Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-2:
'''Dulang''' nya éta parabot tradisional tina kai, dipaké pikeun wadah dina prosés masak [[sangu]] ku cara di seupan. Mimitina dulang dipaké paranti [[ngarih]], satuluyna paranti wadah [[ngakeul]] jeung paranti wadah sangu. <ref name="buku1"> Rosidi,Ajip Spk. 2000.Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Kaca 203-204 </ref>
 
=='''Gambaran'''==
Dulang dijieun tina [[kai golondongan]] ku cara diliangan, bentuk liangna saperti kurucut anu tibalik. <ref name="buku1"/> Garis tengahna bagian luhur nya éta sakitar 30-45 cm (gumantung kana kai anu dipaké).<ref name="buku1"/> Jerona liang moal jauh jeung ukuran garis-garis sisina liang. <ref name="buku1"/> Kandelna sisi liang dulang antara 3,5-5 cm. <ref name="buku1"/>
 
=='''Kagunaan Dulang'''==
Salain wadah pikeun ngarih jeung nyangu dulang ogé dipaké paranti nutu [[béas ketan]] jadi [[ulén]], [[opak]], jeung paranti ngalemeskeun [[kulub sampeu]] jadi ulén sampeu atawa [[gegetuk]]. <ref name="buku1"/> Dulang dijieun tina awi tina [[tangkal kalapa]], [[nangka]] atawa pohon lainna. Bahan anu alus nya éta tina tangkal nangka ku sabab ngahasilkeun dulang anu lemes jeung warnana ka [[konéng]]-konéngan. Sedengkeun lamun tina tangkal kalapa mah kurang alus ku sasab dulangna bakal kasar.
 
Baris 10 ⟶ 11:
Dumasar kana tutupna aya dua nya éta aya anu tutupan jeung aya anu euweuh tutupan.<ref name="dulang"/> Dumasar kana ukuran aya nu gedé aya nu leutik.<ref name="dulang"/> Dumasar kana gunana aya anu kusus paranti nendeun kadaharan samodél baki.<ref name="dulang"/> Biasana dulang éta sok dipaké di kalangan Raja anu sok disenut pahar.<ref name="dulang"/> Bentukna ogé béda jeung dulang anu laina.<ref name="dulang"/> Dumasar kana jenisna aya anu sukuan aya anu henteu.<ref name="dulang"/> Dulang anu aya sukuan biasana dipaké di karajaan.<ref name="dulang"/> Ukuran diaméterna antara 15-25 cm, jerona 4 cm.<ref name="dulang"/> Sisina biasana aya ukiran, di tengah-tengahna aya suku dulang anu panjangna antara 3-7 cm.<ref name="dulang"/> Bagian handap biasana leuwih gedé tibatan anu luhurjeung tengah, diaméterna 10 cm.<ref name="dulang"/> Sedengkeun dulang anu euweuh sukuan bentukna buleud diaméterna antara 10-20 cm kalayan jerona 4 cm. <ref name="dulang"> [http://melayuonline.com/ind/culture/dig/1316/dulang-tembaga Dulang Tembaga] </ref>
 
=='''Dulang dina kabudayaan Sunda'''==
Dina [[kabudayaan Sunda]], aya [[babasan]] jeung [[paribasa]] nu ngandung kecap dulang nya éta ''Awéwé tée dulang tinandé'', ''Keur meujeuhna bilatung dulang'', ''Nyaah dulang'', salain ti éta aya kekecapan dulang dina [[wawangsalan]].<ref name="buku1"/>