Paribasa, (basa Indonésia:peribahasa), numutkeun Kamus Umum Basa Sunda beunang LBSS (1976), nyaéta “ucapan matok, saeutik patri, nu mangrupa siloka lakuning hirup (pituah, piluangeun, jsb.) saperti Mapatahan ngojay ka meri, Moro julang ngaleupaskeun peusing, jste.”[1]

Daptar édit

  • Adat kakurung ku iga = Adat atawa kalakuan goréng sok hésé dirobahna. (Kelakukan buruk atau jelek yang susah diubahnya)
  • Adéan ku kuda beureum = Agul/ ginding ku pakean meunang nginjeum.(Sombong dengan pakaian yang padahal hasil meminjam)
  • Agul ku payung butut = Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan. (Menyombongkan silsilah keluarga sendiri, misal sombong karena kakek menteri atau presiden dll.)
  • Asa mobok manggih gorowong = Boga kahayang ari pek aya nu nyumponan atawa aya nu mere jalan bari teu disangka-sangka.(Punya kemauan dan ternyata terlaksana dengan cara yang tidak disangka-sangka)
  • Aya cukang komo meuntas = Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.(Ada jalan sampai terlaksana apa yang diinginkan)
  • Banda tatalang raga = Harta téh pikeun nulungan raga (awak).(Harta itu sebagai penolong jasad atau badan saja)
  • Batok bulu eusi madu = Katénjo luarna (awakna) siga nu goréng padahal jerona (haténa) alus.(Dari luar sih kelihatan jelek, bandel, nakal tapi padahal dari dalam baik)
  • Bengkung bekas nyalahan = Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng.(Tingkah laku yang berubah, sejak masih kecil baik eh sudah besar malah jelek)
  • Bentik curuk balas nunjuk = Resep nitah ka batur.(Sukanya menyuruh saja sama orang lain)
  • Buruk-buruk papan jati = Najan gedé dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.(Walaupun dosanya banyak kalau masih kerabat pasti ingin menolong)
  • Caina herang laukna beunang = Ngarengsekeun perkara ku cara anu hade teu matak tugenah.(Menyelesaikan perkara dengan jalan baik agar tidak menimbulkan sakit hati)
  • Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = Lamun tuluy dipigawé tangtu bakal karasa hasilna. (Kalau terus dikerjakan pasti akan mendapatkan hasilnya)
  • Clik putih clak hérang, caang bulan opat belas = beresih haté, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa tugenah. (Hatinya bersih, ikhlas tidak ada rasa benci dan amarah)
  • Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawéan anu baku.(Meninggalkan pekerjaan yang seharusnya digarap)
  • Gindi pikir belang bayah = Goréng sangka atawa goréng haté ka batur.(Jelek penilaian kepada orang lain)
  • Goong nabeuh manéh = Ngagulkeun diri sorangan.(Membanggakan diri sendiri,)
  • Hadé gogog hade tagog = hade omongan jeung tingkah laku.(Baik perkataan dan juga tingkah lakunya)
  • Hadé tata hadé basa = Hade tingkah laku jeung hade omongan.(Baik tingkah lakunya dan juga perkataannya)
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoé = Kahadean anu loba leungit ku kagorengan anu saeutik.(Kebaikan yang banyak hilang karena kejelekan yang sedikit)
  • Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat = Indung jeung bapa téh sumber kasenangan.(Ibu dan ayah adalah sumber kesenangan)
  • Jati kasilih ku junti = Anu hade kasilih ku nu goréng.(Yang baik tergantikan dengan yang jelek)
  • Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak = Babarengan, akur sauyunan.(Bersama-sama, kompak selamanya)
  • Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan.(Terbawa-bawa oleh orang lain yang berbuat kesalahan)
  • Kalapa bijil ti cungap = Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunnana.(Rahasia diceritakan oleh orang yang melakukannya)
  • Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa ngatur rezeki najan saeutik tapi mahi.(Harus bisa mengatur rejeki sekalipun sedikit tapi cukup)
  • Lamun keyeng tangtu pareng = Lamun digawé enya-enya tangtu bakal aya hasilna.(Kalau dikerjakan dengan sepenuh hati pasti akan ada hasilnya)
  • Landung kandungan laér aisan = jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan pasualan.(Bijaksana dalam menghadapi segala masalah)
  • Lauk buruk milu mijah = Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.(Campur tangan mengurusi hal-hal yang seharusnya bukan urusannya)
  • Leuleus jeujeur liat tali = Wijaksana dina mutuskeun sagala rupa perkara.(Bijaksana dalam memutuskan segala perkara atau masalah)
  • Lodong kosong sok ngalentrung = Jalma anu loba omong élmuna saeutik.(Manusia yang banyak bicara ilmunya sedikit)
  • Marebutkeun Paisan kosong = masinikeun pasualan anu teu aya hartina.(Memperebutkan urusan yang tidak ada manfaatnya)
  • Mindingan beungeut ku saweuy = Ngéwa ka hiji jelema, tapi api-api resep.(Benci kepada seseorang tapi berpura-pura suka)
  • Mipit kudu amit ngala kudu ménta = Lamun rék barangcokot atawa barangala kudu bebeja heula kanu bogana.(Kalau ingin mengambil sesuatu sebaiknya bilang dulu kepada yang punyanya)
  • Moro Julang ngaleupaskeun peusing = Pagawéan anu geus puguh ditinggalkeun ari nu can puguh diudag-udag.(Pekerjaan yang sudah pasti malah ditinggalkan demi mengejar yang tidak pasti)
  • Mun teu ngakal moal ngakeul = Lamun teu barang gawé moal dahar.(Kalau tidak bekerja tidak akan makan)
  • Nété tarajé nincak hambalan = Migawé satahap-satahap, henteu rusuh hayang anggeus sakaligus.(Mengerjakan pekerjaan secara bertahap tdak terburu buru)
  • Neukteuk curuk dina pingping = Nyilakakeun dulur sorangan.(Mencelakakan kerabat sendiri)
  • Ngadek sacékna nilas saplasna = Sahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong atawa ngaleuleuwihkeun.(Mengatakan apa adanya tidak bohong dan melebih-lebihkan)
  • Ngaliarkeun taleus ateul = Ngabeja-beja/ nyebarkeun kagorengan batur.(Membicarakan kejelekan orang lain, disebarkan)
  • Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = batur dipikanyaah ari dulur sorangan diantep.(Orang lain disayang tapi kerabat sendiri malah diabaikan)
  • Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman = Nyaluyukeun manéh jeung kaayaan jaman. (Menyesuaikan diri dengan keadaan jaman)
  • Ngukur ka kujur nimbang ka badan = Ngukur kana kamapuh atawa kaayaan diri sorangan.(Mengukur kemampuan diri sendiri)
  • Nyieun pucuk ti girang = Nyieun kasalahan ti heula.(Membuat kesalahan duluan)
  • Pacikrak ngalawan merak = nu leutik/ miskin ngalawan nu gedé/ beunghar.(Yang kecil / miskin melawan yang besar atau kaya)
  • Pagiri-giri cai pagirang-girang tampian = Paluhur-luhur jeung batur, henteu hayang akur sauyunan.(Ingin paling tinggi gak mau tersaingi)
  • Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = Boga kahayang anu pamohalan kasorangan. (Menginginkan hal yang mustahil)
  • Pupulur memeh mantun = Barang dahar samemeh digawe.(Makan sebelum bekerja)
  • Silih jenggut jeung nu dugul = Menta tulung ka jalma anu sarua keur ripuh.(Minta tolong ke orang yang sama-sama tengah dalam kesulitan)
  • Teng manuk teng anak merak kukuncungan = Sipat atawa kalakuan indung bapa nu sok nurun ka anakna.(Sifat atau kelakuan orang tua yang turun ke anaknya)
  • Tiis ceuli herang mata = Tengtrem, teu aya gangguan.(Tentram, aman damai tidak ada gangguan)
  • Tinggul dirurud catang dirumpak = Sagala ikhtiar sanajan nyusahkeun batur sangkan hasil nu di maksud.(Semua dikerjakan, berusaha sekalipun menyusahkan orang lain asalkan maksudnya tercapai)
  • Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan = Ngukur kana kaayaan diri sorangan.(Mengukur keadaan dan kemampuan diri sendiri)
  • Uyah tara tees ka luhur = Sipat atawa kalauan indung bapa sok nurun ka anakna.(Sifat dan kelakukan orang tua akan turun ke anaknya)
  • Wiwirang di kolong catang = Meunang wiwirang turta kanyahoan ku batur.(Malu karena aib diketahui orang lain)

Tempo oge édit

Rujukan édit