa nikah sareng ema, emang nikah sareng bibi. Di dinya sahana abdi? Dulur ge lain!”

Aktifis Perempuan Harita poe keur mentreng-mentrengna. Beus kota nu pinuh ku panumpang eureun di halteu. Keur kitu saurang awewe aktifis perempuan asup kana éta beus kota. Di jero beus pajejel pisan. Kapaksa éta awewe nangtung. Di gigireunana aya lalaki nu diuk. Terus éta lalaki nangtung. Eta awewe langsung ngomong ka si lalaki. “Kang, tos we tong repot-repot!” ceuk éta awewe bari terus nitah si lalaki diuk. Beus maju. Geus rada lila beus, si lalaki nangtung deui. Si awewe langsung nyarek deui: “Kang, dangukeun yeuh! Sanaos abdi istri, di zaman emansipasi mah sami sareng pameget. Tong pameget waé nu ngelehan! Wios, abdi ge masih sanggem tatih mah! Sakali deui: tong repot-repot!” Beus tuluy maju deui. Geus deukeut halteu, si lalaki terus nangtung, ayeuna éta si awewe aktifis langsung nepak punduk si lalaki. “Yeuh, Kang! Kuring lain mahluk lemah! Kuring masih keneh bisa nangtung...” Si lalaki ayeuna mah langsung nyereng ka éta awewe aktifis: ”Ari Eneng kunaon, titatadi nyarek kuring wae?!! Kuring mah ti tadi ge rek turun, lain rek mere tempat diuk ka didinya! Tuh, tilu halteu geus kaliwat!”

Majalah XXX Dina hiji waktu, aya budak kapanggih ku bapana keur ningalian majalah husus dewasa. “Astagfirullah, na ari sia leutik-leutik geus ningalian gambar kitu!! Kadieukeun siah éta majalah! Si bapa nyentak bari ngarawel majalah porno nu dicepengan ku anakna tea. Eta budak ngadegdeg sabab geus katohyan. Si Bapa tuluy mukaan éta majalah salembar-salembar. Pas lembaran ka hiji. “Yaa.....ampun, ieu gambar naon siah? Jorok!” ceuk si bapa. Budak cicing bari nginghak. Tuluy éta majalah dibukaan deui. “Ya aaa....Robi, silaing mah geus wani-wani boga majalah kieu!” ceuk si bapa nyentak bari terus mukaan halaman majalah. Nepi ka halaman terahir éta majalah, si bapa langsung ngomong: “Yaaaaaaaaa....beak geuningan!”

Bencong Nekad Hiji waktu di Desa Rancadudut diayakeun orkes dangdut nu artisna ti ibu kota. Orkes nu rencanana rek dimimitian jam 9 isuk-isuk, nepi ka jam 11 can prung wae. Kabeh nu nongton geus kesel nungguan. Na atuh, dina kaayaan keur kesel kitu teh, jug torojol di luhur panggung aya bencong bari mawa kecrekan. Kabeh nu nongton surak eak-eakan! Si bencong asa ditanggap... Si bencong langsung nyanyi. Nyanyina lagu “Hitam Manis”...tapi nyanyina bulak-balik we: Hitam manis..hitam manis Yang hitam manis Hitam manis..hitam manis Yang hitam manis Hitam manis..hitam manis Yang hitam manis Kabeh sakur nu nongton ahirna jadi kesel ningali polah si bencong nekad teh. Kabe nu nongton patingjarorowok: “Turun! Turun! Turun!” Si bencong langsung ngomong dina hareupeun mik bari terus nyanyi deui. “Baiklah, akan saya turunkan lagi sebuah lagu.... Hitam manis..hitam manis Yang hitam manis Hitam manis..hitam manis Yang hitam manis Eta mah sakabeh nu nongton langsung kapancing napsuna. Eta bencong ku salah saurang nu nongtondi baledog ku sendal capit, tapi si bencong bisa ngagilek. Manehna terus nyanyi, tapi iramana masih keneh ku lagu “Hitam Manis”: Enggak kena..enggak kena Da..enggak kena! Nu nongton tambah kesel. Buk! Jambu batu nu dibaledogkeun ku salah saurang nu nongton keuna pisan kana tarang si bencong. Eh, si bencong kalahkah nyanyi make keneh irama “Hitam Manis”: Nggak sakit..enggak sakit Da enggak sakit! Balas ku kesel ningali kalakuan bencong di luhur panggung, kabeh nu nongton ahirna mutuskeun baralik. Ningali nu nongton baralik, si bencong masih terus nyanyi make irama “Hitam Manis” di luhur panggung: Enggak rugi...enggak rugi Da enggak rugi!

Kereta Tercepat Kunaon sababna nepi ka tahun 2040 di Indonesia teu digunakeun kereta api super cepat? Alesanana mah karunya ka tukang dagang asong! Naha? Pan cenah tahun 2026 pernah diayakeun uji coba kereta api super cepat jurusan Bandung - Jakarta. Jarak Bandung-Jakarta téh bisa ditempuh ngan 10 detik! Bayangkeun kumaha gancangna. Akibatna naon? Nya ka tukang dagang asong! Karek ogé manehna nawarkeun geus nepi manten di tempat nu di tuju. Contona, tukang rokok ngan bisa ngucapkeun “Bade rokokna?” kareta geus nepi di Jakarta! Nu leuwih karunya deui tangtuna tukang sare na kareta. Teu kabayang lamun manehna sare 2 jam we di kareta, geus sabaraha balikan manehna bulak-balik Bandung -Jakarta.

Kipas Mahal Si Kabayan muka kipas nu katingalina alus. Eta kipas dicepeng ku leungeunna tapi teu dikipas-kipas ku leungeuna. “Kabayan, kunaon maneh mah ari kipas diantepkeun ari sirah gudag-gideug?” “Eit, tong salah! Ieu mah apanan kipas mahal. Jadi kapaksa sirah nu kudu neangan angin sorangan! Bisi gancang ruksak!”

Akad Nikah Hiji waktu aya lalaki nu kacida geumpeuranana keur ngucapkeun akad nikah hareupeun lebe. Ngan, ngucapkeun akadna téh salah wae. Mimiti: ”Tarima abdi nikah ka putra Bapa kalawan Mas Parto...!” ujug-ujug manehna inget ka tatanggana nu urang Jawa. Terus akad jadian deui, tapi angger salah deui. “Tarima abdi nikah sareng Bapa! Kalawan mas kawin....,” éta lebe luncat balas ku reuwas ngadenge si calon panganten lalaki ngucapkeun akad kitu teh. Kabeh nu ngahadiran akad teu kuat nahan seuri. Si calon panganten lalaki tambah geumpeur. Terus manehna ngucapkeun akad deui: “Tarima abdi nikahkeun Bapa kalawan mas kawin saparangkat alat solat sareng alat perang...!” Calon mitoha jeung lebe ngan bisa papelong-pelong. Si calon panganten lalaki langsung kapiuhan: teu kuat balas ku era!

Ngiihan Maneh “Eta mah euy kamari basa moro di leuweung Sancang, kuring diudag bagong. Geus gede téh sihungna panjang! Eta bagong ngudag kuring. Kuring lumpat sateker kebek! Na atuh geus rada jauh éta bagong nambru, tisoledat ku cai....” “Bener euy maneh mah jagoan. Mun kuring mah pasti geus ngiihan maneh diudag bagong pikasieuneun kitu mah!” “Eh, éta bagong bisa tisoledat ogé apanan nincak cikiih dewek!”

Surat Ondangan Saurang dokter hewan rek kawin. Manehna nyieun surat ondangan nu bisa ngawakilan jeung profesina. Eta dokter boga ideu, manehna dina surat ondanganan nampilkeun gambar sapasang japati. Kitu deui jeung dokter jantung. Waktu manehna rek kawin, dina surat ondangan dipasangkeun gambar hate warna pink. Nu paling lieur mah pas dokter kelamin. Gambar naon nya nu cocok pikeun ngawakilan profesi manehna dina surat ondangan?

Adilna Gusti Lamun keur nafakuran diri, sok helok ku pangawasa Gusti mah. Bener-bener pinuh ku kaadilan Maha Sampurna. Sok coba pikiran, awak urang kenca katuhu posisina simetris. Pangambeu irung dibatas sababaraha meter. Coba lamun pangembeu urang bisa nepi lima belas meterna! Teu bisa dahar meureun. Sabab tiap rek dahar sagala kaangseu! Pon kitu deui ceuli urang dibatas dina frekuensi husus. Jeung bisa ngadenge sababaraha meter. Meureun lamun ceuli urang bisa nembus tembok jeung bisa ngadenge sababaraha meter, teu burung tiap tatangga ngagosipkeun pasti ceuli panas! Terus panon kunaon bet ngelok kajero? Lamun nolol ka luar mah, teu kaop tijedak meureun. Biasana mah tarang nu buncunur, ieu mah kalahkah panon nu kingkilaban. Terus lamun fungsi ceuli jeung irung pahili? Maenya paragi speaker leutik paranti ngedengekeun sora tina walkman dipasang dina liang irung? Lain deui kajadianana lamun rek menta harewos! Irung diurengihkeun ka baham batur. Mun ceuli jadi irung, kumaha mun saderek beresin dina angkot jeung diuk pas di tengah-tengah batur? Leho pasti nyebrot ka gigireun urang. Kitu deui suku urang. Untung aya tuuran. Da lamun euweuh tuuran mah lempeng we leumpang teh. Kumaha lamun labuh? Pasti hese nangtung deui. Jeung nu pasti mah, urang moal bisa nongton pamaen Persib maenbal! Nya rek kumaha mawa bal atuh ari suku euweuh tuuran mah? Kabayang lamun keur najong!

Meuli TV Aya ibu-ibu ulin ka kota. Manehna asli datang ti kampung pisan. Abong asa aing beunghar, sakur kabeh toko nu aya di dinya ku manehna diasupan. Ibu-ibu : “Pa, punten éta tv sabaraha inch? Berwarna nya? Ngangge remot teu? Sabaraha pangaos éta tv?” T. Dagang: “Teu diical, Bu!” Ibu-ibu : “Na, kumaha atuh ari teu diical mah tong dipajangkeun di hareupeun toko! Atos lah ku ibu dipeser. Wios rada langkung ogé pangaosna. Ibu bogoh ka tv eta….” T. Dagang: “Ibu, sakali deui: Eta barang teu diical! Tuh upami bade meser tv mah di toko sabeulah. Barina ge éta mah lain tv, tapi microwave! Ieu mah toko alat-alat dapur!”

Palakiah Supados Handphone Awet Di handap ieu aya sabaraha palakiah supados handphone (HP) saderek awet. 1. Kade ulah muka casing HP ku bor atawa ku linggis. 2. Upami nuju mencet keypad kade ulah cobi-cobi mencetna ngangge palu. 3. Tong sakali-kali ngagentos batu HP ku aki atanapi setrum listrik langsung ti PLN. 4. Upami nuju nga-charge HP tong lami-lami teuing, misalna nga-charge-na dua tahun. 5. Kade upami nuju nelepon, tong wani-wani bari muragkeun maneh tina gawir. 6. Upami nuju kesel, tong cobi-cobi meprek HP ku batu. 7. Tong ngagentos kartu dina lebet HP ku Kartu Tanda Penduduk (KTP).

Tips Jalan-Jalan di Bandung Saderek urang luar kota? Bade jalan-jalan di Bandung? Di handap ieu sababaraha tips supados saderek aman sareng nyaman jalan-jalan di Bandung. 1. Pastikeun mobil atanapi kareta api nu ditumpakan leres-leres ka Bandung-keun, sanes ka Surabaya atanapi Yogyakarta! 2. Upami tos dugi di Bandung, tong langsung mondok di bumi batur nu teu kenal! Bisi diusir! Langkung sae mah milarian pamondokan atanapi hotel. 3. Upami bade ngajugjug ka hiji tempat, perhatoskeun jurusan angkot atanapi beus kota nu dianggo. Ulah dugi saderek ti Kopo bade ka Dago-keun ngangge beus jurusan Leuwipanjang-Pulogadung! Insya Allah, moal dugi-dugi. 4. Upamai bade meser raksukan ka Cihampelas atanapi Factory Outlet (FO) tong hilap nyandak artos atanapi kartu kredit. Sabab di dinya mah teu aya nu nganjukkeun! 5. Upami bade jalan-jalan ka BIP, BSM, Cihampelas Walk, atanapi ka mal-mal sejen, tong hilap nganggo acuk. Tong ngisinkeun nyalira!

Milih Mana? Lamun saderek manggihan putri duyung di laut, rek milih nu mana: Eta putri duyung kahandapna awak awewe tapi bagean luhurna lauk? Atawa bagean handap lauk tapi bagean luhurna awewe? Terserah, éta mah kumaha selera masing-masing!

Biar Disasar Sama Suami Hiji waktu aya saurang pamajikan asup ka toko pakean. Eta toko the katelah sok didatangan ku pembeli-pembeli nu hayang meuli barang pikeun ulang tahun perkawinan. Eta awewe ngadatangan nu ngajaga toko. ‘Bu punten, aya barang naon waé nya nu kinten-kinten cocok kanggo ulang tahun perkawinan abdi?” “Wah, seueur ti kameja dugi lancingan lebet kanggo teteh ogé aya!” “Sae atuh. Kaleresan abdi ogé hoyong masihan kejutan kanggo caroge! Eta lancingan lebet téh kelebihanna naon wae?” “Lancingan lebet nu diical di dieu bahanna tina kaen nu pangmahalna, sareng produk impor. Tah, éta lancingan lebet ogé engke tiasa ditambihan tulisan…” “ Sae pisan! Abdi pesen hiji!” “Nganggo tulisan?” “Nganggo. Tulisanna: I Love You suamiku yang baik hati. Mama sayang kamu.” “Tulisanna bade dibordel atanapi disablon?” “Ah, nganggo huruf braille wae!!”


Bahasa Preman Kacaritakeun aya dua preman keur ngobrol di sisi terminal bari ngudud jeung ngopi. Maranehna keur ngobrolkeun masalah anjing. “Sia nyaho teu aing anjing tujuh bulan kamari aing dibere anjing ku si Joni Bedog? Eta mah anjing, anjingna alus pisan anjing! Eta anjing téh dikukut ku aing anjing. Nepi ka gedena, éta anjing anakan anjing! Lalucu pisan éta anak anjing téh anjing! Anjing…ku aing éta anjing sok diadukeun jeung anjing tatangga aing anjing! Eh anjing, anjing tatangga eleh ku aing anjing. Aing tea….atuh anjing! Keiu-kieu ogé jago miara kana anjing mah. Sok bisi sia anjing rek pangukutkeun anjing ka aing anjing. Anjing nu dipiara ku aing mah moal eleh anjing ku anjing-anjing lain!” Babaturanana nu keur ngadengekeun kur bisa ngahuleng, bari tuluy ngaleos: “Ari si anjing, aing lieur anjing, mana nu anjing? Mana nu maneh anjing? Anjing téh geus ah tong ngomongkeun deui masalah anjing siah anjing!”

Beurit Aya beurit keur ngobrolkeun kabogohna ka babaturanana. “Yeuh, maneh geus nyaho kabogoh urang nu anyar?” ceuk éta beurit bangun nu sugema pisan pas nyebut kabogoh teh. “Wah, geus boga nu anyar euy? Cik kenalkeun atuh!” ceuk babaturanana panasaran. “Hese lah mun rek kenalan mah. Tapi urang mawa fotona da, ” ceuk éta beurit bari nyokot foto terus ditingalikeun ka babaturanana éta foto kabogohna teh, “kumaha, kasep jeung rada gereng nya awakna? Gagah pisan!” Babaturanana langsung nyakakak waktu ningali éta foto, “Ha..ha..ha…ieu mah atuh lain bangsa urang..” Si beurit nu keur nembongkeun foto kabogohna langsung nanya: “Naha kitu?” “Yeuh, ieu mah ngaranna lalay, lain beurit! Manehna ngakukeun ka maneh naon?” “Ngakukeun ka kuring mah beurit nu gawe jadi pilot! Saha nu teu bogoh atuh ka pilot?”


Beo Kalaparan Saurang lalaki meuli manuk beo. Ceuk éta tukang manuk, beo téh bisa ngobrol tur capetang. Lalaki nu meuli atoh pisan. Manehna langsung meuli éta manuk, terus dibawa ka imahna diteundeun dina kurung badag. Aya kana dua poena, éta lalaki ngadatangan deui tukang manuk. “Wah, Pa. Kumaha geuningan manuk téh teu bisaeun ngomong?” “Oooh. Coba pancing make kaca eunteung geura. Manuk beo mah lamun ningali manehna dina eunteung biasana sok ngomong!” Ata lalaki terus meuli eunteung. Isukna éta lalaki datang deui ka tukang jual manuk tea. “Ah, Pa. Geuning beo téh teu ngomong bae!” “Cobian geura dina kandangna diteundeun tangga leutik! Beo mah tong dicicingkeun. Lamun dicicingkeun, sok hese ngomong!” Eta lalaki buru-buru meuli tatanggaan pikeun diteundeun dina kandang beo tea. Tapi keukeuh, éta beo can bisa ngomong wae. Si lalaki terus ngadatangan deui tukang ngajual manuk tea. “Pa, keukeuh éta manuk can ngomong sakecap-kecap acan. Kudu kumaha deui nya?” “Cik ayeuna mah, coba pancing ku speaker leutik. Pasangkeun éta speaker kana radio. Sugan si beo bisa kapancing ku sora-sora nu kaluar tina speaker!” Teu peunggas harepan, éta lalaki langsung meuli speaker leutik. Tapi da dalah kumaha, éta beo keukeuh teu bisa ngomong. Isukna si lalaki datang. “Kumaha, beo téh tos bisa ngomong?” tanya si tukang ngajula manuk. “Ngomong naon? Kalahkah paeh tadi isuk!” ceuk éta lalaki. “Maenya? Naha saencan manehna paeh teu ngomong sakecap-kecap acan?” “Ngomong sih ngomong! Manehna saencan paeh ngomong kieu: Juragan,di pasar teu aya nu ngajual parab? Ngadon meulian nu kieu! Ti mimiti kuring di dieu, meni can pisan ngasaan parab! Bari tuluy we paeh!”



Dirapel Si Kirdun mawa motor. Manehna langsung mengkol di jalan pengkolan nu aya rambu dilarang mengkol. Atuh keur kitu: Prriiiiiiit! “Wilujeng enjing, Pa! Bapa ditilang sabab tos ngalanggar rambu! Bapa bade ngangge surat ditilang atanapi damey waé dua puluh lima rebu?” ceuk polisi, nilang si Kirdun “Mangga Pa. Damey we lah! Tapi, kamari abdi mengkol di dieu teu dinanaon!” ceuk si Kirdun ngabela maneh. Eta polis langsung ngomong: “Oh, kitu! Upami kitu mah mayarna janten lima puluh rebu atuh...sakantenan sareng pelanggaran nu kamari!” Si Kirdun ngahuleng. “Uuh, hanjakal aing jujur,” ceuk hatena ngutruk.

Teu Dikutang Di deukeut kebon, aya anak ucing keur ngorehan anteng runtah. Sabot keur kitu, aya sapi bikang ngaliwat. Eta sapi bikang terus ngomong (maksudna mah rek ngalelewe): “Yeuh, anak ucing! Kuring mah teu ngarti...maneh mah leutik-leutik geus kumisan.” omong sapi bikang. Si anak ucing embung eleh terus ngajawab: “Daripada maneh! Gede-gede, ari susu kamana mendi bari teu dikutangan!”

Nasib Hiji waktu, sapi bikang keur paadu gunem jeung hayam. Hayam: “Urang mah teu ngarti ka bangsa jelema.” Sapi bikang: “Kumaha kitu?” Hayam: “Coba we pikir, tileuleutik kuring diurus, dimandian, dibere parab nu hade, dipariksa kasehatan. Eh, geus gede kalah dipeuncit!” Sapi bikang: “Eta mah teu sabaraha. Kuring mah ti leuletik diurus...geus gede susu diperes jeung diramesan, tapi teu dikawin-kawin!”


Hayam Jago A: “Naon sababna tiap isuk-isuk hayam jago sok kongkorongok bangun nu sugema?” B: ”Kahiji: pamajikanana loba...nu kaduana: manehna teu boga mitoha hiji-hiji acan!”

Jagong, Jambu Monyet, jeung Kuda Jagong: “Ih, meni euweuh ka era maneh mah!” Jambu Monyet: “Na kunaon kitu?” Jagong: “Eta coba, siki hiji ogé meni ditembong-tembong, sombong pisan!” Jambu Monyet: “Daripada maneh! Awak dibulen sababaraha lapis....ari bulu kamana-mana!” Kuda: “Heueuh...ngerakeun!” Jagong: ”Daripada maneh kuda!” Kuda: ”Kunaon kitu?” Jagong: “Suku kabeh disapatuan..ari awak bubulucunan!”

Onta jeung Gajah Gajah: “Ngerakeun maneh mah onta!” Onta: “Kunaon kitu?” Gajah: “Eta, susu sadua-dua kalah jadi dina punduk, heuheuy deudeuh!” Onta: “Maneh ge! Bobogaan badag, kalah jadi dina irung!”

Sato Ngabingungkeun A: “Sato naon nu matak ngabingungkeun?” B: “Teuing ah! Naon kitu?” A: “Nya kuya atuh!” B: “Naha?” A: ”Tuh, bingung kan?”

Teu Era ku Umur Nyi Ijah karek balik ti pasar. Waktu asup ka imah, budakna nu karek umur lima tahun keur ngajanteng di tepas sorangan. Nyi Ijah: “Sujang, kunaon maneh ngajanteng di hareupeun imah sorangan? Pan tadi memeh ema indit ka pasar, maneh téh jeung si Bapa. Ayeuna si Bapa ka mana kitu?” Budak: “Nuju di pengker, Ma!” Nyi Ijah: “Keur naon?” Budak: “Nuju ngadu kaleci” Nyi Ijah: “Astagfirullah! Naha Bapa silaing téh teu era ku umur kitu? Kolot-kolot ngadu kaleci! Bener-bener teu uyahan! Ngadu kalecina jeung saha kitu, hah?” Budak: “Sareng si aki! Nyi Ijah: @??!

Nagara Teu Boga Duit Hiji waktu, pamarentah Indonesia meunang kunjungan kanegaraan ti nagara Swiss. Pihak Swiss menta sangkan para pakar Departemen Pertahanan Indonesia milu mantuan keur ngadirikeun Departemen Kementerian Angkatan Laut pikeun nagara Swiss. Pihak ti Indonesia jelas-jelas jadi bingung. “Ke heula, lain nagara Swiss mah apanan teu boga pisan wilayah kalautan?” tanya para pakar ti Indonesia. Pihak ti Swiss teu eleh geleng: “Tapi, lain Indonesia ogé boga Menteri Keuangan mah?”

Flu Burung Jeung Sapi Gila Di Kampung Bojong Kenyot keur diayakeun penyuluhan ngeunaan kasehatan. Nu jadi narasumberna nyaéta ti petugas kasehatan satempat. Harita keur diayakeun sesi tanya jawab. Warga: “Punten, Pa. Sim kuring bade tumaros, ahir-ahir ieu nuju rame istilah flu burung sareng sapi gila. Nu janten patarosan: naon nu disebat istilah flu burung sareng sapi gila teh? Nyuhunkeun penjelasan nu jentre!” Petugas: “Sae pisan éta patarosan teh. Bapa-bapa mawih ibu-ibu, nu disebat flu burung téh nyaéta ngandung ciri-ciri utama. Upami aya manuk kagungan para saderek bersin-bersin sareng sok ngahodhod alatan panas tiris sareng sok ngucur waé tina irung manuk para saderek, tah éta nu disebat flu burung teh! Pencegahan sareng pengobatanna nyaéta enggal pasihan simbut ka éta manuk, sareng ogé pasihan obat flu! Tah perkawis patarosan kadua, nu disebat sapi gila nyaéta, sami ngandung ciri-ciri tertentu. Upami di sisi jalan aya sapi katingal caludih sareng mapay-mapay jalan teu tangtu arah, teras sok milarian kuntung roko, ditambih seuseurian atanapi seserengehan nyalira. Percanten ka sim kuring, nu kitu nu disebat sapi gila teh.

Gara-Gara Nuturkeun Hiji peuting si Juned balik tengah peuting. Peuting harita ngadadak hujan ngagebret jeung lampu-lampu di sisi alan parareum. Bener-benr poek mongkleng.Si Juned ngajalankeun mobilna lalaunan. Tapi untung, di hareupeun manehna aya mobil oge. Si Juned nuturkeun éta mobil. Tapi, teu lila mobil nu diharepeun si Juned eureun ngadadak. Jebred! Mobil si Juned nabrak mobil nu dituturkeun tea. Puguh si Juned ambek kabina-bina. Buru-buru manehna kaluar. Teu antaparah...si Juned laklak dasar nyarekan supir mobil nu dihareupeunana tea. Juned: “Wewelek siah! Teu neuleu aing di tukang? Make eureun ngadadak sagala! Bisa teu sia téh nyupiran mobil, hah? Tuh deuleu! Mobil aing jadi ruksak gara-gara silaing ngerem ngadadak!” Supir: “Ke heulanan. Anjeun geus nabrak ti tukang....terus ayeuna make adat-adatan sagala!?” Juned (beuki nambah ambekna): “Pantes aing mah ngambek ka silaing! Sabab maneh geus euren ngadadak, nyaho?!!” Supir: “Kuring mah teu salah. Yeuh dengekeun: kuring mah geus nepi ka garasi kuring. Naha maneh bet nuturkeun, hah?!”

Saha nu Bodo? Di hiji rohangan kelas, hiji guru keur nyarekan murid-muridna. “Dengekeun ku maraneh kabeh. Bapa bener-bener teu ngarti! Naha maraneh téh barodo kitu? Make ulangan panggedena ngan peunteun tilu! Sok nu ngarasa bodo, nangtung!!!” Euweuh salah sahiji murid ge nu nangtung. Guru tambah kesel! “Sakali deui! Saha nu ngarasa bodo, nangtung! Keukeuh euweuh murid hiji-hiji acan nu nangtung. Nepi geus rada lila aya hiji murid nu diuk pangtukangna nangtung. “Alus!” Puji guru, “tapi Bapa rek nanya, kunaon hidep bet nangtung?” Terus éta murid ngajawab: “Ah, abdi mah karunya we ka Bapa. Abdi mah ngan saukur ngiring maturan Bapa nangtung!”

Filsafat Dangdut Ieu mah kajadianana di Tatar Sunda tahun 2098. Harita aya filusuf Sunda terkenal nu ngaluarkeun buku nu pinuh kontroversi. Judul bukuna: Sabda Daratista. Nu nulis éta buku teh: Nietszhe Trisnawati!

Meuli Lotek Udin : “Bu, meser lotek!” Tukang lotek: “Sabaraha hiji, Jang?” Udin: “10 bungkus. Nu tilu ladaan sing seueur. Nu tilu deui henteu lada, hiji teu nganggo kol, tapi samarana sakedik. Nu tilu teu lada, hiji teu ditogean, nu hiji ngango tahu sareng tong asin teuing. Nu hiji deu nganggo bonteng tapi teu nganggo kacang panjang, nu hiji kolna seueurann, dua teu nganggo toge, tapi kurupukna seueuran.” Tukang lotek: ^#$!@^%!!~ Meuli Sirop Budak : “Pa, meser sirop!” Tukang sirop: ”Mangga kasep..seueuran esna atanapi henteu?” Budak: “Ah, biasa wae. Namung sing seueur sedotanana nya. Tong hilap, siropna di yamin nya, Pa!”

Kaset Karaoke Hiji pamuda asup ka hiji toko kaset. Penjaga: “Mangga, Kang. Peryogi kaset naon? Nining Maida? Darso? Peterpan? Doel Sumbang? Sheila on Seven? atanapi....” Pamuda: “Abdi mah peryogi kasetna Sheila on Majid...sareng kaset karaoke ceramahna Aa Gym. Numawi aya teu?!” Penjaga: “#!^*!??


Sang Kanibal Di hiji rohangan pangberokan aya 2 narapidana. Nu hiji narapidana heubeul, nu hiji deui karek asup. A: “Kenalkeun, aing Joni Coker! Ngarampog geus teu kaitung! Komo nyiksa jelema mah! Silaing saha ngaran, hah? Dikepret siah ku aing!” B: “Abdi? Nami abdi mah Sumanto. Punten, upami tuang siang lami keneh teu nya? Abdi tos teu kiat hoyong tuang daging atah!”

Rucah Hiji waktu salaki Nyi Oneng kabagean tugas kantor ka luar kota. Kasempatan éta digunakeun Nyi Oneng pikeun rucah jeung hiji lalaki. Kabeneran salain Nyi Oneng, di imahna téh aya budakna nu karek umur 5 tahunan. Waktu Nyi Oneng ngalakukeun rucah di hiji peuting, kabeneran salakina balik leuwih ti heula ti jadwal. Atuh basa salakina nga-bel panto téh Nyi Oneh bangun nu soak kabina-bina. Katurug-turug basa anakna hudang ti kamerna rek ngabejaan indungna yen aya nu nga-bel. Nyi Oneng buru-buru akting siga keur kaserang panyakit jantung. Awak Nyi Oneng ngahaja jiga nu ngadegdeg....ponon burial buncelik. Atuh budakna nu karek lol di panto kamer Nyi Oneng bangun reuwasna ningali indungna kitu teh. Ditambah deui selingkuhan indungna ngajleng nyumput ka jero lomari bari bubulucunan. “Bapa! Bapa...si Mamah kunaon..Bapa?! Ieu geura deuih aya nu ditataranjang, Bapa! Abdi sieun!!! Bapa tuluuuuuuung!” Budak téh jejeritan bari ceurik sateker kebek. Ngadenge di jero imah ribut, salaki Nyi Oneng kapaksa ngadobrak panto. Tuluy manehna lumpat muru anak jeung pamajikanana. Barang asup ka kamerna, manehna ningali pamajikanana keur nahan dada kenca bangun nu nyeri! Salaki Nyi Oneng milu hariweusweus teu puguh laku. Katurug-turug basa anakna nyarita yen tadi aya nu ditataranjang asup kana lomari. Barang dibukakeun, bener we aya lalaki keur nyempod na jero lomari. Teu nunggu waktu, salaki Nyi Oneng langsung laklak dasar nyarekan éta lalaki: “Dasar lalaki belegug siah! Bener-bener kurang ajar...maneh téh gableg pikiran teu? Pamajikan aing kaserang panyakit jantung, lain ditulungan, hah? Eh, ieu deuih ngadon ditambah nyingsieunan anak aing make ditataranjang sagala! Ari heureuy ka budak leutik téh kabina-bina teuing! Ayeuna mah kaluar siah tina lomari, pake baju! Bantuan dewek nganteurkeun pamajikan ka rumah sakit!”

Jurusan Angkot Si Kabayan ayeuna jadi juragan angkot. Hoyong terang naon waé jurusanana? 1. Jurusan Abdul Muis-Kebon Kalapa 2. Jurusan Ciburial-Cibuncelik

Budak Bangor Hiji bapa keur konsultasi ka psikolog. Manehna konsultasi ngeunaan anakna nu bangor teu katulungan. Psikolog: “Kumaha reaksi Bapa upami putra Bapa nuju bangor?” Bapa: “Nya ku abdi mah sok langsung dikepret we!” Psikolog: “Ambuing-ambuing, atuh lepat Pa ngadidik ku cara kitu mah! Saena mah Bapa mamagahan anjeunna, sanes ngepret!” Bapa: “Justru itu masalahna. Satiap abdi mamagahan anjeunna, justru abdi nu sok dikepret ku manehna!”

Buah Simalakama Ieu mah carita si Bohil nu katelah jail kabina-bina. Hiji waktu manehna ngaheureuyan tukang dagang buah. Tukang Buah: “Mangga, Jang..bade meser buah naon? Sirsak? Samangka? Melon? Gedang? Kadu? Sadayana aya!” Bohil: ”Ari buah simalakama aya teu?” Tukang Buah: “Oh, aya pisan!” Bohil: “Bener yeuh? Mana? Kuring meuli lah sakarung mah! Nu kumaha Mang kitu buah simalakama teh?”” Tukang Buah (kesel jeung ambek): “Yeuh, Jang. Buah simalakama teh: upami Ujang meuli, ku aing sia digebug ku ieu kiloan. Lamun teu meuli, ku aing sia bakal dihabek ku ieu rancatan. Hayoh, rek milih nu mana?” Ahirna? Si Bohil milih: lumpat, da sieun.....! Nanya Si Sadul keur diuk di taman. Kabeneran digigireunana aya awewe geulis. Sadul: “Punten Neng bade tumaros. Tabuh sabaraha nomor teleponna, nya? Awewe: “Oh..ayeuna jam tilu kurang ajar..!”

Pantesan Tikelebuk Hiji waktu di Samudera Atlantik aya musibah kapal selam nu tikelebuk. Dina 100 awak kapal, ngan 5-an nu salamet. Ku pihak berwenang éta anak buah kapal nu salamet téh ditanya hiji-hiji. Nu opat ngaku teu nyaho alesanna kunaon kapal selam bet bisa tilelep. Nepi ka anak buah kapal nu kalima ditanya. Petugas: “Kira-kira nyaho teu naon sababna éta kapal selam téh bet bisa tilelep kitu?” ABK: “Kumaha nya, Pa. Sesah upami dijelaskeun mah. Harita téh kuring nembe lebet ditampi janten anak buah di éta kapal. Tah, harita andi dipernahkeun di hiji rohangan. Kaleresan pas abdi lebet éta rohangan téh kacida panasna, sapertosna mah AC-na teu jalan. Nya abdi inisiatif, upami dilembur nuju hareudang...abdi mah sok mukakeun jandela!” Bapa O’on Udin, hiji murid SD, keur dipariksa PR-na ku guruna. Guru: “Udin, kakaraeun PR hidep bener kabeh! Pasti Bapa hidep nya nu ngerjakeun?” Udin: “Biasana mah kitu Bu Guru. Namung kamari, pun Bapa nuju sibuk pisan . Janten, kapaksa we abdi ngerjakeun nyalira!”

Sapertos Biasa Hiji dokter keur kadatangan hiji pasen. Dokter: “Naon nu karaos?” Pasen: “Ieu dok....manawi patuangan téh sok seueul sareng hoyong utah wae!” Dokter: “Oh, upami miceunna kumaha?” Pasen : ”Ah, sapertos biasa we, dok..miceun mah teu weleh cingogo!”


Jiga si Mamah Hiji Bapa keur anteng ngedengekeun anakna ngadongeng tentang tatanggana nu kamari kapergo ku anakna keur serong. Anak: “Eta mah, Pa...abdi téh kan teu ngahaja lebet ka bumi Tante Uneh teh. Padahal abdi mah bade nyampeur si Sarjun ameng! Da biasana ogé sok langsung lebet ka bumi...” Bapa: “Teras..teras..kumaha tah?” Anak: “Tah, basa abdi bade pisan kalebet bumi, aya pameget..sugan téh Pa Lukman, pamegetna Tante Uneh..eh, ari pek téh pameget sanes. Eta mah Pa, Tante Uneh sareng éta pameget..bangun nu reuwas pisan! Si pameget bari ditataranjang enggal lumpat ka kamer cai.” Bapa: “Teras?” Anak: “Nya, abdi teras dicarekan ku Tante Uneh, kieu cenah: Sujang! Mun rek asup ka imah téh keketrok heula atuh! Eta kajantenan sareng cariosan Tante Uneh téh persis pisan kajantenan sareng cariosan Mamah waktos mangkukna sareng Om Joni di bumi ieu. Waktos Bapa nuju tugas ka Jawa!

Ge-Er Ieu mah carita si Sardun. Isuk-isuk si Sardun meuli jajamu ka si Ayu nu karek anyar dagang ngider jajamu di lembur si Sardun. Waktu si Sardun rek nginum, sabagean jajamu dina gelas téh bahe kana calanana. “Aya lap yu?”, tanya si Sardun ka si Ayu nu keur ngabereskeun botol-botol jajamu. Na atuh, beungeut si Ayu ngadadak beureum. “Ah, si Mas...mosok baru sekali beli jamuku aja udah bilang I Love You!” Si Sardun batan pati olohok ngadenge jawaban ti si Ayu teh.

Itikaf = Itik Cup Oni : “Le, maneh rek miluan itikaf moal engke peuting di masjid?” Sule: “Wah, jigana mah moal euy. Kuring mah rek miluan domba cup wae!” Oni: ~%$!!

Botak = Pinter Hiji budak profesor keur tatanya ka indungna. Budak: “Mah, kunaon mastaka si Bapa botak?” Indung: “Euleuh sujang, éta téh cingcirining Bapa hidep téh jalmi pinter!” Budak: “Upami kitu mah...Mamah jalmi bodo nya da seueur rambutna!”

Diajar Ngitung Di kelas 1 SD, guru Matematika keur nerangkeun jujumlahan. Guru: “Seratus ditambah seratus dua ra........?” Murid: “Tuuuuuuussss!” Guru: “Tiga ratus ditambah dua ratus, lima ra....?” Murid: “Tuuuuuuuuuuus!” Guru: “Nah, ayeuna...lima ratus ditambah lima ratus, satu ju......?” Murid: “Satujuuuuuuuuuuu!” Bahasa Inggris Hiji waktu si Juhro ulin ka hiji tempat wisata. Manehna hayang nyoba ngobrol jeung urang bule. Si Juhro terus boga akal pikeun ngamimitian ngobrol. Nya manehna siga nu teu ngahaja (padahal dihaja) ngabadug hiji turis bule nu keur ningalian suvenir. Juhro : “Oh, I’m sorry, Sir!” Turis: “I’m Sorry too!” (Si bule ngarasa salah ogé geus ngahalangan jajalanan) Si Juhro alagap-aleugeup ngadenge si bule ngajawab. Sabab manehna mah ngan hayang meraktekkeun bahasa “I’m sorry” hungkul, teu niat leuwih. Atuh, si Juhro bari ngedegdeg ngajawab. Juhro: “Oh, hampura...I’m sorry three..Sir!” Turis: “Sorry what for?” Juhro: “I’m sorry five..Sir!” Turis: “Are you sick?” Juhro: “No..no...I’m sorry seven!”



Bahasa Inggris Murtad Si Kabayan jadi sopir di salah sahiji kantor. Kebeneran dununganna téh urang bule. Waktu keur nganteurkeun dunununganana tea, mobil si Kabayan nabrak mobil lain. Si Kabayan puguh geumpeur terus ngomong: “Sorry, Sir. This car i brake-brake nothing want!” (hampura Tuan, ieu mobil geus di erem-erem tapi teu daekeun). Si supir nu ditabrak terus turun rek ngadat ka si Kabayan. Dunungan si Kabayan rek mantuan, tapi kaburu dihalangan ku si Kabayan: “Please...don’t follow mix, Sir!The bring this car if not wrong is children fruit from source power human area! He..is stupid doesnt’t play! Base, he is yesterday afternoon boy! Right-right not salt! Bring the car only not can...” (Hampura, tong ikut campur, Tuan! Nu mawa éta mobil téh mun teu salah anak buah ti bagian sumber daya manusia. Manehna bener-bener belegug lain heureuy! Dasar, budak kamari sore! Bener-bener teu uyahan! Mawa mobil waé teu bisa...). Tungtungna mah si Kabayan menta hampura ka éta supir. Terus si Kabayan ogé menta hampura ka dununganana. “Sorry, Sir. My body is not deliciousing, my body taste like enter the wind and i headche seven surrounding now!” (Hampura, Tuan. Kuring keur teu ngeunah awak, awak abdi rasana ayeuna saperti keur asup angin jeung lieur tujuh kuliling!).

Bahasa Cawokah? A: “Naon Basa Inggrisna: itung jangkung lomari boneka?!” B: “Count tall cupboard doll!” A: “Cara nulis kanker payudara supaya leuwih jelas kumaha?” B: “Kanker (.)(.)

Dreum Aya budak leutik keur ngagulinding-dulindingkeun dreum. Kalakuan éta budak téh katingal ku hiji ibu-ibu. “Keur naon, Jang..eta dreum digulinding-gulindingkeun sagala?” “Supados si Udi bungaheun, Bu!” jawab si budak bari terus ngagulindin-gulindingkeun éta dreum. “Memang si Udi di mana kitu?” tanya si ibu bangun nu heran. “Di lebet ieu dreum!”

Togel A: “Aduuh, kuring mah ari masang nomer buntut téh sok ngised saeutik wae. Kamari kaluar 67, kuring....” B: “Pasti masang 76 nya?” A: “Lain, kuring mah masang 66 ½. Kurang satengah deui, euy!”

Jin Katelah aya lalaki anu nyandu pisan kana togel. “Pokona, salila masan nomer can tembus, dewek mah rek satekah polah neangnan info!” Kacaritakeun éta lalaki ngajugjug hiji gunung nu pinuh keneh ku leuweung bakekotan. Cenah di éta leuweung aya hiji tangkal caringin nu katelah sanget pisan. Ditambah deui cenah lamun geus tatapa terus jin-na ngajirim, jarang jelema anu kuat ningali rupa éta jin, bakating ku pikasieuneunana. “Ah, dewek mah moal sieun. Paduli rek rupa jiga naon oge. Nu penting mah manehna bisa mere info..nomer nu jetu!” Si Lalaki mawa sagala pasaratan, ti mimiti menyan nepi ka cikopi pait. Manehna mulai tapa di handapeun caringin bari meuleum menyan. Pas poe kadua, harita melam Jumaah kaliwon...disabudeureun patapaan éta lalaki angin meni seah, ditambah ku babaungna anjing leuweung. Bulu punduk si lalaki ngadadak muringkak...hawar-hawar kadenge aya sora geueuman. “Aya naon jalu? Pek ayeuna silaing beunta!” ceuk éta sora. Si lalaki muka panonna..na atuh dihareupeunana geus ngajanggelek hiji rupa nu badag kacida...bulu minuhan awak éta mahluk..jiga buta! Letahna ngelel, sihungan, panonna beureum, jeung tina sungutna katingali getih ngelay...ditambah kuku éta mahluk ngaranggoas! Si lalaki ngadegdeg...kesang maseuhan awakna. Beungeutna ngadadak sepa... “Sok jalu hayang naon pamenta teh, hah?” tanya éta mahluk.. “Haaa...hayang...ha..ha.. yang...ha..yang...” jawab si lalaki bari undur-unduran.

    	“Enya, hayang naon anjeun teh, sok waé sebutkeun?”

“Hayang...hayang...hayang lumpaaaaaaaat!!!’ si lalaki sateker kebek lumpat bari notog-notogkeun maneh, poho kana niat asal.

Guha Aheng Katelah di hiji leuweung aya hiji guha nu kawilang ahengna. Ngan teu sambarang jelema nu bisa manggihan éta guha. Ceuk carita mah, sing saha waé anu bisa manggihan éta guha..bakal ditedunan sagala pamentana. Saratna, pas asup dina lawang guha kudu langsung nyebutkeun kahayangna. Nya hiji waktu kabeneran aya 3 pamuda nu manggihan éta guha. Eta guha bener-benr nyingkur di hiji tempat. Jeung éta guha kaayaanana rada kalalotor ku kekebul. Mimiti, pamuda kahiji asup. Pas kana lawang guha manehna pok ngomong: “Kuring mah hayang emas sapeti!” Jreng! Bener we, hareupeunana jug aya emas sapeti. Pamuda kadua milu nuturkeun bari terus ngomong: “Kuring hayang duit sa lomari!” Jreng! Dihareupeunana aya duit gepokan salomari. Giliran pamuda nu katilu, manehna karek asup na lawang guha, tapi awakna pinuh ku kekebul nu muragan tina luhur lawang guha. “Puuuuh!” pamuda katilu niupan kekebul heula nu aya dina leungunna. Na atuh, jreng teh, éta pamuda dadak sakala jadi: boneka Winnie The Pooh! Ngarang Di hiji ruang kuliah, para mahasiswa sastra dititah ngarang ku dosenna. Ari eusi karanganna kudu mencakup 4 aspek, nyaéta:, Agama, anggota karajaan, seks, jeung misteri. Salah saurang mahasiswa nulis karangan kieu: “Duh Gusti...” ceuk Putri bangun humandeuar, “Kuring reuneuh. Saha nya bapa ieu si jabang bayi?”

5A Pamuda 1: “Di Bandung katelah ku tokoh 5A!” Pamuda 2: “Saha waé kitu?” Pamuda 1: “Kahiji Aa Gym, kadua Aa Tarmana, katilu AA Boxer, kaopat AA

     Laksana...!”

Pamuda 2: “Ari nu kalimana?” Pamuda 1: “A...panan dewek!”

Tentara Mang Dasim keur ngobrolkeun anakna nu kabeneran jadi tentara ka Mang Dudung. Mang Dasim: “Putra abdi mah alhamdulillah tos janten tentara. Ayeuna nuju ditugaskeun di Ambon!” Mang Dudung: “Tos sabaraha lami, Pa ditugaskeunana?” Mang Dasim: “Aya kana 7 tahunan mah!” Mang Dudung: “Wah, tos luhur atuh ayeuna pangkatna?!” Mang Dasim: “Waktos angkatna mah nembe sersan satu. Kumargi tos 7 tahunan, nya kirang langkung pangkatna ayeuna mah tos sersan dalapan!”

Sabenerna Tinggal Nukeurkeun Samemeh asup ngajar kuliah, Profesor Enduy disampeurkeun ku hiji mahasiswana. Mahasisiwa: “Hapunten Prof, rupina Profesor tos nganggo sapatu sisirangan. Eta nu palih kenca geuning sapatu warna coklat..sareng éta nu palih katuhu warna hideung!” Profesor: “Heueuh makana, kuring ge bingung...padahal di imah ogé aya sapasang sapatu nu sarua kawas kieu!”

Ditilang Waktu si Sardun numpak motor, manehna norobos lampu beureum. Priiiiiiit...manehna ditilang ku polisi. Polisi: “Naha anjeun teu ningali lampu geus beureum, hah? Sangeunahna waé ngajalankeun motor teh!” Sardun: “Ningali pisan, Pa. Ngan hanjakal...” Polisi: “Hanjakal naon?” Sardun: “Muhun hanjakal tadi abdi teu ningali aya Bapa!”


Basa Sunda, Basa Indonesia A: “Basa Sundana polisi tidur naon?” B: “Nya polisi sare atuh!” A: “Lain...nya kuburan oray atuh!” B: “Ari basa Indonesiana pamajikan kuring rek ngajuru di bidan?” A: “Istri saya mau menyudut di bidan” B: “Basa Indonesiana gorengan?” A: “Jelekan!” B: “Basa Sundana wortel mengandung vitamin A?” A: “Wortel reuneuh ku vitamin A”

Bapa = Anak Mang Dudung geus kesel kabina-bina sabab buahna sok mindeng pisan kapalingan dina tangkalna. Hiji waktu manehna manggihan malingna, nyaéta si Jupri. Si Jupri kaperegok keur nangkod dina dahan kahiji na tangkal buah. “Euleuh..euleuh gening silaing nyah nu sok malingan buah dewek salila ieu teh? Hayang disiksa siah ku bapa silaing, hah? Ku dewek dibejakeun siah ka bapa silaing, tuman!” ceuk Mang Dudung bari ngibrit ka imah si Jupri. Si Jupri buru-buru tangah ka puncer tangkal buah nu hieum ku daun. “Bapa..bapa...! Buru turun meungpeung Mang Dudung can balik deui ka dieu!”

Salaki Pedit Aya hiji salaki nu katelah pedit kabina-bina. Hiji poe manehna mere duit ka pamajikanana. Salaki: “Ku akang dibere duit sapuluh rebu keur balanja, yeuh! Kadenya, mun bisa mah sing cukup dua minggueun. Hadena mah cukup keur sabulaneun!” Pamajikan: “Tong boro sabulaneun, Kang. Satauneun ge bakal cukup duit sakieu mah!!” Salaki: “Nya leuwih hade atuh lamun kitu mah! Akang mah muji pisan boga pamajikan ka Nyai teh, bisa ngatur duit! Ngomong-ngomong, rek dibeulikeun naon kitu duit ti akang teh?” Pamajikan: “Kalender!”

Memangna Rek Perang Aya tilu pamuda keur ngobrol bari pagede-gede rahul. Pamuda 1 : “Kamari mah euy kuring..hayang ngudud..eta mah nyekes-nyekes gasolin ti Sukajadi bari leumpang, eh hurung-hurung di Ciparay!” Pamuda 2: “Komo kuring! Basa minggu kamari, ngurek ti Cileunyi mapay-mapay galengan bari dongko. Na atuh, éta mah sadar-sadar geus di Padalarang! Meunang belutna ogé meni sakarung!” Pamuda 3: “Teu sabaraha! Malem Jumaah kamari mah, kuring leumpang sorangan di astana gede. Jaba hujan ngaririncik...na atuh keur kitu téh burudul téh ti palebah astana, kuring diudag kunti sabatalyon!”

Bedana Lalaki A: “Naon bedana lalaki Bekasi jeung Bandung?” B: “Lamun lalaki Bekasi mah PONDOK GEDE ari lalaki Bandung mah LEUWIH PANJANG”. Batawi Murtad A: “Bayangin ajah...gua naek beus kota, dari mulai kenaikan sampai keturunan, ee..h, gua kagak dapet kedudukan sama sekali!” B: “Daripada gua kemarin, naek beus kota...lagi enak-enak ketidurin..eh dibangunan sama kondektur!”

Hayang Naon Atuh? Aya hiji pamuda keur ngarayu awewe. Ngan hanjakal, ngarayu awewena téh leuwih kana cara pamaksaan. Pamuda: “Pokona lamun Nyai teu narima cinta Akang, Akang mah arek nekad!” Awewe: “Aduh, ulah baluas kitu atuh Akang. Memang Akang rek ngalakukeun naon?” Pamuda: “Yeuh, Nyai! lamun Nyai nolak cinta Akang, Akang arek nekad ngajleng ti gawir! Sedengkeun lamun Nyai narima cinta Akang, akang mah moal asa-asa rek ngagantung diri!” Awewe: ~%$#!!

Kaleungitan Aya hiji kulawarga kaleungitan nini-nini. Nya éta kulawarga téh masang pengumuman di koran, kieu eusina teh: Tos Ninggalkeun Rorompok. Nami: Uti Sutijah Stephani, Yuswa: 88 taun Ciri-ciri: rambut galing muntang tipepereket, ngangge kaca soca, sareng soantenna cempreng. Waktos ninggalkeun rorompok ngangge kaos warna hejo, dilancingan Levi’s, ngangge sendal capit warna koneng. Sing sahaning anu tos mendakkan jalmi anu ciri-cirina cocog sareng di luhur, nyuhunkeun bantosanana kanggo mulihkeun deui sendal capitna, margi sendal capitna bade dianggo!

Ragrag Incu: “Euleuh-euleuh, ieu coba geura dina koran aya berita aheng, Ki!” Aki: “Aya naon kitu?” Incu: ”Aya jalmi ragrag ti tingkat 3 tapi salamet, bener-bener jagoan!” Aki: “Ah, éta mah teu sabaraha. Aki mah jaman keur ngora pernah ragrag ti tingkat 7!” Incu: “Wah, Aki hebat pisan. Teu nanaon, Ki?” Aki: “Henteu, ngan cingir leungeun katuhu Aki misalah hungkul...nu lainna mah: parotong!”

Pengumuman Isuk-isuk... Ngong..kadenge aya pengumuman ti pengeras suara: “Ibu-ibu nu bade ditimbang enggal ka Posyandu!”

Beurang... Ngong..kedenge deui aya pengumuman: “Ibu-ibu warga RT 10 dihaturanan enggal nyandak pakarang, sabangsaning awi...penggebug kasur...atanapi gagang sapu! Margi ibu-ibu ti RT sabeulah ngajak deui tawuran!”

Babatawian Hiji waktu Nyi Ipah karek balik ti Jakarta. Rumasa aing unggal poe ngomong basa Indonesia, ngomongna téh sok Babatawian wae. Manehna rek ulin ngurilingan Bandung jeung babaturanana, Nyi Karsih. Nyi Ipah nanyakeun jalan ka tukang kios jajamu. “Maas. Maf. Kalow jalan Martadimana Dinata, yah?”, tanya Nyi Ipah. Tukang kios jajamu batan bisa ngahuleng. Manehna terus ngajawab: “Oh, kalo mau ke Jalan Martadimana, naik angkot jurusan Bineng aja, Nong!”

Jauuuuuuuuuuuh! Jang Dayat kenalan jeung hiji wanoja di Alun-Alun. Ahirna, duanana jalan-jalan babarengan. Waktu si wanoja rek balik, Jang Dayat nanya si Wanoja (niatna mah irah-iraha rek ulin ka imah si wanoja tea). Jang Dayat: “Dupi, rorompok téh tebih teu ti dieu?” Wanoja: “Ah, henteu Kang.” Jang Dayat: “Atuh upami kitu mah, Akang tiasa iraha-iraha amengan ka rorompok?” Wanoja: “Mangga wae, Kang! Diantos pisan!” Jang Dayat: “Ngangge angkutan umum naon nya ti dieu?” Wanoja: “Oh, ti dieu mah gampil, nganggo angkot nomer 18. Nya ongkosna mah mung sarebu rupia. Tos kitu naek waé ojeg...nya kana lima jam-an mah. Teras naek waé rakit, kirang langkung hiji satengah jam-lah. Tong hilap nya kang nyandak obor sareng sendal 3 rampasan mah. Tah tos turun tina rakit, Akang mapah waé ngalangkungan dua gunung deui..nya kirang langkung dua dintenan! Eta ogé upami nonstop!”

Kinanti Jang Doel nembe sababaraha bulan pindah sakola SD ti Jakarta ka Bandung. Hiji waktu, di kelas keur diajar pelajaran Basa Sunda. Kabeneran nu dijarkeun téh Pupuh Kinanti. Jang Doel dititah ku guruna pikeun nembangkan salah sahiji Pupuh Kinanti di hareupeun kelas. Jang Doel tuluy maju ka hareupen kelas bari pokna: “Teman..teman saya akan mencoba menyanyikan Pupuh Kinanti yang berjudul Anak Kecil Dapat Terbang..dengerin ya!” Anak kecil dapat terbang.... Bebaku terbangnya malam... Berkeliling melayang-layang... Mencari yang manis-manis... Serupaning buah-buahan... Apa saja yang ketemu.... Teu Nalipak Maneh Nyi Omas datang kahiji dukun nu kawentar jago pelet. Dukun: “Aya pamaksadan naon Nyai téh sumping ka Mbah?” Nyi Omas: “Kuring nyeri hate..asa pisan manehna kasep sorangan. Pokona mah Mbah kuring mah hayang melet hiji lalaki nu ku kuring sok impi-impi tiap detik!” Dukun: “Saha éta téh Nyai? Urut salaki Nyai? Kabogoh batur..atawa...” Nyi Omas: “Pisan-pisan lain Mbah..” Dukun : “Saha atuh, Nyi? Jigana Nyai meni kabungbulengan kitu!” Nyi Omas: “Eta kuring mah hayang melet si kasep Leonardo di Caprio tea!”

Lalaki Sajati Dua lalaki keur ngobrolkeun masalah rumah tanggana. Lalaki nu hiji kabeneran keur pasea jeung pamajikanana. Lalaki 1: “Yeuh, lamun anjeun pasea jeung pamajikan, tembongkeun yen anjeun téh lalaki sajati. Tong daek eleh ku ngaran pamajikan!” Lalaki 2: “Puguh atuh kuduna kitu! Eta mah basa keur kamari pasea, pamajikan nepi ngorondang ka hareupeun kuring....” Lalaki 1: “Tah kitu atuh alus! Terus naon dilakukeun ku pamajikan maneh?” Lalaki 2: “Pamajikan kuring ngorondang nepi kadongko-dongko bari ngorehan ku sapu, terus ngomong: Kaluar siah ti kolong ranjang lamun maneh heueuh wani pasea jeung aing! ” Lalaki 1: &$@&*!!?? Imitasi Si Aceng keur jalan-jalan ka kota, sakalian rek ngaheroyan awewe. Manehna terus asup ka salah sahiji cafe. Di meja juru katingal aya awewe geulis keur cicing sorangan. Si Aceng terus nyampeurkeun bari langsung diuk hareupeun awewe tea. “Nyalira wae, Neng?” tanya si Aceng bari langsung pasang aksi. “Muhun!” jawab awewe bari imut. Katingal ku si Aceng éta awewe keur neuteup hiji foto lalaki nu aya dihareupeunana. “Saha Neng? Kabogoh nya? Bangun nu sedih kitu, nembe diputuskeun?” “Ah, sanes Kang, sanes kabogoh..sareng teu nembe diputuskeun abdi mah. Malih, abdi mah nuju milari...” Si Aceng bungah kabina-bina ngadenge jawaban ti éta awewe. “Aduh..kaleresan atuh upami kituh mah. Kaleresan Akang ogé nuju milarian istri yeuh!” “Nu leres, Kang?” “Muhun..sumpah! Euh..ngomong-ngomong, éta foto saha atuh saleresna? Meni gagah tur kasep kitu! Akang mah janten minder....” “Ieu mah..euh, foto abdi sateuacan operasi ganti kelamin!”, jawab si awewe.

Disunatan Budak: “Pa, Ujang mah engke alim disunatan ku bengkong urang Jepara!” Bapa: “Naha kitu?” Budak: “Sieun diukir!” Bapa: “Ah, da Bapa mah rencanana ogé rek ku bengkong urang Cipacing. Sugan nu Ujang bisa dijieun kawas bedil angin!”


Dipoe Ieu mah carita si Juned jeung si Utun. Duanana téh pasen rumah sakit jiwa (RSJ). Duanana cicing sakamer. Teu aneh mun éta dua pasien téh ahirna jadi sobat dalit. Ka mamana sok babarengan. Nepkeun ka hiji poe, manehna arulin di taman. Mimitina mah manehna duaan caricing di sisi balong nu aya di tengah taman. Na atuh,, teu sabaraha lila si Utun bet ngagajleng ka éta balong nu lumayan jero. Puguh nu aya di dinya rareuwas, kabe pasen nu kabeneran aya di taman singjarerit. Untung si Juned rikat, buru-buru manehna ngagajleng ka éta balong. Manehna nulungan si Utun nu katingali rorongheapan dina cai. Teu lila, si Utun bisa kaangkat ku si Juned. Sakabeh reueus ningali tindakan si Juned. Ahirna, si Utun dibawa ku si Juned ka kamer tempat maranehna cicing. Isukna, si Juned dipanggil ku kepala dokter rumah sakit jiwa. Dokter: “Juned, maksud Bapa manggil anjeun téh aya piomongen. Hal ieu ngeunaan duap perkara. Nu kahiji pikabungaheun jeung nu kadua pikasediheun...” Juned: “Naon, Pa nu pikabungaheunana?” Dokter: “Ningali kalakuan anjeun kamari nu geus nulungan si Utun, anjeun ku pihak rumah sakit geus dianggap cageur. Sabab, naon nu dilakukeun anjeun téh jarang pisan bisa dilakukeun ku jelema-jelema saperti aranjeun...” Juned: “Nuhun atuh upami kitu mah, Pa. Da éta mah sadayana mung kawajiban abdi kanggo nulunan batur!” Dokter: “Alus atuh ari kitu mah. Hal ieu ngabuktikeun yen anjeun bener-bener geus bisa kaluar ti rumah sakit ieu! Tah..ngeunaan perkara nu kadua nu pikasediheun...” Juned: “Naon tah, Pa?” Dokter: “Tadi isuk..basa anjeun sare keneh, di tukangen kamer anjeun..si Utun geus bunuh diri ku jalan ngagantung diri...” Juned (buru motong): “Ke..ke..keheulanan, Pa. Da si Utun mah rarasaan teu ngagantung diri...” Dokter : ”Ari geus kunaon?” Juned: “Eta téh Pa saleresna, basa kamari abdi tos nulungan si Utun teh...abdi langsung waé nyandak anjeunna ka kamer. Kusabab baseuh..nya ku abdi si Utun digantung di tukangeun kamer supados kangin-angin..kan engkena enggal garing. Karunya Pa, tiriseun! Da pas dicandak ka kamer ku abdi téh manehna meni ngahodhod!!!”

Gambar Apel Ieu mah carita hiji guru awewe nu keur nerangkeun tentang buah-buahan. Pikeun pengajaran leuwih jentre, éta guru ngagambar buah apel dina bor, terus manehna ngabalikken awakna terus nanya: “Sok....saha nu terang, ieu gambar naon cobi?” tanya guru bari nunjukkeun gambar nu bieu nu digambar ku manehna. “Imbiiiit!’ jawab murid-murid saur manuk. Atuh si guru bangun reuwas campur keuheul. “Sakali deui..ieu gambar naon?” “Imbiiiiit!” Si guru teu kuat ngadenge jawaban murid-muridna teh. Nepikeun manehna ceurik. Sabot keur kita kabeneran aya kapala sakola ngaliwat. Eta Kapala Sakola asup ka kelas terus nyarekan murid-murid. “Bener-bener maraneh mah geus diluar wates, make nyieun guru maraneh ceurik sagala! Sing sopan ari ka guru teh!” laklak dasar Kapala Sakola nyarekan murid-murid. Murid-murid ngan bisa jempling. Teu lila Bapa Kapala Sakola ngalieuk kana bor, manehna ningali gambar nu aya di dinya. “Wah...ieu mah bener-bener geus kaleuleuwihi! Dasar budak bentengur kabeh, malah geus wani-wani ngagambar bujur dina bor sagala!! Hayoh ngaku siah, saha nu geus wani-wani ngagambar ieu bujur?!!”

A-Z

“Coba sebutkeun ngaran buah-buahan ti A nepi ka Z!”
“Gampang. A...Anggur, B...B...euh  Balimbing, C...C..”
“Ah, hese atuh. Kieu yeuh...A...Apel!”
“B?”

“Buah Apel” “C?” “Ceuk kuring ge kan apel!” “D?” “Dibejaan apel!” “E?” “Emang apel, kan?” “F?” “Fruit apel!” “G?” “Geus nyaho apel!” “H?” “Heueuh apel!” “I?” “Ituh-ituh geura...kan apel!” “J?” “Jelas-jelas apel keneh!” “K?” “Kehed téh dibejaan apel!” “L?” “Lain titatadi téh apel?” “M?” “Monyong teh..geus nyaho apel!” “N?” “Nu kitu téh apel!” “O?” “Ooooh...Apel geuningan?” “P?” “Pan apel keneh!” “Q...?” “Qitu-Qitu ge jawabanna apel yeuh!” “R?” “Rarasaan apel keneh-apel keneh!” “S?” “Sabodo teuing, nu penting apel!” “T?” “Tuh kan dibejaan ogé apel!” “U?” “Urang mah dah jawabanna hayang apel!” “V” “Vikir ku maneh, apel keneh!” “W?” “Wayahna jawabanna apel nya?” “X?” “Xira-xira mah apel, euy!” “Y?” “Yaaaa....apel atuh!” “Z?” “Zibezaaaan..apel!!!!”

Aslina Neng Susi nuju motokopi KTP. Tos beres, terus manehna indit. Teu lila Nen Susi inget yen KTP aslina tinggaleun. Neng Susi balik deui ka tempat fotokopian, bari langsung nanya ka tukang motokopi: “A, punten dupi aslina mana, nya?” tanya Neng Susi. Si tukang fotokopi ngajawab: ”Oh, upami abdi mah aslina ti Tasik! Ti Pagerageung!!”

Nitah Bapa Ieu mah kalakuan di Sarjun nu kawilang cukup teu sopan. Manehna sok nitah Bapa sorangan. Saperti dina hiji peuting, manehna ngajorowok ti kamerna nitah Bapana nu keur nongton tv di tengah imah. “Paaaaa! Pangnyandakeun cai eueut!” Puguh atuh bapana kesel kabina-bina. “Sarjun, sok siah...geus bijil kabiasaan teu matut teh. Lain molor siah! Jam sakieu can sare..eh..ngadon nitah bapa sorangan deuih!” “Atuh Pa, pangnyandakeun cai...hoyong eueut yeuh. Haus!” “Na..ieu budak dikepret siah ku aing! Bener-bener nurustunjung! “Paaaaa!” “Naon deui?!” “Upami Bapa bade ngepret abdi ka dieu, punten sakantenan nyandak cai eueut, nya?!”

Tesis Caritana si Kabayan nuluykeun sakolana ka S2. Di ahir kuliah, manehna nyieun tesis nu judulna kieu: “Pengaruh Kebiasaan Ngorok Berdasarkan Segi Tata Lingkungan dan Pedagogik dalam Perspektif Marjinal Mnemonis Absolut yang Koheren dengan Aspek Multitafsir Nasionalisme Standar dan Narsisme Utuh yang Ada dalam Lingkup Pemberdayaan Unsur Budaya Maritim Urban Kausalitas (Tinjauan Struktur Feminis dan Anarkis dalam Teori Marxisme Masa Kini dalam Lingkup Pitch Control dan Jaringan Website yang Padu dengan Gizi Lingkungan Hayati Nabati Audisi Multitalent)”

Do’a Jomlo Maksa Nun Gusti...Upami anjeunna jodo kuring, caketkeun! Namung, upami sanes jodo abdi..sing dijodokeun! Upami anjeunna heunteu ngajodo sareng abdi, nya..jantenkeun abdi sareng anjeunna jodo... Upami anjeunna sanes jodo abdi, tong dugi anjeunna kenging jodo nu sanes, iwal abdi! Nun Gusti...lamun téh anjeunna teu tiasa dijodokeun sareng abdi, tong dugikeun anjeunna kenging jodo nu sanes, keun waé anjeunna jodo sareng abdi! Nun Gusti...upami anjeunna jodo sareng nu sanes, pisahkeun..sareng teras jodokeun ka abdi. Saupamina anjeunna tetep jodo ka nu sanes, wios nu sanes pendak sareng jodo nu sanes deui, sarengna teras jodokeun deui we anjeunna sareng abdi...Amiiiin!

Calon Minantu Palsu Si Sarkim katelah jelema baragajul. Hiji waktu manehna bogoh pisan ka anak ajengan. Manehna ngadadak ganti penampilan pikeun narik perhatian Mama Ajengan. Isuk-isuk manehna namu ka imah Mama Ajengan bangun nu sopan. Si Sarkim make baju koko, disarung, dikopeah, jeung teu poho nyekelan tasbeh, ngomongna ogé mani dilekoh-lekoh jeung loba nyebut Asma-Na. Nepi ahirna mah ngomongkeun masalah kaagamaan sareng Mama Ajengan. Si Sarkim embung katingali yen manehna jauh tina agama, pok manehna ngomong: “Alhamdulillah, Mama...abdi mah saban tengah wengi teu weleh netepan istisqa. Unggal enjing-enjing ti tabuh dalapan dugi ka tabuh salapan abdi mah teu kalangkung netepan tahajud. Ti Jurupinah dugi ka Samiyah (maksudna mah Jurumiyah jeung Safinah) tug dugi Ko Ping Ho ogé abdi mah tos khatam! Pokona mah nu dilakonan saban dinten ku abdi, teu tebih tina ayat Qur’an: Ana dhofatu Minal Iman...yen urang téh kedah nepikeun kabenaran walapun satu ayat! Kutan, kitu kan leres Mama Ajengan? Alhamdulillah deui, dugi denget ayeuna abdi mah teu weleh puasa Daud nyaéta puasa Senen-Kemis. Waktu si Sarkim rek balik, manehna nanya ka Mama Ajengan: “Punten bade tumaros, upami di dieu Jum’atana dinten naon nya?“

Uniko Ieu mah kalakuan si Sarkim. Manehna kabenaran keur kuliah di hiji paguron luhur di Bandung. Ampir saminggu sakali manehna balik ka lemburna., biasa..uniko alias usaha nipu kolot. Rupa-rupa waé nu jadi bahan uniko na teh. Sarkim: “Ema..Abah...minggu hareup kuring kudu meuli push up!” Bapana: “Kira-kira sabarahaeun kitu, Jang? Jeung naon deuih pus ap teh? Sarkim: “Nya sakitar 200 rebueun lah. Eta push up téh kanggo praktikum! Minggu hareupna si Sarkim balik deui ka lemburna. Sarkim: “Bah, semester ayeuna mah, abdi saur dosen kedah meser shit up kanggo KKL sakitar 300 rebueun.”

“Yeuh! Sing soson-soson nya kuliah di Bandung teh!”

Aya kana sa semesterna si Sarkum terus nipu kolotna ku jalan kitu teh. Nepi ka hiji waktu, di imah si Sarkum diayakeun kariaan. “Kariaan dina raraga naon itu teh, Bah?” Tanya tatangga si Sarkum ka Bapana. “Ieu mah dina raraga si Sarkum naek kelas! Cenah geus sasemester, alhamdulillah si Sarkum teu ngenog! Dasar budak calakan. Kuring mah nyaahh pisan ka éta budak teh. Minggu hareup ge manehna geus kudu meuli bekrol (maksudna Backroll) pikeun praktikum. Mangkaning cenah harga bekrol téh aya kana sajutana. Tapi demi kamajuan anak kuring mah wani nepi kudu ngajual sakotakan sawah mah. Keun bae itung-itung da bapa jeung indungna mah buta huruf!” “Sanes, ari si Sarkum téh di Bandungna kuliah di mana kitu?” “Kuliahna mah cenah di ITB nyokot Jurusan Ekonomi Akuntansi!”

Paguron Luhur Dina beus ka Cicaheum-keun si Somad sakorsi jeung hiji wanoja. Somad: “Mulih ti mana, Neng?” Wanoja: “Kaleresan mulih ti kampus bade uih ka Bandung!” Somad: : “Kuliah di mana kitu, Neng?” Wanoja: “Di Undip...Universitas DIPonegoro!” Somad: “Upami kitu mah sami atuh..abdi ogé di Unpad” Wanoja: “Ih..benten atuh, Kang!” Somad: “Sami atuh..Unpad téh apanan Universitas PAngeran Diponegoro! Nyandak jurusan naon?”

Patung Ganesha A: “Ceuk maneh, patung Ganesha nu aya di hareupeun kampus ITB, awewe atawa

    lalaki?”

B: “Nya lalaki atuh! Da mun awewe mah Ganeshi!” A: “Bener lalakina mah..ngan salah alesanana!” B: “Naon kitu?” B: “Lalaki, sabab manehna sila. Da lamun awewe mah pasti embok! Jeung moal nyepeng gada..tapi kipas!” Nguseup Hiji pamuda keur anteng nguseup di hiji balong. Keur kitu aya bapa-bapa milu diuk di gigireunana. “Kumaha Jang, loba meunang laukna?” tanya si bapa-bapa. “Alhamdulillah, Pa. Ayeuna nembe kenging dua ember. Mangkukna na mah malih dugi kenging ka lima emberna. Ngan basa kamari mah kenging kana tilu satengah ember! Bapa bade ngiring nguseup di dieu?” walon si pamuda bari anteng ningalikeun kukumbul. “Oooh...hei, ari maneh nyaho saha kuring?” “Henteu!” walon si pamuda. “Yeuh dengekun ku silaing...dewek téh nu boga balong ieu!!!” “Bapa ogé teu terang saha abdi?” “Saha?” “Abdi téh kasohor jalmi nu tukang bohong, Pa! Pokona di daerah ieu mah teu aya nu pangtukang bohongna iwal ti abdi!”

Beungeut Encuy: “Hei, Gum...ningali teu....awewe geulis nu sok diuk hareupeun warung sok mindeng imut mun ningali ka kuring!” Gugum: “Huuuu...masih untung manehna mah imut! Nyaho teu, baheula waktu mimiti pisan kuring ningali bengeut maneh...kuring mah ampir paeh...bakat ku hayang seuri!” Anak Embe Si Amran keur leumpang bari mamangku anak embe. Manehna ngaliwat hareupeun si Jojo jeung babaturan lainna. Jojo: “Ka mana euy..wayah kieu geus bareng jeung monyet?” Amran: “Saha nu bareng jeung monyet? Kuring mah bareng jeung anak embe, nyaho. Tingali atuh...” Jojo: “Saha deuih nu nanya ka maneh, da kuring mah nanya soteh ka anak embe!”

Kabiasaan Hiji poe, Pa Kadir nitah dokter pribadina supaya datang ka imahna. Pa Kadir: “Dokter, cik tulungan..ahir-ahir ieu kuring sok ngalaman hal nu aneh-aneh!” Dokter: ”Aneh-aneh naon, Pa? Panginten jantung Bapa kumat deui!” Pa Kadir: “Sanes...sanes eta. Kieu yeuh, tos sababaraha dinten ieu, satiap kuring rek kahampangan...teras muka kamer cai, lampuna téh sok hurung sorangan, Pa Dokter! Biasana ari ngahurungkeun lampu kamer cai mah cukup ku stop kontak wae.” Dokter: “Rada aneh ogé nya. Saena mah Bapa ayeuna mah seueurkeun waé istirahat. Panginten Bapa keuna halusinasi..” Saberesna mikeun obat penenang, éta Dokter langsung ngajak ngobrol budak Pa Kadir nu bungsu. Dokter: “Neng, Bapa téh tadi nyarios cenah mah satiap muka panto kamer cai kanggo kahampangan, anjeunna sok ningali lampu hurung nyalira. Eta téh leres, Neng? Panginten kamer caina kedah dilereskeun...” Beres dokter ngobrolkeun ngeunaan kaayaan Pa Kadir, éta budak nu bungsu ngajorowok ka lanceukna nu aya di dapur. “Teteeeeeeh! Si Bapa kahampangan deui dina kulkas!” Dokter: &^!@$&?

Jadi Miskin Aya hiji awewe nu ampir sataun kawin, ngobrol jeung babaturan heubeulna. “Yeuh, salaki kuring mah..ayeuna saprak kawin jeung kuring geus jadi jutawan!” ceuk éta awewe. “Atuh, syukur. Milik geuning salaki anjeun mah. Ari baheulan salaki téh jadi naon atuh samemeh jadi jutawan teh?” tanya babaturanana panasaran. “Euh, ari memeh kawin jeung kuring mah...milyuner!”

Kondom Hideung Aya hiji budak nu kulitna hideung kabina-bina. Hiji poe manehna balik sakola ceurik, ngadu ka Bapana. “Pa, Ujang mah isin di sakola sok disirikan waé ku rerencangan. Maranehna sok ngalandih Ujang: Si Lestreng! Kunaon atuh, Pa Ujang téh bet hideung-hideung teuing?” tanya budak bangunj nu sedih. Pok Bapana ngajawab: “Kieu caritana mah Ujang! Baheula Bapa Bapa jeung indung hidep karek kawin, Bapa téh hayang make kondom ameh indung hidep teu wara boga anak. Tah Bapa téh ka apotek meuli kondom. Ari pek, kondom nu dijual ngan tinggal dua warna, hideung jeung hejo. Nya Bapa milih meuli nu hideung. Pek téh pas dipake, éta kondom bocor..nya ayeuna jadi waé hidep. Sok pikiran ku Ujang, kumaha mun harita Bapa milih nu warna hejo? Meureun kulit hidep téh jiga si HULK. Jeung sing sabar Ujang. Yeuh..Presiden Afrika oge, hideung-hideung beunghar!” Panon Poe Hiji budak Afrika keur nanya ka indungna. Budak: “Ma, kunaon ari panon poe téh bet aya hiji?” Indung: “Yeuh, Sujang...panon poe hiji wae, kulit urang geus hideung kieu, komo mun dalapan!”



Beuki Nyeri! Hiji ibu-ibu diuk dina beus bari mawa budakna. Lalaki nu diuk digigireunana ngahina bebeakan ka budakna. “Ibu, budak ibu téh meni urengih kitu, panon bolotot, pipi tembem, jeung kulitna mani hideung kitu!” ceuk éta lalaki. Atuh si ibu-ibu téh kabina-bina nyeri hatena. Eta ibu-ibu téh terus pindah diuk ka tukang bari ceurik. “Kunaon Ibu téh meni ceurik kitu? Kacopetan?”Tanya hiji panumpang di tukang tempat si ibu-ibu tadi anyar pindah. “Henteu....ibu mah ngan nyeri hate we éta ku penumpang nu dihareup. Bener-bener pisan ngahina teh!” walon si ibu bari nyusutan cipanona. Budakna diteundeun di gigireun nu bieu nanya. “Nurustunjung atuh ari kitu mah. Lawan we bu, tuman! Jug ibu kapayun carekan lah éta jelema teh! Keun ieu anak monyet mah ku abdi urang jagi di dieu!”

Film VCD A: “Si kasebelan maneh mah ari nginjeumkeun film teh. Geuning euweuh gambaran nanaon!” B: “Emang kamari maneh nginjeum CD nu judulna naon kitu?” A : “Judulna? CD-Cleaner!”

Ragaji Mesin = Kampak Si Kabayan karek saumur hirup ka kota. Di kota manehna meuli ragaji mesin (chain-saw). Suamur hirup si Kabayan can pernah ningali mesin chain-shaw. Tapi, teu leuwih ti tilu poe, si Kabayan geus datang deui ka toko nu ngajual ragaji mesin tea bari ambek-ambekan. “Nurusunjung, cenah kamari ieu alat téh alus keur nuar tangkal! Tapi kalahkah hese geuing! Ngadon ruksak malah! Pokona dewek mah menta ganti!!!” Ceuk si Kabayan bari popolotot. “Ke heula, Pa. Ari Bapa make ieu alat kumaha kitu?” tanya si nu ngajaga toko. “Nya dipakena mah, biasa we jiga nuar tangkal...nya biasa lah saperti cara kampak makena mah. Lain kitu?”

Kulawarga Haseup Raden Masakat Sangsaradihaja boga anak lima. Kalima anakna téh nyiar usaha aya hubunganan jeung haseup. Coba we geura, anak kahiji dagang rokok. Anak kadua dagang knalpot. Anak katilu dagang menyan. Nu kaopat jadi tukang foging, lamun aya wabah demam berdarah. Tah, mun anak nu kalima mah tukang sate. Ari Raden Masakat Sangsaradihaja? Anjeunna mah teu pira mung tukang jaga kawah!

Warta Kacilakaan Si Adun jeung si Somad keur ngobrol. “Mad, kamari mah di Rusia aya kacilakaan motor. Tapi nu maotna nepi ka aya saratus lima puluh urangna!” Ceuk si Adun. “Wah, maenya tabrakan motor korbanna nepi ka saratus lima puluh urangna kitu!?” si Somad heran. “Heueuh. Kajadiana mah, aya dua motor tabrakan di jalan. Motor nu kahiji ngacleng. Geus puguh nu ngajalankeunna mah maot da tabrakanna tarik pisan. Tah, motor téh ngacleng ka warung bensin 4 tak. Kabeneran nu jagana di dinya aya nu ngaroko. Atuh éta warungngabeledug. Kabeneran di tukangeun warung aya mobil tentara Rusia nu keur cicing. Eta mobil tentara téh keur ngangkut amunisi pikeun latihan perang. Na, can euereun atuh...eta kabeh amunisi téh ngabeledug nepi beunang ka reaktor nuklir nu jarakna aya lima ratus meteran ti dinya. Eta mah kabeh sawilayah didinya maot kabeh!” “Sakalian we atuh, geus reaktor nuklirna ngabeledug, keuna kana kapal nu keur ngapung. Terus éta kapal murag ka stadion maenbal nu keur pinuh ku penonton. Kumaha, alus?” Ceuk si Somad kagok wadulna si Adun gede.

Gapleh Lila Aya opat pamuda nu pangedulan kabina-bina. Unggal poe caricingna téh di gardu pos ronda. Tah, lamun peuting maranehna téh sok maen gapleh. Lamun maen gapleh geus magrib, sok parat nepi ka subuh wae. Ngan ari nu jamakna mah gapleh téh sok RT-an. Ari ieu mah tara, tapi sok GUBERNUR-an. Minimal WALIKOTA-an. Puguh atuh lila ka anggeusna!

Modal Kenyot “Lain euy. Pamarentah téh hayangna kumaha? Geus puguh rahayat téh susah kabina-bina...eh BBM di taeukkeun geura. Puguh atuh epekna katingali geura. Busung lapar di mana-mana...nepi ka hayang udud ge hese pisan!” ceuk si Udin. Ka si Subro. “Meunggeus tong make malapah gedang sagala. Hayang ngudud mah ngomong we...make mawa-mawa pamarentah jeung BBM sagala!” ceuk si Subro bari ngaluarkeun rokok tina sakuna. “Heueuh atuh. Cik, aya sabatang mah?” “Yeuh!” Si Subro mere sabatang. “Korekna sakalian lah....” “Maneh mah unggal poe ngan ngamodal kenyot jeung paru-paru we!” si Subro kesel.

Kekerasan “Ceuk saha Neng..awewe teu beuki kekerasan?” tanya si Kabayan ka hiji awewe nu jadi aktivis perempuan. “Na ari si Akang! Yeuh Kang, kekerasan ka awewe mah geus lain jamanna. Ayenuna mah jamanna emansisapi. Awewe téh lain objek penderita! Lain geus aya ogé undang-undangna?” ceuk éta awewe nyorongot ka si Kabayan. “Lain, maksad Akang mah..kekerasan..euh kekerasan..nu eta. Da lamun teu keras mah Neng ge kuciwa meuereun...!” “Oooh, muhun atuh Kang. Sanes deui konteksna atuh kekerasan éta mah!” ceuk si Neng aktivis bari alumad alimed.

Miss... Hiji waktu di Amerika diayakeun kagiatan Miss World. Para pamilon ti sakabeh dunya aya di dinya. Pembawa acara neybutkeun hiji-hiji para pamilon tea. Jol ka luhur panggung wanoja geulis leumpang ngagandeuang. “Inilah diaaaa...Misss Jermaaaan!” Teu lila bijil deui hiji wanoja geulis kabina-bina ngagandeuang di luhur panggung. “Inilah diaaaaaaa....Misssss Spanyooooool!” Geus kitu....ari pek téh bagean ti Indonesia..nu bijil téh nini-nini rerempo. Manehna naek ka panggung, sanajan MC can nyebutkeun ge. Eta nini-nini leumpangna bongkok, mawa iteuk, buuk jabrig...jeung bari nyeupah! Si MC terus ngenalkeun éta pamilon ti Indonesia: “Inilah diaaaaaaaaa...Miss...Misss......Misteri Gunung Merapi!”

Goyang.... Di hiji kampung, aya opat nini-nini ngadadak gering ripuh sanggeus nongton konser dangdut di lapang desa. Ceuk beja cenah mimitina mah éta tilu nini-nini téh paagul-agul yen maranehna bisa joged. Tah, pas dangdut maen, si nini kahiji naek ka panggung terus mraktekeun joged jiga Inul..alias goyang ngebor. Beres joged éta nini-nini pasiksak cangkengna! Nini-nini nu kadua embung eleh, manehna kalacat naek ka panggung terus joged goyang Anisa Bahas, nyaéta goyang patah-patah...alhamudillah beresna, sukuna potong hiji. Nini-nini nu katilu ogé sarua embung eleh..manehna langsung joged goyang vibrator. Beresna, éta nini-nini téh ngagibrig dibarung ku panas tiris! Nini-nini nu kaopat mah mraktekkeun joged kayang. Eh, geus beres kayang...ari pek awakna teu bisa dibalikkeun!

Atheis Aya urang atheis keur ngadoa: “Nuhun Gusti Nu Maha Welas Maha Asih, dinten ieu abdi masih keneh atheis!”

Di Beus Kota “Nuhun pisan, Pa!” “Nuhun naon? Kuring mah teu rumasa mere atawa nulungan nanaon ka anjeun!” “Abdi mah nganuhunkeun...eta Bapa tos teu nijek deui indung suku abdi!”

Sabar! Si Sule halabhab kabina-bina sanggeus sapoe jeput leumpang neangan lowongan gawe. Manehna geus teu kuat hayang nginum. Manehna tuluy asup ka hiji warung makan. Sule: “Bu, caina hiji!” Tukang warung: “Cai naon, Cep? Bade susu, teh, minuman soda, atanapi kopi?” Sule: ”Susu we..!” Tukang warung: “Bade susu kaleng atanapi susu murni?” Sule: “Susu murni we!” Tukang warung: “Susu ti Pangalengan atanapi ti Lembang?” Sule: “Ti Lembang we!” Tukang warung: “Ngangge campuran rasa strowberi, coklat, moka...atanapi ngangge kopi wae?” Sule: “Ngangge kopi!” Tukang warung : “Kopina nu Arabica atanapi lokal wae?” Sule (geus te kuat): “Nu lokal we!” Tukang warung: “Kopi Bengkulu atanapi Bali wae?” Sule: ”Ibu..nyiksa téh kabina-bina teuing! Abdi téh haus kabina-bina! Tos inuman soda wae!” Tukang warung: “Bade Sprite, Fanta, atanapi Coca Cola?” Sule: “Fanta!!” Tukang warung: “Rasa strawberi atanapi jeruk?” Sule: “Jeruk!” Tukang warung: “Bade nu tiis atanapi biasa?” Sule: “Tiis!” Tukang warung: “Waduh, kaleresan nu tiis mah teu aya!” Sule : ”Nu biasa we!” Tukang warung :”Oooooh..antosan atuh sakedap! Urang candak heula di warung sabeulah, kaleresan seep oge!” Sule: ”Aing nyaho kieu mah mending diaborsi we ti orok!”

Normal? Hiji lalaki datang ka psikiater. Lalaki: “Pa, kumaha nya abdi téh ahir-ahir ieu janten sok bogoh ka hayam!” Psikiater: “Anjeun rerepna ka hayam jalu atawa bikang?” Lalaki: “Ari Bapa..kieu-kieu ogé abdi mah normal keneh!!! Abdi mah sanes homo, maenya resep ka hayam jalu? Abdi mah Pa normal, resep ka hayam bikang!” Psikiater: “Memangna resep ka hayam normal kitu?” Nyumput

Saurang tukang kiridit ngadatangan hiiji imah, maksudna mah rek nagih. “Assalamualaikuuum..araraya?” Teu lila aya budak leutik awewe mukakeun panto. “Walaikum salaam. Emang bade nagih kiriditan si Mamah nya?” tanya budak. “Muhun. Mamahna aya?” “Teu aya. Mamah mah nuju ka Majalaya.” “Ooooh, ari Eneng terang teu di mana Majalaya teh?” “Henteu. Ke ku Eneng urang taroskeun heula ka Mamah.” Teu lila, “Maaaaaah, ari Majalaya téh di mana?” budak ngajorowok ka indungna nu keur nyumput di kamer.

Pengumuman Di hiji pameran nu keur pinuh pisan ku pengunjung. Teu lila kadenge aya pengumuman ti pihak panitia pameran. “Hapunten ka sadaya pengunjung. Parantos kapendak hiji budak alit. Namina Gogon Jayadiranjang. Yuswana kirang langkung 5 tahunan. Ciri-cirina: nganggo acuk warna beureum gambar Spongebob, lancingan pondok sabeulah, soca bolotot, pangamung urengih, sareng rambutna galing sabeulah. Manawi ka para pengunjung nu rumaos kaicalan putra nu ciri-cirina nembe disebatkeun, mangga candak waé di meja panitia. Lima menit teu dicandak, ieu budak janten milik panitia!”

Ngiridit Aya dua ibu-ibu keur ngobrolkeun masalah kiriditan. Ibu 1: “Abdi mah ngirirdt teh, atos kana sapuluh tahunna teu lunas-lunas!” Ibu 2 : “Memangna Ibu ngiridit naon kitu?” Ibu 1:”Teu pira ngan ngiridit stum jeung teng waja!” Tawuran Jam 9 isuk-isuk ti pengeras suara nu aya di bale kampung aya pengumuman kieu “Dihaturanan ka ibu-ibu RT 10 anu bade ditimbang enggal ka Posyandu!” Jam 11 beurang aya deui pengumuman: “Ka ibu-ibu miwah bapa-bapa RT 10, disuhunkeun supados enggal nyandak pakarang. Margi, ibu-ibu sareng bapa-bapa RT 11 bade ngajak deui tawuran engke di lapang desa. Hatur nuhun kana perhatosanana! Hidup RT 10!”:

Penemuan Aheng Hiji poe, sakabeh profesor nu aya di dunya dikumpulkeun di Jerman. Maranehna baris nyieun penelitian bareng di hiji laboratorium di Munch. Para profesor ngetrukeun sakabeh kamampuanana pikeun manggihan penemuan anyar. Poe kahiji, profesor ti Jepang sukses nyipatkeun robot nu bisa ngomong tur boga rasa. Poe kadua, profesor ti Taiwan manggihan telepon seluler (HP) nu sanggup nyetel tv. Poe katilu, profesor ti Arab manggihan hiji alat pikeun penyulingancai laut nu bisa diubah jadi cai tawar. Ampir kana sabulanna bijil penemuan-penemuan anyar ti kabeh profesor, iwal ti Indonesia. Dina poe terakhir, profesor ti Indonesia katingai keru muter-muter benda buleud tur leutik ku tungtung jempol jeung curukna. Sakabeh profesor helok. “Wah, teu sangka geuning profesor ti Indonesia bisa ogé nyieun penemuan anyar! Ie mah jiga karet sintetis deui..warnana coklat kieu...” ceuk profesor ti Amerika muji penemuan profesor Indonesia tea. Ahirna kabeh profeor ti sakabeh nagara téh nyobaan nyampa benda buleud coklat tea. “Heuueh alus pisan. Jiga lilin malam ieu mah. Ngomong-ngomong naon dok ieu ngaranna penemuan teh?” tanya profesor ti Rusia ka profesor Indonesia. Profesor ti Indonesia tea ngajawab: “Tah, ieu penemuan kuring sabenerna geus biasa di nagara kuring mah. Ieu di nagara kruing ngaranna katelah: korong!”

Intel Amerika Waktu perang ngagulingkeun Saddam Husein. Hiji intel Amerika katewak ku tentara Irak. Naon sababna? Sababna mah waktu éta i tel Amerika maca koran nu make tulisan Arab, dibacana ti kenca ka katuhu!


Kasarean Si Sadun kasarena di kelas. Guruna ngahudangkeun tuluy nyarekan si Sadun. Guru :” Kunaon maneh Sadun bet molor di kelas, hah?” Sadun: “Wengi téh abdi nonton pinal mengbal Piala Dunia, Pa! Janten ayeuna tunduk pisan.” Guru: “Maneh geus nyaho, lin lamun memeh sare téh kudu tartib! Nyikat huntu heula terus éta suku kumbah heula...sok ka cai heula. Engke sarena ditulykeun dei lamun maneh geus nyikuat huntu jeung ngumah susuk...” Murid-murid: *~%*@%???

Maenya Aya 2 Di hiji toko barang antik, pelayan toko keur nawarkeun tangkorak tokoh penting nu hirup di jaman heubeul. “Mangga, Pa. Ieu tangkorak Hitler...” ceuk pelayan nuduhkeun hiji tangkorak nu disimpen dina lomari kaca. “Oooh...sigana kuring tertarik meuli ieu tangkorak. Sabaraha hargana?” “Hargana mung 120 juta, Pa!” “Maenya mahal-mahal teuing!” ceuk nu rek meuli heran. “Upami kitu mah, mangga nu ieu waé atuh saena..” ceuk pelayan bari nunjukkeun tangkorak leutik nu aya di sabeulaheun tangkorak nu ditawarkeun tadi.. “Tangkorak saha ieu teh?” “Sami, tangkorak Hitler. Namung ieu mah tangkorak Hitler nuju yuswa 7 tahunan. Mirah hargana mah mung 50 juta...”

Calana Jero Si Kemod katelah pamuda ripuh. Minggu hareup manehna rek kawin jeung kabogohna urang kampung sabeulah. Tapi manehna boga masalah. Terus si Kemod ngarenghik ka indungna. “Ma, Kemod mah era...maenya rek kawin meni teu boga calan jero-calana jero acan! Kemod kan era mun malam pertama. Pas pamajikan muka téh atuh langsung....” “Tenang Kemod. Ku Ema bisa diatur! Kieu we atuh...engke ku Ema di pangjieunkeun calana jero, nya!” ceuk indung si Kemod ngupahan anakna. Indungna si Kemod tuluy ngaput calana jero pikeun si Kemod. Kacaritakeun minggu hareupna si Kemod kawin. Eta calana jero jieunan indungana ti beubeurang geus dipapake. Nah, pas malam pertama...pamajikan si Kemod hiji-hiji muka pakean si Kemod. Kahiji manehna muka bajuna si Kemod, terus calana....Tah, pas rek muka calana jero, pamajikan si Kemod ampir kapiuhan. Pamajikan si Kemod ningali kana calana jero nu dipake si Kemod, ari pek dina calana si Kemod aya tulisan: Berat Bersih 25 Kg. Pamajikan si Kemod teu ngabayangkeun beuratna “bobogaan” salakina. Padahal, nu salah mah indung si Kemod..naha nyieun calana jero tina urut karung tarigu!

Karunya Teu Dianggap Hiji lalaki asup ka ruang psikiater. “Sok, caritakeun naon nu janten masalah saderek teh!” ceuk psikiater ka pasenna nu beungeutna katingali kusut pisan. “Kieu, Pa..ahir-ahir ieu abdi téh asa tara dianggap ku batur...” ceuk pasen bangun nu putus harepan. Karek ogé si pasen beres ngomong: “Nya..mangga ka pasen salajengna!” psikiater ngajorowok manggil pasen lain nu aya di luar.

Maen Hiji jalma jegud ti kampung asup ka restoran mewah. Kabeneran jero restoran aya hiji kelompok musik keur maen musik. “Punten, leres nu nuju maen musik téh tiasa maenkeun naon wae?” tanya éta jelema jegud ka pelayan restoran. “Oooooh..leres pisan, Pa! Mangga dipiwarang maenkeun naon ogé tiasa...bilih Bapa bade request” jawab si pelayan. “Mun kitu mah, éta nu dihareup cing sina maen penca...maen bal..atawa maen gapleh!”


Kancing “Nanaona ieu teh? Maenya dina sop abdi aya kancing?!” hiji awewe nu keur dahar ngadat ka pelayan restoran bari nembongkeun kancing nu tadi aya dina jero sopna. “Ooooh, titatadi kancing téh dipilarian. Eta téh kancing nu abdi, Bu! Nuhun, Bu! Mangga lajengkeun deui tuangna!” jawab si pelayan bari nyokot kancing dina...tanpa dosa. Mamah..Meni Haneut Saha atuh nu teu kaedannan ku Nyi Surti. Manehna geulis kacida ditambah awakna jangkung lenjang. Milik pisan Kang Utun mah bisa meunangkeun Nyi Surti. Ti mimiti kawin Kang Utun teu weleh menta “jatah” ka Nyi Surti. Nepi hiji waktu Nyi Surtu boga budak. Hiji peuting, Nyi Surti keur nyusuan anakna. Kang Utun asup ka kamer, kabeneran Nyi Surti keur rada lelengutan nahan tunduh. Da ti peuting kamari begadang waé kumeh budakna ceurik wae. Pas asup, kang Utun ningali nu keur disusuan budakna meni bodas. Puguh mah manehna geus lila teu “bertempur”. Nya harita Kang Utun geus teu kuat nahan birahina. Lampu di kamar ku manehna dipareuman. Kang Utun tuluy ngeteyep nyinglarkeun samping Nyi Surti. Ramo Kang Utun rumpa-rampa... “Aaaah..Nyi meni haneut pisan....! Aaah...rada emoy deuih....” Kang Utun ngaharewos kana ceuli Nyi Surti. Nyi Surti ngagulisik. “Nyiiiiii..haneueut! Akang tosa teu kiat hoyong nyobian deui nu haneut-hanuet ieu...” ramo Kang Utun terus ngatayap. Keur kitu, Nyi Surti ngaleupaskeun susuan orokna nu geus sare. Manehna buru-buru ngorejat. “Ari Akang nanaonan? Haneut-haneut sagala....??” Nyi Surti terus ngahurungkeun lampu. Na, ari pek téh katingali Kang Utun bener-bener keur nyepeng nu haneut, nyaéta e’e orokna! “Aduuuuh, punten Akang tadi téh e’e budak teu acan kaburu diberesihan dina samping gigireun abdi!” Kang Utun ngan pati olohok ningalikeun ramona nu pinuh kunu karoneng!


Curuk Sakti Hiji jeleman nu hirupna miskin pisan indit ka hiji gunung. Di tengah jalan manehna papanggih jeung jelema sakti. “Kuring bakal mere nanaon waé nu dihayangkeun ku anjeun...” ceuk éta jelema sakti ka si miskin tea. “Kuring mah hayang batu éta jadi emas!” ceuk si miskin. Jreeeeng! Bener we éta batu waktu ditunjuk ku curuk jelema sakti tea, éta batu langsung jadi emas! “Naon deui pamenta nu kadua?” ceuk éta jelema sakti deui ka si miskin. “Kuring hayang jantung cau tukangeun anjeun jadi berlian!” Jreeeng! Si jelema sakti langsung nunjuk ku curukna, éta jantung cau jadi berlian sapada hartita keneh. “Tah...ayeuna pamenta terahir...anjeun hayang naon?” “Kuring..hayang curuk anjeun!”

Homo...Lesbi Hiji lalaki nu geus aya umuran hiji waktu asup ka bar. Manehna nginum-nginum pikeun ngaleungitkeun stres. Pelayan bar tuluy nanya ka éta bapa-bapa. “Katingalina Bapa nuju rarudet?” “Heueuh, deuk teu rudet kumaha..kuring boda anak lalaki dua. Nu hiji kamari kapanggih boga kabogoh lalaki deui. Eh, isuk-isuk tadi...anak kuring nu bungsu ogé ngaku yen manehna resep ogé ka lalaki...Pusing aing mah!” jawab si bapa-bapa bari nuluykeun mabokna. “Atuh kumaha Pa, upami kitu mah di bumi Bapa teu aya nu resepen ka istri nya?” tanya si pelayan bar deui. “Ceuk saha? Nu resep ka awewe mah aya...apanan pamajikan dewek!” jawab si bapa-bapa bari sosoloyongan.

Nu Gelo Ge Bisa Kesel Hiji pasen rumah sakit jiwa keur dites. Dokter: “Anjeun nyaho, naon sato musuhna beurit?” Pasen: “Ucing!” Dokter: “Sabara hiji tah panon ucing teh?” Pasen: “Nya aya dua atuh, dok!” Dokter: “Alus! Ari ceulina?” Pasen: : “Sarua dua” Dokter: “Tah..tah...ari sukuna sabaraha hiji coba?” Pasen: “Aya opat!” Dokter: “Ari ucing téh buntutan teu?” Pasen: “Nya buntutan atuh, dok! (ngadat bari cengkat) Ari dokter saumur hirup can pernah ningali ucing?!!! Na ka aing téh meni kabina-bina teuing. Jauh-jauh asup ka rumah sakit ngadon ditanya ucing!!!”

Latihan Hiji awewe nu sakeudeung deui rek kawin ngomong ka bapana... “Pa, sateuacan abdi nikah...abdi hoyong latihan heula!” “Nanaona ari maneh? Make latihan heula? Teu meunang! Engke ge da bakal ngasaan sorangan. Jinah nyaho ngaranna, latihan memeh kawin! Jiga di Barat wae!!!” Bapana ngajawab bari tisosorongot. “Na ari Bapa, maksad abdi mah latihan Karate. Bisi engke salaki abdi wani-wani selingkuh atawa macem-macem..ku abdi kan bisa diteunggeulan!”

Ngarampog Teu Dosa? Hiji gorombolan rampog asup ka imah randa beunghar. Si randa jeung pembantuna ditalian di kamer mandi. Kabeh parabotan berharga jeung duit nu aya di imah dikerid ku gorombolan rampog tea. Memeh kabur, si randa nanya ka pimpinan rampog. “Kunaon atuh maraneh téh teu sakalian merkosa aing, hah?” Si pimpinan rampog tuluy ngajawab: “Ah, henteu Bu. Abdi sadaya mah, kahijina isin..kaduana: sieun keneh ku dosa!”

Gara-Gara Hudang Sare A: “Bayangkeun euy, dewek mah gara-gara dihudangkeun ku pamajikan isuk-isuk..eh pamajikan langsung menta pisah!” B: “Ah maenya?” A: : “Hueuh..isuk-isuk urang dihudangkeun ku pamajikan....pamajikan terus ngadat!” B: “Memang maneh keur sare di mana kitu?” A: “Di kamer si Karsih, pembantu dewek!”

Heureuy Si Juned ngalamar ka hiji perusahaan. Nepi ka hiji waktu manehna diwawancara ku direktur perusahaan. Direktur: “Kira-kira lamun saderek katarima gawe di dieu, hayang gajih sabaraha?” Juned: “Nya, kurang leuwih sapuluh juta, plus tunjangan kesehatan, transportasi, jeung uang makan!!” Direktur: “Sapuluh juta. Bae lah, kajeun anjeun lulusan SMP jeung gawe jadi officeboy, anjeun meunang fasilitas lembur sabulan 8 poe, mobil dinas, jeung uang belanja lima juta sabulan!” Juned:”Ah, piraku...Pak? Abdi mah teu percanten! Bapa tong heureuy, ah!” Direktur: “Memang saha nu ngamimitian ngajak heureuy ti heula?”

Arapap-Eureupeup Hiji dokter keur nyanghareupan pasen. Dokter: “Sok carioskeun naon nu jadi keluhan anjeun” Pasen: “Ki..ki..kieu do..dok. Ab..ab..di te..teh u..u....pami nyar-nyarios....sok..sok arap..ap..eureup..eup. Ab..ab..di jan..jan..ten sok min..mi..minder!” Dokter: “Oh kitu. Cik ayeuna, coba anjeun pelong mata kuring sing manteng. Terus, ngitung ti hiji nepi ka sapuluh!” Tuluy éta pasen téh mencrong kana panon dokter. Eta pasen téh mulai ngitung. “Hi..hi...ji, du..du..a, ti..ti..lu, o..opat, li..li...lima, ge..genep, tujuh, dalapan, salapan, sapuluh! Horeeeee! Nuhun dok abdi tiasa nyarios lancar deui!” ceuk éta pasen langsung engklak bangun nu atoh. Tuluy pasen téh nanya deui ka dokter. “Leres dokter mah cespleng pisan ngubaran teh. Sabaraha dok beaya ngubaran nembe teh?” “Murah, ngan dua juta perak!” jawab dokter. Si pasen langsung sepa, terus ngajawab: “Na..na..na..naon do..do..dok? Du..du...du..a ju..ju...ju...ta? Ma...ma..hal-ma...ma....ma..hal teu..teu..ing!”

Saha Nu Eleh? Hiji waktu tentara Hitler sukses ngagempur wilayah Perancis. Ku kameunangan perang tea, loba tentara Jerman nu ngamanfaatkeun situasi. Salah sahijina aya tentara Jerman nu ngagadabah awewe Perancis. Beres ngagadabah éta awewe Pernacis, tentara Jerman téh terus ngomong. “Saksian ku anjeun. Salapan bulan deui, beuteung anjeun bakal ka eusi ku ras Hitler, ras Jerman nu super dina sagalana!” ceuk éta tentara Jerman sombong kabina-bina. Waktu si tentara karek sababaraha lengkah, éta awewe Perancis ngomong: “Euweuh nanaonan bangsa Hitler mah, dewek yeuh bangsana Napoleon! Moal leuwih ti dua minggu..anjeun bakal keuna ku panyakit siphilis ti dewek!”

Kapal Indonesia Tahun 2099, Indonesia geus bisa nyieun hiji kapal udara nu kawilang canggih. Hiji waktu éta kapal udara téh di tes hiber. Eta kapal teu make pilot. Navigasi kapal téh kabeh make sistem komputer. Dina uji coba éta kapal, aya kana saratus urangna numpak dina jero kapal, kaasup presiden katut menteri-menterina. Kapal téh mulai take-off, kayaan lancar. Geus luhur pisan, komputer dina kapal mulai ngabejaan kaayaan kapal: “Kapal nu ditumpakan ku saderek geus aya dina ketinggian 1000 kaki. Sistem jeung peralatan kapal aman. Sistem komputer ogé kabeh berjalan normal...berjalan normal...berjalan normal...berjalan normal...berjalan normal...berjalan normal...berjalan normal...berjalan normal...berjalan normal”

Guci Antik Hiji waktu si Ucung ulin ka musium. Waktu keur ningalian barang-barang antik..praaaaaaaaak! Si Ucung teu ngahaja noel hiji guci antik. Atuh éta guci antik téh peupeus. Si Ucung terus disampeurkeun ku petugas musium. “Saderek nyaho ieu guci antik jieunan iraha?” tanya petugas ka si Ucung bari rada ngadat. “Teu terang Pa, memangna didamel tahun sabaraha kitu Pa ieu guci teh?” “Yeuh bisa anjeun can nyaho, ieu guci antik téh geus hebeul pisan..dijieun keur zaman Majapahit!” “Oooooh, untung atuh abdi ari kitu mah. Sugan téh guci anyar! Si Bapa mah sok ngareureuwas. Ari pek ieu téh guci heubeul geuning...” jawab si Ucung nyantey pisan.

Hidup Miskin! Dina usum kampanye, para politikus bebeakeun ngedalkeun kumaha carana supaya rahayat kaluar tina kamiskinan. Tapi waktu maranehna geus kapilih...maranehna menta rahayat supaya diajar jeung sabar hirup miskin!

Saacan..Saenggeus Saacan boga pamajikan, kuring boga 5 teori pikeun kumaha carana boga pamajikan. Saenggeus boga 5 pamajikan, kuring teu boga hiji teori-hiji teori acan!

Bohong! Tengah peuting, hiji salaki karek balik ka imah. Karek ge asup, éta salaki ditanya ku pamajikanana. “Ti mana waé atuh, Pa. Uih téh meni wengi-wengi teuing?” “Biasa..mah. Tos rapat di puncak sareng Bapa direktur!” jawab salakina bari muka sapatu. “Muhun atuh ari kitu mah! Sok ayeuna mah...beresihan heula atuh éta urut lipstik si bapa direktur nu dina pipi!” ceuk pamajikanana bari ngabantingkeun panto.

Alesan Sakti “Naon nu ngelehkeun pengadilan dina ngadil tukang korupsi?” “Gering!”


Robin Hood VS Pejabat “Robin Hood kasohor kusabab manehna ngarampog jelema beunghar keur dibagikeun ka urang miskin. Tah lamun manehna ayeuna hirup keneh, manehna bakal jadi naon?” “Nya...lamun ngalakukeun sabalikna mah, manehna bakal katelah: pejabat!”

Balap Motor “Ni, doakeun nya, minggon enjing Jupri bade ngiringan balap motor. Mugia sing juara.” ceuk si Jupri ka ninina. “Sok..ku nini didoakeun mugia hidep sing jadi juara. Tapi inget, nini mah ngan pesen, kade ngajalankeun motorna tong tarik-tarik nya, engke bisi labuh!”

Komo... Hiji lalaki asup ka restoran ala Barat. Manehna pesen sop jeung roti. Tapi, waktu manehna rek ngadahar sop... “Pelayan, kumaha ieu teh..meunya dina sop aya laleur paeh!” ceuk éta lalaki ngageroan pelayan. Pelayan terus naympeurken bari ngomong: “Mending atuh Pa..dina sop mah laleur hungkul. Komo dina roti mah aya cucunguk!”

Nini-Nini Biadab Si Asjun hiji waktu jalan-jalan ka deukeut gawir. Pas manehna nepi, manehna reuwaseun saba dina sisi gawir aya hiji nini-nini keur bulak-balik bari ngomong: “Lima..lima..lima..lima...” Si Asjun balik deui ka imahna sabab sieun nini-nini téh jelema gelo. Isukna si Asjun datang deui ka éta deuekut gawir. Ari pek éta nini-nini masih aya deukeut gawir bari terus bulak-balik bari ngomong sarua jeung nu kamari: “Lima...lima..lima..lima” Si Asjun panasaran oge. Manehna terus nyampeurkeun éta nini-nini. “Ni, naon nu keur dilakukeun ku nini? Ti iraha nini bulak-balik kawas kieu?” tanya si Asjun bari ngedeukeutan éta nini-nini. Barang nyampeurkeun, na atuh éta nini-nini nyurungkeun si Asjun ka jero gawir. Terus éta nini-nini téh bulak-balik deui bari ngomong: “Genep..genep...genep...genep...genep”

Gelografi Aya hiji guru rada cimpleung ngajar di kelas. Guru: “Coba Didi, mata uang Filipina naon?” Didi: “Peso, Pa!” Guru: “Alus, kira-kira seukeut teu?” Didi: “Seukeut!” Guru: “Alus!Coba ayeuna Jujun, ari ibu kota Peru?” Jujun: “Lima!” Guru: “Pinter! Cik sebutkeun hiji-hiji!” Jujun: &^@$&~??

Ku Naon pek Cape sok kaluar kesang ku Nn te kaluar negri waé édit

Nn 114.5.212.242 3 Maret 2022 02.01 (UTC)Balas

Kuring ge te sabodo salaki datang wayah kumahage nu pentingmah di bere nu berem sing loba 2001:448A:4048:1C09:A58D:44AD:1D7E:23C8 4 Maret 2023 13.18 (UTC)Balas

Kaparigelan 3 édit

Soal 125.164.21.162 12 Oktober 2023 12.23 (UTC)Balas

wanita 125.164.21.162 12 Oktober 2023 12.23 (UTC)Balas
Balik deui ka kaca "Bodor".