Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: ngarupakeun → mangrupa, ambéh → sangkan (2), dimana → di mana (2) using AWB
Baris ka-9:
| Asal = [[Astinapura]], [[Karajaan Kuru]]
}}
'''Bisma''' ([[basa Sansakerta]]: भीष्म, ''Bhīshma'') lahir kalayan ngaran '''Déwabrata''' ([[Basa Sansakerta]]: देवव्रत, ''Dévavrata''), nyaéta salah sahiji inohong utama dina [[wiracarita]] ''[[Mahabarata]]''. Manéhna téh anak ti pasangan Prabu [[Santanu]] jeung [[Dewi Gangga]]. Manéhna ogé ngarupakeunmangrupa aki ti [[Pandawa]] jeung [[Kurawa]]. Sawaktu ngora ngaran manéhna téh Déwabrata, tapi diganti jadi Bisma saprak manéhna sumpah moal kawin saumur hirup. Bisma ahli dina sagala rupa peperangan sarta pohara dipikaajrih ku [[Pandawa]] sarta [[Kurawa]]. Manéhna gugur dina hiji perang rongkah di tegal [[Kurusetra]] ku panah anu dileupaskeun ku [[Srikandi]] kalayan bantuan [[Arjuna]]. Tapi manéhna henteu langsung perlaya waktu harita; manéhna sempet hirup salila sawatara poé sarta nyaksian kaancuran para [[Kurawa]]. Manéhna ngaleupaskeun nafas panungtungan waktu panonpoé aya di kalér (''Uttarayana'').
 
== Harti ngaran ==
Baris ka-22:
[[Image:Razmnama Bhishma.jpg|right|240px|thumb|"Maotna Bisma". Lukisan ti buku ''Razmnama'', atawa ''[[Mahabarata]]'' vérsi [[Persia]].]]
 
Samentara tujuh lanceukna anu geus lahir maot alatan diteuleumkeun ka [[walungan Gangga]] ku indung maranéhanana sorangan, Bisma mah bisa salamet alatan polah indungna kaburu kanyahoan sarta dihalangan ku bapana. Satuluyna, Dewi Gangga naék ka surga mawa Bisma anu masih orok ninggalkeun Prabu [[Santanu]] sorangan. Sanggeus 36 taun ti harita, Sang Prabu henteu ngahaja manggihan anakna di hilir [[walungan Gangga]]. [[Dewi Gangga]] satuluyna mikeun éta budak ka Sang Prabu, sarta méré ngaran Déwabrata. Déwabrata satuluyna jadi pangéran anu calakan sarta gagah, ogé dicalonkan salaku pawaris karajaan. Tapi alatan jangjina ka Sang Dasapati, bapana [[Satyawati]] (indung téréna), manéhna réla pikeun henteu narima waris tahta sarta henteu kawin saumur hirup ambéhsangkan jaga turunanana henteu silih rebut tahta karajaan jeung turunan Satyawati. Alatan keihlasna kasebut, manéhna dibéré ngaran Bisma sarta disinugrahan layeut jeung Sang Déwa Waktu nu temahna manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan.
 
Bisma ngabogaan dua adi téré ti indung téréna ([[Satyawati]]) nyaéta [[Citrānggada]] jeung [[Wicitrawirya]]. Demi kabagjaan adi-adina, manéhna indit ka [[Karajaan Kasi]] sarta meunangkeun sayembara sahingga hasil mawa balik tilu urang puteri nu masing-masing ngaranna [[Amba]], [[Ambika]], jeung [[Ambalika]], pikeun didahupkeun ka adi-adina. Alatan [[Citrānggada]] pupus, mangka Ambika sarta Ambalika ngadahup jeung [[Wicitrawirya]] sedengkeun Amba mitresna Bisma tapi Bisma nampik asihna Amba alatan katalian ku sumpah yén manéhna rék lalagasan saumur hirup. Demi usaha pikeun ngajauhkeun Amba ti dirina, henteu kahaja manéhna mentangkeun panah nembus harigu Amba. Ku maotna éta putri, Bisma dibéré nyaho yén jaga Amba bakal nitis [[réeinkarnasi]] ka saurang pangéeran anu ngabogaan sipat kawanojaan, nyaéta putera Raja [[Drupada]] anu ngaranna [[Srikandi]]. Jaga maotna ogé aya di leungeun Srikandi anu mantuan [[Arjuna]] dina perang gede di Kurusetra.
Baris ka-40:
{{utama|Bhismaparwa}}
 
Waktu perang antara [[Pandawa]] jeung [[Kurawa]] bitu, Bisma aya di pihak Kurawa. Sajongjonan saméméh perang, manéhna ngomong ka [[Yudistira]] yén dirina geus ''diperbudak'' ku kakayaan, sarta ku éta kakayaan Kurawa nalikung Bisma. Sanajan kitu, alatan Yudistira geus ngalakonan hohormat saméméh perang, mangka Bisma ngestokeun Yudistira sarta ngadu'akeun sangkan kameunang aya di pihak Pandawa, sanajan Bisma pohara hésé pikeun ditalukkeun. Bisma ogé kungsi ngomong ka [[Duryodana]], yén cacak dirina (Bisma) ngabiluk Kurawa, kameunang geus pasti aya di pihak Pandawa alatan [[Kresna]] aya di ditu, sarta dimanadi mana waé aya Kresna mangka di dinya aya kabenaran sarta keuntungan sarta dimanadi mana waé aya [[Arjuna]], di dinya aya kejayaan.'''The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa'''. Buku VI: Bismaparwa.
 
Dina perang gede di lapangan [[Kurusetra]], Bisma tarung kalawan hébat. Soldadu sarta satria anu ngalawanana pasti binasa atawa ngalaman tatu parna. Dina kitab [[Bismaparwa]] disebutkeun yén di dunya ieu para satria hésé nandingan kakuatanana sarta euweuh anu sanggup ngalawanana sajaba [[Arjuna]] – satria tukang panah anu kakoncara – sarta [[Kresna]]. Sanajan Arjuna ngabeunangkeun kasempetan pikeun ngalawan Bisma, tapi manéhna mindeng tarung satengah haté, lantara inget yén Bisma téh akina sorangan. Hal anu sarua ogé dirasakan ku Bisma, anu masih nyaah ka Arjuna, incu anu pohara dipikacintana.
Baris ka-63:
Bisma nyaéta anak Prabu [[Santanu]], Raja Astina jeung [[Dewi Gangga]]. Waktu leutik ngaranna téh Radén [[Déwabrata]] anu hartina turunan Barata anu luhur. Manéhna ogé miboga ngaran séjén nyaéta Ganggadata. Manéhna nyaéta salah sahiji inohong [[wayang]] anu henteu kawin anu disebut ku istilah ''Brahmacarin''. Dumuk di patapaan Talkanda. Bisma dina pawayangan digambarkan salaku saurang anu sakti, di mana sabenerna manéhna téh ngabogaan hak kana tahta [[Astina]] tapi alatan kahayang anu luhur ti dirina demi nyingkahan ''perpecahan'' nagara [[Astina]] manéhna rela henteu jadi [[raja]].
 
Resi Bisma pohara sakti mandraguna sarta réa anu taluk ka manéhna. Manéhna miluan [[sayembara]] pikeun meunangkeun putri pikeun Raja [[Astina]] sarta ngaboyong 3 putri. Salah sahiji putri anu dibeunangkeunana nyaéta [[Dewi Amba]]. Dewi Amba tétéla mitresna Bisma. Bisma henteu bisa nampa kaasih Dewi Amba alatan manéhna ngan wawakil pikeun ngabeunangkeun Dewi Amba. Tapi Dewi Amba tetep keukeuh ngan daék kawin jeung Bisma. Bisma ogé nyingsieunan Dewi Amba ku pakarang saktina anu malahan henteu ngahaja nelasan Dewi Amba. Dewi Amba anu keur sakarat dikeukeup ku Bisma bari nyarita yén saéstuna dirina ogé mitresna Dewi Amba. Sanggeus roh Dewi Amba kaluar ti jasadnya saterusna ngomong yén manéhna baris mapag Bisma hiji waktu ambéhsangkan bisa babarengan di alam séjén sarta Bisma ogé nyangupan. Dicaritakeun yén roh Dewi Amba nitis [[reinkarnasi]] ka [[Srikandi]] anu baris maéhan Bisma dina perang [[Baratayuda]].
 
Dicaritakeun, waktu manéhna lahir, indungna [[moksa]] ka alam baka ninggalkeun Déwabrata anu masih orok. Bapana prabu Santanu saterusna néangan wanoja anu daék nyusuan Déwabrata nepi ka di nagara Wirata papanggih jeung Dewi Durgandini atawa Dewi [[Satyawati]], pamajikan [[Parasara]] anu geus ngalahirkeun Resi [[Abiyasa]]. Sanggeus Durgandini pipirakan, manéhna dijadikeun permaisuri ku Prabu Santanu sarta ngababarkeun [[Citrānggada]] jeung [[Wicitrawirya]], anu jadi baraya Bisma sabapa ngan béda indung.
Baris ka-85:
{{Palaku Mahabarata}}
 
[[kategoriKategori: Palaku Mahabarata]]