Konten dihapus Konten ditambahkan
Mastereone (obrolan | kontribusi)
ngalihkeun kaca
Mastereone (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-2:
Si Cépot mangrupa hiji tangtungan wayang nu pinuh ku 'seléra humor' jeung kiwari geus jadi 'ikon / icon' dina pagelaran wayang golek. Malah nepi ka aya nu nyebut, "Lain urang Sunda kasebutna ari teu apal ka Si Cépot mah". Sanyongcolang kumaha si Cépot téh nepi ka jadi 'icon' pawayangan di tatar Sunda?
 
Si Cépot, atawa nu dina pawayangan mah dibéré ngaran Astrajingga, mangrupakeun salah sahiji inohong nu aya dina pawayangan, khususna mah dina seni wayang golék. Manéhna mibanda beungeut nu warnana beureum jeung huntu handapna nu gedé tur nonjol ka luhur. Warna beungeut nu beureum téh di'tafsir'keun ku kitab pawayangan mangrupa gambaran tina pasipatan nu goréng. Si Cépot ieu boga ciri ku sok resep ngabodor, mangrupakeun anak ka hiji tina tilu sadudulur ti pasangan [[Semar]] Badranaya jeung Sutiragén. Ari adi adina nyaéta Dawala nu irungna panjang jeung Garéng nu irungna buleud.
 
Ngaran Astrajingga sorangan asalna tina dua kecap, nyaéta sastra nu artina tulisan jeung jingga nu artina beureum nu ngalambangkeun kalakuan goréng téa. Jadi Astrajingga mangrupakeun kalangkang tina pasipatan kalakuan nu goréng, samisal rapotna boga angka beureum. Ngan mahiwalna, sanajan Si Cépot pikakeuheuleun jeung loba pamolah, ayana diri manéhna dina unggal pagelaran pawayangan teu weléh diarep arep. Kusabab lucu pamolahna Si Cépot dumasar kana pikukuh, norma, jeung papagon hirup, nu matak ngabodorna téh bisa katarima ku kabéh golongan. Heureuhna gé sok ngeunaan hirup sapopoé. Manéhna boga watek satia satuhu, ka mana waé bapana indit teu weléh nunutur. Leuwih ti éta manéhna satia satuhu ka nagarana, nu dibuktikeun / ditémbongkeun ku kawani ngalawan buta héjo, wadia balad Kurawa, nalika mélaan nagarana.