Hermann von Helmholtz
Hermann von Helmholtz (1821-1894) ilubiung dina dua pamekaran anu pangpentingna dina élmu pangaweruh fisika jeung falsafah dina abad ka-19.[1] Bukti yén géométri Euclidean teu ngajelaskeun ruang anu bisa ditingali jeung fisikna ukur mungkin jeung ngésérna ina fisika dumasar kalakuan antara partikel dina jarak pikeun téori médan.[1] Helmholtz ngahasilkeun jumlah anu pohara loba dina widang kaélmuanana, kaasup ngarumuskeun konsérvasi énérgi, persamaan puseur pikeu dinamika fluida, gagasan énérgi bébas dina térmodinamika, jeung panimual optalmoskop. Pikeun tambahanana, anjeunna ogé boga kontribusi dina épistimologi élmu dina falsafah.[1]
Tina hasil coba-coba Helmoltz nunjukkeun yén cahaya anu asup kana pupil téh dipantulkeun deui kana sumberna.[2] Tuluy, cahaya nuturkeun jalur anu sarua kaluar tina panon sabari asup deui kana pupil.[2] Kalawan maké éta optalmoskop darurat, Helmotz bisa nempatkeun panonna di jalur sinar cahaya anu asup jeung ninggalkeun panon pasien, nu antukna ngamungkinkeun retina pasien bisa ditingali.[2]
Helmholtz téh lain jelema mimiti anu bisa ningali retina hirup atawa jelema munggaran anu nyiptakeun alat pikeun ningalina.[2] Johannes Purkinje geus nyieun timuan dina taun 1832 jeung optalmoskp kuno jieunan Charles babbage méh sarupa jeung désain Helmholtz taun 1847.[2]
Sumber
édit- ↑ a b c (en)Hermann von Helmholtz (diakses tanggal 14 November 2011)
- ↑ a b c d e (en)The Ophthalmoscope and Hermann von Helmholtz (diakses tanggal 14 November 2011)
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |