Prasasti Kedukan Bukit

prasasti di Indonésia

Prasasti Kedukan Bukit kapanggih ku M. Batenburg dina tanggal 29 Nopémber 1920 di Kampung Kedukan Bukit, Kelurahan 35 Ilir, Kota Palémbang, Sumatra Selatan, di sisi walungan Tatang anu ngalir ka walungan Musi.[rujukan?] Prasasti ieu wangunna watu leutik ukuran 45 × 80 cm, ditulis dina aksara Pallawa, ngagunakeun Basa Melayu Kuna. Prasasti ieu kiwari disimpen di Museum Nasional Indonésia kalawan nomor D.146.[rujukan?]

Gambar prasasti.
Teori Proto-Melayu anu dirojong ku Robert von Heine-Geldern, Johan Hendrik Caspar Kern, JR. Foster, James Richardson Logan, Slamet Muljana jeung Asmah Haji Omar[1].

Teks Prasasti édit

Alih Aksara édit

  1. svasti śrī śakavaŕşātīta 605 (604 ?) ekādaśī śu
  2. klapakşa vulan vaiśākha dapunta hiya<m> nāyik di
  3. sāmvau mangalap siddhayātra di saptamī śuklapakşa
  4. vulan jyeşţha dapunta hiya<m> maŕlapas dari minānga
  5. tāmvan mamāva yamvala dualakşa dangan ko-(sa)
  6. duaratus cāra di sāmvau dangan jālan sarivu
  7. tlurātus sapulu dua vañakña dātamdi mata jap
  8. sukhacitta di pañcamī śuklapakşa vula<n>...
  9. laghu mudita dātam marvuat vanua...
  10. śrīvijaya jaya siddhayātra subhikşa...[rujukan?]

Alih Basa édit

  1. Bagéa! Taun Śaka geus liwat 604, dina poé ka sabelas
  2. paro-terang bulan Waiśakha Dapunta Hiyang naék di
  3. parahu ngalap siddhayātra. di poé ka tujuh paro-terang
  4. bulan Jyestha Dapunta Hiyang angkat ti Minanga
  5. tambahan mawa prajurit dua laksa kalawan bekel
  6. dua ratus cara (peti) di parahu kalawan leumpang sarewu
  7. tiga ratus dua welas lobana datang ti mata jap (Mukha Upang)
  8. bungah. di poé ka lima paro-terang bulan....(Asada)
  9. ngemplong gumbira datang nyieun wanua....
  10. Śrīwijaya jaya, siddhayātra sampurna.... [rujukan?]

Katerangan édit

Dina baris ka-8 aya unsur pananggalan.[rujukan?] Tapi dina bagéan ahir unsur pananggalan dina prasasti ieu geus leungit.[rujukan?] Kuduna bagéan ieu dieusi ku ngaran bulan.[rujukan?] Dumasar data ti fragmen D.161 anu kapanggih di Prasasti Telaga Batu, Johannes Gijsbertus de Casparis (1956:11-15) jeung Boechari (1993: A1-1-4) ngeusina kalawan ngaran bulan Āsāda. ku kituna, lengkep pananggalan prasasti éta, nyaéta poé kalima paro-terang bulan Āsāda anu kabeneran tanggal 16 Juni 682 Masehi.[2]

Nurutkeun George Cœdés, siddhayatra artina sarupa "ramuan suci" potion magique. Ngan kecap ieu bisa ditarjamahkeun lain, nyaéta nurutkeun kamus Jawa Kuna Zoetmulder (1995): “sukses dina lalampahan". kalawan ieu kalimah di luhur ieu bisa dirobah: "Sri Baginda naék parahu keur ngalakukeun serangan, sukses dina lalampahan."

Ti prasasti Kedukan Bukit, kapanggih data-data saperti kieu[3]:

  1. Dapunta Hyang naék parahu tanggal 11 Waisaka 604 (23 April 682)
  2. Dapunta Hyang angkat ti Minanga tanggal 7 Jesta (19 Mei) kalawan mawa leuwih ti 20.000 prajurit. Rombongan nepi di Muka Upang.
  3. Dapunta Hyang nyieun ‘wanua’ tanggal 5 Asada (16 Juni)

Salajengna kecap Minanga anu aya dina prasasti ieu masih jadi padungdengan ahli sajarah. Aya anu nyawang yén Dapunta Hyang angkat ti Minanga jeung naklukeun kawasan tempat kapanggihna prasasti ieu.[4] Aya ogé nu nyawang Minanga teu sarua jeung Malayu, dua kawasan éta ditaklukeun ku Dapunta Hyang, Panaklukan Malayu kajadian sateuacan naklukeun Minanga kalawan nganggap eusi prasasti ieu nyaritakeun panaklukan Minanga.[5] Salajenngna aya ogé nu nyawang Minanga ngarobah jadi Binanga, hiiji kawasan anu aya di hilir Sungai Barumun (Provinsi Sumatera Utara kiwari).[6]

Catetan édit

  1. [http://www.encyclopedia.com.my/volume9/contents.html The Encyclopedia of Malaysia: Languages and Literature, Volume 9 / edited by Prof. Dato' Dr. Asmah Haji Omar
  2. Casparis, J.G. de, (1956), Prasasti Indonesia II: Selected Inscriptions from the 7th to the 9th Century A.D., Dinas Purbakala Republik Indonesia, Bandung: Masa Baru.
  3. Damais, Louis-Charles, (1952), Etude d’Epigraphie Indonesienne III: Liste des Principales Datees de l’Indonesie, BEFEO, tome 46.
  4. Soekmono, R., (2002), Pengantar sejarah kebudayaan Indonesia 2, Kanisius, ISBN 979-413-290-X
  5. Irfan, N.K.S., (1983), Kerajaan Sriwijaya: pusat pemerintahan dan perkembangannya, Girimukti Pasaka
  6. Muljana, Slamet, (2006), Sriwijaya, PT. LKiS Pelangi Aksara, ISBN 978-979-8451-62-1

Bacaan Salajengna édit

  • George Coedes, Les inscriptions malaises de Çrivijaya, BEFEO, 1930.
  • J.G. de Casparis, Indonesian Paleography, 1975

Tempo Ogé édit