Konten dihapus Konten ditambahkan
MerlIwBot (obrolan | kontribusi)
m bot Nambih: kk:Айкидо
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-36:
| location = Tokyo, Japan
| isbn = 978-0804800044
}}</ref> Tujuan Ueshiba nyaéta supaya praktisi seni béladiri bisa ngabéla dirina samentarasabari nangtayungan musuhna tina tatu.
 
Aikido diciptakeun dina jaman modérnisasi Jepang anu lumangsung kira-kira taun [[1800-an]]. Béladiri ieu ngarupakeun kombinasi antara [[élmu pedang]] [[Kénjutsu]] sarta [[Jujutsu]] anu ogé mangrupa wangun seni béladiri tradisional Jepang. Pangaruh Kénjutsu bisa dititénan dina pangaturan gerak atawa léngkah suku. Sedengkeun pangaruh jujutsu bisa ditingali dina pamakéan téknik koncian sarta lémparan.
 
Seni béladiri ieu diciptakeun kalayan nekenkeun harmonisasi antara ki(tanaga batin) pribadi jeung ki (énergi) alam raya. Aikido ogé nekenkeun kana prinsip kalembutan sarta mikaasih jeung ngabingbing lawan. Prinsip ieu dilarapkeun dina gerak anu henteu nakis serangan lawan ku kakuatan tapi "ngarahkeun" serangan lawan pikeun saterusna nalukkeun lawan tanpa aya niat pikeun natuan lawan. Béda jeung béladiri umumna anu leuwih ngutamakeun latihan kakuatan fisik sarta stamina, aikido leuwih ngagantungkeun latihanana kana pangawasaan diri sarta kasampurnaan téknik. Téknik anu dipaké dina aikido lolobana ngarupakeun téknik pikeun nyingcet, [[koncian]], lémparan, sarta [[bantingan]]. Samentara téknik serangan atawa tajongan dina praktékna langka dipaké. Falsafah-falsafah anu jadi dasar aikido nyaéta kaasih sarta konsép ki; ieu pisan anu ngajadikeun aikido hiji seni béladiri anu mandiri.