Konten dihapus Konten ditambahkan
MerlIwBot (obrolan | kontribusi)
m bot Nambih: fi:Rohtosammakonputki
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-14:
}}
 
'''Antanan''' (''Centella asiatica'') nyaéta sarupaningjinis tutuwuhan "liar" anu réa tumuwuh di pakebonan, huma, sisi jalan, galengan sawah atawa di huma nu rada baseuh. Tuwuhan ieu asalna ti wewengkon Asia tropis, sumebar di [[Asia Tenggara]], kaasup [[Indonésia]], [[India]], [[Republik Rakyat Cina]], [[Jepang]] jeung [[Australia]] satuluyna sumebar ka rupanagara-rupa nagara séjén.
 
Saprak jaman baheula, antanan geus dipaké pikeun [[ubar]] kulit, gangguan saraf sarta ngabenerkeun sirkulasi [[getih]]. Masarakat Sunda [[Jawa Kulon]] mikawanoh tutuwuhan ieu minangka salah sahiji pepelakan pikeun [[lalab]].
 
== Ngaran Lokal ==
Tuwuhan ieu disebut pegaga (Acéh), daun kaki kuda (Malayu), gagan-gagan, rendeng (Jawa), taidah (Bali) sandanan (Irian), broken copper coin, buabok (Inggris), paardevoet (Walanda), gotu kola (India), ji xue cao ([[Hanzi]]).
 
== MacemJinis-jinis antanan ==
Antanan mangrupakeun tutuwuhan ubar taunan anu tumuwuh ngarambat sarta kembangan sapanjang taun. MacemJinis antanan anu réa katimu nyaéta antanan beureum jeung antanan héjo. Antanan beureum dipikawanoh ogé ku sebutan antanan kebon atawa antanan batu alatan réa kapanggih di wewengkon nu loba batuna, garing sarta ''terbuka''negrak. Antanan beureum tumuwuh ngarambat ku [[stolon]] sarta henteu miboga [[tangkal]], tapi miboga [[rhizoma]]. Sedengkeun antanan héjo mindeng réa katimu di wewengkon pasawahan sarta disela-sela jukut. Tempat anu dipikaresep ku antanan héjo nyaéta tempat nu rada beueus sarta ''terbuka''negrak atawa rada kaiuhan. Sajaba ti éta, aya opat tuwuhan nu mirupa antanan nyaéta antanan kembang, antanan beurit, antanan gunung sarta antanan cai.
 
== Kandungan ==
Antanan anu simplisiana dipikawanoh ku sebutan Centella Herba ngabogaan kandungan ''asiaticoside, thankuniside, isothankuniside, madecassoside, brahmoside, brahmic acid, brahminoside, madasiatic acid, meso-inositol, centelloside, carotenoids, hydrocotylin, vellarine'', tanin sarta garam mineral kawas kalium, natrium, magnésium, kalsium sarta beusi. Glikosida ''triterpenoida'' anu disebut ''asiaticoside'' dianggap mangrupakeun antilépra sarta ubar tatu anu pohara ampuh. Zat ''vellarine'' anu dikandung ngahasilkeun rasa pait.
 
== Sipat sarta mangpaat ==