Konten dihapus Konten ditambahkan
Addbot (obrolan | kontribusi)
m Bot: Migrating 27 interwiki links, now provided by Wikidata on d:q1057886 (translate me)
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: mangrupakeun → mangrupa (3), ambéh → sangkan (3), bere → béré
Baris ka-9:
| Asal = [[Karajaan Panchala]]
| Papasangan = [[Pandawa|Panca Pandawa]]
([[Yudistira]], [[Bima (wayang)|Bima]], [[Arjuna]],</br />
[[Nakula]], [[Sadewa]])
}}
Baris ka-17:
== Harti ngaran ==
 
Mimitina Drupadi dibéré ngaran "Kresna", nujul kana [[warna]] kulitna anu semu hideung. Dina [[basa Sansakerta]], kecap “Kresna” atawa "Krishna" sacara [[harfiah]] boga harti poék atawa hideung. Laun laun manéhna leuwih dipikawanoh kalayan ngaran "Drupadi" (éjahan Sanskerta: ''Draupadī''), anu sacara harfiah boga harti "puteri [[Drupada]]". Ngaran "Pañcali" ogé dibikeun ka manéhna, anu sacara harfiah boga harti "puteri [[karajaan Pancala]]". Alatan manéhna mangrupakeunmangrupa dulurna [[Dréstajumena]], mangka manéhna ogé disebut "Yadnyaseni" (''Yajñasenī'').
 
== Kalahiran ==
 
Drupadi mangrupakeunmangrupa anak anu lahir tina hasil ''Putrakama Yadnya'', nyaéta upacara pikeun meunangkeun turunan. Dina kitab ''[[Mahabarata]]'' dicaritakeun yén sanggeus [[Drupada]] diééra ku [[Dorna]], manéhna indit ka leuweung pikeun ngarencanakeun males dendam. Saterusna manéhna mutuskeun hayang boga anak anu baris bisa maéhan Dorna, sarta saurang puteri anu baris kawin jeung [[Arjuna]]. Ku bantuan Resi Jaya jeung Upajaya, Drupada ngalangsungkeun ''Putrakama Yadnya'' maké seuneu suci. Drupadi lahir tina seuneu suci kasebut.
 
== Kawin jeung para Pandawa ==
Baris ka-35:
[[Gambar:Draupadidhusasa.jpg|left|240px|thumb|[[Dursasana]] anu miboga watek dugal, metot lawon anu dipaké Drupadi, tapi lawon kasebut kaulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang kakuatan gaib ti Sri [[Kresna]]. Gambar dicokot tina kitab ''[[Bagawadgita]]'' anu dipedar ku yayasan ISKCON.]]
 
Mangsa [[Yudistira]] ngalangsungkeun upacara [[Rajasuya]] di [[Indraprahasta]], sakumna [[satria]] di saantéro [[Baratawarsa]] diondang, kaasup misanna anu licik sarta sok dengki, nyaéta [[Duryodana]]. [[Duryodana]] jeung [[Dursasana]] kataji ku kaayaan balériung Karaton [[Indraprahasta]]. Maranéhanana henteu nyaho yén di tengah-tengah karaton aya balong. Cai balong éta pohara beresihnabérésihna sahingga dadamparna katempo ku kituna henteu katempo jiga balong. Duryodana jeung Dursasana henteu nyahoeun hal éta tuluy maranéhanana tigejebur. Nempo hal éta, Drupadi seuri ceuceuleukeuteukan. Duryodana jeung Dursasana pohara érana. Maranéhanana henteu bisa mopohokeun panghina kasebut, sumawona anu nyeungseurikeun maranéhanana nyaéta Drupadi anu pohara dipikaresepna alatan kageulisanana.
 
Mangsa tumibana waktu pikeun méré susuguh ka para ondangan, geus jadi adat yén sémah anu pangdipihormatna anu mimiti meunang susuguh. Ku alpukahna [[Bisma]], [[Yudistira]] méré suguhan kahiji ka Sri [[Kresna]]. Nempo hal éta, [[Sisupala]], baraya misan Sri Kresna, kabeuratan sarta ngécé Sri Kresna. Panghina éta ditarima Sri Kresna tutuluyan nepi ka kaambekna muncak. Sisupala dipaéhan ku [[Cakra Wicajsana]]. Mangsa metot [[Cakra]], leungeun Sri Kresna ngaluarkeun getih. Nempo hal kasebut, Déwi Drupadi gura-giru nyoékkeun kaén ''sari''-na pikeun muntel tatu Sri Kresna. Pitulung éta henteu bisa dipopohokeun ku Sri Kresna.
Baris ka-42:
{{utama|Sabaparwa}}
 
Sanggeus ngaluuhan upacara [[Rajasuya]], [[Duryodana]] ngarasa sirik ka [[Yudistira]] anu ngabogaan harta lubak-libuk sarta karaton anu agréng. Nempo alona ngahuleng, mecenghul alpukah jahat ti [[Sangkuni]]. Manéhna ngajurung alona, Duryodana, ambéhsangkan ngondang Yudistira pikeun ulin dadu kalawan tarohan harta, karaton, sarta karajaan di [[Indraprahasta]]. Duryodana nampa usul kasebut alatan yakin mamangna, Sangkuni, mangrupakeunmangrupa ahlina dina kaulinan dadu sarta harepan pikeun ngarebut kakayaan Yudistira aya di leungeun mamangna. Duryodana ngawisuna bapana, [[Dréstarata]], ambéhsangkan ngidinan pikeun ulin dadu. Yudistira anu ogé resep kaulinan dadu, henteu nampik ku diondang.
 
[[Gambar:Draupadi stripped.jpg|right|240px|thumb|Adegan Drupadi ditaranjangan ku Dursasana dina hiji lukisan tradisional ti wewengkon [[Punjab]], dijieun kira [[abad ka-18]].]]
Baris ka-65:
Dina budaya [[wayang]] [[Sunda]] jeung [[Jawa]], hususna sanggeus meunang pangaruh [[Islam]], Déwi Drupadi dicaritakan rada béda jeung carita dina kitab ''[[Mahabarata]]'' vérsi aslina. Dina carita pewayangan, Déwi Drupadi kawin jeung [[Yudistira]] hungkul sarta lain ka [[Pandawa]] séjénna. Carita kasebut bisa diregepkeun dina lalakon ''Sayémbara Gandamanah''. Dina lalakon kasebut dicaritakeun yén [[Yudistira]] miluan sayémbara nu diayakeun ku Raja [[Drupada]] ngéléhkeun Gandamanah. Saha anu hasil meunang sayémbara, ngabogaan hak ngabogaan Drupadi. Yudistira milu sayémbara kasebut tapi manéhna henteu turun langsung kana pakalangan tapi diwakilan ku [[Bima (wayang)|Bima]]. Bima hasil ngéléhkeun Gandamanah sarta hasil meunangkeun sayémbara. Alatan Bima ngawakilan Yudistira, mangka Yudistira anu jadi salaki Drupadi. Dina adat pawayanagn Sunda jeung Jawa, anak Drupadi jeung Yudistira téh ngaranna Radén Pancawala.
 
Béda carita antara kitab ''[[Mahabarata]]'' jeung carita dina pawayangan Sunda jeung Jawa alatan pangaruh mekarna agama [[Islam]] di tanah [[Sunda]] jeung tanah [[Jawa]]. Pintonan [[wayang]] anu dina waktu éta pohara dipikaresep ku balaréa, henteu ditumpes atawa dilarang tapi disaluyukeun jeung ajaran Islam. Nurutkeun hukum Islam, saurang [[wanoja]] henteu kaci ngabogaan salaki leuwih ti hiji. Mangka ti éta, carita Déwi Drupadi dina kitab ''[[Mahabarata]]'' vérsi asli anu warnana Hindu nyalahan hukum Islam. Pikeun nyegahna, para bujangga atawa seniman Islam ngarobah carita kasebut ambéhsangkan luyu jeung ajaran Islam.
 
== Tumbu ka luar ==
Baris ka-71:
* {{en}} [http://moralstories.wordpress.com/2006/05/15/draupadi-an-ikon-of-a-true-indian-woman Drupadi, wanoja India sajati]
* {{en}} [http://www.sacred-texts.com/hin/maha/index.htm Carita Déwi Drupadi dina carita asli India]
* {{en}} [http://www.dollsofindia.com/draupadi.htm Sipat Déwi Drupadi] (ditulis ku Madhuri Guin)
 
 
{{Palaku Mahabarata}}