Monumén Nasional: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-6:
<br />Di tanggal [[17 Agustus]] [[1954]] hiji komite nasional diwentuk jeung sayembara rarancang monumen nasional digelar di taun [[1955]]. Aya 51 karya nu asup, ngan ukur hiji nu dijieun ku Frederich Silaban nu minuhan kriteria nu ditangtukeun ku komite, antarana ngagambarkeun karakter bangsa Indonesia jeung bisa tahan mangabad-abad. Sayembara kadua di taun [[1960]] ngan sakali deui teu aya nu lolos ti 136 pamilon. Pupuhu juri salajengna ménta Silaban pikeun nunjukkeun rarancangna ka Sukarno. Namung Sukarno teu nyatujuan rarancang éta jeung anjeunna ménta monumenna ngawentuk lingga jeung yoni. Silaban tuluy diménta ngarancang monumen ku karya éta, ngan rancangan Silaban kacida badagna nepi ka biayana kacida gedéna jeung teu mampu ditanggung ku anggaran nagara, jeung deui kaayaan ekonomi nagara nu buruk. Silaban nolak ngarancang wangunan nu leuwih leutik, jeung nyarankeun pangwangunan ditunda nepi ka ekonomi Indonesia langkung hadé. Sukarno salajengna ménta arsitek R.M. Soedarsono pikeun ngalanjutkeun rancangan éta. Soedarsono ngasupkeun 17, 8, jeung 45, ngalambangkeun [[17 Agustus]] [[1945]] Proklamasi Kemerdekaan Indonesia,ka rarancang monumen éta. <ref name="HEUKEN25"/><ref name="NATMONOFF39">National monument Office, Jakarta (1996) pp. 3-9</ref> luhur cawan ti halaman nya étta 17 meter, lebar dasar monumen nya éta 8 meter, sarta lebar halaman cawan nya éta 45 meter.
<br />Tugu Peringatan Nasional ieu salajengna diwangun di areal saluas 80 hektar. Tugu ieu diarsitek ku Friedrich Silaban jeung R. M. Soedarsono, mimiti diwangun [[17 Agustus]] [[1961]].
== Pangwangunan ==
 
[[Gambar:Sukarno Inspect Monas Construction.JPG|250px|thumb|left|Sukarno ngainspeksi pangwangunan monas. Foto ieu dijieun taun 1963-1964.]]
Pangwangunan kawengku ku tilu tahap. Tahap mimiti, kurun [[1961]]/[[1962]] - [[1964]]/[[1965]] dimimitian kalawan dimimitianna sacara resmi pangawangunan di tanggal [[17 Agustus]] [[1961]] kalawan Sukarno sacara seremonial nacebkeun pasak beton munggaran. Total 284 pasak beton digunakeun salaku fondasi wangunan. Saloba 360 pasak bumi dipelak keur fondasi museum sajarah nasional. Sakabehna fondasi bérés di bulan [[Maret]] [[1962]]. Tembok museum di dasar rengsé di bulan [[Oktober]]. Pangwangunan obelisk salajengna dimimitain jeung rengsé bulan [[Agustus]] [[1963]]. Pangwangunan kadua lumangsung ti kurun 1966 nepi ka 1968 sabab ayana Gerakan 30 September 1965 (G-30-S/PKI) jeung upaya kudeta, tahap ieu sempet katunda. Tahap ahir lumangsu ti taun [[1969]]-[[1976]] kalawan nambahkeun diorama di museum sajarah. Sanajan pangwangunan geus rengsé, masalah masih sok kajadian, nya éta bocorna cai nu ngeueum museum. Monumen sacara resmi dibuka keur umum jeung diresmikeun tanggal [[12 Juli]] [[1975]] ku Presiden Republik Indonesia Soeharto.<ref name="NATMONOFF1223">National monument Office, Jakarta (1996) pp. 12-23</ref><ref name="JAKGOVWEBSITE">Jakarta Administration website</ref> Lokasi pangwangunan monumen ieu dipikawanoh ku ngaran Medan Merdeka. Lapangan Monas ngalaman lima kali ganti ngaran nya éta ''Lapangan Gambir'', ''Lapangan Ikada'', ''Lapangan Merdeka'', ''Lapangan Monas'', jeung ''Taman Monas''. Di sakuriling tugu aya taman, dua kolam jeung sababaraha lapangan kabuka tempat olahraga. Di poé libur Medan Merdeka dipinuhan ku pangunjung nu rekreasi nempo Tugu Monas jeung ngalakukeun sababaraha aktivitas dina taman.