Monumén Nasional: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Baris ka-11:
Pangwangunan kawengku ku tilu tahap. Tahap mimiti, kurun [[1961]]/[[1962]] - [[1964]]/[[1965]] dimimitian kalawan dimimitianna sacara resmi pangawangunan di tanggal [[17 Agustus]] [[1961]] kalawan Sukarno sacara seremonial nacebkeun pasak beton munggaran. Total 284 pasak beton digunakeun salaku fondasi wangunan. Saloba 360 pasak bumi dipelak keur fondasi museum sajarah nasional. Sakabehna fondasi bérés di bulan [[Maret]] [[1962]]. Tembok museum di dasar rengsé di bulan [[Oktober]]. Pangwangunan obelisk salajengna dimimitain jeung rengsé bulan [[Agustus]] [[1963]]. Pangwangunan kadua lumangsung ti kurun 1966 nepi ka 1968 sabab ayana Gerakan 30 September 1965 (G-30-S/PKI) jeung upaya kudeta, tahap ieu sempet katunda. Tahap ahir lumangsu ti taun [[1969]]-[[1976]] kalawan nambahkeun diorama di museum sajarah. Sanajan pangwangunan geus rengsé, masalah masih sok kajadian, nya éta bocorna cai nu ngeueum museum. Monumen sacara resmi dibuka keur umum jeung diresmikeun tanggal [[12 Juli]] [[1975]] ku Presiden Republik Indonesia Soeharto.<ref name="NATMONOFF1223">National monument Office, Jakarta (1996) pp. 12-23</ref><ref name="JAKGOVWEBSITE">Jakarta Administration website</ref> Lokasi pangwangunan monumen ieu dipikawanoh ku ngaran Medan Merdeka. Lapangan Monas ngalaman lima kali ganti ngaran nya éta ''Lapangan Gambir'', ''Lapangan Ikada'', ''Lapangan Merdeka'', ''Lapangan Monas'', jeung ''Taman Monas''. Di sakuriling tugu aya taman, dua kolam jeung sababaraha lapangan kabuka tempat olahraga. Di poé libur Medan Merdeka dipinuhan ku pangunjung nu rekreasi nempo Tugu Monas jeung ngalakukeun sababaraha aktivitas dina taman.
== Rancang Wangun Monumen ==
[[Gambar:MonasConstruction2.jpg|thumb|300px|right|Rekonstruksi Monas]]
Rancang wangun Tugu Monas dumasar kana konsep pasangan universak nu abadi; Lingga jeung Yoni. Tugu obelisk nu ngajulang nya éta lingga nu ngalambangkeun lalaki, elemen maskulin nu sifatna aktif jeung positif, sarta ngalambangkeun siang. Cawan ngalambangkeun Yoni nu ngalambangkeun awéwé, elemen feminin nu pasif jeung negatif sarta ngalambangkeun peuting. <ref>Monument Nasional brochure; Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi DKI Jakarta, Unit Pengelola Monumen Nasional</ref> Lingga jeung yoni mangrupa lambang kasuburan jeung hiji harmonis nu silih lengkepan ti mangsa prasejarang Indonesia. Iwal éta wentuk Monas disawang saperti sapasang "halu" jeung "lisung", alat nutu paré anu dimeunangkeun di unggal imah patani tradisional Indonesia. Ku kituna wangun Monas pinuh ku dimensi has budaya Indonesia. Monumen kawengku ku 117,7 meter obelisk diluhur landasan pasagi saluhur 17 meter. Palataran cawan. Monumen ieu dilapis ku marmer Italia.
</br>Kolam di Taman Medan Merdeka Utara ukuranna 25 x 25 meter dirancang salaku bagéan ti sistem paniis hawa sakaligus nambah kaéndahan tampilan Taman Monas. Di deukeutna aya kolam air mancur jeung patung Patung Diponegor nu keur numpak kudana, dijieun ti perunggu beuratna 8 ton. Patung ieu dijieun ku pamatung Italia, Prof. Coberlato salaku sumbangan ti Konsulat Jendral Honores, Dr Mario Bross di Indonesia. Pintu asup Monas aya di taman Medan Merdeka kalér deukeut patung Pangeran Diponegoro. Panto asup ngaliwatan terowongan 3 meter di handap taman jeung jalan silang monas ieu nu jadi pintu asup pangunjung tugu Monas. Loket tiket aya di tungtung terowongan. Nalika pangunjung naék balik, ka sisi kalér Monas, pangunjung bisa ngalanjutkeun kukurilingan nempo relief sajarah pajoangan Indonesia; asup ka jero museum nasional ngaliwatan sisi timur laut, atawa langsung naék ka tengan ka ruang kamerdikaan atawa lift ka puncak monumen.