Darmanto Jatman (dibabarkeun di Jakarta,16 Agustus 1942) nyaéta Guru Besar Emeritus, Guru Besar Luar Biasa Fakultas Psikologi, Universitas Diponogoro (2007).[1] Salain panyair,Darmanto ogé disebat budayawan jeung filsuf.Pendidikan: Fakultas Psikologi Universitas Gajah Mad, Yogyakarta (1968), S-2 Jurusan Psikologi Universitas Diponegoro, Semarang (1985) kalawan nimba elmu leuwih jero di Universitas Hawaii, Amerika Serikat jeung Universitas London, Inggris (1977).[1] Tugas utamana nyaéta jadi dosen tetep Fakultas Sosial Politik Universitas Diponegero, Semarang.Kantos janten redaktur Dinamika Baru, Kampus, Tribun, jeung Suara Merdeka. Pangajen anu kungsi dimenangkeun: Penulisan Karya Sastra ti Pusat Bahasa Depdiknas (2002), The Séa Write Award (2002),Satyalencana Karya Satya (2002), jeung Satyalencana Kebudayaan Pemerintah RI (2010).[1]

Karya nu pang penting na,tina wangun puisi: Sajak-sajak Putih (sareng Jajak M.D jeung Darmadji Sosrodipuro, 1968), Ungu (sareng A.Makmur Makka,1968), Bangast (1975), Sang Darmanto (1975), Arjuna in Mediation (sareng Sutarji Calzoum Bachri jeung Abdul Hadi W.M., 1976), Ki Blakasuta Bla Bla (1980), Karta Iya Bilang Mboten (1981), Golf untuk Rakyat (1994), Isteri (1997), jeung Darmanto Bilang: Sori Gusti (2002).[1] Hiji Karya anu bentukna novel judulna: Dalam Kejaran Waktu.Karya anu bentuk esai, di antarana: Sastra, Psikologi, jeung Masyarakat (1985), Sekitar Masalah Kebudayaan (1986), Komunikasi Manusia (1994), Salah Tingkah Orang Indonesia (1995), Perilaku Kelas Menengah Indonesia (1996), Psikologi Jawa (1997), Politik Jawa (1999), Indonesia Tanpa Pagar (2002), jeung Terimakasih Indonesia,(2002).[1]

Rujukan édit

  1. a b c d e Prof.(Em.) Dr. Nyoman Kutha Ratna, S.U. (2018). ENSIKLOPEDIA 2.000 Entri Istilah,Biografi,Karya,Metode,dan teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. pp. 172–173. ISBN 978-602-229-743-7.