Sangkuriang: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Luckas-bot (obrolan | kontribusi)
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Ngarapihkeun
Baris ka-2:
 
'''Sangkuriang ''' atawa '''Sang Kuriang''' nyaéta sasakala anu asalna ti Tatar [[Sunda]]. Sasakala kasebut nyaritakeun jadina situ [[Bandung]], Gunung [[Tangkuban Parahu]], Gunung [[Burangrang]] sarta Gunung [[bukit tungul]].
 
Tina sasakala kasebut, urang bisa nangtukeun geus sabaraha lila urang Sunda hirup di dataran luhur Bandung. Dumasar kana legenda kasebut anu dirojong ku fakta géologi, totorah yén urang Sunda geus hirup di dataran ieu puluhan rebu taun saméméh Maséhi.
 
Sasakala Sangkuriang mimitina mangrupa talari lisan. Rujukan tulisan ngeunaan legenda ieu aya dina naskah [[Bujangga Manik]] anu ditulis dina daun palem anu asalna ti ahir abad ke-15 atawa mimiti abad ke-16 Maséhi. Dina naskah kasebut ditulis yén Pangeran Jaya Pakuan nu boga landihan Pangéran [[Bujangga Manik]] atawa Ameng Layaran ngadatangan tempat-tempat suci agama Hindu di [[pulo Jawa]] sarta [[pulo Bali]] dina ahir abad ke-15.
 
Sanggeus ngalakonan lalampahan panjang, Bujangga Manik anjog ka tempat anu ayeuna jadi dayeuh [[Bandung]]. Manéhna jadi saksi mata anu mimiti nuliskeun ngaran tempat ieu reujeung sasakalana. Laporanana nyaéta saperti kieu:
 
:Leumpang aing ka baratkeun''
:datang ka Bukit Patenggeng''
:Sasakala Sang Kuriang''
:Mangsa dek nyitu Ci tarum''
:Burung tembey kasiangan''
 
==Tingkesan Carita==
 
Dumasar kana sasakala kasebut, dicaritakeun yén Raja Sungging Perbangkara indit moro. Di tengah [[leuweung]] Sang Raja miceun cai mani anu murag kana daun "cariang" (taleus leuweung). Hiji babi leuweung bikang nu ngaranna Wayungyang anu keur tatapa hayang jadi manusa nginum cai mani tadi. Wayungyang reuneuh sarta ngalahirkeun [[orok]] nu geulis. Orok geulis éta dibawa ka karaton ku bapana sarta dibéré ngaran Dayang Sumbi landihan Rarasati. Réa raja anu ngalamar DayanG Sumbi, tapi saurang ogé euweuh anu ditarima. Tungtungna para raja silih perangan. Dayang Sumbi nyingkurkeun diri ka hiji pasir dibaturan ku hiji anjing jalu nyaéta si Tunmang. Sabot keur uplek ninun, [[toropong]] anu keur dipaké ninun kaén ragrag ka handap. Alatan ngarasa haroréam capé, Dayang Sumbi ngucapkeun kecap-kecap anu teu dipikir panjang leuwih tiheula, manéhna jangji yén saha ogé anu mangnyokotkeun toropong anu ragrag lamun lalaki baris dijadikeun salakina. Si Tumang mangnyokotkeun toropong kasebut sarta dibikeun ka Dayang Sumbi. Dayang Sumbi ahirna ngajadikeun si Tumang salakina sarta ahirna ngalahirkeun orok lalaki nu dibéré ngaran Sangkuriang.
Baris 17 ⟶ 22:
 
Sangkuriang indit ngumbara ngurilingan dunya. Sanggeus sakitu lila leumpang ka wétan ahirna manéhna mecenghul di kulon sarta tanpa sadar geus anjog deui ka padumukan Dayang Sumbi. Sangkuriang henteu apal yén putri geulis anu kapanggihna nyaéta Dayang Sumbi – indungna. Sangkuriang jeung Dayang Sumbi silih pikaasih sarta silih mitresna. Tanpa ngahaja Dayang Sumbi nempo urut tatu dina tarang Sangkuriang sahingga nyaho yén Sangkuriang téh anakna sorangan sarta megatkeun tali asih. Cacak kitu Sangkuriang tetep memaksa ngajak lakirabi ka Dayang Sumbi. Tungtungna Dayang Sumbi ménta sarat nu pamohalan kacumponan nyaéta sangkan Sangkuriang mangnyieunkeun parahu sarta situ dina waktu sapeuting ku cara mendet walungan Citarum. Sangkuriang nyanggupan ieu sarat.
 
Mangka Sangkuriang nyieun hiji parahu tina hiji tangkal anu tumuwuh di béh wétan, tutunggul tangkal éta robah jadi gunung [[Bukit Tunggul]]. Régangna ditumpukkan di palebah kulon sarta jadi Gunung [[Burangrang]]. Ku bantuan para guriang, bendungan ampir réngsé dipigawé. Dayang Sumbi reuwas, terus mendeko munajat ka Sang Hyang Tunggal ambéh maksud Sangkuriang henteu kabiruyungan. Dayang Sumbi ngahibar-hibat heulayan boéh rarang (lawon bodas hasil tinunanna), anu temahna ngahasilkeun cahaya caang jiga panonpoé nu rek meleték di béh wétan. Sangkuriang jadi ambek, dina puncak amarahna, bendungan anu aya di Sanghyang Tikoro dibedol, cocok (tutup) kamalir walungan Citarum dialungkeunana ka arah wétan sarta ngajanggélék jadi Gunung [[Manglayan]]. Cai Talaga Bandung ogé jadi surut deui. Parahu anu dipigawé kalawan hésé capé ditalapung ka arah kalér sarta robah wujud jadi Gunung [[Tangkuban Parahu]].
 
Sangkuriang terus ngudag Dayang Sumbi anu dumadakan ngiles di [[Gunung Putri]] sarta robah jadi sagagang kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang sanggeus nepi ka di hiji tempat anu disebut Ujungberung tungtungna ngiles ka alam gaib (Ngahiyang).
 
==Fakta Géologi==
 
Sasakala Sangkuriang luyu jeung fakta géologi ngeunaan kabentukna situ [[Bandung]] sarta Gunung [[Tangkuban Parahu]].{{cite book| title = The Origin and Pre-history of the Sundanese|first=R|last=Koesoemadinata|publisher=Institute of Technology Bandung}}
Baris 28 ⟶ 36:
Hal ieu ngabuktikeun yén karuhun Sunda geus nempatan dataran luhur Bandung sarta nyaksian bitu Plinian kadua anu nyapu padumukan palebah kulon walungan Citarum (kalér sarta kulon situ Bandung) salila période bitu dina 55000-50000 taun katukang waktu Gunung Tangkuban Parahu kabentuk tina sésa-sésa Gunung Sunda buhun. Mangsa ieu téh mangsana homo sapiens; maranéhanana geus kanyahoan hirup di Australia kidul dina 62000 taun katukang, sawaktu jeung Manusa Jawa (Wajak) nu hirup kira 50000 taun katukang.
 
==Sangkuriang jeung Falsafah Sunda==
Numutkeun abah Surya sandiasmana abah [[Hidayat Suryalaga]], urut [[Réktor]] [[Itenas]] [[Bandung]], sasakala Sangkuriang dimaksudkeun pikeun jadi munara cahya (Sungging Perbangkara) pikeun saha ogé manusana (tangkal cariang) anu masih bingbang ku éksisténsi (ayana) dirina sarta hayang manggihan jatidiri kamanusaanana (wayungyang). Hasil tina panyungsian ieu baris ngalahirkeun kereteg haté (nurani) sabagé kabeneran nu sajati (Dayang Sumbi, Rarasati). Tapi lamun henteu dibiruyungan kalawan ati-ati sarta kasadaran nu pinuh/éling (toropong), mangka dirina baris dikawasa ku rasa kabingbang anu teu eureun-eureun (dikawasa ku si Tumang) anu baris ngalahirkeun égo anu hayang meunang sorangan, nyaéta jiwa anu tacan kacaangan (Sangkuriang). Mangsa Sang
Nurani kakawasa deui ku kawaswas (Dayang Sumbi ngadahar haté si Tumang) mangka musnah kasadaran anu sajati. Rasa hanjakal anu kaalaman Sang Nurani dilakonan ku cara merangan kaadigungan rasio Sang Égo (sirah Sangkuriang ditakol). Kaadigungan ogé anu mangaruhan “Sang Égo Rasio” pikeun ngajauhan sarta ninggalkeun Sang Nurani. Tétéla kaadigungan Sang Égo Rasio anu hésé capé néangan élmu (kacerdasan inteléktual) salila pangumbaraanna di dunya (nuju ka arah wétan), tungtungna balik ka kulon anu sacara sadar atawa henteu sadar sok ditéang sarta dipikasono nyaéta Sang Nurani (Pasamoan Sangkuriang jeung Dayang Sumbi).
 
Numutkeun abah Surya sandiasmana abah [[Hidayat Suryalaga]], urut [[Réktor]] [[Itenas]] [[Bandung]], sasakala Sangkuriang dimaksudkeun pikeun jadi munara cahya (Sungging Perbangkara) pikeun saha ogé manusana (tangkal cariang) anu masih bingbang ku éksisténsi (ayana) dirina sarta hayang manggihan jatidiri kamanusaanana (wayungyang). Hasil tina panyungsian ieu baris ngalahirkeun kereteg haté (nurani) sabagé kabeneran nu sajati (Dayang Sumbi, Rarasati). Tapi lamun henteu dibiruyungan kalawan ati-ati sarta kasadaran nu pinuh/éling (toropong), mangka dirina baris dikawasa ku rasa kabingbang anu teu eureun-eureun (dikawasa ku si Tumang) anu baris ngalahirkeun égo anu hayang meunang sorangan, nyaéta jiwa anu tacan kacaangan (Sangkuriang). Mangsa Sang Nurani kakawasa deui ku kawaswas (Dayang Sumbi ngadahar haté si Tumang) mangka musnah kasadaran anu sajati. Rasa hanjakal anu kaalaman Sang Nurani dilakonan ku cara merangan kaadigungan rasio Sang Égo (sirah Sangkuriang ditakol). Kaadigungan ogé anu mangaruhan “Sang Égo Rasio” pikeun ngajauhan sarta ninggalkeun Sang Nurani. Tétéla kaadigungan Sang Égo Rasio anu hésé capé néangan élmu (kacerdasan inteléktual) salila pangumbaraanna di dunya (nuju ka arah wétan), tungtungna balik ka kulon anu sacara sadar atawa henteu sadar sok ditéang sarta dipikasono nyaéta Sang Nurani (Pasamoan Sangkuriang jeung Dayang Sumbi).
 
CacakCacakan kitu, tétéla ngahijina antara Sang Égo Rasio (Sangkuriang) jeung Sang Nurani anu kacaangan (Dayang Sumbi), henteu sagampang anu dikira. Kalayan mawa bekel élmu pangaweruh anu geus dikawasana Sang Égo Rasio (Sangkuriang) kudu sanggup nyieun hiji kahirupan sosial anu dumasar kana kaasih jeung kanyaah, ''interdepéndensi'' – silih asih-asah sarta silih asuh anu humanis harmonis (kamanusan nu salaras), nyaéta hiji talaga kahirupan sosial (nyieun situ Bandung) anu dicicingan ku sagala rupa kumpulan manusa kalawan rupa-rupa parangina (Citarum). Samentara éta, jatidiri nu sagemblengna ogé kudu dijieun ku Sang Égo Rasio sorangan (dijieunna parahu). Ayana Sang Égo Rasio éta ogé henteu leupas tina sajarah dirina, aya tunggul anu jadi asal muasalna (Bukit Tunggul, tangkal sajarah) saprak ti mimiti gumelar (wétan, tempat mimiti medalna kahirupan). Sang Égo Rasio ogé kudu némbongkeun éksisténsi dirina (tutunggul, pananda diri) sarta dina panungtunganana manéhna ogé baris miboga turunan anu kabiruyungan dina masarakat nu baris datang sarta hiji mangsa kabéhana bakal lekasan diteleg ku sang waktu jadi satumpuk tulang (gunung Burangrang).
 
Matak hanjelu lamun tétéla harepan pikeun ngahijina Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani anu kacaangan (ampir ngadahupna Sangkuriang jeung Dayang Sumbi), gagal alatan kaburu aya titik ahir, ahir kahirupan (boéh rarang atawa lawon kafan). Ahirna takdir anu tumiba ka Sang Égo Rasio ngan saukur rasa hanjakal anu kacida sarta ambek ka “dirina”. Mangka kaadigungan rasio dirina ditalapung, jadi waé saurang manusa transéndéntal nu nangkuban nyeungceurikan kasangsaraan anu tumiba kana dirina (Gunung Tangkubanparahu).
 
CacakSanajan kitu, lantaran sang Égo Rasio masih ngarasa panasaran, diudagna terus Sang Nurani anu kacaangan nu dipidangdam (Dayang Sumbi) kalayan harepan bisa luluh ngahiji antara Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani. Tapi tétéla Sang Nurani anu kacaangan ngan némbongkeun diri jadi saksi laku-lampah anu kungsi lumangsung sarta karandapan ku Sang Égo Rasio (kembang Jaksi).
 
Panungtungan carita nyaéta mangsa datangna kasadaran lekasanana kaadigungan rasiona (Ujungberung). Kalayan kasadaranana ogé, dicabut sarta dialungkeunana cocok dominasi kaadigungan rasio (gunung Manglayang). Mangka kiwari kabuka saluran prosés [[komunikasi]] anu sopan jeung saha ogé (Sanghyang Tikoro; babasan: Hadé ku omong goréng ku omong). Sarta kalayan imeut, dijaga pisan kadaharan anu asup kana beuteung teh ngan anu halal beresih sarta méré mangpaat
 
==Rujukan==
Numutkeun bah Engkus Ruswana, salah saurang inohong Sunda, Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun. Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaéta alat pikeun nempo sangkan leuwih taliti, écés tur museur. Tumang téh mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna konéng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun konéng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. ”Tumang” tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu ogé ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang” nyaéta sebutan keur awéwé, harti lianna asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus. Dayang bisa ogé dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = déwa). Sumbi nyaéta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awéwé = ibu pertiwi = bumi). Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yén wujud diri téh hakékatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang).
 
Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, ogé bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awét jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yén ti jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa téh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus paréot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina palsapah/kapercayaan Sunda nétélakeun yén Sang
Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, ogé lain sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan. Ingsun (kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuring na.
 
Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab éta waktu si Tumang di paéhan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaéhan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawé, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaéhan, tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina élmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maéhan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya.
 
Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan élmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawé nu rancagé, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak. Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yén kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakékatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga). Dina ngalaksanakeun gawéna, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa, nyaéta : pangawasa/gerak- langkah, pangersa/kadaék, hirup, pangrungu/déngé, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain béja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna.
 
Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina.
 
Boéh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku élmu/katerang/ kanyaho nu ditembrakkeun/ dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawé akal pikiran). Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawé rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Élmu spiritual Sunda ngajéntrékeun yén aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana pamaréntahan diri, nyaéta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda) . Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boéh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipaké ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajén luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagedé gunung ibarat tunggul (Bukittunggul) , haté nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajén
(Burangrang) . Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weléh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi).
 
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papastén ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa. Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaéta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya ogé ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya,
kulantaran éta teu meunang maéhan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Élmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab éta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakékat kamanusaanana.
 
# Koesoemadinata, R. P., "Asal Usul dan Prasejarah Ki Sunda", Sub theme" "Bidang Kajian Sejarah, Arkeologi dan filologi", in Ajip Rosidi et.al (editor: Edi S.Ekadjati and A.Chaedar Alwasilah)
Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motékar nempa diri sangkan luhung ku élmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tékad, ucap jeung léngkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung). Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaéta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh).
# Hidayat Suryalaga, Kajian Hermeneutika terhadap Legenda dan Mitos Gunung Tangkubanparahu dengan segala aspeknya, Hidayat Suryalaga, Orasi Ilmiah ketika Hari Wisuda Mahasiswa ITENAS, Bandung, 28 Mei 2005.
 
==Tumbu ka Luar==
Kadé masing taliti, yén dina diri manusa téh aya tilu kakuatan nu bisa maréntah diri, nyaéta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan
* {{id}} [http://budaya-indonesia.org/iaci/Legenda_Sangkuriang Legenda Sangkuriang di situs web Budaya Indonesia]
jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina, tungtungna haté ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahadé upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.
* {{id}} [http://www.beritabudaya.com/2010/07/eksotika-wisata-legenda-sangkuriang/ Eksotika wisata legenda Sangkuring di situs web Berita Budaya]
 
[[kategori:sasakala]]