Oto Iskandar di Nata: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
{{geulis}}
[[File:Oto Iskandar di Nata Youth.jpg|thumb|300|Oto Iskandar keur ngora]]'''Raden Oto Iskandar di Nata''' nyaéta pajoang kamerdikaan nu gumelar di [[Bojongsoang]], [[Dayeuhkolot]], [[Bandung]], [[31 Maret]] [[1897]] – pupus di [[Mauk]], [[Tangerang]], [[Banten]] dina yuswa 48 taun. Teureuh ménak putra bangsawan ieu téh kasohor lébér wawanénna. Teuneung ludeung dina nyinghareupan rupa-rupa perkara, pangpangna pikeun ngabéla nasib rahayat.<ref name="dua">Tim Bahasa Atikan Mandiri. ''Gentra Basa Sunda: Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA Kelas X''. CV Atikan Mandiri: Bandung. 2009</ref>
[[File:Oto Iskandar di Nata Youth.jpg|thumb|300|Oto Iskandar keur ngora]]
'''Raden Oto Iskandar di Nata''' nyaéta pajoang kamerdikaan nu gumelar di [[Bojongsoang]], [[Dayeuhkolot]], [[Bandung]], [[31 Maret]] [[1897]] – pupus di [[Mauk]], [[Tangerang]], [[Banten]] dina yuswa 48 taun. Teureuh ménak putra bangsawan ieu téh kasohor lébér wawanénna. Teuneung ludeung dina nyinghareupan rupa-rupa perkara, pangpangna pikeun ngabéla nasib rahayat.<ref name="dua">Tim Bahasa Atikan Mandiri. ''Gentra Basa Sunda: Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA Kelas X''. CV Atikan Mandiri: Bandung. 2009</ref>
Oto mingpin [[Paguyuban Pasundan|Pagoejoeban Pasoendan]] saprak warsih 1929 nepi ka 1942. Organisasi ieu usik dina widang atikan (ngadegkeun loba ''sakola''), ''budaya'', ''ékonomi'' (Bank ogé koperasi) sarta hukum. Warsih 1931 nepi ka 1941 manéhna jadi anggahota ''[[Volksraad]]'', anu jadi babakal ti [[DPR|Déwan Pangwakil Rahayat]] di poé kahareupnakeun.
 
Baris 8 ⟶ 7:
 
Oto kungsi sakola di HIS ogé namatkeun sakola Guru di Bandung. Ilaharna budak séjén, Oto oge kawentar budak bangor, tapi cerdas, sakolana teu kungsi ngendog, peunteunna aralus jeung jadi idola batur-baturna. Saenggeus gedé, Oto jadi guru ogé aktif dina pergerakan kabangsaan, ancrub ka dunya pulitik, diantarana Boedi Oetomo cabang Pekalongan, basa ditempatkeun jadi guru di Pekalongan taun 1924. Putra-putrina aya sabelas, opat urang lalaki jeung tujuh urang awéwé, éta sabada nikah ka Ibu Sukriah taun [[1923]].<ref name="dua" />
===Jaman Panjajahan===
Pangpangna basa jadi anggahota ''[[Volksraad]]'' (Déwan Rahayat). Di ''[[Volksraad]]'' anjeunna minangka anggahota wawakil ti Paguyuban Pasundan. Oto kawentar jadi anggahota anu pangwanina dina ngabéla hak-hak rahayat. Kiritikan jeung satratéhi pulitikna diperhitungkeun pisan ku [[Pamaréntah]] [[Walanda]]. Sakur caritaan Oto jadi bahan pikiraneun [[Pamaréntah]] [[Walanda]]. Hiji waktu dina sidang ''[[Volksraad]]'', Oto nyarita kalawan perténgtang, teuneung ludeung, taya kakeueung, taya karingrang. Nepi ka pingpinan sidang katut anggahota wawakil bangsa [[Walanda]] mangsa harita nakol-nakolkeun palu kana méja sidang sangkan Oto eureun nyaritana. Tangtu waé sagala ucap-ucapan Oto ngeunaan bajuang pikeun kamerdekaan téh ngabalukarkeun Tuan ketua ''[[Volksraad]]'' ambek, nepika nakolan méja sidang.
Unggal Oto pidato dina sidang ''[[Volksraad]]'', urang [[Walanda]] mah padagimir, sabab eusi pidatona peureus. Nepika anggahota wawakil [[Walanda]] mah méh kabéh meungpeukan ceuli ku dua dampal leungeunna. Tangtu waé sikep urang [[Walanda]] anu saperti kitu téh matak tugenah ka anggahota ''[[Volksraad]]'' wawakil bangsa [[Indonésia]]. Sanajan urang [[Walanda]] henteu merhatikeun pidatona tinimbang eureun mah kalahka beuki sumanget pidatona. Ngajejeléh ka pamingpin pamaréntah [[Walanda]]. Nya dina taun [[1935]] Oto dicabut kaanggahotaan ''[[Volksraad]]'' na.