Konten dihapus Konten ditambahkan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-8:
| Asal = [[Astinapura]], [[Karajaan Kuru]]
}}
'''Bisma''' ([[Basa Sanskerta|Sanskerta]]: भीष्म, ''Bhīshma'') lahir kalayan ngaran '''Dewabrata''' ([[Basa Sanskerta|Sanskerta]]: देवव्रत, ''Dévavrata''), nyaéta salah sahiji inohong utama dina [[wiracarita]] ''[[MahabharataMahabarata]]''. Manéhna téh putera ti pasangan Prabu [[Santanu]] jeung [[Dewi Gangga]]. Manéhna ogé mangrupa aki ti [[Pandawa]] jeung [[Kurawa]]. Sawaktu ngora manéhna ngaranna Dewabrata, tapi diganti jadi Bisma saprak manéhna sumpah moal kawin saumur hirup. Bisma ahli dina sagala wanda peperangan sarta pohara dipikaajrih ku [[Pandawa]] sarta [[Kurawa]]. Manéhna gugur dina hiji perang badag di [[Kurusetra]] ku panah anu dilepaskan ku [[Srikandi]] kalayan bantuan [[Arjuna]]. tapi manéhna henteu pupus dina waktu éta ogé. Manéhna sempet hirup salila sawatara poé sarta nyaksian kaancuran para [[Kurawa]]. Manéhna ngaleupaskeun nafas panungtungan waktu panonpoé aya di kalér (''Uttarayana'').
 
== Harti ngaran ==
Baris ka-19:
 
== Awal kahirupan ==
[[Image:Razmnama Dronacharya.jpg|right|240px|thumb|"Maotna Bisma". Lukisan ti buku ''Razmnama'', atawa ''[[MahabharataMahabarata]]'' vérsi [[Persia]].]]
 
Samentara tujuh lanceukna anu geus lahir maot alatan diteuleumkeun ka [[walungan Gangga]] ku indung maranéhanana sorangan, Bisma mah bisa salamet alatan polah indungna kaburu kanyahoan sarta dihalangan ku bapana. Satuluyna, Dewi Gangga naek ka surga mawa Bisma anu masih orok ninggalkeun Prabu [[Santanu]] sorangan. Sanggeus 36 taun ti harita, Sang Prabu manggihan puteranya sacara henteu ngahaja di hilir [[walungan Gangga]]. [[Dewi Gangga]] satuluyna mikeun éta budak ka Sang Prabu, sarta méré ngaran Déwabrata. Déwabrata satuluyna jadi pangéran anu calakan sarta gagah, ogé dicalonkan salaku pawaris karajaan. Tapi alatan jangjina ka Sang Dasapati, bapana [[Satyawati]] (indung téréna), manéhna réla pikeun henteu narima waris tahta sarta henteu kawin saumur hirup ambéh jaga turunanana henteu silih rebut tahta karajaan jeung turunan Satyawati. Alatan keihlasna kasebut, manéhna dibéré ngaran Bisma sarta disinugrahan layeut jeung Sang Déwa Waktu nu temahna manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan.
Baris ka-56:
 
[[Berkas:Bhismaarrowbed.jpg|right|300px|thumb|Bisma saré kalayan awak anu karancang ku ratusan panah bari méré piwejang ka [[Pandawa]] jeung [[Kurawa]].]]
Bisma ogé ngomong lamun pihak [[Pandawa]] hayang ngéléhkeunana, maranéhanana kudu nempatkeun hiji jalma anu ngajadikeun Bisma sungkan pikeun tarung di hareupeun karéta [[Arjuna]], alatan manéhna yakin ngan Arjuna sarta [[Kresna]] anu sanggup ngéléhkeunana dina peperangan. Kalayan nyumput di tukangeun jelema anu ngajadikeun Bisma sungkan jurit, [[Arjuna]] kudu sanggup ngalumpuhkeun Bisma ku panah-panahna. Nujul kana katerangan kasebut, [[Kresna]] nyadarkeun Arjuna ngeunaan kawajibanana. Sanajan Arjuna ajrih kénéh, tapi manéhna kudu ngaréngsékeun pancén kasebut. Dina poé kasapuluh, [[Srikandi]] narajang Bisma, tapi Bisma henteu ngalawan. Di tukangeun [[Srikandi]], Arjuna mentangkeun panah-panahna anu hébat sarta hasil ngalumpuhkan Bisma. Panah-panah kasebut mebes sarta nembus [[baju beusi]]na, saterusna Bisma lagrag tina karétana, tapi awakna henteu antel kana taneuh lantaran disoko ku puluhan [[panah]] anu mebes dina awakna. Tapi Bisma henteu gugur saharitaeun alatan manéhna kaci nangtukeun waktu maotna sorangan. Bisma ngaleupaskeun nafas pamungkasna sanggeus manéhna nyaksian ancurna pasukan [[Kurawa]] sarta sanggeus manéhna méré piwejang ka [[Yudistira]] sanggeus perang [[BharatayuddhaBaratayuda]] réngsé.
 
=== Riwayat ===
 
Bisma nyaéta anak Prabu [[Santanu]], Raja Astina jeung [[Dewi Gangga]]. Waktu leutik ngaranna téh Radén [[Déwabrata]] anu hartina turunan BharataBarata anu luhur. Manéhna ogé miboga ngaran séjén nyaéta Ganggadata. Manéhna nyaéta salah sahiji inohong [[wayang]] anu henteu kawin anu disebut ku istilah ''Brahmacarin''. Dumuk di patapaan Talkanda. Bisma dina pawayangan digambarkan salaku saurang anu sakti, di mana sabenerna manéhna téh ngabogaan hak kana tahta [[Astina]] tapi alatan kahayang anu luhur ti dirina demi nyingkahan ''perpecahan'' nagara [[Astina]] manéhna rela henteu jadi [[raja]].
 
Resi Bisma pohara sakti mandraguna sarta réa anu taluk ka manéhna. Manéhna miluan [[sayembara]] pikeun meunangkeun putri pikeun Raja [[Astina]] sarta ngaboyong 3 putri. Salah sahiji putri anu dibeunangkeunana nyaéta [[Dewi Amba]]. Dewi Amba tétéla mitresna Bisma. Bisma henteu bisa nampa kaasih Dewi Amba alatan manéhna ngan wawakil pikeun ngabeunangkeun Dewi Amba. Tapi Dewi Amba tetep keukeuh ngan daék kawin jeung Bisma. Bisma ogé nyingsieunan Dewi Amba ku pakarang saktina anu malahan henteu ngahaja nelasan Dewi Amba. Dewi Amba anu keur sakarat dikeukeup ku Bisma bari nyarita yén saéstuna dirina ogé mitresna Dewi Amba. Sanggeus roh Dewi Amba kaluar ti jasadnya saterusna ngomong yén manéhna baris mapag Bisma hiji waktu ambéh bisa babarengan di alam séjén sarta Bisma ogé nyangupan. Dicaritakeun yén roh Dewi Amba nitis [[reinkarnasi]] ka [[Srikandi]] anu baris maéhan Bisma dina perang [[Baratayuda]].
Baris ka-79:
 
== Tumbu kaluar ==
* {{en}} [http://www.mahabharataonline.com/ InohongPalaku sarta carita dina MahabharataMahabarata]
* {{en}} [http://moralstories.wordpress.com/2006/09/24/dharmabalam/ Carita anu némbongkeun keagungan Bisma]
 
Baris ka-85:
{{Palaku Mahabarata}}
 
[[Kategori:InohongPalaku Mahabarata]]
 
[[id:Bisma]]