Konten dihapus Konten ditambahkan
VolkovBot (obrolan | kontribusi)
Xqbot (obrolan | kontribusi)
m r2.7.2) (bot Nambih: sk:Hurma; kosmetik perubahan
Baris ka-17:
'''Kesemek''' nyaéta ngaran sarupaning [[bungbuahan]] ti marga ''[[éboni|Diospyros]]''. Pepelakan ieu dipikawanoh ogé kalayan sebutan ''buah kaki'', atawa dina [[basa Inggris]] dingaranan ''Oriental (Chinese/Japanese) persimmon''. Ngaran ilmiahna nyaéta ''Diospyros kaki''. (‘kaki’, [[basa Jepang]], nyaéta ngaran zat tanin anu dihasilkeun ku buah ieu).
 
== Gambaran ==
Tangkal kesemek ukuranana leutik nepi ka sedeng, 15 [[méter|m]] atawa kurang, ''dioesis'' (''dioecious'', boga imah dua) sarta sakapeung monoesis, boga tangkal pondok sarta bararéngkok, réa dahan, sarta ngagugurkeun daun.
 
Daun dina dua jajaran, kasusun sulang-seling, boga gagang pondok lk. 3 cm, [[bunder]], bunder endog nepi ka jorong, 2,5-15 × 5-25 cm, héjo konéng ngagurilap.
 
== Hasil sarta kaguna ==
[[Gambar:Kaki4.jpg|thumb|220px|Tangkal kesemek keur buahan]]
Kesemek anu asak boga warna antara [[jingga]] semu [[konéng]] nepi ka semu beureum sarta boga [[diaméter]] antara 2-8 cm. Buah ieu bisa didahar langsung dina kaayaan seger sanggeus diulasan ku cai [[kapur]] sarta dipeuyeum, ambéh rasa [[kesed]]na leungit. Buah ieu ogé bisa digaringkeun atawa dikokolakeun jadi selé, ager, és krim sarta nu séjén-séjénna. Buah kesemek seger ngandung 19,6% [[karbohidrat]], utamana [[fruktosa]] sarta [[glukosa]], 0,7% protéin, vitamin A sarta kalium.
Baris ka-28:
Buah kesemek anu ngora ngandung zat tanin anu dingaranan ''tanin-kaki'', anu ngabalukarkeun rasa kesed dina buah. [[Zat]] ieu baris ngurangan sajalan jeung asakna buah. Tanin-kaki dimangpaatkeun pikeun ngawétkan sagala rupa karajinan leungeun, mantuan produksi [[inuman alkohol|arak]]-béas di Jepang, sarta bahan ngubaran panyakit [[hiperténsi]].
 
== Asal-usul sarta sumebarna ==
[[Gambar:PersimmonWatercolor.jpg|thumb|100px|left|Kesemek 'Hachiya' ti Jepang, 柿 – lukisan cét cai 1887]]
Kesemek asalna ti [[Républik Rahayat Cina]], anu saterusna sumebar ka [[Jepang]] dina jaman purba sarta dibudidayakeun di ditu. KAdieunakeun buah ieu sumebar ka bagian séjén Asia, sarta dina mangsa pangjajahan Walanda dina taun 1800an dibawa ka [[Éropa]] kidul sarta [[Amérika]] ([[Kalifornia]]).
Baris ka-36:
Di [[Indonésia]], [[Malaysia]] sarta [[Thailand]], produksi kesemek umumna ngan mahi keur konsumsi lokal. [[Sumatera Kalér]], hususna wewengkon Brastagi, dina mangsa katukang kungsi sacara tetep ngirimkeun kesemek ka [[Singapura]]; tapi kiwari kaeureunkeun alatan kualitasna kadéséh ku kesemek produksi nagara-nagara séjén. Tempat-tempat séjén di Indonésia anu ngahasilkeun kesemek di antarana nyaéta [[Jawa Kulon]] jeung [[Jawa Wétan]], di mana buah ieu dipelak di wewengkon-wewengkon nu luhur di pagunungan.
 
== Bahan bacaan ==
* Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. ''Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan''. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.
 
Baris ka-74:
[[ru:Хурма восточная]]
[[scn:Fruttu magnu]]
[[sk:Hurma]]
[[sl:Kaki]]
[[sv:Kaki]]