Konten dihapus Konten ditambahkan
SU08ayu (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-11:
[[Gambar:Begriffe des Kris 1.jpg|thumb|200px|left|Bagian-bagian Keris]]
Keris miboga bagian-bagian anu ngawengku;'''''landéan''''', '''''duhung''''', '''''warangka'''''.<ref name="buku1"/>Landéan nya éta hulu keris anu dijieun tina kai (aya anu maké [[emas]] atawa dihias ku batu-batuan), bisa diukir gumantung kahayang misalna diukir ngabentuk hulu [[naga]], hulu [[oray]], atawa hulu [[maung]].<ref name="buku1"/>Duhung (awakna) berbentuk gépéng, dua sisina seukeut jeung tungtungna léncop keur nubles, dibagian dua ujungna aya béngkokan anu disebut ''eluk''. <ref name="buku1"/>Carita [[Pajajaran]] miboga keris '''''eluk sanga likur''''' jeung mangrupa keris pusaka Pajajaran.<ref name="buku1"/> Di [[Ciamis]] aya keris pamor anu teu sarua jeung nu lian, tapi sakabéhna perlu ditalungtik kabenerana.<ref name="buku1"/> Warangka nya éta sarung duhung anu dijieun tina dua lambar kai anu bagian luarna dilapisan bahan tina kuningan atawa diukir.<ref name="buku1"/>Di sababaraha tempat masih aya jelema anu ngagunakeun keris minangka wakil pangantén lalaki lamun teu bisa hadir, éta kawinan téh disebut [[kawin keris]]].<ref name="buku1"/>
 
==Fungsi jeung Peran Keris di Masarakat==
Dina kamekaranana keris ngalaman parobahan fungsi dina kontéks sistem budaya anyar masarakat.<ref name="internet1"> [ http://kerisologi.multiply.com/journal/item/4?&show_interstitial=1&u=%2Fjournal%2Fitem Fungsi dan Peran Keris] diakses tanggal 21 Oktober 2011 </ref>Peran sosial dina kontéks sistem budaya ahirna mah leuwih dominan dibandingkeun jeung fungsi téhnisna minangka pakarang keur nubles.<ref name="internet1"/>
Kamekaran fungsi keris diantarana ngawengku;
1. Spiritual-Religius, keris asalna mah mangrupa hiji sarana [[sasajén]]. Keris mangrupa lambang jeung miboga muatan-muatan [[religius]] anu bisaditempo tina wangun dapur jeung [[pamor]]na.
2. Psikologis, keris miboga kakuatan motivasi anu mangaruhan tingkah laku. Hiji jalma jadi wanian sabab miboga [[keris pasopati]], misalna dina [[Babad Tanah Jawi]] dicaritakeun [[Arya Panangsang]] wanian sabab boga keris ‘’setan kober’’.
3. Politis, miboga peran dina percaturan [[pulitik]] karajaan-karajaan [[Nusantara]]. Sumber-sumber [[sajarah]] réa anu nyaritakeun peranan keris dina pulitik karajaan di tanah [[Jawa]].
4. Status Sosial, keris jadi wakil kalungguhan jeung status hiji jalma di masarakat. Keris magrupa salasahiji sarana dina nangtukeun strata sosial masarakat, ieu hal bisa katempo tina pamakéan atawa anu boga keris nu tangtu misalna ‘’dapur kebo lajer’’ keur patani, ‘dapur pasopati’ keur prajurit.
5. Media Komunikasi, keris mampuh mawa talatah anu bisa kabaca eusina dina system budaya masarakat Jawa.
6. Magis, kakuatan magis masih dipercaya ku sabagian masarakat.
7. Estétis jeung Artistik, keris jadi médium éksprési [[kasenian]].
8. Komoditas ékonomi, keris diproduksi jeung dijual ti baheula kénéh nepi ka ayeuna.
9. Panglengkep Busanan, keris jadi aksésoris busana tradisi.
 
 
==Cara Mikeun Keris==