Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-3:
Dimangpaatkeunana daluang minangka bahan keur kaperluan dina tradisi tulis di Nusantara, numutkeun Pigeaud, dimimitian ti jaman Islam asup ka tanah Jawa. Saméméhna mah ukur digunakeun minangka pakéan upacara kaagamaan [[Hindu]] nu dipaké ku para pandita.<ref name="Pigeaud"> Pigeaud, Th., 1967-70, ''Literature of Java I: Synopsis of Javanese Literature 900-1900'', KITLV. The Hague: Martinus Nijhoff.</ref>
 
Tatapina, aya sawatara pananya nu nepi ka kiwari can meunangkeun jawaban anu tétéla, nyaéta ti iraha daluang robah fungsi tina bahan pakéan jadi bahan pikeun kaperluan tulis tinulis. Uli Kozok, ahli naskah Batak jeung [[Kerinci]] ti Jerman[[Jérman]], kungsi ngalakukeun tés uji [[karbon]] kana naskah nu ditulis dina daluang nu asalna ti Kerinci, Provinsi [[Jambi]]. Dina etaéta uji karboncoba, kalawan ngagunakeun métode karbon C-14 di Wellington University Australia taun 2003, nuduhkeunngahasilkeun kacindekan yén éta naskah téh asalna ti abad ka-14. Itungan waktu éta jigana bisa dijieun tatapakan awal ti iraha daluang mimiti digunakeun minangka alas nulis manuskrip di Nusantara.<ref name="Uli"> Kozok, Uli, 2004, 'Kitab Undang-undang Tanjung Tanah: Naskah Melayu Tertua dari Abad ke-14'. ''Simposium Internasional Pernaskahan Nusantara VIII, 26--28 Juli 2004.'' Jakarta: C-DATS Tokyo University Of Foreign Studies, Manassa Jakarta, UIN Jakarta.</ref> Ku kituna, daluang dijadikeun média nulis naskah téh bisa jadi geus nyampak dina jaman pra-Islam.