Emma Poeradiredja atawa sok disebut ogé Radén Rachmat'ulhadiah Poeradiredja, (13 Agustus 1902 – 19 April 1976) nyaéta salah sahiji pejuang pergerakan wanoja ti tanah Pasundan. Najan salaku wanoja Sunda, tapi perjuanganana teu ditujukeun ukur ka urang Sunda waé, tapi ogé pikeun bangsa Indonésia.[1] Émma Poeradiredja lahir ti kalangan ménak.[2] Bapana saurang akademisi, aktivis sarta sempet jadi Résidén Priangan dina taun 1945. Émma mangrupa anak cikal tina opat sadulur.[2] Émma Poeradiredja ngamajukeun atikan wanoja ngaliwatan organisasi Pasundan Istri dina taun 1930-1942.[3]

Emma Poeradiredja

BabarNyi Radén Rachmat’ulhadiah Poeradiredja
13 Agustus 1902
Citakan:Country data Belanda Cilimus, Jawa Barat, Hindia Belanda
Pupus19 April 1976 (yuswa 73)
Indonésia Bandung, Jawa Barat, Negara Kesatuan Republik Indonesia
Ngaran séjénEmma Poeradiredja
Katelah kuEmansipasi wanita, aktivis sosial
Atikan* Hollandsche Inlandsche School, Tasikmalaya, 1917.
Pagawéan* Ketua Pengurus Besar Partai Kebangsaan Indonesia Wanita dan Pasundan Istri s/d 1970.
  • Ketua II Pengurus Besar Paguyuban Pasundan.
  • Ketua Pengurus Pusat Yayasan Beribu s/d 1964.
  • Wakil Ketua Dewan Pimpinan Yayasan Badan Sosial Pusat (BSP).
  • Direktur Stichting Ongevallenfonds Spoorwegpersoneel (SOS) atau Yayasan Fonds Kecelakaan Pegawai Kereta Api (YFKPKA).
  • Direktur dan Kepala Bagian Guna Raharja, Yayasan Bina Kerta Raharja Karyawan Kereta Api (YBKRKA).
  • Sekretaris Panitia MPRS Propinsi Jawa Barat.
  • Penasehat Ikatan Wanita Kereta Api (IWKA) seluruh Indonesia.
  • Penasehat Puspa Daya.
  • Penasehat Pengurus Yayasan Dewi Sartika.
  • Penasehat Gedung Graha Wanita di Bandung.
  • Penasehat Pengurus BKOW SWAI Jabar.
  • Penasehat Pemuda Putri Indonesia Jawa Barat.
  • Anggota Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP).
  • Anggota Komite Nasional Indonesia Keresidenan Priangan.
  • Anggota Parlemen Republik Indonesia Serikat (RIS).
  • Anggota Panitia Negara Peninjauan Undang-Undang Pemilihan Umum MPR/DPR/DPRD I & II.
  • Anggota Dewan Pertimbangan Agung (DPA) 1959 – 1965.
  • Anggota MPRS s/d 20 –03 – 1968.
  • Anggota DPR/MPR Pemilu 1971.
  • Anggota Dewan Penyantun Institut Teknologi Bandung.
  • Anggota Dewan Pengawas Universitas Padjajaran.
  • Anggota Panitia Pendiri Universitas Padjajaran.
  • Anggota Dewan Penyantun IKIP Bandung.
  • AgemanIslam
    Kolot*Raden Kardata Poeradiredja (9 Maret 1880 – 28 Februari 1968).
  • Nyi Raden Siti Djariah (16 Juni 1885 – 30 Mei 1975).
  • Rélasi*Raden Iman Kurnaeni Ontario Poeradiredja
  • Raden Adil Poeradiredja
  • Raden Haley Koesna Poeradiredja
  • Gambaran Umum Émma édit

    Émma Poeradiredja mangrupa wanoja Sunda nu ilu biung dina pergerakan wanoja Indonésia ti taun 1920-an. Inyana kasohor salaku salah sahiji wanoja nu ngadegkeun Pasundan Istri, sarta mangrupa wanoja Sunda munggaran nu dipilih jadi anggota gemeenteraad. Nurutkeun Émma, dina kahirupan masarakat, wanoja téh bisa ngajalankeun opat peran, nyaéta salaku indung, salaku pamingpin dina urusan rumah tangga, salaku istri, sarta salaku warga negara.[4] Ku kituna, pemberdayaan perempuan dilakukeun tilu tahap. Kahiji, dina rumah tangga; kadua dina kahirupan sosial ékonimi anu mana wanoja aya dina posisi silih damping jeung lalaki dina ngajalankeun kawajiban di masarakat; katilu dina politik, wanoja kudu milu aub sarta narima gawé-gawé politik. Émma nekenkeun yén dina widang politik ieu peran wanoja salaku warga nagara anu milu partisipasi dina kahirupan pamaréntah bisa dijalankeun.[4]

    Kasang Tukang édit

    Ngaran sabenerna Émma Poeradiredja nyaéta Rachmat’ulhadiah Poeradiredja, tapi ieu ngaran téh teu pernah dipaké jeung teu pati kasohor. Émma Poeradiredja lahir tanggal 12 April 1901 ti pasangan Radén Kardata Poeradiredja (9 Maret 1880 – 28 Pébruari 1968) jeung Nyi Radén Siti Djariah binti Sastrasoewega (16 Juni 1885 – 30 Mei 1975).

    Riwayat Atikan édit

    Émma tamat ti HIS (Hollandsche Inlandsche School) Tasikmalaya dina taun 1917. Sanggeus éta neruskeun sakola ka MULO (Meer Uitgebreid Lager Onderwijs). Dina mangsa harita, acan pati loba kaum pribumi anu bisa sakola, komo deui neruskeun ka sakola lanjutan nu leuwih luhur nu maké basa Walanda.[5] Émma kaasup wanoja nu munggaran nu neruskeun ka MULO. Satuluyna Émma pindah ka MULO Salémba di Batavia, kalayan tamat dina taun 1921. Dina taun 1957, inyana meunang Certificate of Achievement dina widang Cooperative Administration ti School for Workers, University of Wisconsin, Amerika Serikat.[6]

    Pasi jeung Partisipasi édit

    Tanggal 30 Maret 1930, Émma jeung Salsih Woelan, Neno Ratnawinadi, Kosami Atmadinata, Haningsing Marahjani, jeung Oetari Satjadidjaja, ngawangun Pasoendan Bagian Istri (PBI). Dina tanggal 1931, ganti ngaran jadi Paoendan Istri (Pasi). Mimiti diwangun, organisasi ieu tujuanna murni pikeun ngaronjatkeun peran wanoja Sunda dina kabudayaan Sunda. Satuluyna, ngabantu, sarta gawé bareng jeung Pagoeyoeban Pasoendan (PP), organisasi nasional, dina sagala wangun usaha nu bisa digawéan ku kaum wanoja. ti mimiti pangajaran, ékonomi, kaperluan umum sarta kamajuan Sunda. Sajalanna waktu, Pasi babarengan jeung PP ngadumaniskeun ngusahakeun kasataan jeung karaharjaan masarakat.[7] Pasi anu diadegkeun dina taun 1930-an téh, aya dina payung Paguyuban Pasundan. Pasi dina enas-enasna ngabogaan reglament jeung pangurus pusat nu disebut Centra Bestuur atawa Rengrengan Sesepoeh Pasoendan Isteri.[8]

    Pajoang Nasib Buruh Karéta Api Indonésia édit

    Émma Poeradiredja mangrupa wanoja penting dina sajarah karéta api Indonésia. Émma kungsi jadi diréktur perburuhan jeung panaratas yayasan-yayasan sosial anu aktif nyieun wadah pikeun panyalindungan jaminan kacilakaan atawa kematian pikeun buruh atawa karyawan anu gawé di PT KAI. Rasa sumanget haat ka kaum buruh éta nu ngabalukarkeun Émma tetep tagen di dinya. Sanjan, tangtangan kacida lobana, upamana ngeunaan idéntitas salaku pribumi jeung wanoja, anu di dunya pagawéan mah kalolobaanna kaum lalaki.

    Tokoh Penting dina Kongrés Pamuda I & II édit

    Emma ogé mangrupa inohong wanoja penting dina kongrés pamuda I & II. Inyana ogé miboga peran di satukangeun "Hari Ibu", anu nepi ka kiwari dipiéling dina unggal 22 Désémber. Pikeun Émma, Hari Ibu éta miboga ma'na anu inklusif ka sakab wanoja, teu ngan saukur wanoja nu ngalahirkeun jeung ngabogaan anak sacara biologis.[9] Émma yakin tur percaya yén wanoja Indonésia mangrupa Indung bangsa. sumanget Émma ngeunaan pentingna wanoja pikeun kamajuan hiji bangsa, jadi kakuatan dina napas perjuanganna.[2]

    Tumbu Kaluar édit

    Rujukan édit

    1. JawaPos.com. "Mengenal Sosok Emma Poeradiredja, Pejuang Wanita dari Bumi Pasundan". JawaPos.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-09-22. 
    2. a b c Fortunae, Benedicta Stella. "Emma Poeradiredja: Perempuan Pejuang Nasib Buruh Kereta Api Indonesia". Perempuan Berkisah. Diakses tanggal 2022-03-19. 
    3. MUNANDAR, ARIS (2021) (dalam bahasa en). PERANAN EMMA POERADIREDJA MEMAJUKAN PENDIDIKAN PEREMPUAN DI BANDUNG MELALUI ORGANISASI PASUNDAN ISTRI TAHUN 1930-1942. http://repositori.unsil.ac.id/5055/. 
    4. a b https://www.researchgate.net/publication/335235847_DINA_MANGSA_TAHAPAN_KATILU_BIOGRAFI_POLITIK_EMMA_POERADIREDJA_1935-1941. 
    5. "Deskripsi tokoh Emma Poeradiredja". Museum Sumpah Pemuda (dalam en-US). Diakses tanggal 2022-03-19.  Archived 2020-11-26 di Wayback Machine
    6. "Mengenal Emma Poeradiredja, Tokoh Sumpah Pemuda Asal Kuningan yang Patut Diteladani". merdeka.com. Diakses tanggal 2022-03-19. 
    7. "Kesetaraan dan Kemerdekaan di Mata Emma Poeradiredja". Validnews.id. Diakses tanggal 2022-03-19. [tumbu nonaktif]
    8. Astuti, Fuji; Kusmarni, Yani (2019-12-23). "Rekam Jejak Perjuangan Pasundan Istri (PASI) di Bandung 1930-1970" (dalam bahasa id). FACTUM: Jurnal Sejarah dan Pendidikan Sejarah 8 (2): 187–198. doi:10.17509/factum.v8i2.22149. ISSN 2615-515X. https://ejournal.upi.edu/index.php/factum/article/view/22149. 
    9. antaranews.com. "Museum Sumpah Pemuda tampilkan Emma Poeradiredja". Antara News. Diakses tanggal 2022-03-19.