Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: salasahiji → salah sahiji (3), kusabab → ku sabab
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Molekul glukosa: Ngarapihkeun éjahan, replaced: sahingga → antukna
Baris ka-9:
Glukosa ([[Karbon|C]]<sub>6</sub>[[Hidrogén|H]]<sub>12</sub>[[Oxigén|O]]<sub>6</sub>, [[beurat molekul]] 180.18) kaasup [[héxosa]]—monosakarida nu ngandung genep [[atom]] karbon. Glukosa mangrupa [[aldehida]] (ngandung gugus -CHO). Lima karbon jeung hiji oxigénna ngabentuk cingcin nu disebut "cingcin piranosa", bentuk paling stabil pikeun [[aldosa]] nu karbonan genep. Dina cingcin ieu, tiap karbon kabeungkeut kana gugus gigir [[hidroxil]] jeung hidrogén iwal atom nu kalima, nu kabeungkeut kana atom karbon kagenep di luar cingcin, ngabentuk hiji gugus CH<sub>2</sub>OH. Struktur cingcin ieu aya dina kasatimbangan jeung bentuk nu leuwih réaktif, nu proporsina 0.0026% dina [[pH]] 7.{{fact}}
 
Glukosa mangrupa sumber tanaga nu aya di mana-mana dina [[biologi]]. Urang bisa ngaduga alesan naha glukosa, lain monosakarida séjén kawas [[fruktosa]], loba pisan dipaké. Glukosa bisa dibentuk tina [[formaldehida]] dina kaayaan [[abiotik]], sahinggaantukna bakal gampang disadiakeun pikeun sistim [[biokimia]] primitif. Hal nu leuwih penting pikeun organisme tingkat luhur nyaéta kacondongan glukosa, dibandingkan jeung gula héxosa séjénna, nu teu gampang meta sacara nonspésifik jeung gugus [[amino]] dina [[protéin]]. Réaksi ieu ([[glikosilasi]]) ngaréduksi atawa malah ngaruksak fungsi rupa-rupa [[énzim]]. Lambatna laju glikosilasi ieu ku sabab glukosa lolobana aya dina [[isomér]] siklik nu kurang réaktif. Najan kitu, komplikasi akut saperti [[diabétes]], lolong, gagal ginjal, jeung karuksakan saraf periferal (‘’peripheral neuropathy’’), kamungkinan balukar tina glikosilasi protéin.{{fact}}
 
[[Gambar:D-glukosa.png|frame|right|80px|''Bentuk rantay <small>D</small>-Glukosa''.]]