Dasasila atawa Dasasila Bandung nyaéta 10 poin hasil ti Konperénsi Asia-Afrika (KAA) nu dilaksanakeun ti kaping 18 nepi ka 24 April taun 1955.[1] 10 poin éta ngawengku prinsip - prinsip dasar nu dijadikeun pituduh jeung acuan pikeun hubungan antar bangsa.[2]

Sajarah édit

 
Lokasi diayakeuna Konperensi Asia Afrika 1955

Sumanget Bandung anu kawéntar di luar nagri dipikawanoh ku istilah "Bandung Spirit" nyaéta kumpulna bangsa-bangsa nu ahirna ngarumuskeun Dasasila Bandung kalawan Indonésia salaku panata calagarana.[1] Leuwih ti dinya, Indonésia ngaliwatan wawakilna P.M. Ali Sastroamidjojo S.H.jadi pamingpin konperensi sarta ketua.[1] Iwal ti dinya Menlu Roeslan Abdulgani salaku Sekretaris Jenderal.[1] Minangka délégasi Indonésia, dipingpin ku Menlu Sunarjo S.H. KAA kaping 18 nepi ka 24 April taun 1955 disebutna KAA ka- I.[1] Prinsip utamana Dasasila Bandung ieu nyaéta ngaku jeung ngahargaan béla-diri nagara-nagara Asia-Afrika sacara nagara atawa sacara koléktip jeung nagara-nagara séjén kaasup jeung nagara adikawasa.[3]

 
29 nagara nu ngaluuhan KAA ka-I 1955

Dina pelaksanaanana, KAA ka-I diluuhan ku 29 nagara Asia-Afrika sakumaha list di handap:

No Nagara No Nagara
1   Laos 16   Kamboja
2   Philippines 17   Ethiopia
3   Yordania 18   Saudi Arabia
4   Pakistan 19 Vietnam Selatan
5   Irak 20 Sailan atawa   Sri Lanka
6   Indonesia 21 Rep. Demokrasi Vietnam
7   India 22 Pantai Mas atawa Ghana
8   Mesir 23   Iran
9   Afghanistan 24   Jepang
10   China 25   Libya
11   Nepal 26   Sudan
12   Turki 27   Syria
13   Libanon 28   Yaman
14   Thailand 29   Myanmar
15 Liberia

Dina KAA ka-I diulem 30 wawakil nagara di Asia-Afrika. Ti jumlah éta, ngan Rhodesia (kiwari disebutna Zimbabé) nu teu bisa ngaluuhan éta uleman.[4] Sabab harita Rhodesia masih diéréh ku Perancis.[4]

Eusi Dasasila Bandung édit

Sumanget nu dikedalkeun di KAA ka-1 nyiptakeun 10 poin sakumaha list di handap:

  1. Ngahormatan hak-hak dasar manusa jeung tujuan sarta asas nu kawengku dina Piagam PBB.
  2. Ngahormatan kadaulatan keung ngahijina wewengkon di sakuliah nagara.
  3. Ngaku kasamaan darajat sakabéh ras jeung kasamaan sakabéh bangsa gedé atawa leutik.
  4. Teu ngalakukeun intervénsi atawa ilubiung dina pasualan di nagara séjén.
  5. Ngahormatan hak unggal nagara pikeun mertahankeun disi sacara individu atawa koléktif saluyu jeung Piagam PBB.
  6. a. Teu ngagunakeun pangaturan-pangaturan pertahanan koléktif pikeun ngalayanan kapentingan khusus ti nagara gedé mana waé ogé. b. Teu neken ka nagara séjén.
  7. Nahan diri ti unggal tindakan atawa anceman agrési atawa ngagunakeun adu fisik pikeun ngahijikeun wewengkon atawa kamerdékaan politik hiji nagara.
  8. Ngabéréskeun pasalingsingan internasional kalawan jalan damai, saluyu jeung katangtuan nu aya di Piagam PBB.
  9. Ngamajukeun kapentingan balaréa jeung kerjasama.
  10. Ngahormatan kaadilan jeung kawajiban-kawajiban internasional.[2]

Sumber édit

  1. a b c d e Indonesia, Departemen Penerangan (1965). Mimbar penerangan Volume 15, Masalah 1-3. Semarang: Deppen. p. 9. 
  2. a b Mimbar kekaryaan ABRI., Masalah 164-176. Indonesia: Departemen Pertahanan Keamanan, Staf Pembinan Karyawan. 1984. p. 5. 
  3. Abdul Gani, Ruslan (1989). Peranan Perguruan Tinggi dalam Membina Generasi Muda Memasuki Masa Depan. The University of California. 
  4. a b H., Purwanta. dkk (2009). Sejarah SMA/MA Kls XII-Bahasa. Jakarta: Grasindo. p. 97.