Kecap kantétan (basa Sunda): Béda antarrépisi
Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan |
Adegan kecap kantetan, Rupa kecap kantetan |
||
Baris ka-1:
'''[[Kecap (basa Sunda)|Kecap]] [[kantétan]]''' nya éta kecap anu di wangu ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal, boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung hiji harti mandiri. Proses ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun (komposisi). Kecap kantétan boga dua ciri utama nya éta ciri adegan (struktur) jeung ciri harti (sematis){{unreferenced}}
== Adegan kecap Kantétan ==
Kecap kantétan umuna miboga adegan, diantarana :
# Diwangun ku dua unsur nu disebut leksem : pakan kundang
# Patali unsur-unsurna mibanda sifat :
* ''Katanseselan'', nya éta unsur-unsurna teu bisa diseselan ku unsur lian. Conto : ngégél curug → ngégél (kana curuk)
* ''Katanmulangan'', nya éta unsur-unsurna teu bisa dibalikkeun sabab sok robah jadi frasa. Conto : gede hulu → hulu gede
* ''Katanjembaran'', nya éta unsur-unsurna teu bisa dijembaran sewang-sewangan tapi kudu duanana. Conto : huleng jentul → panghuleng jentulna, panghulengna jentul, huleng pangjentulna.
== Rupa Kecap Kantétan ==
Kecap kantétan umumna ngandung hiji harti mandiri nya éta harti anu beda tina harti unsur-unsur pangwangunna. Conto : Amis budi, hartina lain budina anu amis tapi ‘marahmay/someéh’
Kecap kantétan dibedakeun jadi dua rupa, nya éta rakitan dalit (kompositum) jeung rakitan anggang (areksi)
# Rakitan dalit Nya éta kecap kantétan anu sifatna ''eksosentris'', patali unsur-unsurnageus awor pisan nepi ka bener-bener mangrupa hiji kecap nu boga harti mandiri nu beda harti ti unsur-unsurna. Ku kituna distribusina teu sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Conto : panonpoe, kacapiring, parahulu,jsb
# Rakitan anggang Nya éta kecap kantétananu sifatna ''endosentris'', patali unsur-unsurna can awor pisa, harti éta kecap kantétan masih katitén tina unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina sok sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Conto : seuri koneng, taleus ateul, indung bapa, jeung panon hideung
== Dumasar kana cara pangwangunna ==
Di handap aya sawatara conto kecap kantétan dumasar kana cara pikeun pangwangunna :
# Kantétan kecap jeung kecap, contona: ''julang ngapak, héjo tihang, randamidang, panonpoé, beureum panon.''
# Kantétan kecap jeung cakal, contona: ''kurang ajar, garo singsat, anjang sono, kagok asong, kunang iteuk.''
# Kantétan cakal jeung cakal, contona: ''adug lajer, pakan kundang, adung songkol, huleng jentul, halang rintang.''
# Kantétan kecap jeung morfem unik, contona: ''sabar darana, hésé béléké, bérés roés, keukeuh peuteukeuh.''
# Kantétan nu susunan unsur pangwangunna henteu sagemblengna produktif, contona: ''dulang tinandé; euweuh boboko tinandé atawa halu tinandé, burusut tuluy; euweuh barakatak tuluy atawa torojol tuluy.''
== Referensi ==
# [http://kamus-sunda.com/blog/2015/04/mengenal-kecap-kantetan-dalam-bahasa-sunda/ Mengenal kecap kantétan dalam basa Sunda] : kamus-sunda.com
# [http://brainly.co.id/tugas/2237536 Conto kecap kantétan] : brainly.co.id
{{fact}}
[[Kategori:Basa Sunda]]
|