Pajeg: Béda antarrépisi
Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan |
Tidak ada ringkasan suntingan |
||
Baris ka-1:
'''Pajeg''' numutkeun Undang-Undang RI Nomer 28 taun 2007 ngeunaan Parubahan Katilu UU Nomer 6 taun 1983 ngeunaan Katangtuan Umum jeung Tatacara Pamajegan nyaeta pamere nu dikudukeun (wajib) ka [[nagara]] nu diitung jadi hutang nu sipatna bisa dipaksakeun ka diri pribadi atawa unit usaha nu didadasaran ku Undang-Undang, anu eta pamere teh henteu ngabalukarkeun ayana pamere/imbalan langsung ti nagara jeung eta pamere nu diwajibkeun teh digunakeun keur kaperluan nagara pikeun kamakmuran nu panghadena ka rahayat.
Numutkeun ''Kath Ninghtingale'' dina Pamajegan - Teori jeung Praktek, aya sababaraha tujuan nu jadi cukang dijieun jeung diterapkeun pajeg di hiji nagara, diantarana:
* 1. Keur ngamodalan barang jeung fasilitas keur umum, balarea (publik)teu ngabedakeun saha-sahana, misalna bae ngamodalan jambatan, pakarang keur perang;
Baris ka-8:
* 4. Jadi alat ngatur (regulasi) keur ngadukung stabilitas ekonomi, ieu tumali jeung kawijakan ekonomi upamana pajeg keur ngatur tingkat inflasi.
Oge ceuk ''Nightingale'' pajeg bisa dikobongkeun (''klasifikasi'') jadi 4 kobong, nyaeta:
* Numutkeun Dadasar (basis)nu ngawengku: (1) Pajeg Panghasilan - jalma pribadi jeung pausahaan; (2) Pajeg Modal - panambahan modal jeung warisan; (3) Pajeg konsumsi - pajeg panambahan nilai (PPN) jeung bea.
Baris ka-15:
* Distribusi beban pajeg, nyaeta nangtukeun gedena pajeg nu jadi beban, nyaeta: (1) ''progressive'' mun tarif pajeg lewih gede, naek terus mun nu dipajeg nilaina naek terus oge; (2) ''proporsional''mun tarif pajeg gedena saimbang jeung kanaekan nu dipajeg; (3) ''regressive" mun tarif pajeg turun lamun nu dipajeg naek nilaina (kabalikan ti ''progressive")
Pajeg di Indonesia dibedakeun jadi pajeg pamarentah pusat nu ngawengku saIndonesia. Lain ti eta aya oge pajeg daerah nu dijieun jeung diterapkeun ngan di daerahna sewang-sewangan nu sering disebut retribusi, pajeg pangwangunan daerah.
|