Buka ménu utama

Candrasangkala téh nyaéta titimangsa nu disumbulkeun dina basa atawa ungkara, kecap-kecapna geus maneuh aya pasangan angkana, malah geus dipindahkeun kana angka jeung dibacana téh kudu dibalikeun.[1] Kabiasaan ngagunakeun titimangsa dina wangun candrasangkala geus ti baheula mula, buktina geus dipaké dina naskah jeung prasasti-prasasti kuna[1]. Contona waé dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian[2].

                     ... nora catur sagara wulan; hartina (ditulis dina taun) 0 4 4 1 = 1440 Saka (1518 Maséhi)[2].

Jawa jeung BaliÉdit

Saméméh candrasangkala saéstuna mah aya suryasangkala. Ieu dua hal téh pateungteungna lebah acuan kalénder jeung kaayaan posisi panonpoé jeung bulan. Di Jawa nyoko kana kaayaan posisi panonpoé jeung bulan, lamun di Bali nyoko kana itungan kalénder Saka. Candrasangkala téh dipaké keur nyirian hiji kajadian nu ahéng jeung dianggap gedé ku masarakat, saperti ngadegna hiji karajaan jeung ayana bancang pakéwuh nu ngarugikeun masarakat. [3]

Dina mangsa karajaan Hindu-Jawa, Suryasangkala leuwih tiheula dipaké nepi ka runtagna Karajaan Majapait. Suryasangkala nyoko kana taun saka nu mangrupa kalender Luni-Solar. Sanggeus Karajaan Demak ngawasa, di Jawa dipaké taun Hijriah nu nyoko kana kaayaan posisi bulan. Ngan, di jaman kakuasaan Mataram nu dipingpin ku Sultan Agung diganti ku Candrasangkala nu nyoko kana taun Jawa (adumanis antara Hijriyah jeung Saka).[4]

Watesan Ma'na BilanganÉdit

No. Bilangan Watesan Ma'na Simbul / Kecap
1 Hiji
  1. Nilai atawa jumlahna Hiji
  2. Buleud
  3. Atra jeung Nyata
Bumi, Manusa, Candra, Wulan, Nabi, Tunggal, urip
2 Dua
  1. Nilaina dua
  2. Papasangan
  3. Kagiatan 2 anggota awak
Leungeun, Suku, Ceuli, Sembah, Dwi, Karna, Lar
3 Tilu
  1. Nilaina Tilu
  2. Seuneu
Tri, Geni, Uta, Gebyar
4 Opat
  1. Nilaina Opat
  2. Cai
  3. Kecap Pagawéan
Catur, Segara, Samudra, Banyu, Kerta, Warna, Sindu, Toya, Tirta, Suci
5 Lima
  1. Nilaina Lima
  2. Buta atawa Raksasa
  3. Angin jeung Sora
Panca, Bayu, Pandawa, Wisikan, Raksasa, Buta
6 Genep
  1. Nilai Genep
  2. Usum
  3. Mangsa
  4. Rasa
  5. Sato Sukuna Genep
Pahit, Mangsa, Rasa, Tawon, Kombang, Sarkara, Dura
7 Tujuh
  1. Nilaina Tujuh
  2. Gunung
  3. Resi/pandita/nu tapa
  4. Sato nu bisa jadi tutumpakan
Kuda, Sapi, Sapta, Gunung
8 Dalapan
  1. Nilaina Dalapan
  2. Sato Galak
  3. Réptil
  4. Brahmana
Gajah, Naga, Baya, Brahmana, Ula, Bujangga
9 Salapan
  1. Nilaina Salapan
  2. Liang
  3. Kembang
Ratna, Gapura, Lawang, Rong, Leng, Puspa
10 Nol
  1. Nilaina O
  2. Sipatna imajiner
Ilang , Sirna, Langit, Umbul, Suwung, Pati, Ruksak

RujukanÉdit

  1. a b Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 37. 
  2. a b Danasasmita, spk., Saleh (1987). Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Amanat Galunggung. Bandung: Sundanologi. p. 95. 
  3. "Candrasengkala I : Definisi & Sejarah Seni Cronogram Jawa" (dalam bahasa en-US). Engine EAR. 2011-09-12. https://engineear.co/2011/09/12/candrasengkala-i-definisi-sejarah-seni-cronogram-jawa/. Diakses pada 2017-10-11 
  4. "Candrasengkala II : Watak Bilangan Angka" (dalam bahasa en-US). Engine EAR. 2011-09-14. https://engineear.co/2011/09/14/candrasengkala-ii-watak-bilangan-angka/. Diakses pada 2017-10-11