Konten dihapus Konten ditambahkan
Baris ka-27:
Nepi ka awal abad ka-17, Butan aya salaku wewengkon ti sababaraha karajaan leutik, nepi ka dihijikeun ku Lama Tibét sarta paminpin militér [[Shabdrung Ngawang Namgyal]] nu kabur ti panarajangan kaagamaan di Tibét. Pikeun ngalindungan nagarana ti panarajangan Tibét, Namgyal ngawangun hiji jaringan ''[[dzong]]'' (bénténg), jeung nyusun [[Tsa Yig]], hiji undang-undang nu nyieun raja-raja lokal aya dina pangawasaan séntral. Loba ''dzong'' masih aya jeung minangka puseur kaagamaan sarta pamaréntahan distrik. [[Masarakat Yésus|Yésuit]] [[urang Portugis|Portugis]] [[Estêvão Cacella]] jeung [[João Cabral]] kacutat minangka urang Éropa kahiji nu sumping ka Butan, dina lalampahan ka Tibét. Aranjeunna tepang jeung Ngawang Namgyal, ningalikeun pakarang seuneu, [[mésiu]], hiji [[téléskop]], sarta nawiskeun pitulunh dina perang ngalawan Tibét. Nanging Shabdrung teu nampi tawaran éta. Sanggeus ngawengi méh 8 bulan, Cacella nyerat hiji surat nu panjang ti [[Kuil Chagri]] ngeunaan lalampahan anjeunna. Surat ieu mangrupa hiji ti saeutik cutatan ngeunaan Shabdrung.<ref name=LP>{{cite book|title=Bhutan |series=Country Guides |first1=Lindsay |last1=Brown |first2=Stan |last2=Armington |edition=3 |publisher=[[Lonely Planet]] |year=2007 |pages=26, 36 |isbn=1-74059-529-7 |url=http://books.google.com/books?id=s-L8NUlW_QgC |accessdate=2011-10-15}}</ref><ref>{{cite book|title=Jesuit on the Roof of the World: Ippolito Desideri's Mission to Eighteenth-Century Tibet |first=Trent |last=Pomplun |publisher=Oxford University Press |year=2009 |isbn=0-19-537786-9 |page=49 |url=http://books.google.com/books?id=-3iG4p85PHgC |accessdate=2011-10-19}}</ref> Sanggeus maotna Ngawang Namgyal taun 1651, warta ngeunaan maotna éta dirusiahkeun pikeun 54 taun. Teras sanggeus ngagabung sajaman, Butan peupeus kana papaséaan jero nagri. Taun 1711, Butan perang jeung [[Kakaisaran Mughal]] sarta [[Subedar]]na, nu ngarebut [[Koch Bihar]] di kidul. Nalika karusuhan sanggeusna, Tibét teu hasil narajang Butan taun 1714.<ref name=CS3>{{Country study|country=Bhutan|abbr=bt|editor=Savada, Andrea Matles|year=1991|section=Administrative Integration and Conflict with Tibet, 1651–1728|author=Worden, Robert L|pd=yes}}</ref>
 
Dina abad ka-18, Butan narajang jeung ngajajah Karajaan [[distrik Cooch Behar|Cooch Behar]] di kidul. Taun 1772, Cooch Behar mundut ka [[Sarikat Dagang Hindia Wétan BritaniaSarikatBritania|Sarikat Dagang Hindia Wétan]] [[Karajaan Britania Raya|Britania]] nu teras nulungan dina ngusir Butan sarta narajang Butan dina taun 1774. Hiji pajangjian karapihan ditandatanganan di mana Butan satuju pikeun mulih deui ka wewengkonna saméméh taun 1730. Tatapi, karapihan kaayaanna leuleus. Patempuran perwatesan jeung [[India Birtania|Britania]] lanjut sababaraha taun senggeusna. Patempuran-patempuran ieu ahirna ngarah ka [[Perang Duar]] (1864–1865), ngarebutkeun kadali kana [[Duar]] [[Benggala]]. Sanggeus Butan éléh dina perang éta, [[Pajangjian Sinchula]] ditandatanganan antawis [[India Britania]] jeung Butan. Salaku bagian ti [[pamulihan paska-perang]], Duar dibéré ka [[Britania Raya|Britania]] pikeun dana injeuman Rs. 50.000. Pajangjian ieu ngeureunkeun sagala karusuhan antawis India Britania jeung Butan.
 
Dina taun 1870-an, papaséaan antawis [[Paro, Butan|Paro]] jeung [[Tongsa]] ngarah ka perang sadulur di Butan, sarta teras diangkatna [[Ugyen Wangchuck]], ''ponlop'' (gubernur) Tongsa. Ti basis kakiatanna di Butan bagian tengah, Ugyen Wangchuck ngéléhkeun musuh pulitikna sarta ngahijikeun nagara dina sababraha perang sadulur jeung pemberontakan taun 1882–1885.<ref name=CS2>{{Country study|country=Bhutan|abbr=bt|editor=Savada, Andrea Matles|year=1991|section=British Intrusion, 1772–1907|author=Worden, Robert L|pd=yes}}</ref>