Naskah Sunda: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-17:
 
==Aksara==
Aksara nu digunakeun dina naskah Sunda nyaéta [[aksara Sunda]], aksara Buda (gunung), [[Aksara Cacarakan|Cacarakan]], [[Aksara Pégon|Pégon]], jeung [[Latin|Latin]]. Aksara Sunda kuna digunakeun dina naskah lontar, aksara Buda (Gunung) digunakeun dina daun gebang (nipah). Aksara Cacarakan digunakeun dina daun [[lontar]], [[daluwang]], [[kertas]], sedeng aksara Pégon jeung Latin digunakeun dina daluwang jeung kertas.
 
Aksara Sunda kuna jeung aksara Buda digunakeun dina naskah Sunda kuna, sedengkeun aksara Cacarakan, Pégon, jeung Latin digunakeun dina naskah Sunda kabéhdieunakeun sanggeus budaya Sunda kapangaruhan ku [[Islam]], Jawa ([[Karajaan Mataram| Mataram]]), jeung [[Éropa]] (Walanda). Mun seug dibandingkeun jeung tradisi nulis naskah di wewengkon séjén, aksara nu kungsi dipikawanoh turta digunakeun ku urang Sunda téh, pangréana.
 
==Basa==
Sajaba ti ragemna wangun aksara, basa nu digunakeun dina naskah Sunda gé ragem deuih. Basa-basa nu digunakeun di antarana: [[basa Sunda Kuna| basa Sunda buhun (kuna)]], Sunda, Jawa buhun (Jawa kuna), Jawa Banten, Jawa Cirebon, Jawa, [[Basa Malayu| Malayu]], jeung [[Basa Arab| Arab]]. Sakapeung basa-basa éta téh campur dina sanaskah. Basa Sunda kuna jeung basa Jawa kuna digunakeun dina naskah-naskah nu jolna ti jaman pra-Islam (saméméh abad ka-17). [[Basa Jawa]] kira-kira nyampak dina naskah Sunda bareng jeung pangaruh [[Islam]] ti [[Mataram]] dina abad ahir [[abad ka-16]].
 
==Périodisasi==
Numutkeun [[Edi S. Ekadjati]] <ref name="Illumination"> Edi S. Ekadjati, 1996, 'Cultural Plurality: The Sundanese of West Java' dina Ann Kumar jeung John H. Mcglynn (ed.) ''Illumination: The Writing Traditions of Indonesia''. Hlm. 106-128. Jakarta: The Lontar Foundation </ref> périodisasi dina naskah Sunda bisa dibagi jadi tilu bagian, nyaéta mangsa buhun, mangsa transisi, jeung mangsa modéren.
 
===Mangsa Buhun===