Achdiat Karta Mihardja: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-31:
Ahdiat ogé kungsi jadi rédaktur majalah Panungtun Kamajuan, satuluyna dipénta ku [[R. Satjadibrata]] jadi rédaktur [[Basa Sunda]] di [[Balé Pustaka]]. Nya di dinya minat Ahdiat kana kasusastraan mimiti nguniang. Dina [[jaman Jepang]] [[carpon|carita pondokna]] kungsi meunangkeun hadiah kadua dina pasanggiri ngarang (pinunjul kahijina [[Usmar Ismail]].
 
Nalika mangsa révolusi, Ahdiat ngungsi ka [[Garut]], nerbitkeunmedalkeun majalah [[Gelombang Jaman]] bari mingpin ogé kalawarta [[Perjuangan Rakyat]] (Perdjoangan Rakjat). Nya dina mangsa harita Ahdiat nulis roman anu kawentar Athéis téh ([[1949]]). Taun [[1948]] Ahdiat digawé deui di [[Balé Pustaka]] turta nyusun dokuméntasi nu kacida pentingna nyaéta [[Polémik Kebudayaan]] ([[1948]]) nu mangrupa kumpulan polémik ngeunaan kabudayaan Nasional, Tradisional, jsté nu lumangsung dina taun [[1930]]-an, kayaning [[S. Takdir Alisyahbana (Alisjahbana)]], [[Ki Hajar (Hadjar) Déwantara]], Sanusi ([[Sanoesi) Pane]], [[Dr. Sutomo (Soetomo)]], jsté. Lamun taya usaha ti Ahdiat pikeun ngumpulkeun éta polémik penting, tinangtu dokuméntasi pamikiran-pamikiran nu ngawangun kabudayaan Indonésia téh tangtu bakal lapur teu kapuluk ku generasi sapandeurieunana.
 
Dina taun [[1948]]-[[1950]], Ahdiat kungsi milu kuliah-kuliah filsafat ti [[Prof. Dr. Beerling]] jeung [[Peter Dr. Jacobs S.J]] dosén [[Filsafat Thomisme]] di [[Universiteit van Indonesie]] nu kiwari [[Universitas Indonésia]], tuluy narjamahkeun buku gurubesar tersebutnu berjuduljudulna ''Filsafat Dewasa lni'' ([[1950]]). Anjeunna ogé jadi rédaktur majalah [[Pujangga Baru]] nu dihirupan deui ku [[S. Takdir AlisyahbanaAlisjahbana]]. Satuluyna, nalika éta majalah téh diganti jadi majalah Konfontrasikonfontrasi, anjeunna ogé kacatet jadi anggota rédaksina.
 
Nalika taun [[1956]], dina raraga Colombo Plan, anjeuna meunang kasempetan pikeun diajar basa jeung sastra Inggris, sarta kursus ngarang salila sataun di [[University of Sidney]] sarta [[Australian National University]] di [[Canberra]].<ref>[http://www.tokohindonesia.com/biografi/article/285-ensiklopedi/3657-pengarang-roman-atheis- Tokoh Indonesia] di sungsi kaping 14 April 2015</ref>
 
==Kahirupan Pribadi==