Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: diantara → di antara using AWB
Baris ka-1:
'''Angeun''' nyaéta [[kadaharan]] anu aya kuahan nu biasana dijadikeun batur [[sangu]] nalika dahar. <ref name="buku1"/> Jalma mikawanoh rupa-rupa angeun, nu popular diantaranadi antarana; angeun lodéh jeung angeun haseum. <ref name="buku1"/> Di kalangan patani [[Priangan]], angeun nu popular nyaéta angeun [[kacang]] jeung angeun [[oncom]]. <ref name="buku1"/> Di pilemburan, [[gulé]] jeung [[opor]] disebut ''angeun gulé'' jeung ''angeun opor''. <ref name="buku1"/> Pokona lamun ya kuahan disebut angeun. <ref name="buku1"/> Jadi, teuing naon hubunganna, lamun eusina daging disebut angeun daging. <ref name="buku1"/> Dahar sangu dicampur angeun disebut ''nguah'' atawa ''ngokoh'' (dikokoh). Nyieun angeun disebut ''ngangeun''. <ref name="buku1"/>
 
==Angeun Haseum==
[[Gambar:Sayur asem vegetable soup.jpg|thumb|150px|left|Sayur Haseum]]
'''Angeun haseum''' nyaéta angeun anu bahanna rupa-rupa sayuran saperti potongan [[waluh siem]], [[terong]], [[kacang panjang]], jeung aya ogé anu ditambahan ku [[engkol]], [[tangkil]] jeung daun tangkil, [[jagong]] ngora, sarta aya anu maké [[kéréwédan]]. <ref name="buku2"> Taufik Hidayat, Rachmat Spk.2007. Peperenian Urang Sunda. Bandung:PT. Kiblat Buku Utama. Halaman 45</ref><ref name="buku1"> Rosidi,Ajip. 2000. Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Halaman 50</ref><ref name="buku2">Taufik Hidayat, Rachmat Spk.2007. Peperenian Urang Sunda. Bandung:PT. Kiblat Buku Utama. Halaman 45</ref> Di Priangan bungbuna henteu digerus heula tapi potongan bungbu éta diasupkeun kitu baé nalika cai angeun keur ngagolak, ku sabab éta warnana masih katempo bening, ogé teu maké [[suuk]], jagong jeung kéréwédan. <ref name="buku1"/> Di [[Jakarta]] digerus heula, ogé seringna maké kéréwédan, jagong, jeung suuk. <ref name="buku1"/> Disebut angeun haseum lantaran rasana asem seger, anu asalna tina asem anu dijadikeun salah sahiji unsur bungbuna. <ref name="buku1"/> Ayeuna urang [[Sunda]] ogé geus umum nyieun angeun haseum cara Jakarta. <ref name="buku1"/>
 
 
==Angeun Kacang==
'''Angeun kacang''' nyaéta angeun anu bahanna [[kacang beureum]] atawa kacang galing (sarupaning kacang beureum tapi leuwih leutik jeung rupa-rupa warnana). <ref name="buku1"/> <ref name="buku2"/> Samarana basajan salian ti [[gula beureum]] jeung uyah biasana ditambahan [[laja]], [[daun salam]], saeutik [[tarasi]], [[tomat]], [[kiamis]], jeung [[combrang]] (kembang [[honjé]]), sarta daun walang. <ref name="buku1"/> Bungbuna teu digerus tapi diasupkeun kana [[cai]] angeun nu keur ngagolak. <ref name="buku1"/> Tapi, di kota bungbuna digerus heula, dihijikeun jeung [[bawang beureum]] nu sarua digerus, sarta jarang maké combrang. <ref name="buku1"/> Aya ogé angeun kacang panjang anu bahanna tina [[kacang panjang]]. <ref name="buku1"/> <ref name="buku2"/>
 
==Angeun Lodéh==
[[Gambar:Sayur lodeh.JPG|150px|thumb|Sayur Lodéh]]
'''Angeun lodéh''' nyaéta angeun anu bahanna aya rupa-rupa [[sayuran]] teu jauh béda jeung eusi angeun haseum, ditambahan ku daun [[tangkil]] nu masih ngora, tapi henteu jeung tangkilna, ogé henteu maké jagong. <ref name="buku1"/> Hal utama anu ngabédakeun nyaéta angeun lodéh mah maké cipati sedengkeun angeun haseum mah henteu. <ref name="buku1"/> Aya ogé anu dicampur [[témpé]] atawa [[oncom]] anu dipotongan laleutik kotak-kotak. <ref name="buku1"/> Henteu maké kéréwédan siga angeun haseum. <ref name="buku1"/> Angeun lodeh siga angeun haseum, popular pisan disakabéh kalangan masarakat Sunda. <ref name="buku1"/>
 
==Angeun Oncom==
'''Angeun oncom''' nyaéta angeun anu bahanna aya oncom (biasana disiksikan kotak-kotak) ditambah [[cabé héjo]], maké cipati. <ref name="buku1"/> <ref name="buku2"/> Samarana [[uyah]], [[gula]], [[asem]], maké [[cikur]].<ref name="buku1"/> <ref name="buku2"/>
 
==Referensi==