Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Basa: Ngarapihkeun éjahan, replaced: sabage → minangka
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Sajarah: Ngarapihkeun éjahan, replaced: gede → gedé
Baris ka-32:
Banten dina abad ka 5 mangrupa bagian ti Karajaan Tarumanagara. Prasasti titilar Karajaan Tarumanagara nyaéta Prasasti Cidanghiang atawa prasasti Lebak, anu kapanggih di kampung lebak di sisi walungan Cidanghiang, kacamatan Munjul kabupatén Pandeglang. Prasasti ieu kakara kapanggih taun 1947 sarta eusina 2 jajar kalimah ngawangun puisi jeung hurup Pallawa sarta basa Sansekerta. Eusi prasasti kasebut nyaritakeun wawanen raja Purnawarman.
 
Sanggeus runtagna karajaan Tarumanagara alatan serangan karajaan Sriwijaya, kakawasaan di bagian kulon Pulo Jawa ti Tungtung Kulon nepi ka Kali Ciserayu dituluykeun ku Karajaan Sunda. Dina jaman Karajaan Sunda, Banten jadi salah sahiji palabuan penting Karajaan Sunda. Nurutkeun sumber Portugis, Banten nyaéta salah sahiji palabuan Karajaan Sunda salian ti palabuan Pontang, CigedeCigedé, Tamgara (Tangerang), Sunda Kalapa sarta Cimanuk. Nurutkeun naskah Bujangga Manik anu diukir dina daun lontar anu ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris, saprak taun 1627, Banten disebut wahanten girang.
 
Saterusna Islam asup ka wewengkon Banten dina abad 16 nyaéta waktu Kasultanan Demak ngalegakeun pangaruhna ka wewengkon kulon. Dina taun 1524/1525, Sunan Gunung Jati ti Cirebon babarengan jeung pasukan Demak naklukkeun pangawasa palabuan Banten, sarta ngadegkeun Kasultanan Banten anu ngabalad ka Demak.