Ngeuyeuk seureuh: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
perbaiki penulisan sumber
SU42Rita (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-5:
di rohangan tengah diamparkeun kaén sarung poléng atawa kasang-jinem,diluhurna tendeun baki anu eusina seureuh anu masih kénéh aya gagangan anu geus disusun, [[kapur sereuh]] sababaraha bungkus, [[gambir]] sababaraha siki, [[bako]] sababaraha hiji, [[jambé]] sababaraha hiji anu geus di[[kacip]]<ref name="sumber1"></ref>. biasana éta kabéh dibawa ku lalaki nalika seserahan<ref name="sumber1"></ref>.
digigireunana aya hiji lampu cémpor anu tujuh sumbuna, maké minyak kalapa<ref name="sumber1"></ref>. Sanajan tibeurang tapi angger éta lampu dipasang<ref name="sumber1"></ref>. lian ti éta aya ogé bokor anu eusina béas dicampurkeun jeung kunir anu geus disiksikan jeung duit récéh<ref name="sumber1"></ref>.
 
==Léngkah-léngkah anu kudu diperhatikeun nalika Upacara Ngeuyeuk seureuh<ref name="sumber2"></ref>==
*Saurang bapa jeung indung salaku wawakil ti kolot pangantèn awèwè jeung pangantèn lalaki babarengan maca sajak pantun anu eusina papatah silih tembalan dina basa sunda<ref name="sumber2"></ref>.
*Talian 5 nyèrè anu ''disabetkeun'' lalaunan kapangantén lalaki jeung pangantén awéwé ku dua pihak kolot sababaraha kali<ref name="sumber2"></ref>.
*Panganten dititah nyokot duit récéh anu aya dihandapeun samak<ref name="sumber2"></ref>. Hal ieu boga makna yèn saha waé anu meunang duit loba hartina manéhna pinter neangan duit<ref name="sumber2"></ref>. Duit éta dibikeun kajuru rias jang diteundeun<ref name="sumber2"></ref>.
*Juru rias mèrè tujuh lambar daun seureuh ka pangantén awéwé ogé tujuh lambar ka pangantén lalaki<ref name="sumber2"></ref>. Lian ti èta masing-masing pangantèn meunang ''benang lawè'' saperluna<ref name="sumber2"></ref>. Pangantèn paheula-heula ngagulung daun [[seureuh]] hiji – hiji saha nu bérés mimiti hartina leuwih parigel dina rumah tangga<ref name="sumber2"></ref>.
*Benang lawè disambung-sambung jadi hiji jeung dicekelan ku pangantén katut indung bapana. Maksudna jang ngaraketkeun tali kakulawargaan
*Baju pangantén ''peningseut'' dibungkus ku kaén bodas ( panutup ) tuluy dibawa asup kakamar pangentén ku pangantén<ref name="sumber2"></ref>. Saréngséna diuk deui ditempat samèmèhna<ref name="sumber2"></ref>.
*Panganten lalaki meulah waluh konèng, pangantén awéwé ngabagi-bagikeun ka para tamu<ref name="sumber2"></ref>.
*Saputangan anu geus diminyak seungitan dibagi-bagikeun ku pangantén awéwé ka parawan anu aya harita<ref name="sumber2"></ref>.
*Samak anu geus ditataharkeun saméméhna digotong ku pangantén dibantuan ku para tamu tuluy diiringkeun ku kolot pangantén dibawa ka parapatan jalan diiringkeun maké colén<ref name="sumber2"></ref>. Sapapanjang jalan pangantén miceun eusi samak saeutik-saeutik<ref name="sumber2"></ref>. Sabada nepi diparapatan jalan anu geus ditangtukeun sesa eusi samak dibahékeun kabeh kaasup samakna. Maksudna sagala anu ngahalangan bakal leungit<ref name="sumber2"></ref>.
*Saeunggeus èta panganten diiringkeun deui ka imah<ref name="sumber2"></ref>.
*Sanepina di imah pangantén sungkem ka kolotna<ref name="sumber2"></ref>.
*Sabada èta dituluykeun kanu upacara dahar ''sangu kebuli'', Panganten silih huapan<ref name="sumber2"></ref>.
*Sabada silih huapan upacara ngeyeuk seureuh réngsé<ref name="sumber2">[Bratawidjaja, Thomas Wiyasa. 1990 . ''UPACARA PERKAWINAN ADAT SUNDA''. Jakarta: Pustaka Sinar Harapan]</ref>.
 
 
==Referensi==