Konten dihapus Konten ditambahkan
Sopianwar (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-13:
 
===Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)===
Dongéng Parabél nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. <ref name="carita rakyat">Shinta Iskandar.2005.Skripsi.''Carita Rakyat di Kacamatan Ciparay pikeun bahan pangajaran sastra di SMP''.UPI </ref> Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana ''dongéng [[Abu Nawas]]'', ''Nasarudin'', ''Si Congcorang'',jjrd.
 
===Dongéng mité===
Baris ka-94:
 
===Dongéng sasakala (Légénda)===
Dongéng légénda nya éta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya.<ref name="dongeng"/> Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna. <ref name="dongeng"> Danandjaja,James.1984.Foklor Indonesia.Ilmu gosip, dongeng, dan lain-lain.Jakarta: Gratifipers.(Kaca 66) </ref> Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat.<ref name="dongeng"/> Palaku utama dina legenda jalma biasa.<ref name="dongeng"/> Dongéng legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian.<ref name="dongeng"/> Kajadian hiji tempat, [[tutuwuhan]],[[sato]], atawa barangbara.<ref name="dongeng"/>Papasingan Legenda :
# [[Legenda Agama]] nya éta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam.<ref name="carita rakyat"/> Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana: [[Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama]], [[Sunan Geseng]], [[Syéh Abdul Muhyi]], [[Ki Pandan Arang dari Tembayat]], jste.<ref name="carita rakyat"/>
# [[Legenda Alam gaib]] nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.<ref name="carita rakyat"/>
# [[Legenda tokah jalma]] nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.<ref name="carita rakyat"/>
# [[Legenda tempat]] atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana [[gunung]], pasir-pasir, [[jurang]], jsb. Contona saperti Sasakala [[Situ Bagendit]], Sasakala [[Situ Patenggang]], Sasakala [[Maribaya]]. <ref name="carita rakyat"> Shinta Iskandar.2005.Skripsi.''Carita Rakyat di Kacamatan Ciparay pikeun bahan pangajaran sastra di SMP''.UPI </ref>
 
Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng téh kabagi jadi lima nya éta dongéng fabél <ref name="Sumber3"> Faturohman, Taufik, Drs.(1983).Ulikan Sastra(Pangajaran sastra Sunda pikeun Murid SMTP.Bandung:Djtnika. </ref>, dongéng legénda <ref name="Sumber3"/>, dongéng sagé <ref name="Sumber3"/>, dongéng parabél <ref name="Sumber3"/>, [[Dongéng mité]] <ref name="Sumber3"/>
 
=='''Unsur-unsur pangwangun dongéng'''==
# '''Téma''', tema nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng. <ref name="Sumber3">Faturohman, Taufik, Drs.(1983).Ulikan Sastra(Pangajaran sastra Sunda pikeun Murid SMTP.Bandung:Djtnika. </ref>
# '''Galur''' (''plot'') osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.<ref name="Sumber3"/> Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran. <ref name="Sumber3"/>
# '''Tokoh carita''' atawa '''palaku''' nya éta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.<ref name="Sumber3"/>