Dina widang épidemiologi, véktor téh organismeu anu dirina henteu ngabalukarkeun kasakit, tapi mawa inféksi patogén ti hiji inang ka nu séjénna. Conto klasikna nyaéta reungit Anopheles anu mangrupa véktor kasakit malaria ku cara mawa parasit Plasmodium ka manusa. Dina hal ieu, Plasmodium henteu ngabahyakeun reungitna (inang antarana), tapi ngabalukarkeun kasakit ka manusa (inang tujulna).

Reungit Anopheles stephensii, véktor kasakit malaria.

Dina biologi molekulér jeung rékayasa genetik, véktor téh tutumpakan pikeun melakkeun matéri genetik ka jero sél. Virus véktor hartina virus anu geus dirobah sangkan bisa nransduksi matéri genetik ka jero sél (misalna pikeun terapi gén).

Véktor plasmid dijieun ku cara ngarobah wangun DNA jadi plasmid. Salajengna, rupa-rupa téhnik dipaké pikeun nransféksi plasmidna ka jero sél.

Épidemiologi édit

Aya dua tipeu véktor anu jadi tutumpakan kuman ka inangna: mékanis jeung biologis. Mikroba teu baranahan dina véktor mékanis - véktor mékanis ngan sacara fisik mawa mikroba ti hiji inang ka nu séjénna. Sabalikna, mikroba kudu baranahan dina véktor biologis saméméh manéhna asup ka awak inang.

Rujukan édit

Tumbu kaluar édit