Achdiat Karta Mihardja: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-27:
}}
 
'''Achdiat Karta Mihardja''' (Lahir di [[Cibatu]], [[Garut]], [[6 Maret]] [[1911]] – tilar dunya di [[Canberra]], [[Australia]], [[8 Juli]] [[2010]] nalika nincak umur 99 taun <ref name="JP">[http://www.thejakartapost.com/news/2010/07/09/obituary-%E2%80%98atheist%E2%80%99-writer-laid-rest-canberra.html "Penulis ''Atheis'' Diistirahatkan di Canberra] - ''[[Jakarta Post]]'' Diaksés ping 25 Juli 2011</ref>). Wartawan, dosén, pangarang dina basa Indonésia jeung Sunda. Satamatna sakola di [[HIS]] [[Garut]], nuluykeun ka [[MULO]] di [[Bandung]]. Laju nuluykeun deui asup AMS Jurusan Bahasa-bahasa Barat di [[Bandung]], tapi tuluy pindak ka AMS Jurusan Bahasa-bahasa Timur (Ooster Letterkundige Afdeling) di [[Solo]], malah kungsi sakelas jeung panyajak kawentar, [[Amir Hamzah]]. Tamat taun [[1932]], laju digawé dina widang surat-kabar ka [[P.P. Dahler]], guruna manten nu simpati kana perjoangan kamerdékaan Indonésia. Ku sabab gering, Ahdiat teu lila digawé di dinya. Anjeunna balik deui ka [[Bandung]], sanggeus cageur tina kasakitna, Ahdiat ngajar deui di [[Taman Siswa]] ngarangkep jadi koréspondén kantor berita Aneta jeung [[kalawarta]] basa Walanda [[Mataram]] nu medal di [[Yogyakarta]].
 
Ahdiat ogé kungsi jadi rédaktur majalah Panungtun Kamajuan, satuluyna dipénta ku [[R. Satjadibrata]] jadi rédaktur [[Basa Sunda]] di [[Balé Pustaka]]. Nya di dinya minat Ahdiat kana kasusastraan mimiti nguniang. Dina [[jaman Jepang]] [[carpon|carita pondokna]] kungsi meunangkeun hadiah kadua dina pasanggiri ngarang (pinunjul kahijina [[Usmar Ismail]]).
 
Nalika mangsa révolusi, Ahdiat ngungsi ka [[Garut]], medalkeun majalah [[Gelombang Jaman]] bari mingpin ogé kalawarta [[Perjuangan Rakyat]] (Perdjoangan Rakjat). Nya dina mangsa harita Ahdiat nulis roman anu kawentar Athéis téh ([[1949]]). Taun [[1948]] Ahdiat digawé deui di [[Balé Pustaka]] turta nyusun dokuméntasi nu kacida pentingna nyaéta [[Polémik Kebudayaan]] ([[1948]]) nu mangrupa kumpulan polémik ngeunaan kabudayaan Nasional, Tradisional, jsté nu lumangsung dina taun [[1930]]-an, kayaning [[S. Takdir Alisjahbana]], [[Ki Hadjar Déwantara]], [[Sanoesi Pane]], [[Dr. Soetomo]], jsté. Lamun taya usaha ti Ahdiat pikeun ngumpulkeun éta polémik penting, tinangtu dokuméntasi pamikiran-pamikiran nu ngawangun kabudayaan Indonésia téh tangtu bakal lapur teu kapuluk ku generasi sapandeurieunana.