Balakutak: Béda antarrépisi
Konten dihapus Konten ditambahkan
Baris ka-22:
Balakutak boga struktur jero nu loba porina nu disebut ''cuttlebone'', nu eusina [[kalsium karbonat]], sangkan bisa ngambang. Ngambangna ieu diatur ku cara ngarobah babandingan cairan jeung gas nu aya di jerona. Unggal spésiés balakutak téh boga dedegan nu béda-béda, boh ukuran, kelir, atawa 'tulang'na. Tulangna ieu sok diparabkeun ka [[parkit]] atawa manuk kukutan lianna pikeun asupan [[kalsium]].
Balakutak kadang disebut ogé [[londok]] laut, sabab pinter nyamur ngarobah kelir [[kulit]]na luyu jeung lingkunganana. Robahna kelir kulit ieu ogé dipaké salaku isarat pikeun balakutak lianna salaku iber ayana bahya. Kamonésan ieu téh dihasilkeun ku [[kromatofor]] sagolongan warna [[beureum]], [[konéng]], [[coklat]], jeung [[hideung]] luhureun lapisan eunteung iridofor jeung leukofor, nu ngandung 200-an sél [[pigmén]] husus dina unggal samilliméter pasagi kulitna. <!--The pigmented chromatophores have a sac of pigment and a large membrane that is folded when retracted. There are 6-20 small muscle cells on the sides which can contract to squash the elastic sac into a disc against the skin. Yellow chromatophores (xanthophores) are closest to the surface of the skin, red and orange are below (erythrophores), and brown or black are just above the iridophore layer (melanophores). The iridophores reflect blue and green light. Iridophores are plates of [[chitin]] or [[protein]], which can reflect the environment around a cuttlefish. They are responsible for the metallic blues, greens, golds, and silvers often seen on cuttlefish. All of these cells can be used in combinations. For example: orange would be produced by red and yellow chromatophores, while purple could be created by a red chromatophore and an iridophore. The cuttlefish could also use an iridophore and a yellow chromatophore to produce a brighter green. As well as being able to influence the color of the light that reflects off their skin, cuttlefish can also affect the light's [[polarization]], which can be used to signal to other marine animals, many of whom can also sense polarization.-->
[[Panon]] balakutak téh kawilang pangmekarna dina karajaan sato mah. Panonna sarupa jeung panon [[manusa]], ngan [[pupil]]na ngabentuk kurva "w". Najan teu bisa nénjo kelor, panonna bisa nampa polarisasi cahya nu penting pikeun ngaronjatkeun kontrasna. Dina [[rétina]]na aya dua titik sél sénsor (katelah [[fovea]]), nu gunana pikeun nempo leuwih ka hareup jeung ka tukang. Robahna fokus béda ti panon manusa nu ngatur lénsana, tapi ku jalan ngarobah panon sagemblengna.
▲[[Image:Cuttlefish by cx ed.jpg|thumb|250px|left|A cuttlefish]]
Getih balakutak kelirna bulao semu héjo, kusabab ayana [[protéin]] [[hémosianin]] nu ngandung [[tambaga]], nu pancénna pikeun ngakut [[oksigén]] (sawanda jeung [[beusi]] dina [[hémoglobin]] dina getih manusa). Getihna dikompa ku tilu [[jantung]] nu misah; nu sapasang pikeun ngompa getih kana [[insang]] (masing-masing hiji), sedengkeun nu hiji deui pikeun ngompa getih ka sakujur awak lianna. Aliran getih balakutak leuwih gancang batan kalolobaan sato lianna, kusabab kamampuh hémosianin pikeun ngabeungkeut oksigén leuwih leutik batan hémoglobin.
Balakutak boga [[mangsi]] kawas cumi-cumi jeung [[gurita]]. Baheula, mangsi ieu sok dipaké sakalu panyelup nu disebut [[kelir sépia|sépia]].
|