Konten dihapus Konten ditambahkan
Nyieun kaca anyar Protozoa nyaéta wangun sato anu pangbasajanna anu dipikawanoh manusa salila ieu, sabab manéhna ngan diwangun ti hiji sél tunggal.
 
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
'''Protozoa''' mangrupa jumlukan séjén tina [[protista eukariotik]], manéhna ngan diwangun ku hiji [[sél tunggal]]. Kabéh protozoa hirup di [[cai]] atawa tempat anu baseuh.<ref name=sumber1> Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1979. Apa dan Mengapa?. Jakarta: CV Pelita Indonesia. Kaca 144</ref> Manéhna bisa [[moro]], néangan kadaharan, saterusna nyerepan [[kadaharan]] éta.<ref name=sumber1></ref> Manéhna bisa nyerep kadaharan éta sarta ngokolakeunana jadi zat anu hirup. <ref name=sumber1></ref> Manéhna bisa nafas sarta ngalaksanakeun prosés pameuleuman kana kadaharan anu didahar, tuluy miceun kokotorna sorangan.<ref name=sumber1></ref> Protozoa ogé bisa nuluykeun turunan jenisna.<ref name=sumber1></ref>
Protozoa nyaéta wangun sato anu pangbasajanna anu dipikawanoh manusa salila ieu, sabab manéhna ngan diwangun ti hiji sél tunggal.
Protozoa ngalobaan dirina ku cara meulah diri jadi dua sarta unggal beulahan éta ngajanggélék jadi sato anyar anu kapisah sarta pepek ogé.<ref name=sumber1></ref> Tapi bisa ogé ku cara ngabalukarkeun bareuh-bareuh leutik anu disebut kuncup, anu lamun peupeus baris nyieun [[sato]] anu anyar sarta kapisah.<ref name=sumber1></ref> Aya leuwih ti 15.000 macem protozoa ku kituna para ahli élmu pangaweruh geus ngabagi-bagina dina sagala rupa golongan sarta jumplukan.<ref name=sumber1></ref> Dua golongan utama protozoa éta téh “[[rhizopoda]]” sarta anu séjénna deui “[[infusoria]]”.<ref name=sumber1></ref>
Jenis Rhizopoda miboga “suku semu” anu bisa ngayun ka sagala rupa jurusan sarta bisa ogé dikenyang balik surut ka dina awakna.<ref name=sumber1></ref> Salah sahiji kulawarga golongan ieu anu metot perhatian nyaéta “[[Foraminifera]]” atawa si penggurdi liang.<ref name=sumber1></ref> Maranéhanana maké kulit kerang leutik-leutik dijieun ti zat kapur, di mana aya liang-liang leutik didinyana.<ref name=sumber1></ref> Sato ieu hirup di sagara anu suhuna panas sarta sedeng.<ref name=sumber1></ref> Lamun maot, kulit kerangna éta murag ka dasar [[sagara]] sarta salila perédaran jaman anu mangabad-abad lilana sésana téh bakal ngahasilkeun bahan [[tambang kapur]].<ref name=sumber1></ref>
[[Infusoria]] kaasup jenis protozoa anu leuwih hésé susunanana.<ref name=sumber1></ref> Manéhna miboga bulu-bulu lemes anu nonjol ka luar ti sélna, anu dipakéna minangka dayung pikeun usik di jero [[cai]].<ref name=sumber1></ref> Wangun protozoa anu leuwih maju geus ngabogaan bulu-bulu [[buuk]] anu nonjol sarta disebut “silia”.<ref name=sumber1></ref>
Protozoa nu tangtu hirup minangka parasit di jero diri [[manusa]] atawa sato.<ref name=sumber1></ref> Dina tingkat kahirupan maranéhanana anu nu tangtu, maranéhanana nyieun [[spora]].<ref name=sumber1></ref> Sawatara ti protozoa ieu ngabalukarkeun panyakit kawas [[malari]] sarta panyakit saré dina manusa.
==Sistem Transportasi Protozoa==
Protozoa teu kaasup jumplukan sato tapi kaasup [[protista]] jiga sato.<ref name=sumber2> {{id}} Syamsuri, Istamar. Biologi Jilid II Untuk SMA Kelas XI Semester 1. Jakarta: Erlangga.</ref> Protozoa henteu miboga pakakas transportasi husus. Ku alatan awakna ngan kasusun kana hiji sél, sakumna aktivitas hirupna dilaksanakeun ku sél éta sorangan, kaasup prosés transportasina conto protozoa antara séjén [[Amoeba]] sarta [[Paramecium]]. Protozoa nyerepan oksigen sarta cai ngaliwatan sakumna permukaan awakna. Zat éta asup ka dina plasma sél. Saterusna zat-zat kasebut medar di jero [[sitoplasma]] ngaliwatan prosés difusi. Difusi nyaéta perpindahan zat ti konsentrasi luhur ka konsentrasi pendék. Zat-zat anu dihasilkeun dikunjal ku plasma sél ka membran sél pikeun dikaluarkeun. Jadi, membran sél boga fungsi minangka tempat patukerna zat. Zat-zat asup sarta kaluar sél ngaliwatan [[mémbran plasma]].