Tadjudin Nirwan nyaéta Seniman Karawitan Sunda (Tasikmalaya, 7 April 1936-10 Oktober 1999), anu kawéntar parigel dina ngahaleuangkeun kawih turta tembang Sunda nu séjénna.[1] Lian ti éta, dina widang seni peran manéhna ogé mampuh midangkeun peran dina Gending Karesmén. Sapopoéna, Tajudin dilalandian Kang Udin.

Riwayat Atikan édit

Lulusan SGB taun 1953, tuluy jadi guru SD di Bandung.

Lalampahan Karir édit

Dina taun 1962, asup kana lingkup Konsérvatori Karawitan Sunda di Bandung (Kokar Bandung) lulus taun 1965. Nalika di Kokar Bandung, Tajudin panggih jeung Mang Koko salaku guruna. Tajudin diajak ilubiung dina grup Ganda Mekar anu dipingpin ku Mang Koko, salaku wira swara (jurukawih lalaki). Kaparigelan Tajudin dina ngahaleuangkeun kakawihan karya Mang Koko kawilang punjul, ku kituna kreasi-kreasi kawih Ganda Mekar jadi leuwih merenah, dibandingkeun nu dihaleuangkeun langsung ku Mang Kokona. Saprak Tajudin ilubiung dina lingkup Ganda Mekar, kiprah jurukawih lalaki di Sunda beuki ningkatkeun kualitas sarta kuantitasna, nu saacanna aya sababaraha kawih nu ngan bisa dihaleungkeun ku wanoja wungkul, ka dieunakeun mah kapan jadi bisa dihaleuangkeun ku lalaki ogé, nya iwal ti lagu-lagu nu berdialog (sekar caturan). Dina sekar caturan mah biasana jurukawih wanoja nyebutna emang, atawa bapa, ayeuna mah robah jadi cukup ku nyebut akang ka pasanganna. Dina tembang Sunda juru kawih lalaki téh pareum, kitu ogé dina gamelan jeung sindén, nu katelahna mah jurualok. Taun 1963 Tajudin ilubiung dina gending karesmén Lutung Kasarung karya R.T.A. Sunarya, merankeun tokoh lutung, dirojong ku Mang Koko salaku nu ngatur karawitanna. Mimiti rekaman ku piringan hitam anu dirilis taun 1963 reujeung Ganda Mekar, eusina lagu Purnama, Kasenian, Sempal Guyon, jsb. Merankeun tokoh Si Kabayan dina Gending Karesmén Si Kabayan (Mang Koko jeung Wahyu Wibisana taun 1964) jumlah péntas kawilang 140kali nepi ka taun 1996, ngawangun karakter tokoh Si Kabayan nu ahéng dina diri Tajudin.

Kitu ogé peran-peran lian nu midang dina Gending Karesmén Raja Jimbul, Aki Nini Balagantrang, Pangéran Jayakarta, Nyai Dasima, sanajan unggal peranna miboga beda-beda karakter, teu mangaruhan kana kaparigelan Tajudin. Sanajan teu kawilang lobana juru kawih lalaki téh, tapina kamampuh Tajudin dina maénkeun seni peran téh taya duanna. Lian ti gawébareng jeung Ganda Mekar, Tajudin ogé ilubiung dina lingkup tim kasenian Guriang anu dikokolakeun ku Daéng Sutigna jeung Sanu’i Edia S. Lulusna ti Kokar, Tajudin pindah jadi guru di SMP V Bandung (1967), tuluy di Kokar Bandung. Dina taun 1976, manéhna pindah gawé dina widang Kasenian Kanwil di Depdikbud Jawa Barat, nepi ka pangsiun taun 1986. Lian ti ngayakeun paméntasan, Tajudin jadi penatar guru-guru kasenian, jadi girang pangajen di sababaraha pasanggiri, ogé ngajieun rekaman kaset boh jeung Ganda Mekar atawa jeung grup kasenian lainna, saperti Tati Saléh, Ida Widawati, Nano S., jsb.[2]


Rujukan édit

  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431. 
  2. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.