Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: eo → éo (5)
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎top: Ngarapihkeun éjahan, replaced: sahingga → antukna (2)
Baris ka-26:
'''Tando''' téh [[mamalia]] 'hiber' [[arboréal]] pituin [[Asia Tenggara]], kulawarga '''Cynocephalidae''', ordo '''Dermoptera''' nu ngan dieusi ku dua [[spésiés]] dina [[genus]]na séwang-séwangan. Ieu sato téh minangka mamalia nu pangbisana ngalayang (lain hiber dina harti anu sabenerna) migunakeun 'jangjang' anu manteng nyambung ti suku hareup ka suku tukang.
 
Keur ukuran mamalia nu sok tétérékélan dina tangkal, tando téh kaasup badag: panjang kira 35–40&nbsp;cm, beurat 1–2&nbsp;kg, sapantar jeung [[bajing]] raksasa atawa [[kuskus]]. Tando awakna panjang begang, buntutna sedeng, huluna leutik, panonna bolotot nyanghareup sahinggaantukna panempona alus, ceulina bunder leutik. Pas kakara borojol, anak tando téh beuratna ukur 35 gr; nincak sawawa dina umur 2–3 taun.<ref>{{cite book
| last = Macdonald (Ed)
| first = Professor David W.
Baris ka-42:
Ciri tando anu utama taya lian ti mémbran kulit (''[[patagium]]'') nu nyambung ti suku hareup kana beuteung jeung suku tukang. Kaunggulan ieu mémbran dibanding nu sarupa di sato séjén (misalna waé [[bajing hiber]]), nyaéta patagium tando mah manteng ti tungtung ramo (anu pang sisina) suku hareup nepi ka tungtung ramo suku tukang, mirip jeung jangjang [[lalay]]. Jauhna hiber bisa nepi ka 70 méter tanpa nyirorot.
 
Najan jago ngalayang, tando teu bisa lincah mun ngarayap, kabantu sotéh ku jalan ngaclog jeung ngarawélan dahan tatangkalan. Bisa diuk nyéngclé, tapi bisa ogé nangkod ngagantung dina dahan kai. Galib jeung baturna sato-sato nu [[sato nokturnal|liar peuting]], tando téh sato éraan, ku kituna nyingkahan pagilinggisik jeung kahirupan manusa, sahinggaantukna jarang kawénéhan. Kadaharanana lolobana dangdaunan, kembang, jsb., kaasup bungbuahan.
 
== Klasifikasi ==