Zoroaster: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Addbot (obrolan | kontribusi)
m Bot: Migrating 85 interwiki links, now provided by Wikidata on d:q35811 (translate me)
Uchup19 (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-4:
== Harti ngaran ==
[[Gambar:Faravahar.svg|thumb|left|[[Faravahar]] (atawa Farohar)|left]]
Ngaran Zarathustra atawa diéja salakuminangka ''Zaraθ-uštra'' dina [[basa]] Avesta, bisa ogé mangrupa hiji kecap majemuk ''bahuvrihi'' jeung kawengku ti kecap ''zarəta-'' "lemah, kolot" jeung ''uštra'' "onta". Jadi bisa disebutkeun yén Zarathustra téh: "Anjeunna nu ngabogaan [[onta]] kolot. Ngan, di kecap mimiti sakapeung sok dihartikeun salakuminangka "[[konéng]]" atawa "[[emas]]" (saluyu jeung basa Parsi modern ''zærd'') nepi ka hartina jadi "Anjeunna nu ngabogaan onta nu warnana kaemasan". Ahura Mazda sorangan sacara etimologi nu hartina: ''Ahura'' (Tuhan) jeung ''Mazda'' (kawijaksanaan).<ref name="Arifin">{{id}}H.M Arifin. 1986. ''Menguak Misteri Ajaran Agama-agama Besar''. Golden Trayon. Hlm. 18, 20-24.</ref>
 
== Ajaran-ajaran ==
 
Dasar ageman ti Zarathustra nya éta monotheisme, nya éta muja ka hiji Tuhan, Ahura Mazda.<ref name="Arifin"/> Angra Mainyu, nu mangrupa Pangawasa “Kegelapan” jeung lawan ti Ahura Mazda, nya éta nu sok hianat ka Tuhanna.<ref name="Dhavamony">{{id}}M.Dhavamony. 1995. ''Fenomenologi Agama''. Jogjakarta: Kanisius. Hlm. 124.</ref> Ajaran Zarthustra ogé ngabenerkeun mahluk suci nu sifatna welas asih nu ngabantuan pajoanganna.<ref name="Arifin"/> Ngan sanggeus Zarathustra maot, kapercayaan ka mahluk suci éta dirobah jadi konsepsi kadewataan nu dihubungkeun jeung penciptaan alam, nu kawengku ti genep tingkat penciptaan wanda-wanda alam, nya éta:<ref name="Arifin"/>
* Asha Vahista salakuminangka dewa tata tartib jeung kabeneran nu éndah jeung sering digambarkeun salakuminangka dewa nu ngawasaan seuneu;
* Vohu Manah salakuminangka dewa nu haténa bersih (''God mind'') jeung sok digambarkeun salakuminangka sapi jalu;
* Keshatra Vairya salakuminangka dewa “pencinta” jeung pangawasa sagala logam;
* Spenta Armaity salakuminangka dewa ibadah nu pinuh welas jeung pangawasa bumi jeung taneuh;
* Haurvatat nya éta salakuminangka buleudan jeung kakawasaan sarta pangawasa cai jeung tutuwuhan;
* Amertat, sarua jeung Haurvatat, salakuminangka dewa buleudan jeung kakawasaan sarta pangawasa cai jeung tutuwuhan.<ref name="Arifin"/>
 
Sagala bentuk agemanna dijieun dina hiji kitab nu disebut Gathas jeung Avesta.<ref name="Arifin"/>