Buka ménu utama

Parobahan

Taya parobahan ukuran ,  2 tahun yang lalu
m
Ngarapihkeun éjahan, replaced: geusan → pikeun, diantara → di antara using AWB
'''Bujangga Manik''' mangrupa salah sahiji naskah dina [[basa Sunda]] anu pohara gedé ajénna. Naskah ieu ditulis dina wangun puisi naratif dina daun lontar anu kiwari disimpen di [[Pabukon Bodleian]] di [[Oxford]] ti taun [[1627]] (MS Jav. b. 3 (R), cf. Noorduyn 1968:469, Ricklefs/Voorhoeve 1977:181). Ieu naskah diwangun ku 29 lambar daun lontar, anu unggal lambarna ngandung kira-kira 56 jajar anu unggal jajarna diwangun ku 8 padalisan, ditulis dina wangun puisi Sunda buhun.{{fact}}
 
Anu ngalalakon dina ieu naskah téh nyaéta Prabu Jaya Pakuan nu boga landihan Bujangga Manik, saurang resi Hindu anu, sanajan mangrupa saurang prabu di karaton [[Pakuan Pajajaran]] (puseur dayeuh [[Karajaan Sunda]], anu perenahna di wewengkon anu ayeuna jadi dayeuh [[Bogor]]), leuwih resep ngalakonan hirup jadi resi. Salaku resi, manéhna ngumbara mapay kabuyutan atawa puseur kaagamaan ([[Hindu]]) nu aya di [[Jawa]] jeung [[Bali]]. Anjeunna nyaritakeun yén pangumbaraanana téh dipaju dua kali. Samulangna ti Jawa, Bujangga Manik tatapa di hiji gunung di Tanah [[Sunda]] (bali geusanpikeun ngajadina) nepi ka pupusna.<ref>
{{cite book
| last =Noorduyn
Ti Puncak, anjeunna neruskeun lalampahan nepi ka meuntas Cipamali (ayeuna mindeng disebut [[Kali Brebes]] ) pikeun asup ka wewengkon Jawa. Di wewengkon Jawa anjeunna mapay-mapay [[patempatan]] anu kawengku ku Majapait. Patempatan anu kawengku ku karajaan Demak (alas Demak) ogé kaliwatan. Sadatang di Pamalang, Bujangga Manik nineung ka ambuna sarta buleud haté pikeun balik. Tapi dina mangsa ieu, anjeunna leuwih milih jalan laut nyaéta naék kapal anu datang ti [[Malaka]]. [[Kasultanan Malaka]] mimiti pertengahan abad ke-15 nepi ka ditalukkeunna ku [[Portugis]] ngawasa perdagangan di laut.
 
Miangna kapal ti darmaga digambarkeun kawas upacara ''pésta'' bedil ditémbakkeun tujuh kali, pakakas musik ditabeuh, sawatara lagu ditembangkeun kalayan tarik ku awak kapal; bahan-bahan anu nyusun kapal ogé diwincik ku Bujangga Manik; aya awi gombong jeung awi nyowana. Bahan tina hoé ogé aya rupa-rupa, hoé muka, hoé omas jeung hoé walatung. Tihang kapal dijieun tina kai laka. Bujangga Manik ogé helok ningali awak kapal anu asalna ti réa sélér.
 
Lalampahan ti Pamalang ka [[Sunda Kalapa]], palabuhan [[Karajaan Sunda]], dilayaran sajero waktu satengah bulan, anu méré gambaran yén kapal anu ditumpakan téh nyimpang ka sababaraha patempatan nu aya diantaradi antara Pamalang jeung [[Kalapa]]. Tina palayaran kasebut, Bujangga Manik nyieun ngaran landihan séjénna nyaéta Ameng Layaran.
 
Ti [[Sunda Kalapa]], Bujangga Manik ngaliwatan Pabéyaan sarta neruskeun lalampahan ka karaton di [[Pakuan]], di bagian kidul dayeuh Bogor kiwari. Bujangga Manik asup ka Pakancilan, terus asup ka balé réncéng (paviliun) anu diréka-réka (didekorasi) sarta tuluy diuk di dinya. Bujanga Manik nempo ambuna keur ninun. Ambuna kagét jeung bungah nempo anakna mulang. Anjeunna geura-giru ninggalkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyingkabkeun sawatara kasang carita (hordéng) nu aya rarawisanna, sarta unggah kana ranjang. Ambuna Bujangga Manik nyiapkeun pangbagéa ka anakna, nyokot sabaki seupaheun, mérésan rambut, sarta maké kaén mahal. Anjeunna terus turun tina ranjang, kaluar ti imah, nuju ka balé réncéng sarta ngabagéakeun anakna. Bujangga Manik nampa seupaheun anu disuguhkeun ku ambuna.
{{Artikel petingan}}
 
[[kategoriKategori:naskahNaskah Sunda]]
[[kategoriKategori:sajarahSajarah Sunda]]