Konten dihapus Konten ditambahkan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Kaca anyar: '''Engang''' téh nyaéta bagian kecap anu diucapkeun dina sakali ngaluarkeun hawa (napas) dina baham. ==Tempo oge== Basa Sunda ==Rujukan== # Drs. Bu...
 
Pola Engang, Wangun Engang
Baris ka-1:
'''Engang''' téh nyaéta bagianbagéan anu ngawangun [[Kecap (Basa Sunda)|kecap]] anu diucapkeunmagrupakeun sempalan tina kecap dina sakalihiji ngaluarkeunengap/rénghap napas ([[hawa]] (napas), dinadimana [[baham]]raket patalina jeung pola tur wangunan kecap. Dina basa Indonésia disebutna ''suku kata.''
 
Engang anu kecap tungtungna ku vokal disebut ''engang buka'' / suku buka (ra-ha-yu), nalika kecap tungungna konsonan disebut ''engang tutup'' / suku tutup (san-cang).
 
== Pola Engang ==
Pola atawa sistem engang basa Sunda anu nyokot dina kecap biasa dirumuskeun kieu.
# Kecap-kecap asal dina basa Sunda aya nu diwangun ku :
#* Saengang (''ekasuku''), conto kecap : jeung
#* Dua engang (''dwisuku''), conto kecap : bapa >> ba-pa
#* Tilu engang (''trisuku''), conto kecap : kalapa >> ka-la-pa
#* Opat engang (''catursuku''), conto kecap : andalemi >> an-da-le-mi
#* Lima engang (''pancasuku''), conto kecap : murukusunu >> mu-ru-ku-su-nu
# Vokal dina basa Sunda bisa madeg mandiri jadi engang, contona: a-ki, e-ma, i-eu.
# Konsonan dina basa Sunda teu bisa madeg mandiri jadi engang.
# Konsonan ngantet (kluster) basa Sunda salawasna nyicingan posisi di awal kecap, taya nu nyicingan posisi di tungtung kecap iwal nu mangrupa pangaruh basa deungeun, contona: ''-ks'' dina kecap /kompleks/.
# Konsonan kadua dina runtuyan konsonan ngantét umumna mangrupa konsonan /l/, /r/, /w/, jeung, /y/; sok sanajan nu dituturkeun ku /w/ jeung /y/ mah pohara saeutikna.
 
== Wangunan Engang ==
Wangunan engang mangrupa susunan vokal atawa pabaurna vokal jeung konsonan dina hiji engang. Wangunan engang atawa pola kanonik basa Sunda téh kieu :
# V : ''a''-ya, ''i''-mah, ''u''-ba, ''é''-céng, ''e''-ma, ''é''-ta, ''eu''-reun, jste.
# VK : ''an''-cin, ''an''-tep, ''un''-cal, ''én''-tog, jste.
# KV : ''ca''-i, ''ba''-pa, ''na''-on, ''ré''-a, ''se''-lop, jste.
# KVK : ''buk''-ti, ''tun''-''duh'', ''kon''-ci, ''ban''-ter, jste.
# KKV : ''bru''-bro, ''tri''-plék, ti-''bra'', ''tra''-di-si, jste.
# KKVK : ga-''jleng'', ''prak'', tri-''plek'', se-''truk'', jste.
Jaba ti éta, ku aya pangaruh basa kosta, basa Sunda, mikawanoh wangunan engang kieu :
# VKK : ''ons'', ''éks''.
# KVKK : ''teks'', kon-''téks''.
# KKVKK : kom-''pléks''.
# KKKV : ''stra''-té-gi, ''stra''-ta.
# KKKVK : ''struk''-tur, in-''struk''-si.
# KVKKK : ''korps''.
 
'''''V : Vokal'''''
 
'''''K : Konsonan'''''
 
==Tempo oge==
Baris 6 ⟶ 41:
==Rujukan==
# Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999
# Dr. Yayat Sudaryat, M.Hum., Élmuning Sora Basa Sunda
 
[[Kategori:Basa Sunda]]