Zakiah Daradjat atawa Pof. Dr. H. Zakiah Daradjat mangrupakeun inohong dina widang psikologi Islam di Indonésia anu kakoncara. Salian ti fokus kana psikologi Islam, manéhna oge giat dina widang pangatikan Islam. Kulantaran aya dua widang anu dipikawanoh ku manéhna jadi miboga ciri has kana widang pangatikan jiwa.[1]

Awal kahirupan édit

Zakiah Daradjat dibabarkeun ping 6 Nopémber 1929 di Jorong Koto Marapak, Nagari Lambah, Ampek Angkek, Agam. Bapana, Husain Daradjat Husain, aktip dina gerakan Muhammadiyah, sedengkeun indungna, Rafiah, anggota Sarékat Islam. Embah bapana, Husin Dt. Marajo, nyaéta Kapala Nagari Lambah. Zakiah téh pangkolotna ti 11 anak, lima di antarana ti indung anu béda. Sanajan kolotna lain kasang tukang ulama, Zakiah jeung dulur-dulurna dididik ku atikan agama anu kuat.[2]

Nalika nincak umur tujuh taun, Zakiah mimiti sakola. Isuk-isuk diajar di Sakola Standar Muhammadiyah jeung di Sakola Diniyah sore. Salila sakola, manéhna némbongkeun minat anu hadé kana sains jeung agama. Nalika masih kelas opat SD, manéhna nyieun biantara munggaran di hareupeun guru jeung séniorna. Guruna waktu harita méré pancén pikeun biantara dina acara perpisahan sakola. Sanggeus lulus taun 1941, Zakiah nuluykeun atikanana di SMP di Padang Panjang bari di sakola agama di Kulliyatul Muballighat, kursus pikeun calon mubaligh. Pangaweruh anu dimeunangkeun ku Kulliyatul Muballighat mantuan ngamekarkeun minatna pikeun jadi tukang dakwah.[3]

Taun 1951, Zakiah nganggeuskeun atikan SMA di Bukittinggi. Saméméhna, manéhna kungsi diajar di Sakola Asisten Apotéker, tapi teu nuluykeun alatan Agrési Militer Walanda II anu ngabalukarkeun akrusakan di daérah Bukittinggi. Sanggeus éta, manéhna ninggalkeun lemah cai pikeun nuluykeun atikan luhur di Yogyakarta. Manéhna asup jeung lulus di dua paguron luhur anu béda fakultas, nya éta Fakultas Tarbiyah Perguruan Tinggi Islam Negeri Yogyakarta (PTAIN) jeung Fakultas Hukum Universitas Islam Indonésia (UII). Sanajan kitu, sanggeus taun katilu, manéhna ninggalkeun kuliah di UII kualatan kolotna nitah atawa mere peupeujeuh manéhna kudu fokus kana hiji jurusan.[4]

Pangatikan di Mesir édit

Dina taun 1956, sataun sanggeus Konférénsi Asia–Afrika di Indonésia, Zakiah narima tawaran béasiswa ikatan jasa ti Departemen Agama pikeun diajar di Mesir, berkat gawé babarengan tur réréongan antara pamaréntah Indonésia jeung Mesir. Manéhna ditarima di Fakultas Pendidikan di Universitas Ain Shams, Kairo anau teu kudu ngaliwatan tés keur abus kana program Master. Salaku hiji-hijina awéwé ti Indonésia, kaputusan Zakiah jeung widi kolotna dianggap léngkah révolusionér. Tugas akhir anu dijieun nalika kuliah, manéhna nulis ngeunaan masalah rumaja di Indonésia meunangkeun gelar magister dina taun 1959, sanggeus saacanna meunangkeun diploma pascasarjana kalawan spésialisasi dina atikan taun saméméhna. Ieu skripsi meunang perhatian ti kalangan akademisi di Kairo, dijadikeun rujukan jeung bahan warta.

Nalika Zakiah keur diajar, psikologi teu pati populér atawa kurang dipikawanoh di sakuliah mahasiswa Muslim. Élmu psikologi didominasi ku psikoanalisis Sigmund Freud, anu nempatkeun alam bawah sadar salaku faktor konci dina kapribadian manusa. Zakiah ngenalkeun metode non-diréktif ti Carl Rogers, anu dina waktu harita kakara mimiti dikembangkeun jeung diwanohkeun ku paguron luhur. Manéhna dijadikeun utusan disertasi dina model non-diréktif Psikotérapi ku fokus kana Psikotérapi pikeun barudak miboga masalah psikis, sarta proposal na disatujuan ku pihak universitas.

Nalika anggeus kuliah doktor di universitas anu sarua, Zakiah mimiti muka prakték konsultasi psikiatri di almamater na. Manéhna ogé ngajar basa Indonésia di Kairo jeung jadi Kepala Jurusan Bahasa Indonésia di Sekolah Tinggi Bahasa. Tina panghasilanana ngajar basa salila tilu taun, manéhna bisa mawa kolotna ka Mesir salila tujuh bulan sarta ngalaksanakeun ibadah haji di Mekah. Taun 1964, kalayan disertasi ngeunaan perawatan jiwa anak, Manéhna junun meunangkeun gelar doktor psikologi kalayan spésialisasi psikotérapi ti Universitas Ain Shams. Panalungtikan disertasina meunang pangajén ti Présidén Gamal Abdul Nasir, nya éta “Medal Ilmu” anu dipabikeun dina miéling Poé Élmu Mesir taun 1965.

Kagiatan jeung pakasaban édit

Widang atikan édit

Sanggeus balik deui ka Indonésia dina taun 1964, Zakiah ngamimitian karirna di Jurusan Agama salaku pagawé di Biro Pendidikan Tinggi bari jadi dosén keliling paguron luhur agama Islam di Indonésia. Taun 1967, Menteri Agama Saifuddin Zuhri ngangkat Zakiah jadi Kepala Dinas Riset Pendidikan Tinggi jeung Kurikulum di Biro Pendidikan Tinggi, Departemen Agama. Dimimitian taun 1972, manéhna jadi Diréktur Pendidikan Agama nepi ka taun 1977.

Taun 1977, Zakiah naék pangkat jadi Diréktur Pembinaan Pendidikan Tinggi Agama Islam nepi ka Maret 1984. Bareng jeung réformasi internal Departemen Agama anu dilaksanakeun ku pamaréntah Orde Baru, Zakiah mingpin pangwangunan jeung réformasi dina widang atikan Islam. Salasahiji kontribusina nya éta kawijakan réformasi madrasah dina Surat Keputusan Bersama (SKB) Tilu Mentri taun 1975, anu jadi solusi kana konflik antara Depdiknas jeung Depdiknas ngeunaan pendidikan one-stop. Manéhna ogé narékahan pikeun ngaronjatkeun kualitas manajemen madrasah jeung akademisi ngaliwatan modél madrasah.

Zakiah ogé berjuang pikeun ngangeuskeun pasualan Ujian Guru Agama jeung ngalaksanakeun program percepatan pikeun meunangkeun guru agama anu dibutuhkeun ku madrasah di sakuliah Indonésia. Tapi, masalah jumlah guru anu nyukupan ngabalukarkeun prak-prakan jual beli SK pasini, anu matak ngarugikeun nagara jeung ngurangan kualitas madrasah.

Sanggeus éta, Zakiah resmi jadi dékan Fakultas Pascasarjana IAIN Sunan Kalijaga Yogyakarta. Salila karirna di birokrasi pamaréntah, Zakiah mindeng dipenta pikeun jadi penerjemah basa Arab nalika Présidén Soeharto ngadatangan sababaraha nagara Wétan Tengah. Kaahlian ieu nyababkeun manéhna nampa "Orde Kelas Kaopat Kuwait" ti Karajaan Kuwait taun 1977 jeung panghargaan anu sarua ti Mesir "Kelas Kaopat Orde Mesir" ti Présidén Anwar Sadat.

Sabagé Diréktur Diréktur Pendidikan Tinggi Agama, Zakiah loba méré kontribusina pikeun mekarkeun paguron luhur agama Islam, saperti muka jurusan tadris di IAIN jeung nyusun rarancang pangwangunan paguron luhur agama Islam anu jadi acuan IAIN sapanjangna di Indonésia. Sanajan geus mancén ti tugas resmi, Zakiah tetep aktip ngajar di UIN Syarif Hidayatullah jeung paguron luhur lianna sarta méré ceramah agama pikeun stasiun puseur RRI jeung TVRI. Salian ti éta, Zakiah ngadegkeun Yayasan Pendidikan Islam Ruhama di Kota Sukabumi, anu ngawengku TK nepi ka SMK, minangka wujud gagasan dirina dina widang atikan jeung kaséhatan méntal.

Widang psikolog édit

Zakiah Daradjat ngamimitian ngalaksanakeun konsultasi psikologi nalika macén pagawéan di Jurusan Agama. Mimitina, manéhna ngan muka latihan dua kali saminggu. Tapi, dina taun 1965, ku ngaronjatna pasén atawa nau butuh konsultasi, manéhna mutuskeun pikeun muka prakték di imahna di Wisma Sejahtera, Jalan Fatmawati, Cipete, Jakarta Kidul. Unggal poé gawé, manéhna nampa rata-rata lima anu konsultasi.

Zakiah yakin yén gangguan jiwa anu mangaruhan kaayaan fisik hiji jalma bisa dilacak ngaliwatan studi psikologi jeung pangubaran bisa nuturkeun ajaran Islam. Eukeur manéhna, psikologi pohara kapaké pikeun nalungtik paripolah kaagamaan hiji jalma sarta pangaruhna kana paripolah jeung kahirupanana. Ku cara ngumpulkeun informasi ngeunaan kahirupan sapopoé jeung kahirupan kaagamaan hiji jalma, Zakiah ngolahna jadi cara nyageurkeun.

Dina sidang jeung DPR taun 2004, Zakiah ngritik lobana program télévisi anu teu luyu jeung ajén-inajén agama jeung étika moral masarakat. Nurutkeun manéhna, siaran télévisi anu eusina kekerasan, seks jeung hal mistis bisa ngaruksak akal jeung logika panongton. Zakiah nétélakeun yén sacara psikologis, acara-acara télévisi miboga pangaruh anu kuat sarta lila-lila dina pikiran nu lalajona.

Hasil pamikiran édit

Dina bukuna “Pendidikan Islam di Keluarga dan Sekolah,” Zakiah ngébréhkeun prinsip-prinsip atikan Islam jeung larapna dina pangajaran budak di lingkungan kulawarga jeung sakola. Nurutkeun Zakiah, atikan kudu ngawengku tujuh diménsi manusa, nya éta jasmani, intéléktual, iman, moral, spiritual, kaéndahan jeung sosial. Tujuan atikan nya éta pikeun ngabentuk individu anu kuat, sehat sarta mampuh ngalaksanakeun kalungguhanana kalawan hadé. Ieu ngawengku ngokolakeun fisik séhat pikeun nyiptakeun kapribadian saimbang jeung harmonis dina bakti ka Allah SWT. Salian ti éta, atikan ogé kudu numuwuhkeun sikep anu pinuji saperti toléransi, sportif jeung gawé babarengan ngaliwatan latihan jasmani anu kuat.

Ninggalkeun dunya édit

Zakiah Daradjat maot di Jakarta dina umur 83 taun tanggal 15 Januari 2013 kira-kira jam 09.00 WIB. Layonna dimakamkeun di Komplék UIN Ciputat dina poé anu sarua saenggeus solat. Sanajan geus deukeut tungtung hirupna, manéhna tetep aktip dina ngajar, méré ceramah jeung nyadiakeun konsultasi psikologi. Saméméh ninggaleul dunya manéhna dirawat di RS Hermina, Jakarta Kidul dina pertengahan Désémber 2012.[5]

Kalungguhanana diantarana ngahasilkeun SK Tilu Menteri pikeun ngaronjatkeun mutu pendidikan agama Islam jeung ngaintegrasikeun kana sistem pangatikan nasional, nyieun Modél Madrasah Tsanawiyah pikeun ngaronjatkeun kualitas madrasah, ngangeuskuen perkara Ujian Guru Agama pikeun ngaronjatkeun kualitas guru agama, ogé nyiapkeun Rencana Induk Pangwangunan IAIN pikeun 25 taun ka hareup.[5]

Salaku psikolog, dosén, pendakwah jeung tokoh masarakat, Zakiah Daradjat geus dipikawanoh lega. Réktor UIN Syarif Hidayatullah Jakarta, Komaruddin Hidayat, nyebutkeun yén manéhna pelopor psikologi Islam di Indonesia. Wakil Menteri Agama, Nasaruddin Umar, negeskeun yén Zakiah téh tokoh anu ditarima ku sakumna golongan, nyaruakeun tokohna jeung Hamka vérsi Muslimah.[5]

Daftar pustaka édit

  1. Putri, Aditya Widya. "Zakiah Daradjat, Pelopor Pendidikan Agama di Sekolah Umum". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-05-04. 
  2. DIA, Yayasan. "Biografi Prof. Dr. Hj. Zakiah Daradjat: Ulama Perempuan Pelopor Pendidikan Agama di Sekolah Umum". Biografi Prof. Dr. Hj. Zakiah Daradjat: Ulama Perempuan Pelopor Pendidikan Agama di Sekolah Umum. Diakses tanggal 2024-05-04. 
  3. Burhanuddin, Jajat (2002). Ulama perempuan Indonesia (dalam Indonesian). Gramedia Pustaka Utama. ISBN 978-979-686-644-1. 
  4. "Zakiah Daradjat : Perempuan Suci Berilmu Tinggi : Fikrah Edisi 42". web.archive.org. Diakses tanggal 2024-05-04. 
  5. a b c "Republika Online". Republika Online (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-05-04.