Konten dihapus Konten ditambahkan
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: ngarupakeun → mangrupa, ambéh → sangkan (2), dimana → di mana (2) using AWB
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: sahingga → antukna, gede → gedé (3)
Baris ka-24:
Samentara tujuh lanceukna anu geus lahir maot alatan diteuleumkeun ka [[walungan Gangga]] ku indung maranéhanana sorangan, Bisma mah bisa salamet alatan polah indungna kaburu kanyahoan sarta dihalangan ku bapana. Satuluyna, Dewi Gangga naék ka surga mawa Bisma anu masih orok ninggalkeun Prabu [[Santanu]] sorangan. Sanggeus 36 taun ti harita, Sang Prabu henteu ngahaja manggihan anakna di hilir [[walungan Gangga]]. [[Dewi Gangga]] satuluyna mikeun éta budak ka Sang Prabu, sarta méré ngaran Déwabrata. Déwabrata satuluyna jadi pangéran anu calakan sarta gagah, ogé dicalonkan salaku pawaris karajaan. Tapi alatan jangjina ka Sang Dasapati, bapana [[Satyawati]] (indung téréna), manéhna réla pikeun henteu narima waris tahta sarta henteu kawin saumur hirup sangkan jaga turunanana henteu silih rebut tahta karajaan jeung turunan Satyawati. Alatan keihlasna kasebut, manéhna dibéré ngaran Bisma sarta disinugrahan layeut jeung Sang Déwa Waktu nu temahna manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan.
 
Bisma ngabogaan dua adi téré ti indung téréna ([[Satyawati]]) nyaéta [[Citrānggada]] jeung [[Wicitrawirya]]. Demi kabagjaan adi-adina, manéhna indit ka [[Karajaan Kasi]] sarta meunangkeun sayembara sahinggaantukna hasil mawa balik tilu urang puteri nu masing-masing ngaranna [[Amba]], [[Ambika]], jeung [[Ambalika]], pikeun didahupkeun ka adi-adina. Alatan [[Citrānggada]] pupus, mangka Ambika sarta Ambalika ngadahup jeung [[Wicitrawirya]] sedengkeun Amba mitresna Bisma tapi Bisma nampik asihna Amba alatan katalian ku sumpah yén manéhna rék lalagasan saumur hirup. Demi usaha pikeun ngajauhkeun Amba ti dirina, henteu kahaja manéhna mentangkeun panah nembus harigu Amba. Ku maotna éta putri, Bisma dibéré nyaho yén jaga Amba bakal nitis [[réeinkarnasi]] ka saurang pangéeran anu ngabogaan sipat kawanojaan, nyaéta putera Raja [[Drupada]] anu ngaranna [[Srikandi]]. Jaga maotna ogé aya di leungeun Srikandi anu mantuan [[Arjuna]] dina perang gedegedé di Kurusetra.
 
== Atikan ==
Baris ka-42:
Waktu perang antara [[Pandawa]] jeung [[Kurawa]] bitu, Bisma aya di pihak Kurawa. Sajongjonan saméméh perang, manéhna ngomong ka [[Yudistira]] yén dirina geus ''diperbudak'' ku kakayaan, sarta ku éta kakayaan Kurawa nalikung Bisma. Sanajan kitu, alatan Yudistira geus ngalakonan hohormat saméméh perang, mangka Bisma ngestokeun Yudistira sarta ngadu'akeun sangkan kameunang aya di pihak Pandawa, sanajan Bisma pohara hésé pikeun ditalukkeun. Bisma ogé kungsi ngomong ka [[Duryodana]], yén cacak dirina (Bisma) ngabiluk Kurawa, kameunang geus pasti aya di pihak Pandawa alatan [[Kresna]] aya di ditu, sarta di mana waé aya Kresna mangka di dinya aya kabenaran sarta keuntungan sarta di mana waé aya [[Arjuna]], di dinya aya kejayaan.'''The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa'''. Buku VI: Bismaparwa.
 
Dina perang gedegedé di lapangan [[Kurusetra]], Bisma tarung kalawan hébat. Soldadu sarta satria anu ngalawanana pasti binasa atawa ngalaman tatu parna. Dina kitab [[Bismaparwa]] disebutkeun yén di dunya ieu para satria hésé nandingan kakuatanana sarta euweuh anu sanggup ngalawanana sajaba [[Arjuna]] – satria tukang panah anu kakoncara – sarta [[Kresna]]. Sanajan Arjuna ngabeunangkeun kasempetan pikeun ngalawan Bisma, tapi manéhna mindeng tarung satengah haté, lantara inget yén Bisma téh akina sorangan. Hal anu sarua ogé dirasakan ku Bisma, anu masih nyaah ka Arjuna, incu anu pohara dipikacintana.
 
[[Kresna]] anu jadi kusir karéta Arjuna dina peperangan, jadi ambek alatan dangong Arjuna anu ajrih kénéh pikeun nelasan pati Bisma, sarta manéhna nekad rek nelasan Bisma ku leungeunna sorangan. Kalayan panon anu moncorong seukeut mancarkeun kaambek, manéhna muter-muter [[chakra]] di luhur leungeunna sarta museurkeun perhatian pikeun ngécéng beuheung Bisma. Bisma henteu nyingkah, tapi malahan bagja lamun bisa gugur di leungeun Madhawa (Kresna). Nempo hal éta, Arjuna nyusul Kresna sarta usaha metot suku Kresna pikeun ngeureunkeun léngkahna.
Baris ka-69:
Sanggeus ngadahupkeun [[Citrānggada]] jeung [[Wicitrawirya]], Prabu Santanu turun tahta jadi patapa, sarta digantikeun ku anakna. Hanjakal dua anakna saterusna maot sacara runtuy, ku kituna tahta karajaan Astina sarta randa Citrānggada jeung Wicitrawirya dibikeun ka Abiyasa, putra Durgandini ti salaki kahiji. [[Abiyasa]] anu saterusna nurunkeun Pandu jeung Dretarata, kolot Pandawa jeung Kurawa. Demi jangjina ngabéla [[Astina]], Bisma mihak ka [[Kurawa]] sarta gugur katelasan ku [[Srikandi]] dina perang [[Baratayuda]].
 
Bisma ngabogaan kesaktian nu tangtu, nyaéta manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan. Mangka sabot geus sakarat kakeunaan ku panah, manéhna ménta hiji tempat pikeun ngedengngedéng. [[Kurawa]] méré tempat saré anu méwah tapi ditolak ku Bisma, tungtungna [[Pandawa]] méré ujung panah minangka alas saréna (kasur panah) (sarpatala). Tapi manéhna tacan hayang maot, hayang nempo ahir tina perang Baratayuda.
 
== Tempo ogé ==