Vereenigde Oostindische Compagnie: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-3:
 
== Kasang Tukang ==
Sanggeus ngabébaskeun diri ti panjajagan Spanyol taun [[1581]], bangsa [[Walanda]] ngawangun hiji Républik [[Belanda]] Serikat nu dibéré ngaran ''De Républiek der Verenigde Nederlanden''.{{fact}} Unggal nagara bagian dilengkepan ku déwan wawakil masing-masing (''Staten'').{{fact}} Mangsa harita Walanda teu boga raja tapi aya kulawarga Oranye nu boga pungsi pikeun ngahijikeun nagara bagéan.{{fact}} Iwal ti éta, aya hiji déwan wawakil nu ngawengku sakabéh nagara bagéan nu dingaranan ''Staten-Generaal''.{{fact}} Sistem padagangan nu boga aspék [[pulitik]] jeung aspék swasta aya patalina jeung kamekaran masarakat [[Walanda]] mangsa harita.{{fact}} Dina kamekarana widang ékonomi umumna (hususna padagang) aya di lapisan sosial nu dingaranan kaum ''bougoeisie ''(borjuis) sedengkeun pulitik masih aya di lapisan kaum aristokrat.{{fact}} Ku ayana gawé bareng éta, nyieun peluang bisa dilaksanakeun padagangan antarbuana di mangsa Modérn Awal harita.{{fact}} Kalawan bekel peta ti Italia (Vénésia), taun 1595 kapal-kapal niaga Walanda mimiti dagang di Banten jeung Sunda Kalapa.{{fact}} Padagangan éta dialpukahan ku padagang ti dayeuh [[Amsterdam]] kalawan lisénsi ti walikotana pikeun nyekel monopoli padagangan antara Amsterdan jeung [[Asia]].{{fact}} Wewengkon Zeeland di kidul ogé ngawangun perusahaan palayaran niaga.{{fact}} Teu lila sababara kota séjén paheula heula ngawangun parusahaan palayaran niaga kalawan lisénsi ti walikotana séwang-séwangan.<ref name=":0" />
 
Lobana pausahaan palayaran niaga nu ngaku nyekel monopoli padagangan antara dayeuhna séwang-séwangan jeung Asia ngabalukarkeun bédana harga jual rempah-rempah nu diangkut ti Asia hususna Nusantara.{{fact}} Taun [[1598]], ''Staten-Generaal ''ngajukeun usulan sangkan perusahaanpausahaan nu loba ngahiji kalawan ngahijikeun kapentingan pikeun bangsa Walanda.{{fact}} Diperlukeun waktu opat taun pikeun ngahijikeun perusahaanéta étapausahaan.{{fact}} Kalawan bantuan ti pamaréntah séwang-séwangan sarta intervénsi ti kulawarga Oranye (Pangéran Mauritz), kaping [[20 Maret]] [[1602]] ''Staten-Generaal ''ngaluarkeun hiji surat izin (''Octrooi'') ka hiji perusahaan nu dingaranan ''Verenigde Oost-Indische Compagnie'' (Sarékat Padagangan di Asia Wétan).{{fact}} ''Octrooi ''éta lumaku 21 taun jeung bisa dibebener gumantung kabutuhan.{{fact}} Modal perusahaan disetor ku unggal anggota pangurus perusahaan lokal ditambah ku saham nu dibeuli ku saha waé (''Patiesipanten''). {{fact}}Nepi ka VOC bangkrut taun [[1799]], modal mimiti teu kungsi ditambahan nepi ka tambahan modal ngan gumantung ka dibeulina saham.{{fact}} Nepi ka taun 1619 VOC teu boga puseur padagangan di Asia.{{fact}} Ti taun [[1602]] Jendral VOC diangkat, kantorna ngan di hiji kapal VOC di basisir Nusantara.{{fact}} Taun [[1619]], Gubernur Jendral Jan Pieterszoon Coen ngarebut Jayakarta ogé "dalem" ti Pangéran Wijayakrama nu boga kakawasaan salaku wawakil ti Karajaan Banten.{{fact}} Kalawan ngarebut Jayakarta, VOC nyebut yén manéhna geus ngawasaan Karajaan Sunda nu mangsa harita perenahna ti Teluk Jakarta nepi ka Samudera Hindia.{{fact}} Urut "dalem" nu direbut, Jan Pieterszoon Coen ngawangun hiji bénténg nu dibéré ngaran Batavia.<ref>Poeponegoro, Marwaji Djoened, Nugroho Notosusanto, dkk. 2008. ''Sejarah nasional Indonesia: Kemunculan penjajahan di Indonesia, ±1700-1900''. Jakarta: Balai Pustaka</ref>
[[File:VOC duit.jpg|left|thumb|Duit mangsa VOC]]