Niccolo Paganini: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Nalika Nonoman: Ngarapihkeun éjahan, replaced: bebas → bébas
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: numana → nu mana, teknik → téhnik (2)
Baris ka-16:
Carita nu paling sohor ngeunaan Paganini nyaéta carita konsér di [[Leghorn]]. Nalika string [[biola]] nepi kana bagéan string anu hésé, nu lalajo mimitina mah cangcaya kanu jadi permaénanan Paganini.<ref name="Hiji" /> Namung, Paganini terus ngamaénkeun bagéan éta dina tilu senar, lain empat senar, panonton nu asalna popoyok gé robah jadi silih tumanya katut takjub ningalina. Ti harita Paganini bakal moal ragu pikeun ngagunakeun jeung ngarancangna ngahaja supaya bisa ditarima ku nu ngadangukeun. Mindeng ogé manéhna ngamaénkeun string téh ngan ukur dina dua atawa tilu senar, tangtuna sakabéh nu lalajo pating jarenghok taya nu bisa nyawad. Antukna mah manéhna boga ideu pikeun nyieun komposisi anu dipaénkeun dina sastring, saperti Fantasia dina String G.
 
Taun [[1813]], Paganini jadi pamaén biola pangmasyurna di jamanna ogé anu paling dipuja. Manéhna méakkeun dékadé kadituna mah loba mintonkeun konsér-konsér di saantero [[Italia]]. Nikakeun kaséhatanna téh mingkin goréng sahingga ngabatasi palayaran ka nagarana sorangan. Dina [[1828]], manéhna konsér di [[Wina]] numananu mana loba para panonton nu kahipnotis ku haleuangna sora biola nu dipaénkeun manéhanana. Sakabéh jalma ngomongkeun manéhna. Paganini jadi beunghar ku sabab pangabisana kana biola. Manéhna jarang ngayakeun konsér maén saenggeus ulang taunna nu ka-30.<ref name="Dua">Violin Student. Biographies : Niccolo Paganini. http://www.violinstudent.com/biographies/paganini.html, 05 Nopémber 2014</ref>
 
===Pamungkasan===
Baris ka-27:
Niccolo Paganini, nyaéta pamaén biola nu panghadéna sapanjang masa, tapi ogé janten tokoh nu paling teu tangtu sapanjang masa. Dina sakabéh pamintonanna di wewengkon [[Éropah]], manéhna geus mikat jeung ngainspirasi sakabéh nu lalajo, ogé sakabéh musisi di jaman harita.
 
Franz Schubert bingungeun ku manéhna, Rossini reuwaseun ku manéhna, jeung Meyerbeer ogé tuturuti manéhna, ningang na hiji konsér nu séjén teu walakaya mikaturut cara maénkeun biola siga manéhna. Berlioz geus ngakukeun yén Paganini minangka “salah sahiji seniman nu kudu dikocapkeun: ‘Maranéhana aya kusabab maranéhana, lain ku diri batur nu di hareupeunana’.” Di Paris, Liszt aya dina jampé-jampé Paganini jeung kapincut pisan ku pangabisa tekniknatéhnikna nu sakitu hebatna. Paganini boga patékadan jang ngudag sohorna biola sakumaha kasohorna musik piano pas jaman harita, ogé pikeun ngaronjatkeun tekniktéhnik maén biolana ka wates nu pangluhurna.<ref name="Hiji" />
 
==Kabéjanakeun==