Capit Gunting mangrupa salah sahiji ngaran susuhunan imah nu aya di Jawa Barat. Wangun wangunan ieu sakapeung sok digunakeun nalika jaman baheula atawa isa disebut ogé buhun. Sakapeung ogé nepi ka ayeuna sok sering ogé dipaké.[1]

Susuhunan Capit Gunting di Wanaraja Garut.

Déskripsi édit

Dina sajarah jeung kabudayaan adat Sunda, ngaran wangun hateup imah disebut susuhunan. Di kabudayaan Sunda buhun, Capit Gunting mangrupa salah sahiji ngaran susuhunan atawa wangun hateup di masarakat zaman baheula. Dina basa Sunda ogé, istilah keur ngaran susuhunan ieu disebut Undagi. Undagi éta sorangan nyaéta tata arsitéktur. Boh wangunan imah atawa nu lainna.[1]
Capit Gunting kasusun ku dua kecap nyaéta Capit jeung Gunting. Dina konteks arti di basa Sunda, Capit hartina barangcokot ku tungtung barang nu sarua dijepitkeun. Sedengkeun gunting dina basa Sunda ogé nyaéta ngaran parabot atawa pakakas sarupaning péso keur motong lawon atawa bisa dispesifikasi salaku péso nu nyakra.[2]
Dina prakna, bentuk Capit Gunting nyaéta tungtung hateupna maké kai atawa kayu nu dijieun nyagak saperti gunting nu rék nyapit. Ku kituna ngaran susuhunan nu wangunna jiga kitu disebut Capit Gunting. Sabab wangunna jiga gunting nu keur kabuka.[1]

Catetan édit

  1. a b c Rachmat Taufik Hidayat, spk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Kiblat Buku Utama. Bandung
  2. Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. 2008. Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata. Kiblat Buku Utama. Bandung