Déwi Sartika: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Dexbot (obrolan | kontribusi)
m Bot: Parsoid bug phab:T107675
Baris ka-40:
[[16 Januari]] [[1904]], nalika Déwi Sartika yuswana 20 taun, dibuka [[Sakola]] Istri anu kasusun ku dua kelas nya éta kelas hiji jeung kelas dua.<ref name=":0" /> Mimitina murid anu asup nya éta 20 urang.<ref name=":0" /> Sedengkeun tanaga kependidikanna aya tilu urang nya éta Déwi Sartika, Poerma, jeung Oewit.<ref name=":0" /> Sakola Istri ieu tempatna di pendopo [[Kabupatén Bandung]] (ku izin ti [[R.A.A. Martanagara]]).<ref name=":0" /> Tapi sababa lobana anu hayang sakola sedengkeun pendopo geus teu mahi kalawan bantuan ti sababaraha pihak sarta tabungan Déwi Sartika sorangan, taun [[1905]] sakola dipindahkeun ka Jalan Ciguriang.<ref name=":0" />
 
<nowiki> </nowiki>Di taun [[1906]], Déwi Sartika nikah jeung Radén Kanduruan Agah Suriawinata guru Sakola Kelas Hiji [[Karangpamulang]], [[Cicadas]], [[Bandung]].<ref name=":0" /> Taun [[1909]] lulusan kahiji lulus jeung bangunan dirénovasi ditambahan kelas deui. taun [[1910]] ngaran sakola dirobah jadi [[Sakola Kautamaan Istri]] jeung taun [[1929]] ngaran sakola diganti deui jadi Sakola Radén Déwi lantaran masarakat ngahargaan jasa anu ngadegkeun éta sakola.<ref name=":0" /> Kagiatan diajar, ditambahan ku [[basa Walanda]] jeung agama [[Islam]] sedengkeun élmu kaséhatan dibéré ku L. van Arkel anu mangrupa jururawat di imah sakit Situsaeur.<ref name=":0" /> Ku kituna, mimiti dibuka [[Sakola Kautamaan Istri]] di sababaraha kabupatén nya éta [[Tasikmalaya]], [[Garut]], jeung [[Purwakarta]] jeung di taun [[1912]] geus dibangun 9 Sakola Kautamaan Istri.<ref name=":0" /> Ti pajoangan éta garwa Gubernur Jénderal van Limburg Stirum (1916-1921) ogé garwa Gubernur Jénderal Tjardavan Starkenbergh kungsi datang ka Sakola Kautamaan Istri di [[Bandung]].<ref name=":0" />
 
Taun [[1922]] Déwi Sartika meunang tanda jasa béntang pérak jeung ditaun [[1929]] Déwi Sartika ngarayakeun ulang taun ka-25na.<ref name=":0" /> Di taun [[1940]], Déwi Sartika meunang deui tanda jasa béntang emas.<ref name=":0" /> Di kelas handap (1-3), panganteur basana dipake [[basa Sunda]] jeung di kelas salajengna maké [[basa Indonésia ]]<nowiki/>anu mangsa harita disebutna basa Malayu.<ref name=":0" /> [[1939]] Déwi Sartika leungiteun ku pupusna Agah Suriawinata.<ref name=":0" /> Nalika Perang Dunya II, tangtara [[Jepang]] datang ka [[Indonésia]], Sakola Radén Déwi ditutup jeung dibubarkeun.<ref name=":0" /> [[1946]] nalika [[Bandung Lautan Api]], Radén Déwi Sartika ngungsi ka kampung Béntang di [[Ciamis]].<ref name=":0" /> Kaayaan Déwi Sartika anu lintuh ngabalukarkeun sukuna lécét nepi ka teu cageur-cageur jeung vonis ahirna nyebutkeun yén Déwi Sartika diabétes.<ref name=":0" /> Sanggeus dirawat di [[Cinéam]], [[Tasikmalaya]] Radén Déwi Sartika pupus kaping [[11 Séptémber]] [[1947]] jeung dikurebkeun makam [[Cigagadon]], [[Désa Rahayu]], [[Margaasih]].<ref name=":0" /> Tilu taun saterusna dikurebkeun di kompleks Pemakaman Bupati Bandung di Jalan Karang Anyar, [[Kabupatén Bandung]].<ref>Suganda, Her. 2008. Bandung. Jakarta:Kompas</ref>